Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Bulan Puasa di Lembur

Posted by bujanggamanik dina Agustus 21, 2008

Ku Asép Ruhimat

Bulan puasa téh pohara dianti-antina, komo keur barudak di lembur mah. Atuh komo lebaran, weu, puseurna kabagjaan. Kitu deui anu kaalaman ku kuring harita mangsa keur budak, loba kalangenan bulan puasa anu matak waas, hésé dipopohokeunana. Bisa jadi keur barudak ayeuna mah bulan puasa téh taya bédana jeung bulan-bulan biasa.

Aya sawatara kabiasaan barudak lembur dina bulan puasa, nyanghareupan lebaran, jeung mangsana lebaran. Bisa jadi kiwari gé masih aya, tapi méh teu jadi hal anu istiméwa. Di antarana waé kuramas, ngabuburit, tarawéh tanggal lilikuran, abring-abringan subuh, nganteurkeun rantang, mecak baju anyar, jeung ngumpul-ngumpulkeun peresénan buruh tamat puasa. Geura urang dadarkeun.

Kuramas

    Bulan puasa téh baheula mah sakola ogé pakanci sabulan campleng. Atuh waktu sabulan téh tara ieuh dipaké diajar, paling ogé ngaji di madrasah. Ari mangsana munggah, piisukaneun puasa, ulin téh sok tara kebat. Da Ema ngomat-ngomatan, kadé poho kuramas, cenah.

    Lantaran inget kana cariosan Ema téa, atuh ulin téh tara jauh. Enya, paling gé milu ngalintar di balong, atawa milu néwakan lauk dina balong anu ngahaja dibedahkeun. Di lembur mah puguh wé obyag kacida munggah téh. Tah, mangsana lohor, kuring jeung babaturan sok terus kuramas, tampolana silih kasay ku daun calingcing. Kuramas téh geus maranti dina padasan atawa di balong Aki Lebé nu aya tajugan upama kabeneran teu dibedahkeun.

    Bulan puasa téh karasa naker istiméwana, sarung hapeuk gé sok ngahaja ku Ema diseuseuhan heula jang engké peuting tarawéh. Malah kungsi sakali mangsa kuring poho waktu mandi teu kuramas. Teu ngingetkeun tiris, harita kénéh, magrib-magrib ngahaja mandi deui. Wayahna cék Ema, pan énjing badé saum. Kuring unggeuk bari ngahodhod.

    __________________________________________________________________________________________________

    Ngabuburit

      Sanajan waktu mah angger, teu ngagancangan teu ngendoran, tapi ari keur puasa mah sok ngadak-ngadak asa lila. Seug komo upama mangrib diarep-arep bari ngajentul di imah, kabina-bina keselna. Beuki tambah ripuh puasa téh upama selengseng seungit pasakan anu jolna ti dapur. Tah upama kuring geus kusang-kaséngan, Ema sok ngajurung malar ngabuburit. Atawa, mun embung ingkah, Ema sok miwarang ngaganjel beuteung ku bantal bari nangkuban. Lumayan aya karasana, teu seueul teuing angen téh.

      Jaman kuring keur budak, di lembur, ngabuburit téh béda jeung budak ayeuna di kota. Enya, geuning barudak kota mah nu katénjo téh ngagimbung di tempat PS (playstation) atawa di tempat dingdong anu ilaharna ngahiji jeung bilyar. Tah, barudak lembur mah ngabuburit téh éstuning jarambah; ngurek, nawu kulah, morog manuk, tampolana ngadon ngondol hui. Enyaan teu karasa nyérélékna waktu téh. Ti lohor ka asar asa sakeudeung jeung teu karasa lapar deuih. Atuh geus karuhan ti asar ka magrib mah asa nyérélék pisan bubuhan sok terus ngaji ka madrasah.

      Tétéla kabiasaan ngabuburit téh karasa mangpaatna, da najan sakumaha resep ulin gé tara tepi ka kalalanjoan. Anu karasa ku kuring harita, Ema kacida setréngna dina urusan salat jeung ngaji mah (Hanca)

      Tina Sambel Jaér karya Drs. Asép Ruhimat

      14 Balesan to “Bulan Puasa di Lembur”

      1. Roban said

        Aduh,asa hayang mulang ka lembur atuh Teh!

      2. Mangga atuh, geura mudik ka lembur. Di mana lemburna?

      3. kang eka said

        Ngabuburit nu matak batal teh diantawisna, maen karambol bari nuang kuaci…

        Sakedap deui sasih siam nya teh, wilujengnya teh….
        mangga diantos sinda ka http://www.buncir.blogspot.com

      4. Muhun sakedap deui sasih saum. Kedah tamat nya saumna Ayi Eka, ngarah dipangmeserkeun acuk lebaran ku mamahna. Waktos nyerat ieu komentar, abdi tos nyobian nganjang ka buncir blogspot. Waw…keren abiez…top…top…top pokona mah…

      5. Roban said

        Lembur abdi mah di gunung Teh!
        Ti Sumedang kota jarak tempuhna kirang langkung sa jam.

      6. Pribumi said

        Naha da sami, lembur kabogoh abdi oge di Sumedang da, di Situraja.

      7. Roban said

        Abdi mah ti Jatinunggal,pecahan kacamatan Wado.
        Sumedang panungtungan Teh!

      8. Tapi resep Ayi Roban, aya tempat paranti mudik. Da upami boboran hantem kukulibekan di kota mah bosen. Urang kota aslina oge sok kabitaeun ku nu garaduh lembur teh, paralay marudik cenah.

      9. Roban said

        Muhun Teh!

        Teteh sok mudik ka Situraja atawa ka Limbangan?!

      10. pribumi said

        Seseringna mah ka Situraja, Yi. Da di Limbangan mah tos teu aya sasaha.

      11. Roban said

        Situraja na leresan mana Teh?!

      12. Siturajana leresan Corenda, caket jalan nu bade ka Wado, Ayi Roban.

      13. Roban said

        Ooh….!!
        Tos caket atuh ka lembur abdi eta mah!

      14. achmad kadarsah said

        Mani resep maosna sae lah

      Kantunkeun Balesan

      Fill in your details below or click an icon to log in:

      WordPress.com Logo

      You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

      Twitter picture

      You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

      Facebook photo

      You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

      Google+ photo

      You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

      Connecting to %s

       
      %d bloggers like this: