Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Jodo jeung Sambel

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 15, 2008

imagesKu Nazzaruddin Azhar

Sok remen ngadéngé, baréto keur budak, cenah néangan pipamajikaneun téh kudu nu ngeunah nyambelna.
Ingetan uing mah mun ngadéngé kecap éta téh sok ras wé kana coét, mutu, jeung sambeleun sapuratina. Di pilemburan mah, heueuh, sambel téh éstuning piguran nu teu meunang absén pikeun marengan pamaén utama, nyaéta kéjo haneut jeung peda beureum atawa kéré jaér jeung sabangsana ti éta. Tangtuna gé kudu jeung lalabna. Tapi biasana mun uing, keur budak, milu nganteuran boh ka kebon boh ka sawah, tara dibawa ti imah lalabna mah. Tapi sok ngadadak ngala di tempat gawé. Teuing kumaha da, sainget asa rupa-rupa pisan nu kungsi dijieun lalab téh. Mun keur ngoyos kebon atawa ngoréd, nu remen kapanggih téh reundeu, jongé jeung sabangsaning “jujukutan” nu paroho deui ngaranna, nu jadi ku karepna kalayan teu matak weureu. Teuing kumaha da rupa-rupa pisan nu biasa dilalab di kebon téh. Pucuk daun nangka atawa cau réjang atah nu kakara eusian, can kolot pisan, sok rajeun jadi coél sambel. Ka alpuket-alpuket asak sok dijieun lalab. Édas. Éta mun keur ngagawéan kebon. Mun keur ngarambét atawa ngagemuk paré mah, biasana saladah atawa antanan nu sok jaradi na galengan sawah. Ari daun sampeu jeung daun gedang mah dibekel ti imah da kudu diseupan heula. Malah pan di buruan imah gé najan saeutik lahanna, mun nu boga imah rapékan sok nyieun wadah tina aseupan butut, ditihangan ku awi, dipelakan leunca, térong atawa lalab lianna.
Éstu tara susah, mun hayang migawé saran ti Pa Unus Suriawiria dina raraga “tuang lalab” téa.
Sambelna deuih rupa-rupa. Sambel tarasi, sambel cikur, sambel oncom, sambel suuk, sambel kelewek, sambel kécap, sambel petis, sambel tomat, jrrd. Disaluyukeun jeung rupaning lalab nu rék disanghareupan. Malah pan mun di dapur ukur aya uyah jeung céngék, jadi sambel goang. Tétéla sambel téh geus dalit pisan jeung seléra urang Sunda, utamana nu hirup di pilemburan.
Jadi imajinasi téh ukur tepi ka dinya mun ngadéngé kolot nyarita kitu téh. Biasana ka anakna nu lalaki nu geus begér. Malah sakapeung sok aya tuluyna na pikiran, meureun jiga emang uing atawa Bi Nining tukang warung nu mémang pinter nyambelna, nu kudu ditéangan keur pipamajikaneun téh.

