Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Archive for the ‘Pangalaman’ Category

realita

Ayana dina Beuteung

Posted by bujanggamanik dina Séptémber 12, 2008

Ku Rian Dama Firdaus

Ieu nu karandapan téh kajadianana geus lila. Keur leutik kénéh, kelas lima SD harita téh.

Ampir unggal poé Ema sok nyarék, “Tong ngapungkeun waé langlayangan, bisi hanaang jeung lapar!” pokna. Wajar anjeunna cacarita kitu, da harita téh keur bulan puasa. Panyaramna ku kuring teu pernah digubris, da boga cara pikeun nahanna. Upama geus karasa hanaang atawa lapar téh sok ngajak babaturan ngojay ka wahangan. Keur ngojay teuleum terus ngalekik nginum. Bébéja ka kolot mah puasa, da euweuh nu apaleun.

Hiji poé saperti biasa kuring ngapungkeuun langlayangan. Geus karasa hanaang gagancangan diturunkeun bari ngajak babaturan ngojay. Poé harita mah bet hayang heula neundeun langlayangan ka imah, da biasana mah sok dibabawa. Di tengah imah, katingal na méja aya cai orson sagelas. Rupana konéng, hérang pisan. Soda-sodana narapel dina sisi-sisina. Kabayang amis tiis jeung segerna. Beuteung ngadak-ngadak ngurubuk jeung tikoro uruy. Haté ngagerentes, engké gé di wahangan da érék bocor. Luak-lieuk, geus yakin taya nu nénjokeun, leguk wé diinum nepi ka béakna. Bener wé kana tikoro ngageleser, tapi teu ni’mat siga nu dibayangkeun sabab karasana hambar jeung teu ngeunah kana létah. Angen ngadadak murel hayang utah. Teu dipikiran da babaturan kaburu ngajak ti pakarangan imah mani gogorowokan.

Nepi ka wahangan, gagancangan muka papakéan. Gebrus wé ka leuwi, lep teuleum terus nginum. Geus dieusian cai mah teu pati sebel, ngan teu lila beuteung jadi murilit mules. Sababaraha kali miceun nepi ka awak leuleus, angger teu cageur-cageur. Sieun kateterusan kuring mulang ka imah terus disarékeun.

Jam satengah lima soré, Ema ngageuingkeun nitah solat asar. Bérés solat, katingal Ema keur ulak-ilik lebah méja nu aya orson téa, siga aya nu ditéangan.

“Néangan naon, Ma?” kuring nanya.

”Minyak goréng na gelas, panaur ti Ceu Biah tadi isuk-isuk.”

Ngadéngé jawabanana na angen aya nu hayangeun kaluar, sabab yakin anu keur ditétéangan téh ayana dina beuteung kuring.***

Tina Manglé No. 2186

Advertisements

Posted in Pangalaman | 2 Comments »

Instruktur Senam

Posted by bujanggamanik dina Januari 7, 2008

senam.jpgKu: Endan Sukanda
Tara-tara ti sasari poé ahad harita mah pamajikan hayang dibaturan senam. Padahal biasana gé paling-paling mun ménta dianteur cukup ku barudak. Mimindengna mah manéhna wé, kawantu kaasup salah saurang instrukturna; jadi leuwih laluasa teu dibaturan jigana téh.

Ti saréngséna solat subuh, pamajikan ngusey dangdan, kaasup kuring didangdanan ku manéhna. Ti mimiti maké trainingpak, topi, kaos kaki, jeung anduk leutik. Kaharti kitu téa mah, da sasatna rék ngawanohkeun nu jadi salaki ka balad-balad senamna.

Cunduk ka lapang Merdéka mani geus ngaliud jelema minuhan lapang, padahal karék jam genep isuk-isuk. Dina podium patugas keur masang sound system, siap-siap rék nyetél kasét musik senam. Ibu-ibu jeung rumaja putri geus saraged, sareungit. Teu kurang-kurang bapa-bapa ogé aya nu miluan senam, tapi tempatna tukangeun ibu-ibu, barisanana ogé teu puguh.

Rada deg-degan ogé basa ditungtun ku pamajikan kana barisan di hareupeun podium téh. Mana komo bari ngadaragoan aba-aba senam téa pamajikan mah teu bosen-bosen ngawanohkeun kuring. Atuh kuring tambah diriung-riung, mani bosen manggut jeung imut téh. Rét ka kéncaeun, sepuh inin-inin pisan siga nu teu bosen-bosen naliti tangtungan kuring, malah dina nu ngariung téh aya banci sagala.

“Teman-teman, yuk kita kenalan kepadanya!” ceuk banci bari gumeulis. Panonna kucap-kiceup kawas nu kapireungpeunan.

Basa aba-aba senam kadéngé ti luhur podium, kuring asa kaweur. Da karék harita atuh miluan senam téh, komo ieu jeung ibu-ibu. Rét ka pamajikan, geus kahalangan ku dua urang. Kawantu tadi basa kuring diriung-riung téa kawasna mah manéhna kasérédkeun. Ah gerakan senam téh rék nurutan nu di luhur podium wé, da kitu pesen pamajikan ogé saméméh indit tadi.

Mimitina musik senam téh musik pemanasan, kabéh ajrag-ajragan bari ngaleuleuskeun ramo-ramo leungeun. Kuring rada ngarérét ka gigireun, kabeneran manéhna ge keur ngarérét ka kuring, kuring milu ajrag-ajragan nurutan nu lian. Kitu jeung kitu wé. Pokona unggal rék ganti gerakan senam téh kuring mah mun teu ngawaskeun nu di luhur podium, ngarérét heula ngintip gerakan ibu-ibu nu pangdeukeutna.

Mun dipikir-pikir, bororaah bisa dipaké conto ku nu lian, da kuring sorangan gé asa ripuh nyaluyukeun gerakan senam jeung batur téh. Mindeng pisan leungeun kuring antel kana leungeun nu gigireun. Atawa mun teu kitu suku pakétrok jeung nu lian alatan pasalia gerakan. Batur ka tukang, kuring ka hareup, atawa nu lian mah ka kénca, kuring ka katuhu. Baé ah, tungtungna mah diheureuykeuh wé gerakan téh sakalian.

Réngsé senam, nu tadi ngarariung téh da birat atuh ngajarauhan. Saméméh aringkah teu paroho ngaromong kieu, “ Ih, panya téh enya wé instruktur, sihoréng téh….” Ceuk hiji ibu-ibu ménor bari ngaléos.

“Ih, sebel, padahal body-nya macho banget!” Ceuk banci nu tadi.

Teu kakantun, nini-nini gé ngémbohan bari jebi ka kuring, ngan teu puguh kadéngéna.

Di jalan waktu mulang didongéngkeun ka pamajikan, barakatak manéhna seuri meni siga nu ngeunah pisan. Leungeun kuring dikenyang, manéhna maca tulisan dina tonggong kaos kuring: “Instruktur Senam”, cenah. Karek inget, pan tadi téh dibéré nginjeum kaos pamajikan, kabeneran ukuranana pas.***

 

(Tina Manglé No. 1906)

Posted in Pangalaman | 13 Comments »

TV Gebug

Posted by bujanggamanik dina Januari 2, 2008

Ku Fendy Sy. Citrawarga

tv.jpgBasa bulan puasa kamari dak dumadak televisi nu ngan hiji-hijina téh ruksak, najan henteu ari pareum pisan mah. Nu matak reged téh lamun nyetél tara sakaligus ngagebray, aya gambar katut sora, tapi kudu dipencétan heula kenop-kenopna langsung dina TV-na, teu bisa maké rémot.

Nya lah-lahan waé, najan harita keur tongpés gé, sakadang TV anu keur ririwit téh sina “dirawat-inap” heula di tukang serpis.

Luyu jeung paréntahna yén TV kudu dibesuk tilu poé deui, kuring giak norojol teu poho mawa duit, da bisi geus anggeus. Ari pék téh encan. Tilu poé ti harita ditéang deui, anggur ngabulasin, da cenah gambarna teu daék cicing.

Orokaya budak nu awéwé, si bungsu geus nanagih waé. Majah téh teu resep ngabuburit jeung saur teu dibarengan TV téh. Kaharti puguhan, pintonan TV téh dina bulan puasa mah loba nu istiméwa. Kituna mah tong boro budak, dalah kuring gé ditinggalkeun TV saminggu téh asa cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh ka roda padati, lieuk deungeun lieuk lain, jauh ka selebriti!

Ngan nya éta unggal ditanyakeun TV téh can anggeus kénéh waé. Tungtungna diantepkeun wé teu dicokot-cokot.

Barang teu sabar kapaksa kurah-koréh kana tongpés, ih geuning aya kénéh sulupat-selepét duit. Laju muru toko éléktronik, geuning meunang TV leutik, kelir hideung bodas. Baé!

Lumayan. Barudak calénghar deui, najan ngalalajoanan TV bari saleuseurian. Tuda TV ukuran genep inci disimpen dina méja rubak. Lalajona gé tingdarepong padeukeut-deukeut, da ti kajauhan mah kurang jelas.

Saminggu tas lebaran, TV nu keur disérpis ditéang. Alhmdulillah “cageur” sabihari. Atuh TV téh geus batian. Nu gedé, “indungna” paragi lalajo saréréa, nu leutik, “anakna”, di kamar paragi kuring. Jongjon tara parebut pintonan deui. Mimitina mah anak TV téh alus, na atuh ka dieunakeun gambarna sok ngiles teu pupuguh. Atuh parebut pintonan deui jeung barudak. Da puguh Si Bungsu mah boga ajian “méwék”, mimindengna kuring éléh.

Aya niat TV leutik téh rék disérvis da rék dibawa ka toko mah geus béak garansina. Tapi horéam, enya horéam ku duitna. Nya lah-lahan dirakrak ku sorangan. Ari geus muka ngadon hulang-huleng teu nyaho kudu dikumahakeun. Bingung, ditutupkeun deui wé. Ari disetél…gebyar téh aya gambaran. Kayungyun, tayohna embung “dirawat-inap” siga indungna.

Orokaya ukur popoéan alusna téh, ka dituna les deui gambarna euweuh. Bakating ku aral, ngah habek wé digebug luhurna, na ana gebray téh gambarna méncrang deui. Kitu jeung kitu wé, lamun ngadat, tara asa-asa habek wé diteunggeul. Bray caang deui.

Ari sugan nu mantangul téh anak jelema waé, “anak” TV gé karék balég mun geus digebug!

 

(Tina Manglé, No. 1968)

Posted in Pangalaman | Leave a Comment »

Nu Saré Nyangirah Ngalér

Posted by bujanggamanik dina Désémber 17, 2007

Ku Gandhi S

pusaraabah.jpgSaméméh Galunggung bitu, harita pacabakan kuring téh kana nyupir, supir angkutan umum, bari sok ngalong alias jalan peuting. Sok lumayan nambangan peuting téh, teu loba pungli, paling-paling barudak calo.

Malem Salasa kira-kira jam 8.00 peuting keur ngetém, kurunyung aya sababaraha urang anu ménta dianteurkeun ka Cipanas Galunggung, moal PP rék ngaréndong di ditu cenah. Sanggeus rebut tawar ongkosna, dius indit. Nepi ka nu dituju téh pas jam 10.00 peuting. Ku sabab capé kuring jeung kenék teu gancang-gancang balik, tapi reureuh heula, malahan mandi heula dina cai panas. Segeeerrr téh, ma’lum tas capé. Sanggeus reureuh jeung mandi kuring balik. Kabeneran euweuh panumpang saurang-urang acan. Jadi ngangkleung baé duaan jeung kenék. Sajajalan kacida tiiseunana, teu papaliwat jeung kendaraan séjén hiji-hiji acan. Cahaya bulan reyem-reyem siga nu teu puruneun kaluar peuting.

Keur ngeunah-ngeunah nyetir, na ari gejejes téh mesinna paéh, padahal ka kota téh kurang leuwih opat kiloan deui. Diomékeun ituna, diomékeun ieuna weléh teu hirup. Cilaka ceuk haté. Nempo kana jam tangan geuning geus satengah satu. Sigana bakat ku capé kenék mah gégéléhéan dina jok, teu lila kadéngé nyegrék.

Kuring kaluar tina mobil, gék diuk dina bémperna bari ngararasakeun lapar. Bulan geus mimiti béngras teu siga tadi teuing.

Barang ngalieuk ka beulah wétan samara-samar katempo aya jelema tiluan laleumpang ka lebah kuring, alhamdulillah ceuk haté. Sanggeus deukeut ku kuring ditanya.

“Marulih ti mana ieu téh?”

“Ti kota,” jawabna nya pondok nya teugeug.

“Badé tumaros, manawi aya warung anu caket ti dieu?” ceuk kuring.

Yu, tuturkeun!” jawabna teugeung deui waé.

Anéh ceuk haté kuring, ieu jelema téh teugeug-teugeug teuing ngomongna. Pikiran teu kapapanjangan, satuluyna kuring ngiclik nuturkeun, kenék mah teu digeuingkeun ieuh karunya keur tibra saré.

Basa nyorang jalan anu masih kénéh dikoral kuring rada kagét, anu tiluan mah nincakan koral téh teu kadéngé pisan sorana, béda jeung kuring mani kokorosokan, bakat ku geus biasa maranéhna mah meureun.

Kurang leuwih dua ratus méter jauhna tina mobil, méngkol ngénca ka jalan satapak. Pas rék asup ka éta jalan aya tangkal awi leutik ngaroyom, ku kuring dipotongkeun sieun nyogok kana beungeut.

Kira-kira saratus léngkah ti dinya hanjat saeutik kana gawir, bréh téh enya waé di nu datarna aya warung

Kuring nuturkeun nu tiluan ka jero. Tiluanana dariuk dina bangku kai, kuring ogé gék diuk dina bangku gigireunana. Teu lila kurunyung awéwé tengah tuwuh ngasongkeun cai hérang tilu gelas.

“Dagangan mah tos saréép, ieu waé lumayan aya wajit,” pokna bari sok neundeun wajit sapiring.

“Sok diinum Jang!” ceuk nu tiluan méh bareng, sor ngasongkeun roko kéréték sabungkus.

Karasa pisan ni’matna, beuteung kosong disuguhan cai haneut, pangiringna wajit anu sakitu legitna. Sanajan tara ngaroko kéréték ogé ari euweuh-euweuh teuing mah lumayan, tak ada rotan akar pun berguna.

Di hareupeun kuring aya jelema tiluan keur sararé, ngagalolér dina samak saheulay, simbutna sarua belang kawas di rumah sakit, kabéhanana sarua nyangirah ngalér.

“Tiluanana ogé keur garering,” ceuk anu gigireun kuring.

Kuring ngan saukur unggeuk. Teu lila kuring pamitan. Rék dibayar téh nu boga warung kéképéhan, sakitu-kitu waé basana téh.

Sanggeus nganuhunkeun, saméméh ngaléngkahkeun suku kaluar, jelema nu pangkolotna meupeujeuhan supaya kuring ati-ati di jalan, jeung ulah ngalieuk ka tukang. Sanajan asa dina dongéng ku kuring digugu, barina ogé rék naon ngalieuk ka tukang kuriak titajong.

Nepi kana mobil, kasampak kenék masih kénéh tibra, pangangguran mobil distarter, teu sakara-kara cékgur. Kenék nguliat hudang, meureun sangkana mah mobil téh diuma-ome ku kuring. Lalampahan kuring tadi téh teu ieuh dicaritakeun, ceuk pikir ku sabab euweuh hal-hal anu istiméwa, ogé bisi nganaha-naha pédah teu digeuingkeun.

Pas adan subuh kakara nepi ka imah, tas solat subuh kakara bisa saré.

Tilu poé ti harita kuring inget kana kahadéan jelema anu dicaritakeun tadi. Dius kuring kana sepéda ngajugjug warung téa. Lumayan rada kesel kana sepéda mah. Manggih jalan satapak anu ngénca kuring ngarandeg. Diilikan tétéla aya tangkal awi leutik tapak motongkeun, teu salah lebah dieu, ceuk haté. Sup kana jalan satapak téa, naék seutik kana gawir, ari bréh téh lain warung, tapi…kuburan satilu-tilu. Bangku anu basa éta ku kuring didiukan téh sihoréng batu gedé gigireun kuburan.

Kuring ngahuleng salila-lila, asa dina pangimpian, inget kana pangalaman tilu peuting nu geus kaliwat.

Paingan anu sararé téh nyangirah ngalér kabéh. Paingan anu tiluan mah nincak koral téh teu kadéngé ngorosokna, sihoréng kuring téh geus dijamu ku…arwah. Puriding bulu punduk carengkat, padahal ti beurang. Basa inget kana wajit anu sakitu legitna téa, rey sebel, boa-boa éta téh iat…munding.

Meunang saminggu kuring nguyung teu ngeunah saré teu ngeunah dahar, baluas meureun.

Tah ti harita mah tara daék ngalong deui, nambangan téh ti beurang baé, sieun ngalaman deui anu leuwih ti kitu.

 

(Tina Manglé, No. 1913)

Posted in Pangalaman | 9 Comments »

HP Anyar

Posted by bujanggamanik dina Désémber 17, 2007

img_handphone.jpgKu Anisa Fitri

Bah Dira urang lembur nu rada anggang ka kota, hiji waktu dibéré HP ku anakna nu digawé di kota. Maksudna mah meureun supaya ari aya nanaon téh teu kudu balik ka lembur, da jauh. Cukup nga-SMS wé atawa nelepon. Da mémang geus kitu jamanna.

Teuing mérek nanahaon éta HP téh. Bah Dira kacida atoheunana. Malah siga nu agul kacirina téh. Unggal poé éta HP téh sok dibabawa baé dina saku kamprét hideungna.

Ari cara maké éta telepon, ku anakna téh geus dipapatahan imeut pisan. Tapi sigana bubuhan geus kolot, papatah nu jadi anak téh sok kapopohokeun.

Hiji waktu Abah Dira rék nepungan anakna nu méré HP téa di kota. Bah Dira tumpak beus. Tah basa dina beus nu kabeneran keur loba panumpangna, Bah Dira ditelepon ku anakna. Nanyakeun geus lebah mana-manana. Maksudna mah supaya lamun geus nepi arék dipapagkeun.

“Halow, ieu téh Ujang?” Ceuk Bah Dira, sorana tarik, rada ngajorowok. Maksudna ngarah kadéngé ku batur. Da dihenteu-henteu ogé agul atuh maké HP téh. Kituna téh bari nangtung deuih. Atuh panumpang séjénna narempokeun ka Bah Dira.

“Enya ieu gé geus deukeut Ujungberung,” cenah deui.

Sanggeus lila ngalér ngidul ngobrol dina HP, dina ahir rék nutup telepon, Bah Dira ngomong kieu:

“Ujang, ari ieu téh nelepon atawa SMS?”

Atuh ger wé jalma-jalma téh pada nyaleungseurikeun manéhna. Aya-aya waé ari Bah Dira.

 

(Tina Manglé, No. 2070)

Posted in Pangalaman | Leave a Comment »

Poto Kulawarga

Posted by bujanggamanik dina Désémber 14, 2007

Ku Kang Teten

ala arabHayang boga poto kulawarga, pajangkeuneun di rohang tamu, bring sakulawarga ka studio poto M.

Kuring, pamajikan, katut anak dua didangdanan ala urang Arab. Geyebed, rariged. Komo Si Bungsu mah didangdanan téh bari ceurik ngahinghing. Si Aa lanceukna, merenyeng ka indungna. Hareudang cenah.

“Moal lami kasép, geulis. Tos dipoto gé dilaan deui,” ceuk nu ngadangdanan.

Réngsé dangdan, bring ka studio pamotrétan. Si Bungsu mah bari dipangku ku kuring téh terus wé ceurik… hih da mani hayang kumaha mah.

Juru poto, pangatur lampu jeung dékorasi geus nyampak. Kuring sakulawarga diatur gaya ku Si Akang nu ngadangdanan. Ripuh, kitu lain kieu salah. Puguheun ngatur anak nu dua mah. Unggal rék jeprét dipoto teu jadi deui teu jadi deui… nyéngsol téa, cimata téa, itu téa…ieu téa….ah!

“Jeprét-jeprét kainyah, cangkeul yeuh!” cekéng.

“Muhun. Can nanaon mani tos ngésang kieu,” ceuk pamajikan bari seuri.

“Tenang wé atuh, Pa, da kedah saé,” ceuk juru poto.

Jigana mah capé ngatur tah patugas poto téh. Ahirna mah jeprét wé saayana. Lima kali moto.

Kaluar ti studio poto, langsung muru kasir. “Badé langsung diageungkeun, Pa?” tanyana.

“Tong waka. Cetak wé heula ukuran postcard,” témbal kuring. Sanggeus nanyakeun hargana, créng mayar uang muka. Gutrut kasir nulis dina bon. Song dibikeun.

“Énjing sonten tiasa dicandak,” pokna.

Sapanjang perjalanan balik, pamajikan mah ngecewis wé, “Sugan téh teu matak rudet dipoto kulawarga téh!” pokna.

Kuring mah seuri wé.

Isukna, bada magrib poto téh ditebus. Euweuh nu balég limaanana gé. Aya kuring, pamajikan, jeung Si Aa alus, budak nu bungsu jebi rék ceurik. Aya nu tiluan alus…kuring keur peureum. Tina lima poto téh malah kuring nu jadi pamaéh…Henteu keur peureum, sorban nyéngsol. Sorban rapih, mata beunta….éééh sungut calawak heuay?

Poto kulawarga ditebus. Teu tulus digedékeun. Malah opat poto mah diwewejét. Nu kari téh hiji wé…poto di mana Si Bungsu keur jebi rék ceurik. Kitu gé teu dikana albumkeun. Gular-golér teu dipaliré.

Posted in Pangalaman | Leave a Comment »