Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Dongéng Santri Bodo

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 29, 2008

imagesAya santri pohara beletna. Nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrén, can ngalaman hatam Alqur’an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Alqur’an, jampé solat ogé ukur baé bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pangpinterna. Kabéjakeun kaanggo ku Ajengan sagala.
Loba babaturanana nu geus baroga pasantrén sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Ari manéhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa éra sorangan. Éra ku sasama santri, éra ku Ajengan.
Tina geus teu kuat nahan kaéra, hiji poé manéhna nepungan Ajengan di bumina. Maksudna rék terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita, “Ajengan abdi seja amitan, badé mulang ka lembur,” cenah.
“Mulang téh mulang kumaha, apan lain waktuna peré?” témbal Ajengan.
“Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrén. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrén, teu aya pisan kamajengan.”
Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah terus ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, cenah. Aya nu gancang bisa nagkep pangajaranana, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakara manéhna ngarti.
“Ulah, manéh ulah mulang, mending balik deui ka pondok. Hég diajar leuwih rajin!” saurna deui.
Tapi manéhna keukeuh ménta diidinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantrén, mending sagawé-gawé di lembur. Diajar néangan pangupa jiwa.
Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon-naon.
“Rék iraha manéh mulang, apan ayeuna mah geus burit?”
“Badé énjing saatosna solat subuh,” cenah, teu poho ménta didungakeun.
Isukna, rebun-rebun pisan manéhna ninggalkeun pasantrén. Ti pasantrén ka leburna téh, lilana kira-kira sapoé. Sajaba ti éta kudu ngaliwatan leuweung, ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas walungan. Tengah poé kakara meunang satengahna pasir. Hartina satengah poé deui, kakara nepi ka lemburna.
Lantaran ngarasa capé, Ki Santri eureun heula niat reureuh. Gék diuk handapeun tangkal kai. Kaayaan di sakurilingeunana kacida tiiseunana. Nu kadéngé téh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna cikaracak. Tapi, ku sabab capé, guher manéhna saré tibra pisan.
Hudang-hudang beuteungna ngarasa lapar. Rét ka luhur, panonpoé mimiti déngdék ngulon. Kop kana bekel bawana. Réngsé dahar tuluy beberesih, nginum sakalian wudu tina solokan leutik, teu jauh ti tempat manéhna reureuh. Bérés wudu, terus solat lohor luhureun batu lémpar.
Tah, waktu manéhna solat, sora cai nyakclak kadéngéna beuki jelas. Clak…clak…clak…, cenah, siga meunang ngatur. Méh baé solatna batal.
Tutas solat, panasaran hayang nyaho asalna sora. Sabada ditéangan, bréh … katénjo, cai tina sela-sela batu, ngarayap mapay aakaran, méméh ragrag ninggang batu lémpar.
Ieu geuning asal datangna sora téh, gerentesna.. Ngan édas mani siga beunang ngatur. Sora rag-ragna ngalagu, sarta angger wirahmana. Persis sora tik-tekna jarum jam. Kalakuan cai ku manéhna terus diperhatikeun. Ti mimiti barijil tina sela-sela batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak ragrag kana batu téa.
Ana diteges-teges, geuning batu anu kacakclakan cai téh nepi ka legokna. Hég ku manéhna dipikiran, batu sakitu teuasna bisa legok ukur karagragan cikaracak. Pasti lain waktu sakeudeung-sakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh taun.
Heueuh ari leukeun jeung sabar mah, cai nu ukur sakeclak-sakeclak, bisa ngalegokan batu nu sakitu teuasna. Naha ari aing…, tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pédah diajar ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa éléh. Nepi ka milih balik ka lembur, ti batan diajar leuwih soson-soson.
Harita kénéh manéhna ngagidig seja balik deui ka pasantrén. Dina jero haténa jangji rék leuwih rajin diajar. Cenah éta boga uteuk kacida beletna, rék nurutan laku cai. Teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teu bisa kénéh, matak naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah laun-laun kataékan.
Kajurung ku sumanget rék diajar leuwih getol, leumpangna satengah lumpat. Atuh méméh magrib téh geus datang deui ka pasantrén. Rasa éra duméh geus amitan balik deui, buru-buru disingkirkeun.
“Aéh, geuning ilaing?” Ajengan kagét nénjo santrina balik deui.
“Leres, abdi Ajengan,” cenah.
Méméh Ajengan naros papanjangan, leuwih ti heula manéhna ngadadarkeun lalakonna. Nyaéta manggihan cikaracak, ragrag nyakclak ninggang batu, nepi ka éta batu jadi legok.
“Piraku abdi, manusa, kudu éléh ku cai jeung batu,” cenah ka Ajengan.
Ku sabab diajarna leuwih enya-enya, sakitu taun ti harita, masantrénna teu burung tamat. Kabéjakeun éta santri belet téh nepi ka boga pasantrén gedé, sarta sohor ajengan luhung élmuna.

Tina Pamager Basa X, Karya Drs. Taufik Faturahman, spk.

15 Balesan to “Dongéng Santri Bodo”

  1. jenuh euyyyy cicing dihutan mahhhh, aduh teh kumaha damang???

  2. Upami parantos mulih ka sarakan, cobi serat pangalamanana dina blog nya, kumaha situasi di leuweung teh. Wah…pasti rame nya Ang.

  3. aku toz tiasa basa sunda

  4. Ku leukeun mah pasti pareng, cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok. Sanes kitu nya bu? Saneees!

  5. Pribumi said

    Waleran kanggo Gajahkurus: Ah Si Ayi mah, meni hayang nakol ku buku “Maryamah Karpov”!!

    Waleran kanggo Rambo: Nuhun atuh ari tos pinter nyarios Sunda mah, ngiring bingah.

  6. ghilman hi said

    Nuju masantren kapungkur, lalakon “cikaracak ninggang batu” sok dipapatahkeun ku ajengan ka barudak santri. Disebatkeun nu ngalamanana ge, nyaeta nu katelah Ibnu Hajar (Putra Batu) nu kasohor dina dunya paelmuan Islam. Duka Ibnu Hajar Asqalani nu nyusun kitab komentar hadis Imam Bukhori “Fatul Bari”, duka Ibnu Hajar al Haitami nu nyusun kitab fikih “Nihayatul Muhtaj”. Duanana jumeneng abad 13-14 asana.
    KU santri baong mah sok dipelesetkeun, cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Anu pecak nyeri huntu, ditungtun bari dicabok. Ah dasar santri baong, aya-aya bae

  7. Pribumi. said

    Saderek Ghilman, hatur nuhun kana kasumpinganana. Abdi peryogi pisan ku komentar-komentar sapertos kieu, nambihan wawasan ka nu ngageugeuh ieu blog. Diantos komentar salajengna!

  8. Kants masantren mung tiasa ngaliwet hungkul,nmtk pm nj ngaronda sok k peto jd juru liwet

  9. budi said

    sugan jadi bahan acuan kanggo urang sadayana, ari ku leukeun mah, nanaon oge akhirna bakal kenging hasilna, nuhun carponna sae pisan

  10. Excellent blog you have here but I was wanting to know if you knew of any user discussion forums
    that cover the same topics talked about in this article?
    I’d really love to be a part of online community where I can get responses from other experienced people that share the same interest. If you have any suggestions, please let me know. Bless you!

  11. Tsandi bau pizun

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: