Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Nyeungeut Karbit & Ngumpul-ngumpul Dahareun

Posted by bujanggamanik dina Séptémber 2, 2008

Nyeungeut Karbit

Ku Asep Ruhimat

Nyeungeut karbit téh sasat geus jadi kalangenan kuring saban bulan puasa. Biasana, pidua poéeun deui ka puasa, mun pareng Ema ka pasar balanja jang kaperluan munggah, kuring sok pesen ménta dipangmeulikeun karbit. Babaturan ogé sihoréng sarua, tampolana mun kolotna pohoeun teu meuli, sok terus ceurik gégéréléngan.

Atuh ti beurangna dag-dég-dog nyieun lodong ti mimiti awi panggedéna tepi ka nu pangleutikna, merenahkeunana disusun jiga runtuyan calung. Peutingna sabada buka, pak-pik-pek mékprékkan karbit sagedé-gedé indung leungeun. Ari awi nu sok dipaké lodongna, di antarana awi surat, gombong, bitung, atawa awi tali.

Raména nyeungeut karbit biasana ti peuting sabada tarawéh. Atuh nyeungeutna ogé sok bareng jeung babaturan, grup-grupan, najan kitu ari karbitna mah sok marekel séwang-séwangan. Ana derna badis keur perang baé, patémbalan antara lembur kuring jeung lembur batur nu paeunteung-eunteung. Atuh lamun geus deukeut ka lebaran mah, minangka mariemna, sok ngahaja nyieun lodong tina tangkal jambé atawa kawung, sorana ngageleger handaruan.

Harita aya kajadian lucu, tapi matak reuwas kareureuhnakeun. Sanggeusna lodong diseungeut, tara langsung deui dieusian karbit, tapi sok didédéngékeun heula, nyereces kénéh karbitna atawa henteu. Upama nyereces laju dicocokan deui liangna, ana diseungeut téh sok disada kénéh, najan teu pati tarik gé. Tah harita basa kuring nitah ngadéngékeun nyereces henteuna ka babaturan, panyeungeut masih hurung, ceuli babaturan persis dina tungtung lodong. Ari tel téh teu kahaja seuneu antel kana liang panyeungeutan, beledag disada, atuh babaturan tepi ka kokowowongan katorékan. Hayang seuri campur reuwas, tilu poé teu patanyana ogé.

______________________________________________________________________________________________

Ngumpul-ngumpul dahareun

Kasebutning keur puasa, komo manjing asar, nénjo hulu peda sésa buka gé matak uruy. Tampolana sok papadon ka Ema, tong dipiceun engké rék dicocolan ari buka. Ngareungeu kitu Ema ukur nyenghél, tapi surti ka nu keur lapar.

Kitu nu kaalaman ku kuring jeung babaturan gé, teu weléh kabita waé. Malah, antukna mah sok dibayang-bayang, dur magrib téh rék dahar itu heula ieu heula. Tah, kabiasaan ngabayangkeun jiga kitu téh kababawa mangsana ulin ngabuburit. Kadaharan teu sirikna dikumpul-kumpul. Babaturan nu boga tangkal jambu atawa kérsen upamana, sok tingtérékél wé kanjat marerekis pésak gé, bebekelan jang engké buka. Atuh kasorénakeun mangsana tukang dagang dadakan bulan puasa dadasar, sabangsa kulak-kolek katut candil teu burung payu. Kaburitnakeun tukang dagang téh pak-pik-pek ngaladangan, papada hayang diheulakeun sieun kaburu magrib. Atuh nungguan dur magrib téh geus mendeko bari dilingkung ku rupa-rupa dahareun, antukna mah kanjat sok barieukeun, kudu naon heula nu pangheulana dihuapkeun.

Mindeng kajadian, lantaran makmak-mekmek sagala didahar, atuh teu kuat tarawéh, anggur adug songkol kamerekaan. Janari kitu deui, saur téh nataku horéamna, semet cuhal-cahél alakadarna da beuteung sasat teuas kénéh. Balukarna, lantaran saur teu normal, atuh beurangna jadi kaduhung teu rewog saur, sagala kabita deui nu antukna nya ngumpul-ngumpul dahareun deui baé.

Tina Sambel Jaér, karya Drs. Asep Ruhimat

25 Balesan to “Nyeungeut Karbit & Ngumpul-ngumpul Dahareun”

  1. henirusli said

    Geuning pangalaman teh meni seragam kieu nya? Simkuring ge ngalaman ngumpul-ngumpul dahareun keur bekel buka, kalebet ngumpulkeun jambu jeung kersen. Ari ngong adzan maghrib teh matak bingung nu mana heula nu rek didahar. Nu puguh mah, kaburu kamerekaan manten…

  2. Muhun meni sami d mana-mana? Dupi barudak luar negeri sami henteu nya sareng lalampahan urang kapungkur?

  3. Aang Zaeni said

    ah sami yeuh pangalaman nuju alit teh..abdi oge nuju alit mah meni resep nyieun lodong teh, Bari sok loba anu nyarekan ku tatangga oge anger we tara di denge malah sok ngahajakeun,

    kadang sok resep ngajailan kababaturan,nitah pangdengekeun jeung tingali disana teu bari ditoong kana lodong jeung didengekeun ari keur kitu lodong diseungeut puguh weh atuh babaturan teh ngajorowok dasar make awi surat anu sakitu gedena, meni asa sok puas tah ngaheureuyan teh…
    Asa hoyong uih deui ka budak kuresep na loba pangulinan…

  4. Aang Zaeni said

    ngan ari ninggali barudak dikota sigana teh beda pisan kaulinannana…euweuh raramean nana barudak teh.

  5. Roban said

    Bulan puasa tanpa beledugna sora lodong karbit mah asa teu lengkep atuh nya?!

  6. pribumi said

    Tapi di kota mah tara aya nu ngabeledug Yi, paling-paling oge tingperepet kembang api sareng pepetasan nya.

  7. urang ozi said

    Ah sigana budak luar negeri mah teu sami bujanggamanik. Da atuda diditu mah jarang di bumi aya tatangkalan bubuahan, sanajan aya na oge paling2 aple, pear buah2 nu karitu.Di pasar oge seueur, jeung sigana barudak luar negeri mah tara ngabuburit, tara ngalamunkeun jeung ngumpul2 kadaharan mun rek buka teh. Paling2 ngabuburitna payuneun computer atawa main electronic games, Da jeung diditu mah tara di aya2keun kadaharan keur buka teh nya saayana wae nu ditembrakeun. Jeung saur oge paling2 toast atawa cereal nu biasa di dalahar keur break fast. Tapi Alhamdulillah barudak muslim nu dididik kaagamaan ku kolotna mah paruasa..Jeung Alhamdulillah mun diterangkeun ka sakola yen budak muslim keur paruasa, da dihargaan ku guru2 di sakolana. Asal urang tong era2 nerangkeun soal agama (kapercayaan urang)

  8. pribumi said

    Kade ah ulah adam lali tapel, urang Ozi. Eta paribasa teh hartosna hilap kana wiwitan (kacang lupa akan kulitnya). Kapan saderek teh pituin urang Sunda. Ulah dugi ka nganggap handap (remeh) kana kabiasaan urang Sunda anu ceuk sim kuring saparakanca mah estu pinuh ku kearifan lokal, asa leuwih positif lalampahan barudak Sunda tibatan barudak batur anu hantem2an camekblek hareupeun komputer jeung maen games mah. Boro-boro ka waas nenjona oge🙂 Anu ahirna Alhamdulillah barudak Sunda mah henteu aregois jeung jauh tina individualis, komo bari jeung umangkeuh asa aing uyah kidul mah. Keur sim kuring, sasih siam oge teu aya halangan kanggo nangkis cariosan anu nadana miring ngeunaan etnis sim kuring. Ngabela bangsa sim kuring teh hiji kawajiban!! Tos, teu kedah nyebat hapunten, parantos dihapunten!!

  9. urang ozi said

    Teu nanaon, bade di anggap kumaha oge.
    da atuda saha baturna ngabuburitna? da apan urang ditu mah majoritina non muslim, jeung urang muslim teh diditu mah teu ngarariung. patebih. jeung budaya diditu mah memang individual pisan, da jeung tatangga oge teu warawuh. barudak teh hese ngariung sasama budak muslim teh. Komo diditu seueur perkawinan nu mixed marriage tea. Kolot muslim nu boga anak diditu ngarasa atoh atawa bangga mun budak teu ngilu2 budaya barat oge. Da atuda teu gampil ngadidik budak di nagara nu budayana barat anu sagalana di bebaskeun kalakuan nu mengpar tina ajaran agama teh.
    Sanes hilap kana wiwitan da kumaha atuh. Umat islamna oge teu seueur deuih. Sareng urang sunda na oge sabaraha bisa diitung meureun. Sim kuring mah terang urang sunda diditu ngan dua ..jaba jarang amprok teh ….he he he.

  10. nia said

    Rupina kabiasaan ngabuburit sareung ngumpulkeun kadahareun teh dugi ka ayeuna masih aya, contona pun anak anu nembe diajar saum … Oh uwa ..di Ausie mah moal nyeungeut karbit da teu aya, Tapi ari ngabuburit mah, mun teu lepat ngantosan burit nya eta nungguan buka…sigana main game ge kalebet ngabuburitnya … da sami miceunan waktos…

  11. nety said

    tah..eta sami pisan pangalaman keur alit.resep ngabuburit,,nyeungeut karbit,kembang api..
    .hanjakal didieu sesah teu aya karbit..ari kembang api mah osok nyeugeut.kembang api.

    nya sae pisan teh kabudayaan sunda,,,atanapi kaamengan barudak baheula di guar deui.
    siiplah teh sapuk pisan.

    sok sanaos urang ngumbara di nagara batur emang kedah emut kana tyradisis urang,komo tiasa ngenalkeun budaya urang ka bangsa sanes…
    da karaos ku abdi geuning raresepeun.

    di antos seratan sanesna

  12. nety said

    wa sok geura ku uwa cobian kenalkeun kabudayaan indonesia ,,khususna sunda ka urang ausiin resepeun,malihan araneheun geura.

    memang jaman ayeuna sok seur budak anu teu ngartos kana kabudayaan sunda..atanapi indonesia.padahal sepuhna ti indonesia.
    saleresna lamun kolotna ngusahakeun ngajarkeun ngenalkeun kabudayaan indonesia sunda.asapiraku budak moal ngartos.

    karaos ku abdi lah memang teu gampil,tapi berusaha.supaya budak abdi oge teu hilap kana tradisi warisan indungan ti tatar pasunda.ari tradisi baratmah tos biasa.ngan tradisi sunda.
    pokonamah ulah dugika gengislah ngaku urang indonesia..atanapi sunda.

    tah kitu prinsip abdi.sanes kitu wa?duka ketang numutkeun anu sanes.

  13. urang ozi said

    wah direntog euy………enya lah ngaku eleh .. boro2 budaya, bahasa oge anak uwa mah teu tiasa neng nety, teu indonesia teu sunda…duka teuing atuh..Atuda neng nety mah aya bakat seni (seniman jeung budayawan) jadi bisa ngedarkeun budaya kanu lian. Ari uwa mah kuper jeung lain seniman…..tapi seniwen..he he he…. alhamdulillah ari budaya barat mah ku anak2 uwa teu diturutan..
    kanggo bu Nia jadi putra bu Nia nya sok ngabuburitna main games,atawa computer,,,,,,,he he he…….tah aya geuing balad….

  14. pribumi said

    Eta si uwa ari manawi teh bade leres we husu memperbanyak ibadah dan amal jariah di bulan puasa. Ulah waka uar-uar nyebarkeun email atuh ari resep keneh marakayangan di cyber mah :))

  15. uwa said

    ah da ceuk uwa oge rek tapa tina chatting (maksud uwa dunya cyber teh) sanes blog……….da ari blog mah apan bacaeun keur manusa saluruh dunia……..he he he……da hayang atuh maca teh komo bacaan sunda mah ameh ameh teu lapar pan,,,,,,,,,,bisa jadi ngabuburit……..he he he……

  16. Waas…
    Nyeungeut karbit, kaulinan sim kuring keur budak nu matuh tiap bulan puasa, naon deui atuh cocoan budak jaman harita mah lian ti nu kitu. Ah pokona resep, ting berebed, ting jelegur mun perang bedil lodong dua kampung, estu matak waas. Eta lodong nu sakitu lobana estu hasil kreatifitas budak lembur nu kakara nincak bangku SD. Beda jeung budak ayeuna, hoyong bebedilan kantun meser, kantun mundut ka tuang rama, tangtos dipanggaleuhkeun hehehe. Kantenan nu hirup matuhna di kota, sagala rupi gampil kabanda, maenan budak tina plastik murah dugi ka nu hargana ngayuta mangga kantun nyungkeun tangtos dipanggaleuhkeun🙂
    Ngumpul-ngumpul dahareun, pan eta mah biasa saacan nyeungeut bedil lodong. Puguh resep pisan ngumpulkeun dahareun harita mah, paloba-loba dikantongan kana palastik. Biasana dibukana teh pas maghrib atawa bubaran tarawehan. Ah! matak wararaas…waas asa noong kendi🙂

  17. pribumi said

    Muhun matak waas YI. Tah eta tradisi teh ciciren etnis Sunda dina waktos bulan puasa. Ngempel-ngempel dahareun dina waktos harita mah sanes ku kakurangan atawa sanes kokomoan, tapi reresepan barudak jaman harita, da dina ngongna adan mah sakapeung teu pati dipalire eta dahareun nu meunang ngumpulkeun teh. Poma ulah agul ku kabiasaan anu datangna ti Barat. Budaya nu torojolna ti Barat (Eropa) can puguh hade keur kahirupan urang Sunda anu agamis.

  18. Adit said

    Teh…
    Abdi mah ngefans ka teteh teh….leres.kayungyun ku tulisanana…

  19. pribumi said

    Suit suwiw… aya nu ngefans euy…..meni asa jadi seleb…

  20. Aang Zaeni said

    ari dikota mah karbit teh diangge naon nya???..
    ari dilembur mah tiasa diseungut keur Lodong sareng biasa dipake kange meuyeum Cau alias pisang tea…

  21. leres emut kapungkur amengan karbit sok didamel lodong, eta ge biasa upama mayunan sasih saum.
    rupina seueur keneh amengan murangkalih kapungkur anu ngandung proses diajarna. manawi sederek emut keneh amengan murangkalih kapungkur anu sanes? neda dipaparinan conto anu sanes ka E-mail sim kuring rootchi@yahoo.com.
    rupina ngajar basa Sunda teh teu ceckap basa na wungkul namung langkung sae sareng budayana. kaulinan budak oge mangrupikeun warisan budaya anu raket patalina sareng pendidikan Kasundaan.
    Cung saha nu emut kumaha ngadamel kapal laut anu nganggo lilin di lebetna? diantos waleranana.

  22. Hapunten pisan saderek Ruci, sim kuring teu acan tiasa nohonan panuhun salira, ku margi dugi ka danget ieu teu acan tiasa kapaluruh dokumen ngeunaan kaulinan barudak teh. Papadaning kitu, insya Allah ku abdi bade dicobian dipilari, manawi kapendak. Nuhun kana kasumpinganana.

  23. Ping 9 Desember sim kuring maluruh website ngeunaan kaulinan barudak. Kanggo saderek Ruci, ieu alamat website-na: http://su.wikipedia.org. http://www.allbandung.com. http://www.kompas.com. forum.detik.com. riksanagara.multiply.com. http://www.kaskus.us. warsa.wordpress.com, sareng seueur keneh website sanesna anu medar hal eta.

  24. I am regular visitor, how are you everybody?
    This paragraph posted at this web site is really good.

  25. This post will help the internet users for setting up new blog or even a blog from start to end.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: