Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Kalangenan Ngala Sasatoan

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 8, 2008

Ku Dang

papatong-1
Da taun 70-an mah tacan réa kaulinan barudak cara ayeuna. Kangaraning momobilan tina plastik gé teu sirikna pada ngaeuleuh-euleuh, matak hélok jeung pada nganggap minangka hal nu modél pisan. Éstuning jajauheun pisan kana kaulinan nu maké rémote control cara ayeuna, atawa maén playstation.
Kaharti, upama barudak jaman harita sok ngarasa sugema ku kaulinan momobilan nu ngahaja meunang nyieun tina kai. Atawa ngadu pangal jeung ngadu kaléci. Sed ti dinya ulin peperangan jeung pepedangan. Atawa gatrik jeung boy-boyan di buruan. Dina mangsana bulan purnama mah maké jeung kungsi ulin huhuian atawa galah sagala rupa. Resep baé. Bisa jadi duméh taya kaulinan séjén deui baé, atawa mémang harita nya kaulinan éta pisan nu populér di mamana téh.
Di pilemburan, di wewengkon Wanayasa Purwakarta, lian ti ulin nu cara tadi téh, maké jeung aya kaulinan ngala sasatoan sagala rupa. Lain, lain nguseup atawa ngurek ieu mah, tapi ngala papatong, légé, langir, jeung béwok. Duka kumaha, ku ulin ngala sasatoan kitu téh, barudak bangun nu kaeunteupan ku rasa suka anu pohara atawa rasa sugema anu nataku.

Ngala Papatong
papatong Nu disebut papatong téh aya opat rupa. Nu kahiji papatong biasa (nu mindeng kapanggih cara ayeuna, aya nu héjo belang, aya nu beureum, aya nu konéng atawa gading, aya ogé nu pulas paul), ukuranana méh sarua jeung cingir jelema déwasa. Ngapungna paling luhur aya kana tujuh méterna.
Nu kadua aya nu disebut papatong galabag, éta mah papatong gedé. Ukuranana sagedé jempol jelema déwasa. Wangun jeung rupana mah sarua baé cara papatong biasa. Pulasna ukur pulas paul baé. Ngapungna bisa leuwih luhur batan papatong biasa, atawa kira lima belas méteran. Éta baé, upama keur ngala cengkéh, sok katangén baé aya papatong galabag keur manting, sosoloyongan ka ditu-ka dieu.
Nu katilu papatong leutik. Wangun jeung rupana sarua deuih cara papatong biasa jeung papatong galabag. Ngan ukuranana baé leuwih leutik ti papatong biasa, méh sagedé panitih. Pulasna rupa-rupa, cara papatong biasa, aya anu pulas paul, beureum, konéng, gading, jeung héjo semu belang.
Ari nu kaopat, sok disebut papatong jarum baé. Duméh awakna rancunit sagedé jarum. Gedé lebah dadana jeung huluna baé. Nu disebut gedé méh saukuran jeung siki béas. Ngapungna tara luhur-luhur. Kétang rék luhur kumaha, da papatong jarum mah ilah bisa kapanggih ngapung dina beungeut cai. Sosoloyongan cara éngkang-éngkang. Bédana jeung éngkang-éngkang, papatong jarum mah henteu sosoloyongan dina cai.
Tah, ari nu sok diaala keur kaulinan mah nyaéta papatong biasa. Ngalana maké nyéré nu lebah congona ditaheunan geutah nangka nu aya dina congo nyéré téh sina antel kana buntut papatong. Bari nénéangan papatong téh sok bari dihariringan:

Tukincur tukung
papatong galabag
mere cau sapotong
mun embung dicokot deui


Mun geus beunang papatongna, buntutna sok terus ditalian maké benang. Tara disina nanaon iwal di sina ngapung baé. Resep ku kitu téh, nyekelan benang ku tungtungna ditalikeun kana buntut papatong. Atuh papatong anu hiber téh teu bisa jauh. Pareng urangna lumpat mah, éta papatong téh siga nu enya keur mamawa urang.

Ngala Langir
kalajengking Ceuk sasaha gé langir téh sato galak, nu upama sakali nyoco sok matak bareuh. Kalajengking ceuk nu séjén mah, atawa scorpion ceuk nu resep kana gambar salahsahiji grup musik ti nagara deungeun mah. Éta sato galak téh sok dijadikeun sato pangulinan. Ngala langir disebutna ogé.
Nu disebut ngala langir téh nyaéta ngala langir maké nyéré kawung nu ditungtungna ditali-logorkeun (simpul hidup ceuk dina pramuka mah). Ngalana tina liang mirupa guha leutik. Liangna henteu buleud, tapi gepéng ka gigir (horizontal), rubakna ukur satampah. Jadi upama dina gawir kamalir (di lembur mah sisi jalan téh ditetenggeran ku kamalir. Éta kamalir tangtu aya gawirna, tara laluhur ieuh, ukur satengah méter baé) aya liang gepéng sagedé tampah, éta téh bisa dipastikeun liang langir.
Cara ngalana, congo nyéré kawung geus meunang nalikeun téa téh kari ngasupkeun kana éta liang. Sok karasa upama dina éta liang aya langiran téh; ngerenyed kana nyéréna. Tah, upama geus ngerenyed kitu téh gancang baé kenyedkeun, tuluy betot lalaunan. Upama karasa aya nu nyangked, éta téh cicirén sakadang langir geus katalian ku nyéré kawung téa. Geus kitu mah kari metot baé.
Biasana nu sok katalian ku nyéré kawung téa téh buntutna. Upama henteu buntutna nya sukuna. Geus beunang kitu mah kari panting baé nyéréna. Tuluy urangna nutur-nutur ka mana éta sakadang langir leumpangna. Upama aya nu nangénan téa mah, kalah siga urangna nu keur ditungtun ku langir.
Teu modél teusing saenyana mah. Tapi ku kitu téh barudak harita teu burung matak resepeun.

Ngala légé
lege Légé mah eunteupna sok dina tangkal buah. Ninggang dina tangkal buah nu bisa dieundeuk-eundeuk kénéh mah, ngala légé téh tampolana cukup ku ngeundeuk-ngeundeuk tangkal buah baé. Sok ragragan jeung maruragan. Mun niba kana lemah, rata-rata neundeutna sok terus nangkarak. Mun geus kitu kari mulungan baé.
Légé téh kaasup sabangsaning insékta. Saukuran jeung cucunguk, ngan rada busekel. Pulasna gé kitu deuih semu-semu kopi. Tapi légé mah “bajuna” leuwih teuas. Ari ngulinkeunana méh sarua baé jeung papatong, ditalian. Nalianana lain dina buntutna, tapi dina sukuna.
Geus meunang nalian kitu mah, légé téh henteu disina ngapung cara kana papatong. Tapi digowéng cara muterkeun bandring (bandul). Ngagowéngna ka luhur. Talina cukup ku benang sadeupa baé. Mun geus diulinkeun kitu téh sok kadéngé baé ngahiung cara kapal udara.

Ngala Tonggérét
tonggeret Tonggérét mah ilaharna sok kadéngé raéng disarada, banén naker, kasorénakeun. Komo mun tas kakara raat hujan, tonggérét téh bangun bangun nu dikariakeun pisan, sora nu ti landeuh jeung nu ti tonggoh téh teu sirikna siga nu patémbalan baé.
Kaasup susah ngala tonggérét mah, kawantu pulas awakna méh saru jeung pulas tangkal. Ngadaraplokna téh sok dina tangkal nu aya di pakarangan imah deuih, naha dina tangkal kopi, manggu, pisitan, kokosan, nangka, jambu, jeruk, atawa nu séjénna.
Mun geus beunang tara ditalian cara kana papatong atawa légé. Dicecekel baé. Kalan-kalan dirungkupan ku dua dampal leungeun. Sorana sok semu ngosom mun pareng dirungkup kitu téh. Pareng dibuka, hégar jeung bear baé sorana. Kitu jeung kitu wé ngulinkeunana téh. Enya sok bangun nu manggih karesep barudak mah. Da sok matak nyaring tepi ka peuting ari dibaturan ku tonggérét téh. Eureun-eureun téh mun budakna geus teu inget di bumi alam alatan kérék.

Tina Manglé No. 2192

6 Balesan to “Kalangenan Ngala Sasatoan”

  1. sangiang said

    teh di lembur simkuring mah sok resep na teh ngala simet isuk terus digoreng cenah mah ngenah…
    Tapi ari abi mah can nyobian asa kumaha gituuuu…

    tah ari resep kana ngala tonggeret mah basa nuju SD sok resep atuh komo bari ngabuburit bulan puasa…

    Aduh nineung euyyyyy.

  2. pribumi said

    Sok atuh serat eta panineungan teh dina blog Aang, pasti aya nu benten sareng aya nu anehna.

  3. sangiang said

    sip lah….ke antosan weh urang heula teh..

  4. dhyan said

    teh atu eta mah enya pisan anu parantos kalakonan ku hirup sim kuring waktu alit(barudak)
    hatur nuhun teh sa ayana ieu dongeng jadi inget kapungkur basa baduak.

    _____________________________________________________________

    Sami2, abdi oge nuhun kana kasumpinganana.

  5. amir hamzah said

    Ass, Hatur nuhun pisan ka eceu anu parantos midangkeun ieu Blog. namung simkuring neda sihampuntenna tos kumaantun ngakopi, kumargi teu kawaktosan nngaos dieu warnet, sieun biayana ngabeukahan, engke wae dia aosna bade di rorompok. insya alloh aya manfaat kanggo referensi abdi pikeuin diajarkeun deui. ka murangkalih sd Tanjungwangi. da geuning ari di kampungmah milari artikel ka Sundaan teh meni sesah pisan. sakali hatur nuhun. mugia kasaean eceu kengen ganjaran timantenna, amin

    _______________________________________________________________________________________________

    @Amir Hamzah, sami2 abdi oge ngahaturkeun nuhun kana kasumpinganana. Upami bade ngopy mah mangga bae da ieu blog didamel oge, tujuanana kanggo kapentingan sadayana. Hatur nuhun kana du’ana, amin ya robbal alamin.

  6. joehans said

    taah mun lembur kuringmah..ieumah nyaritakeun keur leutik, karesep teh ngala jangkrik, aya tilu rupa jangkrik teh,nya eta jangkrik jiriling, jangkrik jarabang jeung jangkrik kalung nu pang saena….
    atanapi mun usum nyawah sok resep ngala buruy jeung berenyit… heuheu resep pisan bari guyang dina kokocoran cai.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: