Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Putri Jin

Posted by bujanggamanik dina April 7, 2009

gunungJalan satapak nu biasa disorang geus bèak. Ka dituna mah teu ilahar kasaba ku manusa. Wungkul leuweung anu remet. Kawas jadi sasmita tina lalampahan anjeunna. Anjeunna geus ngantunkeun alam karamèan, tempat pabuaran nu lumrah. Indit nyorang kapanasaran. Anu matak kaayaan anu sakitu gurawèsna tèh teu matak gedag kana manahna. Jongjon baè anjeunna angkat, paribasa nètè akar ngeumbing jangkar, sèsèlèkè dina cadas nu laleueur.

Sora lutung mani harus patèmbalan matak kelar. Keur jongjon, mindeng asa kagebah, aya anu ngagarapak, horèng cangèhgar nu kagamahan. Hiber ngayapak teu jauh. Leungit deui dina rerembetan.

Tungtungna mah cunduk ka nu dituju, kana pucuk batu agung. Tempat anu pangluhurna, awas ka mana mendi. Lebah dinya ngan bangsa tangkal lampeni jeung harèndong. Dina cadas narangkod lulukutan. Lebah anu nangtawing aya anu nyègog. Éta tèh lawang guha, meujeuhna keur nyamuni saurangeun.

Hareupeun lawang guha, dina batu anu dèmprak, anjeunna ngadeg. Mayun nyela bumi, neuteup titingalian nu gumblung-gamblang. Kapan itu sagarahèrang pakuwon ibu ramana. Ti dinya mah ngan leuweung jeung tegalan baè. Selang-selang tinggurilap, talaga katinggang cahaya srangèngè ti kulon.

Kitu anu katingali ku socana. Tapi anu kaimpleng ku manahna mah jajatèn ramana. Radèn Aria Wangsagoparana anu ditundung ku èyangna, nyaèta Sunan Ciburang, dumèh anjeunna salin agama, ingkah tina ageman karuhunna. Dicipta-cipta ku manahna kumaha lalampahan ramana, nyorang patempatan anu sakitu banggana. Mun kurang pangger iman mah kumaha bisana. Dipapantes meureun ramana tèh nempuh gunung anu itu, ngagulampèng mipir gawir nu lungkawing, mapay sempalan nu ngupluk-ngaplak, nya anjog ka Nangkabeurit, tempat patapaanana. Moal henteu ngan lantaran geus rèngsè bebetah dina manahna baè ramana iasa ngababakan tèh, tepi ka sagarahèrang jadi tempat resik pikabetaheun.

Lami anjeunna ngajengjen ngumbar kakelar, ngeueung nganteur panineungan. Angin baè ngahiur, lebah lawang guha sorana jadi ngaguruh. Pucuk lampeni anu laleumpeuh jadi semu beureum kasorotan cahaya srangèngè.

Lugay tina pangabetah, anjeunna angkat rintih nuju kana cinyusu nu ngaburial, lajeng abdas. Cai anu sakitu caweningna karaos ku anjeunna lir nyerep kana sungsum balung mawa hègar calangra. Lajeng netepan dina batu dèmprak tèa, nyusul galur karahayuan, sumerah raga jeung nyawa.

Ti harita anjeunna sasat bebetah di dinya, beuki lila beuki pogot napakuran salira. Jangji moal deuk turun ka lembur mun tacan kasusul semu, can pinanggih raratan katawekalan. Naon anu disungsi ku anjeuna, taya lian iwal ti martabat kamanusaan. Anjeunna hayang tepi ka dinya, salirana hayang kasurupan bayu pinanggih meunang jajatèn. Anjeunna geus uninga tina pangwuruk sepuhna, yèn anjeunna tèh lain turunan si itu si èta, èstu kokocoran jalma anu galentur. Kapan cenah ceuk paririmbon anu aya di ramana, èyangna tèh Sunan Ciburang. Disusul ka puhu ngembat raratanana ka Sunan Wanapiri, lajeng ka Sunan Parunggangsa, ieu tèh putra prabu Pucuk Umun, putra Prabu Mundingsari Leutik putra Prabu Mundingsari, teu saha deui kapan èta putra Prabu Siliwangi. Mun rèk dikebatkeun, nya ka Prabu Anggalarang, tuluy ka Batara Wijaya, ka Prabu Sanggawijaya, ka Prabu Sanggawidana, engkèna mah tepi ka Prabu Ciung Wanara.

Ku kituna kamanah ku anjeunna, mun aya milik diri, anjeunna tangtu mangku kadaleman, neraskeun kalungguhan ramana. Tah nya ieu nu jadi kaabot anjeuna tèh. Anjeunna tèh hayang nyangking kalungguhan ngan lantaran kaagungan karuhunna wungkul, kacatur dina galur ngan dumèh rundayan ratu, lain lading ludeung beunang nempuh salirana ku anjeun.

Ceuk gerentes manahna, aing teu hayang nyangking kalungguhan anu can kamartabatan ku aing. Jeung kudu kitu mah kajeun aing tuluy mileuweungan migunungan. Sabab mun aing kudu nyekel kalungguhan anu luhur bari aing sorangan can tepi ka martabat dinya, aing pasti ngarasa hina. Bisa jadi katèmbongna mah aing agung, tapi agung guluburna wungkul. Nu lian bisa kalao, tapi kumaha hatè aing sorangan, piraku beunang dibobodo. Tah dina lebah dinyana, aing teu deuk nyangking nanaon anu ku aing can kasubadanan.

Éta tèh nya keur katengtreman batin aing. Tapi lain saukur kitu. Lain ngan keur aing wungkul, sabab aing mun kudu neruskeun cangkingan kangjeng rama, hartina aing kudu ngauban abdi-abdi. Euleuh mana teuing gedèna tanggung jawab aing sabab cèk paribasana uteuk tongo walangtaga aing anu jadi tanggelanana. Naha jalma anu can tepi kana martabatna bisa dijieun tanggelan tanggung jawab? Moal bisa, pimanaeun teuing. Aing baris ngarasa teu manjing, makuta kaagunan tèh baris karasa logor. Ku lantaran kitu aing moal panceg dina ngajalankeun kawajiban. Aing lain tuturkeuneun anu matak jadi kapanggeran keur hatè nu lian, keur balarèa nu aya dina aub payung aing. Ana hatè henteu panceg, biasana jalma sok unggah pileumpangan, nyieun talajak nu lain-lain, anu matak mawa balangsak anu lian.

Kitu anu kamanah ku anjeunna. Anjeunna beuki panteng neneda ka Nu Kawasa nyuhunkeun pituduh, sangkan anjeunna dipaparin terbuka, bisa unggah kana martabat salirana ku anjeun.

Bèak beurang bèak peuting, kitu baè anjeunna napakuran salirana. Tapi sanajan moho kana kamulyaan batin henteu cul ari kana kawarasan salirana mah. Anjeunna ngersakeun angkat-angkatan dina mumunggang mun titingalian keur meumeujeuhna pikawaaseun. Kitu deui saban sonten anjeunna sok ngundeur pupucukan jeung ngala bubuahan, tuangeun ari buka, ngarèncangan ngaleueut madu, bada netepan magrib.

Hiji mangsa anjeunna menekung dina batu pangcalikanana. Harita tèh wanci sariak layung. Piripis hujan poyan, mawur patingdumeling. Naha atuh ari kolèbat tèh aya istri geulis. Ku anjeunna diteuteup. Éta istri tèh keur jongjon baè ningali ka anjeunna. Barang karèrèt bangun lingsemeun, api-api pupat-pipit kana kekembangan.

Bet teu ku hanteu, ceuk dina manahna. Tangtu ieu tèh gogoda, moal boa ipri anu malih warni, rèk nyasabkeun aing. Anjeunna negerkeun manahna, muntang ka Nu Kawasa, sangkan ditebihkeun tina gogoda rancana. Lajeng sasauran, “Ih, ulah deuk ganggu ka kami, lantaran kami mah teu niat ganggu ka nu lian. Geura nyingkah ka nu anggang, sabab mun anjeun ganggu ka kami, kami sumalindung ka Pangèran, sarta kami percaya moal aya nu bisa ngagunasika satungtung kami aya dina panagtayungan Mantenna.”

Tapi èta nu disangka ipri tèh batan nyingkah mah anggur èmok mani timpuh. Putra Aria Wangsagoparana bet jorojoy rasa tresna ningali anu geulis calik andèprok dina cadas. Pok ngalahir deui.

“Aèh, naha saha andika tèh, dititah nyingkah anggur andèprok di dinya.”

“Nun satria anu lineuwih, sim abdi tèh moal waka nyingkah, saupami gamparan teu acan ngadangu piunjuk abdi.”

“Nya hempèk atuh geura cacarita, kami seja ngupingkeun.”

“Gamparan, abdi tèh nuju ngalanglang, marios tempat-tempat anu janten èrèhan sim abdi. Hatur uninga sim abdi tèh sanès ipri nanging saèstuna putri jin, wasta Éndang Kusumah, ratuning bangsa jin. Nuju ngalingling di mèga miring bet ningal anu hibar dina pucuk batu agung. Kantenan sim abdi teu kinten hèmengna ningal cahaya ahèng, margi èta anu ngagebur tèh sanès cahaya alam lahir. Énggal abdi nyirorot, kasondong gamparan nuju menekung munajat ka Nu Kawasa. Gamparan, leres gè abdi jin anu ngagem agama Rosul, nanging rumaos balilu seueur katuna. Kabita ku cahaya galih gamparan, sim abdi badè masrahkeun diri, hoyong diwurukan bagbaganing kamulyaan hirup. Saupami gamparan henteu kersa nampi, nganggap abdi bangsa ipri, nya abdi moal kapapanjangan, moal kumawantun ganggu, ayeuna gè seja undur.” Kitu piunjukna nu geulis.

Kataji ku pokpokanana, putra Aria Wangsagoparana beuki sidik ka nu aya di payuneunana. Cèk manahna, aing tèh lain lalaki leumpeuh yuni, beunang kapangaruhan ku kageulisan. Tapi masya Allah, aing muji kana kabinangkitan Pangèran, kutan aya nu geulis cara kitu. Dina hatè aing tèh aya lahan anu hieum, tara beunang dicaangan. Naha atuh ayeuna bet ujug-ujug halègar. Cahaya soca nu kitu, meureun èta mutiara biru ti jaladri. Mun hatè Engkang buana soca Eulis tèh srangèngè nu ngahibaranana, nimbulkeun warna di mana-mana. Bet ku sakedèt nètra pisan, aing tèh asa robah. Astagfirullah.

Pok sasauran, “Hè Nyai Putri anu geulis, hampura Engkang geus langsung saur. Ngan baè Nyai tèh kaliru, ngahargaan Engkang leuwih tina mistina. Cenah mènta diwurukan bagbagan kamulyaan hirup, kumaha petana, da Engkang gè hèmeng kènèh. Puguh miceun manèh gè ku naon kutan. Jadi Nyai ulah deuk kabelejog.”

“Gamparan teu saè ngalaipkeun salira, da abdi hamo kalao. Kapan Sim abdi tèh putri jin, ari mungguhing bangsa jin henteu kaalingan ku jirim. Paningal tèh nimbus semu teu kahalangan ku cangkang. Nu alus katingal alus, nu gorèng katingal gorèng. Kitu gamparan menggahing di bangsa jin.”

“Nyai, kumaha bisana Engkang kudu ngawuruk, nyarita gè geuning katutup saur ku Nyai. Lain bebenjon, puguh Engkang tèh keur ngilik-ngilik ajèn diri, ngudag-ngudag gurat awak sorangan, tapi can katimu kènèh. Meureun kalimpudan ku lalangsè, tètènjoan tèh teu daèkeun cèkas baè. Sugan enya ari aya Nyai mah Engkang jadi nyaho ka awak sorangan, aya geusan babandingan.”

Nu kasèp anu kaceluk satria lungguh nu ngan tungkul kana èlmu tanggah kana panalar tèh ari geus tepi kana mangsana mah bet teu sakara-kara, iasa ngalelemu manah nu geulis. Sarta teu kapalang wani nyumpingan alam kajinan, mundut nu geulis ka ibu ramana. Tepi kana takdirna, kajodokeun ka Putri Éndang Kusumah, geugeut olèng pangantènan. Dina hiji mangsa aranjeunna keur calik paduduaan. Carogèna pok sasauran, “Nyai, puguh enya Nyai tèh geureuha Engkang, tapi Engkang tèh saenyana asa can apal ka Nyai tèh. Ceuk Nyai mungguhing bangsa jin, henteu katalian ku jirim. Tapi sapanjang reureujeungan, geuning rupa Nyai tèh angger, geulis andalemi, matak geugeut hatè Engkang.”

Ngadangu kasauran carogèna kitu, Nyai Putri imut baè ngagelenyu, pok ngawaler,” Éh bet ku abong teuing, gamparan mah ngageremet baè manah tèh. Panginten saur gamparan, najan enya manèh geulis, tapi èta mah ukur geulis jijieunan, geulis mamalihan, nu saenyana mah boa. Mana rupi abdi anu sayaktosna? Ah gamparan mah puguh manusa, sanaos linggih di alam kajinan, raos mah ngancik dina rasa manusa. Gamparan, manusa mah dipaparin wujud nu baku. Demi bangsa jin mah sanès kitu. Wujud lahir tèh teu angger, tapi tumut kana batinna. Di bangsa manusa mah aya nu lahirna awon, batinna geulis. Ari di bangsa jin mah teu tiasa kitu. Mun batinna awon, lahirna gè moal teu kitu, sabalikna mun batinna mulus nya lahirna gè mulus. Upami hatè abdi kotor, gamparan, moal tiasa disumput-sumput, nya abdi gè janten gandarewo.”

Teu kebat sasauranana, kaburu digabrug ku carogèna, “Nyai mah geulis lahir batinna, matak Engkang tepi ka lugay ti patapaan ogè.”

“Ah gamparan mah, geuning nalika tepang ngawitan mah sim abdi diparancahan, disangka jurig nyiliwuri,” tèmbal Nyi Putri.

“Rumaos baè, panon Engkangna meureun keur lamur,” saurna bari gumujeng.

Tuluyna mah kajadan saperti biasana antara nu silih pikageugeut.

Lami anjeunna di alam kajinan tèh. Padamelanana babakuna nya ngawuruk bagbagan kamulyaan hirup nurutkeun ugeran anu diwulangkeun ku Kangjeng Rosul. Laki rabina runtut raut, pada satia tuhu. Kaparengkeun kagungan turunan, istri pameget, nu istri kakasihna Radèn Ajeng Éndang Kancana, nu pameget Aria suryakancana.

Sanajan geus lila betah bumetah sareng nu jadi putra garwa, tapi anjeunna osok baè aya rasa èmut ka lembur, èmut ka ibu ramana. Anjeunna ngaraos parantos sono hayang tepang jeung papada manusa. Osok sering anjeunna ngumbar panineungan. Tangtu baè ahirna mah katangèn ku nu jadi geureuha, sarta kasurtieun naon anu jadi manah anjeunna.

Dina hiji mangsa Nyi Putri sasauran kieu, “Gamparan, ulah jadi manah, da ku sim abdi gè parantos kaèmut, tangtos baè gamparan tèh moal enya betah saendeng-endeng di dieu. Gamparan tèh tangtos palay tepang sareng papada manusa. Kapan gamparan ngadon angkat ka pucuk agung ogè tina palay uninga ka salira, palay dugi kana martabat kamanusaan. Salami gamparan linggih di dieu, tebih ti alam kamanusaan, sadidinten pagilinggisik sareng bangsa jin, manawi gamparan langkung paos, kumaha babandinganana antawis bangsa manusa sareng bangsa jin. Ku kitu tèh manawi tiasa janten raratan ka nu salami ieu dipilari ku gamparan. Ayeuna mah saupami badè angkat, nyanggakeun kana kuma pangersa, sim abdi mah tangtos ngiringanana.”

Ngadangu kasauran Nyi Putri kitu anjeunna ngaraos kagagas. Sok sanajan kitu, beuki dièmutan beuki karaos leresna kasauran geureuha tèh. Tapi ngadangu kasauran Nyi Putri sakitu lèahna, anjeunna ngaraos abot.

Hiji dinten anjeunna ngalahir ka geureuhana, “Nyai, kasauran Nyai Nyai tèa ku Akang geus dibeuweung diutahkeun. Enya Engkang tèh teu hadè lali ka purwadaksina. Engkang tèh kudu balik ka alam kamanusaan, najan komo baè beurat kudu papisah jeung Nyai katut barudak. Tapi hatè Engkang geus gilig. Engkang leuwih hadè aya di alam kamanusaan.”

“Sim abdi mah seja ngiringan kana pangersa.”

“Geuning Nyai mah siga teu beurat ieuh rèk paturay tèh, anggur ngjaurung-jurung.”

“Aduh gamparan, piraku deui. Nanging kamulyaan gamparan langkung awis manan kabeurat hatè sim abdi.”

“Manah Nyai tèh mulya pisan, tapi naha mana tiis teuing, naha seuneu birahi anu bihari tèh geus dicèos?”

“Gamparan, jin mah didamelna tina seuneu, kumaha dicèosna, panginten matak pareum sadayana. Seuneu birahi mah ruhay baè, mung ngahaja diruangan dina htè abdi, piajangeun bilih gamparan mileuleuheungkeun.”

“Da ngan Engkang baè nu tibelat tèh, ari Nyai mah puguh ratu, teu pantes nèmbongkeun kasono, nya.”

“Ayeuna sasauran kitu sotèh, engkè mah gamparan lali, da kagunan gentosna, anu geulis anu baris jadi ibuna para dalem. Sim abdi mah ngarumaoskeun manèh, kuriak baè disangka jurig nyiliwuri.”

“Ah, Nyai, naha urang tèh anggur silih èsèk-sèkkeun. Nyai tèh bojo Engkang. Engkang salaki Nyai. Kitu keur saendeng-endengna ogè.”

“Leres kitu pisan gamparan. Hatè abdi moal robih, kitu mungguh hatè bangsa abdi mah. Manga tingali naha abdi aya robahna waktos gamparan ningali ka sim abdi dina pucuk batu agung?”

Anjeunna neuteup mani leleb ka Nyi Putri. Jaladri anu umpalan, jaladri biru, angger kènèh ngagenclang dina soca geureuhana. Piraku kalinglap, kapan èta tèh srangèngè nu ngahibaran manahna.

Putra Aria Wangsagoparana teteg manahna. Anjeunna geus aya deui dina pangcalikanana anu biasa, batu dèmprak di gunung cadas. Jung ngadeg, nyawang ka sakuriling bungking. Lapat-lapat kasawang alam paramèan anu kedah disorang ku anjeunna. Aing lain ngan ukur incuna Sunan Ciburang, lain ukur anakna Wangsagoparana. Aing tèh Wiratanudatar. Hatè aing geus teteg, suku aing geus panceg, ngadeg dina tangtungan sorangan. Aing geus sanggup manggul kawajiban, sabab lelemahna ayeuna mah geus sadia, nyaèta martabat aing sorangan.

Ti dinya Wiratanudatar lungsur ka Sagarahèrang. Di dinya anjeunna garwaan, sarta pareng nurunkeun rundayan. Lajeng ngalih nyandak balad, ngababakan dina tanah miring sisi Citarum. Ti dinya ngalih deui ngababakan di Cijagang,dugi ka pupusna.

 

 

Tina Jajatèn Ninggang Papastèn, karya Yus Rusyana.

 

 

 

10 Balesan to “Putri Jin”

  1. Mang Ajid said

    Meuni asa wararaas maos ieu carita , naha nya?

  2. Waas mana sareng noong kendi?🙂

  3. gajah_kurus said

    Upami manusa kawas bangsa jin henteu kaalingan ku jirim. Nu alus katingal alus, nu gorèng katingal gorèng. Kinten kumaha nya Bu. Jigana Bu Guru ningal abdi bleg weh gajah_begang😀

  4. Pribumi said

    Upami manusa jiga jin, abdi ninggal gajah_kurus teh bleg we asa ninggal Pa Usep Saepudin.

  5. gajah_kurus said

    Puguh da abdi teh jin nu nyiliwuri, nu mindah rupa😀

  6. Pribumi said

    Pa Usep mah jin anu sok ngintun kopi!!!

  7. yosep said

    waas pisan…., seueur nu hoyong dicarioskeun..tapi..duka kunaon meni sesah pisan.

  8. tukem said

    meni sae kieu carita teh,,,asa tingsareak macana oge,,,jd era ka abi nu maca nu ayeuna asa sakitu jauh na ti Gusti allah😦

  9. soetisna said

    jero pisan ieu carios..teu tiasa komentar anu sanes, kumaha carana bisa nuluykeun ieu carita ka pun anak? nu kiwari geus rada jauh ti bahasa sunda bahasa indung sorangan, rumaos abdi lepat..

  10. It’s a shame you don’t have a donate button!
    I’d most certainly donate to this superb blog! I suppose for now i’ll settle for bookmarking and adding your RSS feed to my
    Google account. I look forward to fresh updates and will talk about
    this website with my Facebook group. Talk soon!

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: