Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Archive for Nopémber, 2008

Dongéng Santri Bodo

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 29, 2008

imagesAya santri pohara beletna. Nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrén, can ngalaman hatam Alqur’an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Alqur’an, jampé solat ogé ukur baé bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pangpinterna. Kabéjakeun kaanggo ku Ajengan sagala.
Loba babaturanana nu geus baroga pasantrén sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Ari manéhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa éra sorangan. Éra ku sasama santri, éra ku Ajengan.
Tina geus teu kuat nahan kaéra, hiji poé manéhna nepungan Ajengan di bumina. Maksudna rék terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita, “Ajengan abdi seja amitan, badé mulang ka lembur,” cenah.
“Mulang téh mulang kumaha, apan lain waktuna peré?” témbal Ajengan.
“Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrén. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrén, teu aya pisan kamajengan.”
Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah terus ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, cenah. Aya nu gancang bisa nagkep pangajaranana, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakara manéhna ngarti.
“Ulah, manéh ulah mulang, mending balik deui ka pondok. Hég diajar leuwih rajin!” saurna deui.
Tapi manéhna keukeuh ménta diidinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantrén, mending sagawé-gawé di lembur. Diajar néangan pangupa jiwa.
Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon-naon.
“Rék iraha manéh mulang, apan ayeuna mah geus burit?”
“Badé énjing saatosna solat subuh,” cenah, teu poho ménta didungakeun. Baca tuluyan ieu tulisan »

Advertisements

Posted in Dongeng | 15 Comments »

Jodo jeung Sambel

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 15, 2008

imagesKu Nazzaruddin Azhar

Sok remen ngadéngé, baréto keur budak, cenah néangan pipamajikaneun téh kudu nu ngeunah nyambelna.
Ingetan uing mah mun ngadéngé kecap éta téh sok ras wé kana coét, mutu, jeung sambeleun sapuratina. Di pilemburan mah, heueuh, sambel téh éstuning piguran nu teu meunang absén pikeun marengan pamaén utama, nyaéta kéjo haneut jeung peda beureum atawa kéré jaér jeung sabangsana ti éta. Tangtuna gé kudu jeung lalabna. Tapi biasana mun uing, keur budak, milu nganteuran boh ka kebon boh ka sawah, tara dibawa ti imah lalabna mah. Tapi sok ngadadak ngala di tempat gawé. Teuing kumaha da, sainget asa rupa-rupa pisan nu kungsi dijieun lalab téh. Mun keur ngoyos kebon atawa ngoréd, nu remen kapanggih téh reundeu, jongé jeung sabangsaning “jujukutan” nu paroho deui ngaranna, nu jadi ku karepna kalayan teu matak weureu. Teuing kumaha da rupa-rupa pisan nu biasa dilalab di kebon téh. Pucuk daun nangka atawa cau réjang atah nu kakara eusian, can kolot pisan, sok rajeun jadi coél sambel. Ka alpuket-alpuket asak sok dijieun lalab. Édas. Éta mun keur ngagawéan kebon. Mun keur ngarambét atawa ngagemuk paré mah, biasana saladah atawa antanan nu sok jaradi na galengan sawah. Ari daun sampeu jeung daun gedang mah dibekel ti imah da kudu diseupan heula. Malah pan di buruan imah gé najan saeutik lahanna, mun nu boga imah rapékan sok nyieun wadah tina aseupan butut, ditihangan ku awi, dipelakan leunca, térong atawa lalab lianna. Baca tuluyan ieu tulisan »

Posted in Essay | 6 Comments »

Sorabi Tutung Biritna

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 15, 2008

surabiKu Hawé Setiawan

Unggal manggih sorabi sok ras ka Ma Iti. Sacisalak mah sigana hamo bireuk deui. Isuk kénéh téh geus diuk dina jojodog, nyanghareupan panyorabian, sisi jalan liliwatan. Kepah-kepoh niup songsong, gur seuneu ngaduruk suluh, peledug haseupna ngelun. Mani sok keukeureuceuman kawantu panonna teu weléh kahaseupan.
Kuring sok cingogo di dinya nungguan sorabi bari siduru. Kalan-kalan kasampak geus réa batur, kolot budak, lalaki awéwé. Bari nungguan téh mani sok resep ngabandungan kolot ngawangkong. Ngan sok rada keuheul upama aya nu mesen sorabi tepi ka sapuluh siki, da puguh citakanana ngan dua. Beuteung geus hayangeun dieusian, kari-kari kudu nungguan lila pisan. Na teu ngaraskeun teuing jelema téh nya?
Sawaréh mah nyarebutna téh lain sorabi, tapi surabi. Tipung kénéh-tipung kénéh. Tipung meunang nyaian tur nyipatian, dipurulukan uyah katut kalapa beunang nyiksikan. Cur adonan téh kana citakan tina taneuh porang, baruleud sagedé pisin. Kalan-kalan sok dioncoman, ngariung di tengah-tengah. Rup citakanana ditutupan, tayohna sangkan adonan teu kahaseupan. Ari panyorabianana, kitu baé tina taneuh porang deuih, winangun hawu leutik camperenik.
Sanggeus asak, sorabi téh dijajar-jajar dina lambaran daun cau. Sok ditumpukkeun, dua-dua. Biritna garing, tengah-tengahna bodas tur munuu. Harita mah sok resep nyewol nu munuuna bari ditiupan, col kana sambel, am dihuapkeun. Aya ku ngeunah bari jeung seuhah. Mun teu kitu sok dikincaan ngarah amis. Teu wudu matak seubeuh dua siki gé, itung-itung mumuluk baé. Baca tuluyan ieu tulisan »

Posted in Essay | 8 Comments »

Kalangenan Ngala Sasatoan

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 8, 2008

Ku Dang

papatong-1
Da taun 70-an mah tacan réa kaulinan barudak cara ayeuna. Kangaraning momobilan tina plastik gé teu sirikna pada ngaeuleuh-euleuh, matak hélok jeung pada nganggap minangka hal nu modél pisan. Éstuning jajauheun pisan kana kaulinan nu maké rémote control cara ayeuna, atawa maén playstation.
Kaharti, upama barudak jaman harita sok ngarasa sugema ku kaulinan momobilan nu ngahaja meunang nyieun tina kai. Atawa ngadu pangal jeung ngadu kaléci. Sed ti dinya ulin peperangan jeung pepedangan. Atawa gatrik jeung boy-boyan di buruan. Dina mangsana bulan purnama mah maké jeung kungsi ulin huhuian atawa galah sagala rupa. Resep baé. Bisa jadi duméh taya kaulinan séjén deui baé, atawa mémang harita nya kaulinan éta pisan nu populér di mamana téh.
Di pilemburan, di wewengkon Wanayasa Purwakarta, lian ti ulin nu cara tadi téh, maké jeung aya kaulinan ngala sasatoan sagala rupa. Lain, lain nguseup atawa ngurek ieu mah, tapi ngala papatong, légé, langir, jeung béwok. Duka kumaha, ku ulin ngala sasatoan kitu téh, barudak bangun nu kaeunteupan ku rasa suka anu pohara atawa rasa sugema anu nataku.

Ngala Papatong
papatong Nu disebut papatong téh aya opat rupa. Nu kahiji papatong biasa (nu mindeng kapanggih cara ayeuna, aya nu héjo belang, aya nu beureum, aya nu konéng atawa gading, aya ogé nu pulas paul), ukuranana méh sarua jeung cingir jelema déwasa. Ngapungna paling luhur aya kana tujuh méterna.
Nu kadua aya nu disebut papatong galabag, éta mah papatong gedé. Ukuranana sagedé jempol jelema déwasa. Wangun jeung rupana mah sarua baé cara papatong biasa. Pulasna ukur pulas paul baé. Ngapungna bisa leuwih luhur batan papatong biasa, atawa kira lima belas méteran. Éta baé, upama keur ngala cengkéh, sok katangén baé aya papatong galabag keur manting, sosoloyongan ka ditu-ka dieu.
Nu katilu papatong leutik. Wangun jeung rupana sarua deuih cara papatong biasa jeung papatong galabag. Ngan ukuranana baé leuwih leutik ti papatong biasa, méh sagedé panitih. Pulasna rupa-rupa, cara papatong biasa, aya anu pulas paul, beureum, konéng, gading, jeung héjo semu belang.
Ari nu kaopat, sok disebut papatong jarum baé. Duméh awakna rancunit sagedé jarum. Gedé lebah dadana jeung huluna baé. Nu disebut gedé méh saukuran jeung siki béas. Ngapungna tara luhur-luhur. Kétang rék luhur kumaha, da papatong jarum mah ilah bisa kapanggih ngapung dina beungeut cai. Sosoloyongan cara éngkang-éngkang. Bédana jeung éngkang-éngkang, papatong jarum mah henteu sosoloyongan dina cai.
Tah, ari nu sok diaala keur kaulinan mah nyaéta papatong biasa. Ngalana maké nyéré nu lebah congona ditaheunan geutah nangka nu aya dina congo nyéré téh sina antel kana buntut papatong. Bari nénéangan papatong téh sok bari dihariringan:

Tukincur tukung
papatong galabag
mere cau sapotong
mun embung dicokot deui

Baca tuluyan ieu tulisan »

Posted in Essay | 6 Comments »