Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Tarawéh Lilikuran & Ulin Subuh

Posted by bujanggamanik dina Agustus 30, 2008

Tarawéh lilikuran

Dina bulan puasa minggu kahiji mah masigit téh sok karasa heureutna. Anu tarawéh kolot-budak katut ibu-ibu sasat ngagebreg. Lamun seug ngukur kana kahusuan mah, anu karasa ku kuring harita, sasat jauhna gé tangéh boa. Enya, da geuning resepna téh semet marotah baé, tampolana kélu silih téngkas jeung silih suntrungkeun sagala. Atuh mokaha balik tarawéh téh maké jeung aya nu bencenong tarang sagala. Harianeun mun balik teu rawah-riwih ninggang ka budak awéwé mah.

Lebah balikna deuih nu resep téh, sok ngahaja tingsalingker di nu poék lebah dapuran cau. Barang barudak awéwé ngabrul ka lebah dinya, tangkal cau diendag-endag, atuh teu wudu tingjareritna. Malah aya kalana labuh karéngkas mukena. Kitu lengerna harita kuring keur budak.

Sanggeus meuntas saminggu, nu tarawéh ka masigit téh jadi coréngcang, tinggal bapa-bapa, ibu-ibu katut aki-aki baé. Tah, lamun geus coréngcang kitu, kuring sok sangeuk ka masigit, najan dikukuprak ku Ema ogé.

Minangka resepna deuih tarawéh téh upama geus nincak lilikuran, atuh masigit gé jadi ramé deui. Biasa wé kuring jeung babaturan mah ngadon marotah, silih berik silih suntrungkeun. Anu pangkeuheulna mah upama babaturan geus aya nu ngamimitian bekok colok, da ngantelkeunana kanjat antel kana irung.

Resep tarawéh tanggal lilikuran mah, sabab di masigit sok loba dahareun kayaning opak, wajit, ranginang, katut tumpeng. Pangeusi lembur bagilir nganteuran ka masigit, nya lumayan waé aya buruh capé tarawéh. Ngan édas, lantaran geus menda, jadi horéam saur téh.

___________________________________________________________________________________________________

Ulin subuh

Rérés saur, sabada salat subuh, kuring jeung babaturan sok ngahaja ngadon abring-abringan sapat tepi ka isuk-isuk. Ti dituna mah olahraga da maké sok aya nu acreug-acreugan lumpat. Abring-abringan subuh gé teu éléh resepna jeung ngabuburit.

Lain baé barudak horéng nu raresep ulin subuh téh, barudak rumaja jeung pamuda gé loba. Tampolana, anu katénjo, maké jeung arotél sagala, tug padahal cék Ema mah dipahing pisan kitu peta bulan puasa téh. Ari kuring onaman da masih lembut, tara tepi ka kitu mah. Enya, paling ogé lulumpatan bari éak-éakan. Orokaya, lantaran kamalinaan olahragana tepi ka sok jadi hanaang. Malah babaturan mah saking teu kaampeuh hanaangna, sadatangna ka imah téh culang-cileung, regot nginum citéh bari urut janari. Harianeun.

Tina Sambel Jaér, Karya Drs. Asep Ruhimat

11 Balesan to “Tarawéh Lilikuran & Ulin Subuh”

  1. Roban said

    Di tiap lembur kawasna jiga kitu nya Teh?!
    Da abdi ge ngalaman jiga kitu!

  2. Muhun Yi, barudak teh meni balangor atuh nya, bangorna teh seragam deuih di mana-mana 🙂

  3. Aang Zaeni said

    aduh teh da meni leres pisan sapertos kitu dilembur2 mah…asa nineung emut kajaman nuju alit teh..
    Komo anu resep mah taraweh teh dina lilikurannana da biasa sok aya leupeut eusina sambel oncom,he he he…
    bari taraweh namah diliwatan kadang ngan tungtung na wungkul…

  4. Di mana kitu kapungkur linggih teh Ayi Aang?

  5. Aang Zaeni said

    abi mah nuju alit teh dilembur digarut kang…
    akang manawi gaduh YM chating teu???atanapi email?

  6. Aya, id abdi di YM: female_392001

  7. Aang Zaeni said

    teteh punten malah nyebat akang deui, he he hehhhhh

  8. Taraweh ngahaja pangtukangna, motah silih sered silih surungkeun teu istri teu pameget hehehe. Repeh soteh upami tos dipolototan ku mama ajengan. Euh da kumaha atuh, tapi sakitu ge lumayan barudak daek ka masigit. Rengse taraweh barudak lalaki prung nakolan bedug dipirig ku kohkol.
    Ulin subuh, da muhun atuh sim kuring ge ngalaman. Malah aya babasan sepor sagala (tina sport kitu)? Lalumpatan abring-abringan patarik-tarik, sarung disorendangkeun sakapeng mah sok katincak, atuh tigedebut, tuur baloboran ku getih bet tara dirasa resep we nu aya.
    Kantun waasna ku pangalaman jaman kapungkur. Puguh resep pisan kana Sambel Jaer karya Pa Asep Ruhimat, buku pamasihan ti Bu Guru nu ngageugeuh ieu blog. Hatur nuhun Bu Guru.

  9. pribumi said

    Sawangsulna. Eta buku kagegelan ti sim kuring kanggo Ayi anu mikadeudeuh sareng mikaasih Urang Sunda, Budaya Sunda, katut basa Sundana. Antos bae buku-buku salajengna, insyaAllah ku sim kuring baris dikintun deui. Utamina buku-buku nu sesah dipilari di Gramedia.

  10. asep ruhimat said

    Nuhun ayi “sambel jaer” parantos diidangkeun dina meja maya. Atuh nuhun deuih ka nu parantos ngicip-ngicip tur maparin komentarna. Atuh ka Teh Nety di US, engke pami mulih ka lemah cai insyaaalloh bade dibekelan “sambel jaer” kanggo purakeun di ditu malar nganteng rasa deudeuh ka bali geusan ngajadi. Piduana ka sadayana, sambel jaer jilid 2 nuju dikeureuyeuh.
    Asep Ruhimat

  11. Pribumi said

    Euleuh, geuning teu burung ieu blog teh kasumpingan inohong, Kang Asep Ruhimat tea, anu nyerat buku “Sambel Jaer”. Kang, seratanana seueur nu mikaresep. Cobi we tingalan komentar-komentar anu aya dina ieu blog kana seratan-seratan Akang. Mugi “Sambel Jaer” jilid 2 enggal medal, diantos pisan!

Waler Roban Bolaykeun waleran