***

Rada ka béh dieu, sanggeus rada sur-ser hayang geura boga batur hirup, kapikir deui tah kekecapan kolot baheula téh. Nya kolot baheula, da kolot ayeuna mah sok sahinasna, tara ieuh nyarita ku kalimah nu boga harti rangkepan jiga kitu. Arang langka dina ayana gé.
Nu ngeunah nyambelna cenah. Ras ka anak tukang nasi padang, kana sambelna. Lain. Teu pas jeung létah sambel éta mah. Atawa jiga sambel “ceurikna” warung Cibiuk kitu? Nu kungsi medalkeun cipanon uing alatan ku ladana? Ras ka pagawéna. Lain, deuih.
Sambel. Ahirna itu lain ieu lain. Nu tétéla mah, lain sasambel-sambelna, jigana. Bet piraku kolot baheula nyarita pangangguran pisan, urusan jodo bet dikual-kaélkeun jeung sambel!
Lat wé poho. Teu kungsi tatanya ka batur deuih, da ceuk angkeuhan urusan hirup di saluareun sambel gé tétéla leuwih matak seuhah karasana. Réa masalah nu kudu leuwih daria ngayonanana. Malah tepi ka prukna pisan kurenan, teu inget saeutik-eutik acan tah kana perkara éta téh. Nu tétéla mah jodo diatur ku Gusti. Peun.
Lalakon nu remen kabaca na carpon, novél, sarta katénjo dina pilem jeung sinétron, kaalaman. Lalakon nu kurenan, nu pajah sok biasa aya pacogrégan. Bungbu rumah tangga téa. Rupa-rupa pasualan boh nu dijajadikeun, boh kajadian nu teu kahaja alatan can hatam maca watek séwang-séwangan. Malah sakapeung pan sok rajeun mikir nu lain-lain mun tas ngalakonan adegan melodrama kitu téh. Ngan hiji waktu, nu “lain-lain” téh brasna kana…sambel téa.
Pasipatan awéwé nu rajeun sok kuraweud haseum, nu sok témbong imut manis, nu sakapeung matak rungsing jeung aral, nu sok…ah, jeung réa-réa deui pokona mah, nu ahirna mah angger wé geuning matak nineung, nineung nu sok nyangkéh léngkah mapayan ramat kanyaah téa (diwawaas yeuh kalimah téh). Jigana lebah dieu keunana babasan kolot yén pipamajikaneun kudu ngeunah sambelna téh.
Nyaéta, nu pinter ngolah sagala rupa suasana batin jeung pikiran sangkan jadi hiji ménu nu matak deudeuieun alatan rasana nu pelem jeung pédo élom! Kumaha wé sambel, dina matak seuhahna gé tepi ka pokna sumpah pajar kapok ngadaharna, lah angger wé geuning isuk géto ngadahar deui ari geus leungit ladana mah. Kudu kitu meureun. Kudu nu matak nineung sagala rupana. Rék nu ladana, nu amisna, nu haseumna, nu asinna, malah nu bauna pisan jiga bauna tarasi, ari dipopolahkeun ku nu bisa mah geuning matak mindo, matak poho kana diét. Pagawéan nu jiga énténg tapi bangga tangtuna gé, mun éta perkara dilarapkeun kana rasa jeung suasana hate, kana harti nu leuwih jembar dina ngalakonan hirup enggoning ngawangun rumah tangga nu weweg pageuh. Da nu bisa ngolah rasa téh meureun, wanoja nu geus sawawa, nu koloteun pikiranana, nu percéka, nu bisa ngadumaniskeun tiap bab kahirupan rumah tangga katut konplikna sangkan jadi hiji lalakon nu mulus banglus tepi ka tungtung carita.
Heueuh abong kolot baheula. Nyarita téh teu weléh maké “seni”.

Tina Cupumanik Nomer 11

6 Balesan to “Jodo jeung Sambel”

  1. Kutan kitu pilosopina teh?

  2. Pribumi said

    Sumuhun kitu, saur kang Nazar mah Yi.

  3. sangiang said

    malah dilembur simkuring mah teh mun nuju dikebon sok ngala lalab pucuk daun jambu mede…
    padahal rada kesed tapi cenah mah raos wehhh.

    emang saur urang jawa mah urang sunda teh camarakan pisan,

    mun dijawa mah sok pada naros naha cenah urang sundamah resep kana dadaunan atah, sapertos daun lalab gedang.

  4. Cacak Mun urang Jawa terangeun nya Ang, yen lalab-lalaban teh boh nu atah boh nu asak ngandung vitamin sareng rupi-rupi hasiat, meureun bakal nurutan.

  5. @Bujanggamanik
    Kaleresan pun bojo (urang Jawa) sedep pisan kana lalan-lalaban, boh nu atah kantenan nu asak mah🙂 Favoritna kana paria, leunca, terong, daun surawung, duan sampeu, sareng saladah. Dicocol kana sambel tarasi atanapi sambel oncom saurna raos pisan. Kantenan aya tutug oncom mah hehehe.

  6. pribumi said

    Kapan Ayi Nur mah tos kaismeuan ku urang Sunda (carogena). Malih langkung-langkung ti abdi geuning sedep lalabna. Hebat.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: