Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Sorabi Tutung Biritna

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 15, 2008

surabiKu Hawé Setiawan

Unggal manggih sorabi sok ras ka Ma Iti. Sacisalak mah sigana hamo bireuk deui. Isuk kénéh téh geus diuk dina jojodog, nyanghareupan panyorabian, sisi jalan liliwatan. Kepah-kepoh niup songsong, gur seuneu ngaduruk suluh, peledug haseupna ngelun. Mani sok keukeureuceuman kawantu panonna teu weléh kahaseupan.
Kuring sok cingogo di dinya nungguan sorabi bari siduru. Kalan-kalan kasampak geus réa batur, kolot budak, lalaki awéwé. Bari nungguan téh mani sok resep ngabandungan kolot ngawangkong. Ngan sok rada keuheul upama aya nu mesen sorabi tepi ka sapuluh siki, da puguh citakanana ngan dua. Beuteung geus hayangeun dieusian, kari-kari kudu nungguan lila pisan. Na teu ngaraskeun teuing jelema téh nya?
Sawaréh mah nyarebutna téh lain sorabi, tapi surabi. Tipung kénéh-tipung kénéh. Tipung meunang nyaian tur nyipatian, dipurulukan uyah katut kalapa beunang nyiksikan. Cur adonan téh kana citakan tina taneuh porang, baruleud sagedé pisin. Kalan-kalan sok dioncoman, ngariung di tengah-tengah. Rup citakanana ditutupan, tayohna sangkan adonan teu kahaseupan. Ari panyorabianana, kitu baé tina taneuh porang deuih, winangun hawu leutik camperenik.
Sanggeus asak, sorabi téh dijajar-jajar dina lambaran daun cau. Sok ditumpukkeun, dua-dua. Biritna garing, tengah-tengahna bodas tur munuu. Harita mah sok resep nyewol nu munuuna bari ditiupan, col kana sambel, am dihuapkeun. Aya ku ngeunah bari jeung seuhah. Mun teu kitu sok dikincaan ngarah amis. Teu wudu matak seubeuh dua siki gé, itung-itung mumuluk baé.
Matak nineung puguh gé. Ma Iti duka geus ka mana boa. Sakainget, basa kuring bolon kénéh téh Ma Iti mah geus nini-nini. Ari di sawarga aya sorabi, Ma? Asa hanjakal, sakur nu marulang ka kalanggengan, taya saurang gé nu balik deui.
Salin jaman aya Bi Ti’ah, sasat neruskeun tapak lacak Ma Iti. Béh dieu aya Bi Cicih, tatangga hareupeun imah. Taya nu robah, ari lain popolahna mah. Hargana wé paling gé jadi undak luyu jeung kamekaran monétér. Ari sorabina mah kitu-kitu kénéh, bodas tur munuu, tutung biritna.
Ku nu cawokah mah sorbi téh sok dilarapkeun ka nu lain-lain. Ah, moal pipilueun. Palias kéh diseureud ku Valéntina Sagala nu ngageugeuh Institut perempuan téa. Moal boa kaémpér-émpér ka Gadis Arivia di Jakarta. Nu sidik, keur sakuringeun mah, sorabi téh kadaharan urang kampung anu ngeunah.
Ari urang kampung réa nu nyaraba ka kota. Aya nu sarakola nyuprih pangarti, aya deui nu karuli néangan pangupa jiwa. Nu terus maraot di kota gé teu kurang-kurang deuih. Padahal, jero pikir, di kota mah tong boro hirup, paéh gé hésé. Dikubur kudu mayar, sakalina nunggak, kuburan dieusian batur.
Kabeneran padumukan téh di Bandung beulah kalér. Unggal poé sok ngaliwat ka Jalan Setiabudhi. Rada ngarengkog sakali mangsa mah barang katiténan aya warung sorabi sisi jalan tur katénjona kajojo pisan. Béh dieu kanyahoanana téh, awal taun 2000-an. Jero pikir, cara kuring baé, sorabi gé pindah ka kota jadi kadaharan urang kota. Bagéa, Bi!
Bi soténan ka surabi, lain ka nu dagangna. Mungguh di kota mah ayeuna nu daragang surabi téh lain bibi-bibi pantar Bi Cicih atawa Bi Ti’ah, sumawonna nini-nini pantar Ma Iti mah. Ngarora kénéh, deuleu, gareulis tur lauis deuih. Éstuning rumaja putrid wéh. Enéng pantesna gé. Éta deuih ngasakanana gé bari nangtung, tur teu wawuheun ka songsong.surabi-keju1
Kitu deui nu mareulianana, réa nu turun unggah mobil sédan. Geura wé titénan mun malem Minggu. Réa pisan urang Jakarta nu pakansi ka Bandung, nyarimpang heula ka warung sorabi téa. Ésruning balerséka, teu cara kuring baheula anu caludih tur cileuhan. Henteu caringogo deuih da puguh teu pantes kabina-bina keur maranéhanana mah kitu peta téh. Caralik dina korsi beresih, mayunan méja, cara prahna di cafétaria.
Atuh sorabina, sorabi kota tangtuna gé. Aya nu dikéjuan, aya deui nu dicoklatan, jeung sajaba ti éta. Geura wé titénan acara “Dapur Pintar” dina Trasns TV. Kungsi kapidangkeun “oléh-oléh dari Bandung”, antarana “resép surabi oncom”. Bahan-bahanna téh tipung béas jeung tarigu (masing-masing 150 gram), parud kalapa (10 gram), oncom (100 gram), bawang beureum jeung bawang bodas (masing-masing 2 siung), bungbu “inti” (2 séndok makan), cipati (200 mililiter) katut cai sacukupna. Tétéla, béda pisan jeung adonan sorabi Ma Iti baheula.
Pon kitu deui nyuguhkeunana. Geus teu maké daun cau. Mun urang hayang mungkus, geus sayagi wadah tina palastik nu ringkes tur praktis. Atuh mun hayang am di dinya baé, sorabi téh diwadahan kana piring leutik, tur ngahuapkeunana maké garpuh camperenik. Jréng tatabeuhan tina compact disc, luyu jeung warna-warna lampu nu nyaangan rohangan. Pantes wé mahal gé—enya, cék nu api-api loba duit—da puguh unak-anikna pohara réana.
Kungsi kuring jajan di dinya, diajak ku Tisna, balad kuring, anak Bandar hayam di Pasarbaru. Kitu wé nurutan urang kota, ngahuapkeun sorabi maké garpuh. Sajeroning ngagayem téh teu weléh kacipta beungeut Ma Iti. Teu nyana, Ma, sorabi téh panjang umurna, tur bisa ngigelan tepak kendang parobahan jaman.

Tina Cupumanik Nomer 11

8 Balesan to “Sorabi Tutung Biritna”

  1. Duh, meni tos lami yeuh teu nganjang. Ngiring ngomentaran ah.
    Di lembur simkuring (di Singaprna) mah sorabi teh sok dibanjur ku cipati. Jadi didaharna teh dipiringan jeung ku sendok da aya kuahan (tapi aya oge nu resep garingan, teu dicipatian). Lamun hayang wareg pisan, sorabina teh sok disanguan (ngasakanana dicongcloan sangu kawas dioncoman), jadi itung-itung dahar sangu jeung kejo tea meureun (hehehe).
    Kuring mah paling resep sorabi nu tutung biritna. Paling ni’mat diopina teh bari cingogo hareupeun hawu tukang sorabi, ditungtungan ku nginum cienteh haneut nu suruput belenyeh (beres nyuruput cienteh terus belenyeh seuri)

  2. Duh, meni tos lami yeuh teu nganjang. Ngiring ngomentaran ah.
    Di lembur simkuring (di Singaprna) mah sorabi teh sok dibanjur ku cipati. Jadi didaharna teh dipiringan jeung ku sendok da aya kuahan (tapi aya oge nu resep garingan, teu dicipatian). Lamun hayang wareg pisan, sorabina teh sok disanguan (ngasakanana dicongcloan sangu kawas dioncoman), jadi itung-itung dahar sangu jeung kejo tea meureun (hehehe).
    Kuring mah paling resep sorabi nu tutung biritna. Paling ni’mat diopina teh bari cingogo hareupeun hawu tukang sorabi, ditungtungan ku nginum cienteh haneut nu suruput belenyeh (beres nyuruput cienteh terus belenyeh seuri)

  3. Sorabi mah asana masih seueur di Bandung ge, malih rupi-rupi rasana dimodifikasi jiga rasa-rasa donat hehehe. Tapi asa teu nuang sorabi upami rasana araneh kitu mah teu benten sareng kueh. Tetep we kanggo abdi mah sorabi nyaeta nu diluhurna aya sambel oncom😀

  4. pribumi said

    Ah si Ayi mah teu maos dugi ka gemet nya? kapan dina eta seratan dijelaskeun pisan ngeunaan modifikasi surabi di Bandung. Anu disebat surabi ku abdi mah nu kumaha bae lah, asal bentukna buled, sareng….gratis….

  5. Salam ziarah kepada kalian

  6. Silmiyanti said

    Duh, sedih ngaos ieu carita, atuh da di lembur uing mah surabi geus jarang pisan katingali deui. 5 tahun katukang aya oge nini-nini model ma Iti dagang sisi jalan, ngan kadieunakeun eureun cenah pulang kampung, duka kumaha…uing meuni nyoreang ka surabi tutung, mun aya nu caket moal teu dianjangan (S-Cikarang-Bekasi)

  7. Teh hoyong pupuh sunda

  8. a pariz said

    upami simkirung mah di daerah ciawi tasik,aya surabi endog

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: