Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Archive for the ‘Humor Kabayan’ Category

Abong Kabayan

Posted by bujanggamanik dina Oktober 16, 2008

Di Bank
Si Kabayan indit ka bank rék nabung. Barang nepi ka deukeut panto bank, aya kana dua tilu léngkah deui, panto téh ujug-ujug muka, padahal euweuh deui jelema. Atuh nu di jero euweuh nu kaluar deuih. Barang bray panto bank muka, rikat Si Kabayan luncat ka tukang bari pasang kuda-kuda. Basa luncat ka tukang, panto bank téh nutup deui. “Ah, siah anéh ieu mah panto téh, pasti aya nu nyicingan,” ceuk Si Kabayan bari biwirna kunyam-kunyem tuluy undur-unduran. Geus rada jauh ngan beretek wé lumpat. Nabungna teu tulus, pajarkeun téh bank éta mah aya jurigan.

Kabita
Si Kabayan megat tukang baso nu ngaliwat ka hareupeun imahna. Basa geus bérés meuli tuluy mayar, pok ngomong, “Mang, isukan mah ulah dagang!”
“Naha ku naon, Jang?” ceuk tukang baso panasaran.
“Ieu baso téh ngeunah. Isukan mah kuringna geus teu boga duit..Mun Emang dagang kuring pasti kabita,” ceuk Si Kabayan.
“Rék boga duit rék henteu lain urusan kuring!” Ceuk Si Emang bari ngadorong roda basona.

Aya Kahayang
Iteung: “Cik atuh Kabayan hirup téh sing aya kahayang cara batur!”
Kabayan: “Na da uing gé aya kahayang mah.”
Iteung: “Hayang naon ari manéh?”
Kabayan: “Hayang nyandung deuleu!”

Kadunyaan
Mbah Jambrong: “Hayang naon manéh téh Kabayan?”
Kabayan: “Nu mawi tebih-tebih abdi ka dieu téh taya sanes hoyong kadunyaan.”
Mbah Jambrong: “Namung aya saratna. Kahiji, kudu aya duit dua ratus rébu rupia. Kadua, sakur nu dibikeun ku Abah ka manéh kudu ditarima kalawan rido jeung iklas. Kumaha sanggup?”
Kabayan: “Sanggem, Abah. Tah ieu artosna, mangga nyanggakeun.”
Mbah Jambrong léos ka pangkéng, teu lila torojol deui bari angkaribung mawa kadu aya kana sapuluhna. “Tah, Kabayan lamun manéh hayang kadunyaan, ieu kabéh bawa balik. Kadé poho sarat nu kadua nu bieu ku abah diomongkeun téa.”
Kabayan balik bari kutuk gendeng. “Dasar dukun wadul! Aing dibéré kadu-nyaan, heueuh lain kado bobodoan!”

Teu ngeunah
Lamsijan: “Sisinarieun ngajentul bari manyun, pan sasari mah sok bari melenyun udud, kabayan?”
Kabayan: “Keur naon udud, teu ngeunah! Matak ngaruksak kaséhatan ceuk dokter ogé.”
Lamsijan: “Sukur wé ari geus éling mah. Satadina mah rék dibéré, déwék boga roko pangmahalna.”
Kabayan: “Nu bener? Cingan ngasaan sabatang mah!”
Lamsijan: “Cenah teu ngeunah?”
Kabayan: “Teu ngeunah sotéh mun digayem!”
Lamsijan: “Sugan téh heueuh geus éling.”

Dasar Kabayan
Di lembur Si Kabayan diayakeun kagiatan kerja bakti.
RT: “Jang Kabayan, hayu urang kerja bakti!”
Kabayan: “Mangga Pa RT, ké ieu pameng nuju nyeuseuh heula.”
Geus sababaraha jam Kabayan teu kaluar baé ti imahna. Pok RT ngajak deui, “Jang Kabayan, hayu urang tuang heula, bisi kaburu tariis geura.”
Kabayan (haget pisan): “Mangga Pa RT, ayeuna pisan abdi dongkap ka dinya.”
RT (bari ngagerendeng): “Dasar Kabayan, mani haripeut ari kana baranghakan mah!”

Blék
Kabayan: “Bener nya, basa Inggris jeung basa Sunda mah mani lalawanan pisan.”
Nolédnad: “Lalawanan kumaha?”
Kabayan: “Kecapna sarua tapi hartina mani béda pisan.”
Nolédnad: “Saperti kecap naon tah?”
Kabayan: “Kecap blék.”
Nolédnad: “Kumaha kitu?”
Kabayan: “Pan dina basa Inggris mah blék téh hartina hideung.”
Nolédnad: “Ari dina basa Sunda?”
Kabayan: “Dina basa Sunda mah blék téh hartina…bodas.”
Nolednad: “Ceuk saha blék hartina bodas?”
Kabayan: “Buktina, unggal uing ka warung meuli kurupuk blék, pasti ku tukang warung dibéré kururpuk bodas. Jadi jelas, blék téh hartina bodas!”

Tina Barakatak Manglé

Advertisements

Posted in Humor Kabayan | 4 Comments »

Kabayan, Aya-aya Waé

Posted by bujanggamanik dina Oktober 14, 2008

Ngadu
Kabayan: “Mang Lebé, ngadu naon anu kira-kirana teu ngabatalkeun puasa?”
Mang Lebé: “Kangaranan ngadu mah kabéh ogé matak ngabatalkeun puasa. Masing teu keur puasa ogé ngadu mah teu meunang deuleu!”
Kabayan: “Ari ceuk uing mah aya ngadu anu teu ngabatalkeun puasa.”
Mang Lebé: “Ngadu naon kitu?”
Kabayan: “Ngadu…ngadulag.”
Mang Lebé: “Ah bisa waé ilaing mah.”

Muput Reungit
Mitohana: “Kabayan, keur naon manéh téh cicing baé di kamar?”
Kabayan: “Nabuburit, Ma!”
Mitohana: “Ari éta naon anu ngebul?”
Kabayan: “Haseup, Ma!”
Mitohana: “Heueuh keur naon?”
Kabayan: “Keur muput reungit.”
Mitohana: “Naha haseupna bau roko?”
Kabayan: “Nya éta obat nyamukna béak, kapaksa wé muputna ku roko.”

Si Kabayan jadi Reporter
Si Kabayan jadi réporter radio, basa aya pertandingan antara Pérsebaya vs Pérsib taun 60-an jaman jayana Abdul Kadir (Pérsebaya) jeung Rukman (Pérsib). Si Kabayan dibaturan ku Lamsijan.
Si Kabayan: “Iyah saudara pendengar, Abdul kadir ngabecir, nyépak ti gigir, bola nepi ka muntir, atuh kiper kuat ka nyengir da bal ngadupak biwir, nepi ka ngadahdir….
Lamsijan: (Ngaharéwos): “Enggeus euy, watir!

Lieur
Harita Nyi Iteung rék solat lohor, geus maké mukena lengkep. Ngan palebah rék takbir pisan, telepon disada (ti Si Kabayan), tuluy Nyi Iteung lumpat ngangkat heula telepon.
Nyi Iteung: “Alloohuakbar!”
Si Kabayan ngahuleng, lieur kudu ngomong naon.

Paingan

Kabayan: “Éta mah euy, sakitu murag tina tangkal kalapa anu sakitu jangkungna, da teu nanaon atuh. Kalah jleng sakali, tuluyna mah gugulitikan.”
Asnaip: “Saha euy, mani kuatan kitu. Boga élmu meureun?”
Kabayan: “Ah, teu singna boga élmu.”
Asnaip: “Heueuh, saha éta té?”
Kabayan: “Kalapa.”

Teu Tulus Digawé
Kabayan téh ngalamar gawé ka hiji pabrik, keur diwawancara ku bagian personalia.
Kabag: ”Cing caritakeun, asal-ulsul anjeun téh ti mana, Kabayan!”
Kabayan: “Ari asal mah nya ti indung. Ngan cenah mah nu mimiti ngusulkeun téh…pun bapa!”
Kabag: “ Wayahna baé anjeun kudu ninggalkeun pabrik ayeuna kénéh!

Tina Barakatak Manglé

Posted in Humor Kabayan | 6 Comments »

Dasar Si Kabayan

Posted by bujanggamanik dina Séptémber 18, 2008

Wawuh Munding

Si Kabayan namu ka dulurna nu aya di Jakarta. Di imah éta dulurna panggih jeung babaturan dulurna anu sarua keur nyémah. Kawasna éta sémah lalaki téh urang Betawi, tuluy nanya ka Si Kabayan

Sémah: ”Apakah Abang kenal dengan yang namanya Bang Midun? Katanya sih rumahnya di sekitar sini.”

Bakat ku hayang diaanggap bisaan ngomong malayu Si Kabayan ngajawab, ”Kalow hapal betul sih kagak. Tapi kalow kenal kerbau mah iyah.” Maksud Si Kabayan mah ka Bang Midun téh ngan ukur wawuh munding.

Dasar Si Kabayan

Si Iteung: ”Kabayan, na enya manéh téh rék nyaah sarta satia ka kami?”

Si Kabayan: ”Puguh wé atuh, Teung.”

Si Iteung: ”Geuning kamari manéh ngabohong ka kami?”

Si Kabayan: ”Éh…ari manéh, atuh rék jeung saha deui urang silih pikanyaah, silih pikaasih, jeung silih…bohongan téh?”

Si Iteung: ”Dasar…!”

Tina Barakatak Manglé, No. 1834 & 1895

Posted in Humor Kabayan | 1 Comment »

Obat Manjur

Posted by bujanggamanik dina Juli 18, 2008

Ku Rukhmansyah

Aya sales datang ka imah Kabayan mawa rupa-rupa obat manjur nu dikemas dina botol, ti mimiti botol pangleutikna tepi ka botol panggedéna, sagedé botol kécap. Hiji-hiji hasiatna ditawarkeun jéntré pisan.

Sales: “Tah ieu nu botol alit, hasiatna kanggo nu gaduh panyawat sesak napas, asma, sulit bicara.”

Kabayan: “Ari nu ieu?”

Sales: “Obat nu ieu kanggo nu gaduh panyawat gagal jantung, gagal ginjal, gagal panén, darah tinggi, darah rendah!” Ampir kabéh ditataan. Aya obat ngalindur, obat anti kérék, borangan, pangedulan, barangasan, gedé ambek, sasangkleng, gedebul, gedé hulu, gembul, pikun, pohoan, tapi can aya tanda-tanda Kabayan rék meuli, kalah nanya deui.

Kabayan: “Cik…, ari nu na botol naon hasiatna Cép?”

Sales, bari teu tetep sabar: “Tah nu botol ageung ieu mah kanggo nu gaduh panyawat sesah kulem, dada berdebar-debar, kukurayeun bulu punduk, sareng traumatis ku nu nagih. Dileueutna sakaligus tengah wengi, teras botolna dibabukkeun kana mastaka Bapa dugi ka peupeus!”

Tina Manglé, No. 2178

Posted in Humor Kabayan | 10 Comments »