Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Putri Subang Larang

Posted by bujanggamanik dina Pébruari 14, 2009

istana

Kacaturkeun dina hiji waktu Prabu Siliwangi nyaur Patih Tambirasa jeung Paman Lèngsèr, dua jalma anu dipikolot di Karajaan Pajajaran. Teu lila duanana tuluy tingtorojol nyampeurkeun. Gèk dariuk semu ajrih hareupeun Sang Prabu.

“Paman Patih,” ceuk Prabu.

“Kaula nun, Gusti Prabu. Aya pikersaeun naon?” tèmbal Patih Tambirasa.

“Aya nu hayang ditepikeun ka Paman tèh. Ceuk selenting bèja, di Karawang aya hiji guru anu ngadegkeun pasantrèn sarta nyebarkeun agama anyar. Éta guru tèh ngaranna cenah Syèh Kuro, asalna ti nagri Campa. Naha Paman geus apal?

Ngadèngè Sang Prabu nanya kitu, Patih Tambirasa pohara reuwasna. Kakara harita manèhna ngadèngè èta bèja tèh. Nu matak Ki Patih ngeluk baè, ngarasa èra pèdah asa kacolongan, kapiheulaan terang ku Sang Prabu ngeunaan kaayaan di nagri Pajajaran.

“Hampura, Paman geus talobèh, Gusti Prabu! Kakara ayeuna Paman ngadèngè èta bèja tèh,” cèk Ki Patih bari acong-acongan.

“Sugan Paman Lèngsèr mah geus apal?” Sang Prabu nanya ka Paman Lèngsèr.

“Henteu, Gusti Prabu! Tong boro Paman, Ki Patih gè geuning teu uningaeun.”

“Lamun kitu urang geus kacolongan, Paman!” cèk Sang Prabu deui.

Ngadèngè kitu Patih Tambirasa beuki ngeluk baè. Laun-laun tuluy timbul amarahna. Ambek ka Syèh Kuro anu geus sagawayah ngadegkeun pasantrèn kalawan henteu mènta idin heula ka karajaan. Cong Ki Patih nyembah, tuluy pokna:

“Gusti Prabu, Paman mènta idin, rèk nyerek èta Syèh!”

“Sabar heula, Paman, ulah rusuh kabawa ku napsu,” cèk Sang Prabu halon. “Kudu inget yèn nagara urang mah henteu ngahalang-halang sing saha baè anu ngadon bubuara di dieu.”

“Leres lebah dinyana mah, Gusti Prabu! Tapi satungtung èta jalma tèh henteu nyusahkeun ka urang. Ari Syèh Kuro apan tètèla rèk nyieun bibit pacèngkadan. Manèhna nyebarkeun agama anyar. Rahayat Pajajaran tangtu bakal kabagi dua, anu milu ngagem agama anyar jeung anu henteu.”

Sakedapan Sang Prabu jempling teu nèmbal. Teu lila pok ngalahir, “Tapi Paman, agama mah apan urusan kayakinan. Moal bisa dipaksa ku saha baè.”

“Leres pisan, Gusti Prabu.”

Enya, lamun kitu urang antepkeun baè heula. Engkè lamun geus ngabarubahkeun katengtreman rahayat, kakara urang singkirkeun.”

Sang Prabu ngahuleng deui sawatara lila. Paman Patih jeung Paman Lèngsèr nya kitu deui pada-pada jempling, bangun keur dirungkup kabingung.

“Ceuk bèja èta Ki Syèh tèh boga santri awèwè anu kacida geulisna, Paman,” ceuk Sang Prabu. “Nyi Mas Subang Larang cenah ngaranna, putri Ki Gèdèng Tapa, Raja Singapura. Kaula hayang ngabuktikeun bener henteuna èta bèja, Paman.”

Paman Lèngsèr geuwat mairan:

“Ku Paman geus kateguh, kumaha pamaksudan Gusti Prabu. Lamun kitu, Paman rèk geuwat ngajugjug ka ditu.”

“Sukur ari geus kaharti ku Paman Lèngsèr mah,” cèk Gusti Prabu bari seuri bangun bagja. “Jung baè Paman geura indit ka ditu. Lamun èta bèja teu nyalahan, tepikeun baè pamaksudan kaula ka Syèh Kuro, yèn Nyi Putri Subang Larang rèk dijadikeun pramèswari ku kaula, raja Pajajaran.

“Sumangga, Gusti Prabu. Ayeuna kènèh Paman rèk miang,” tèmbal Paman lèngsèr bari cong nyembah pamitan.

Teu kacatur di jalanna, Paman Lèngsèr geus tepi ka tempat anu dijugjug, nyaèta pasantrèn Syèh Kuro di Karawang. Geuwat baè manèhna asup ka pakarangan pasantrèn. Sakedapan mah manèhna colohok baè, hèlok nènjo kaayaan di sabudeureunana. Éta pasantrèn tèh pohara raresikna. Di pakarangan aya taman nu pinuh ku kekembangan. Jalan laleutik nu diampar ku batu karikil but-bat ka ditu ka dieu. Tatangkalan tingkuyupuk. Tangkal buah jeung jambu keur meujeuhna meuhpeuy. Gigireun masjid aya balong nu caina canèmbrang hèrang. Ti dinya, ti lebah masjid, ku Paman lèngsèr kadèngè sora nu keur ngalaong ngaraji Qur’an.

Basa Paman Lèngsèr nènjo ka lebah taman, hatèna ngalenyap. Geuwat baè manèhna nyumput ka lebah tangkal buah. Sidik pisan ku manèhna katènjo, di taman tèh aya mojang keur anteng ngambung kekembangan. Kakara harita Paman Lèngsèr ningal awèwè nu kacida geulisna. Beungeutna ngadaun seureuh, kulitna hèjo carulang, panonna ngènclong cahayaan.

“Moal salah, nya ieu Nyi Putri Subang Larang tèh,” gerentes Paman Lèngsèr. Sawatara lila manèhna ngan ngajanteng baè neges-neges Nyi Putri ti kaanggangan.

“Sampurasun!” ceuk Paman Lèngsèr.

“Saha? Bagèa! Ka dieu baè, ka jero!” tèmbal pribumi bari mukakeun panto.

Paman Lèngsèr dibagèakeun ku Syèh Kuro. Gèk duanana dariuk di patengahan.

Barabat Paman Lèngsèr nyaritakeun pamaksudanana. Manèhna datang jauh-jauh ti puseur nagara tèh lantaran ngemban amanat Sang Prabu. Maksudna rèk mènta tanggung jawab Syèh Kuro, lantaran dianggap teu ngajènan ka karajaan. Ngadegkeun pasantrèn sarta nyebarkeun agama anyar kalawan henteu mènta idin heula ka karajaan.

“Naha Ki Guru bet henteu mènta idin heula ka Prabu Siliwangi anu kumawasa di ieu nagri?” cèk Paman Lèngsèr. Ditanya kitu Syèh Kuro ngabigeu baè teu bisa nèmbal.

“Naha ku Ki Guru henteu kasawang kumaha balukarna? Rahayat Pajajaran bakal harènghèng lantaran ayana agama anyar anu disebarkeun ku Ki Guru.”Ditanya kitu Syèh Kuro ngahuleng baè sawatara lila. Tuluy nyarita halon, pokna: “Kaula mah henteu maksa ka sasaha ogè. Anu daèk ngagem Agama Islam sukur, anu henteu mah tara diharu biru.”

“Keur dina henteu maksana ogè tetep baè ngabarubahkeun katengtreman rahayat. Ki Guru! Naha Ki Guru henteu ngarasa salah?”

“Enya lebah ngadegkeun pasantrèn mah kaula teu bèbèja ka karajaan. Kaula rumasa dosa.”

“Lamun rumasa salah, naon anu rèk dipilampah ku Ki Guru?”

“Kaula mènta dihampura. Lamun henteu ditampa, kaula sanggup narima hukuman ti Sang Prabu.”

”Ari Ki Guru kungsi ngadèngè bèja kumaha adil jeung wijaksana Prabu Siliwangi?”

“Kaula geus terang. Malah geus ngadèngè bèjana waktu kaula keur di Nagara Campa kènèh. Prabu Siliwangi kamashur tepi ka nagara kaula. Ceuk bèja, anjeunna raja nu adil tur wijaksana, nyaah jeung towèksa ka rahayatna. Raja nu gagah tur èlmuna sakti taya tanding.”

Syèh Kuro muji-muji kapunjulan Prabu Siliwangi.

Ngadèngè pamuji kitu, Paman lèngsèr rebèh awahing ku ngarasa bungah. Asa dirina baè nu keur dipuji tèh. Pok anjeunna ngalahir, “Bener pisan Ki Guru, Sang Prabu tèh raja anu wijaksana jeung gedè hampura ka rahayatna. Ki Guru ogè saenyana geus dihampura, sarta moal rèk dihalang-halang pikeun nyebarkeun agama anyar.”

“Euh, bungah pisan atuh kaula lamun kitu mah. Ki Lèngsèr,” tèmbal Syèh Kuro.

“Tapi Ki Guru ulah waka atoh, lantaran aya pamènta Sang Prabu,” cèk Paman Lèngsèr.

“Aya pamènta? Cing kumaha pamèntana, ku kaula moal burung ditedunan, Ki lèngsèr.”

“Sang Prabu aya maksud rèk ngajungjung Nyi Putri Subang Larang pikeun dijadikeun pramèswari di karaton,” cèk Paman Lèngsèr tandes.

Ngadèngè pamaksudan Sang Prabu kitu, jep baè Syèh Kuro jempè teu nèmbal deui. Manèhna ujug-ujug asa dirungkup kabingung. Puguh salila ieu geus loba pisan raja-raja anu ngalamar Nyi Putri tèh. Ngan hiji ogè taya nu sanggup nedunan pamènta Nyi Putri.

“Sanajan enya Nyi Putri tèh murid kaula, lebah dieu mah kaula teu bisa nampa atawa nolak lamaran Sang Prabu,” cèk Syèh Kuro laun, “Leuwih hadè talèk baè jinisna ku Ki Lèngsèr.”

“Enya atuh, urang talèk baè lamun kitu mah,” tèmbal Paman Lèngsèr.

Syèh Kuro tuluy ngalèos rèk ngagentraan Nyi Putri. Teu lila ogè Nyi Putri Subang Larang geus norojol.

Pok paman Lèngsèr ngedalkeun pamaksudanana. Manèhna ngahaja nepungan tèh lantaran diutus ku Sang Prabu pikeun nepikeun lamaran ka Nyi Putri.

“Endèn tèh rèk meunang kabagjaan. Rèk dijenengkeun pramèswari ku Sang Prabu,” cèk Paman Lèngsèr ka Nyi Putri. “Tada teuing bagjaeunana Sang Prabu, lamun utusanana mulang deui ka karaton, bari mawa bèja pikabungaheun. Cik kumaha ceuk Endèn Putri?”

Jempling sakedapan. Nyi Putri ngeluk baè henteu waka nèmbal.

“Bagja pisan kaula ngadèngèna, Paman Lèngsèr,” Nyi Putri ahirna nyarita halon. “Saha jalmana anu teu ngarasa bagja dilamar ku Prabu Siliwangi anu kamashur. Ngan hampura, kaula moal bisa mutuskeun ayeuna. Kaula hayang patepung langsung sareng Sang Prabu. Kaula nganti Sang Prabu sumping ka dieu, sok sanajan tempatna batan sakieu.”

“Tobat, Endèn… lamun kitu kapalay Endèn Putri, ku Paman rèk ditepikeun,” tèmbal Paman Lèngsèr semu jigrah.

Sanggeus rèngsè ngawangkong, Paman Lèngsèr tuluy pamitan, rèk mulang deui ka Pakuan Pajajaran.

Kocapkeun Prabu Siliwangi, sanggeus tepung jeung Nyi Putri Subang Larang, gawèna ngan hulang-huleng bangun èwuh pipikiran. Sapangeusi karaton milu nguyung. Para prajurit, ponggawa, katut pangagung karajaan milu hariwang mireungeuh Sang Prabu terus nguyung beurang peuting.

Hiji waktu Patih Tambirasa nepungan.

“Gusti Prabu, rahayat Pajajaran milu kingkin prihatin, mireungeuh Gusti Prabu bangun nguyung. Aya naon saleresna, Gusti Prabu?”

Sang Prabu jempling baè. Teuteupna semu malaweung ka jauhna.

“Sakumaha rahayat rèk nandonkeun jiwa ragana pikeun kabagjaan Gusti Prabu. Aya perkara naon tepi ka Gusti Prabu haleungheum samagaha pikir?”

Sanggeus mindel sawatara lila, pok ahirna Sang Prabu nyarita halon.

“Puguh baè matak samagaha pikir mah, Paman. Kaula tèh bingung kaliwat saking.” Reg Sang Prabu ngarandeg heula bangun hayang ngawahan.

“Basa kaula nepungan Nyi Putri Subang Larang tèa, manèhna ku kaula ditalèk naon maksudna hayang patepung jeung kaula tèh. Bisi aya pamènta pok geura kedalkeun. Naha hayang emas raranggeuyan atawa inten berlian sakarung, moal burung ditedunan. Kumaha èta Nyi Putri ngajawabna, Paman? Beurang atawa peuting cenah kaula daèk dipigarwa ku Gusti Prabu, asal sarat mas kawinna bisa kacumponan. Kaula teu butuh ku emas atawa inten berlian, da èta mah geus aya. Cing teguh ku paman, naon pamèntana?”

“Naon cenah anu dipikapalayna, Gusti Prabu?”

“Nya ieu nu matak jadi gering pikir tèh, Paman. Nyi Putri tèh mènta maskawin kongkorong bèntang…!”

Ngadèngè kitu mèh baè Patih Tambirasa luncat bakat ku reuwas. Manèhna jempling, ngan sirahna teu reureun gogodeg.

“Basa ku kaula dicaritakeun, yèn èta pamènta tèh pamohalan bisa kacumponan, Nyi Putri tèh kalah malikkeun. Lamun kitu mah bohong cenah majar Prabu Siliwangi sakti luhung ku èlmu tèh.”

Patih Tambirasa ngahuleng kènèh. Pok deui Sang Prabu nuluykeun, “Tada teuing wirangna lamun kaula kudu mundur, Paman! Rèk di kamanakeun beungeut kaula jeung kahormatan Karajaan Pajajaran?”

“Leres Gusti Prabu, lalaki Pajajaran pantang sumerah!”

“Enya, tapi kudu kumaha carana, Paman?”

“Mènta pitulung Dèwata, Gusti Prabu!”

Bari unggut-unggutan Sang Prabu pok deui nyarita, “Enya, Paman, ti poè ieu kènèh kaula rèk menekung ka Hyang Agung. Salila pamènta can ditedunan, pamarèntahan ku kaula dipasrahkeun heula ka Paman. Kaula titip, Paman!”

“Ulah hariwang, Gusti Prabu! Amanat Gusti Prabu ku Paman rèk dièstokeun.”

Prabu Siliwangi tuluy menekung beurang peuting. Lantaran cengeng mèntana, can tepi ka opat puluh poè ogè manèhna geus meunang pituduh. Nalika keur ngaleyep, Sang Prabu ngimpi ditepungan ku Batara Narada.

“Anaking, Prabu Siliwangi, anjeun teu kudu leutik hatè. Pamènta anjeun geus dikabul. Kongkorong bèntang anu dipènta ku Nyi Subang Larang tèh nu kieu rupana,” cèk Batara Narada bari nèmbongkeun èta kongkorong. “Ieu kongkorong tèh ayana di nagri Mekah, pèk tèangan ku anjeun!” pokna deui. Samèmèh Sang Prabu nganuhunkeun, èta Sang Batara tèh geus ngaleungit mantèn.

Sanggeus meunang pituduh kitu mah Sang Prabu lugay ti kamarna. Manèhna tuluy singkil, niat harita kènèh rèk ngajugjug Nagri Mekah. Sang Prabu tanggah ka langit, ngagereyem mapatkeun jampè Ajian Hong, “Hong, nya aing sukma dibya, sukma rasa sukma larang, gumawang tanpa cantèlan…” Barang rèngsè, sèak baè awakna melesat ka awing-awang. Sang Prabu hiber ka kulonkeun.

Kocapkeun Prabu Siliwangi geus cunduk ka Nagri Mekah. Kabeneran manèhna patepung jeung waliyullah. Harita kènèh kongkorong bèntang tèh turun ti langit. Pluk murag ka hareupeun Waliyullah. Prabu Siliwangi ngajenghok, ceuk pikirna, ieu pisan kongkorong bèntang nu ditèmbongkeun ku Batara Narada dina impian tèh. Basa rèk dicokot, èta kongkorong tèh geus dicokot mantèn ku Waliyullah.

“Hèh, Ki Sanak, naha anjeun bet rèk nyokot ieu kongkorong?” Waliyullah nanya.

“Puguh kaula datang jauh-jauh ogè rèk nèangan ieu kongkorong,”

“Keur naon?”

“Putri anu rèk dilamar ku kaula mènta mas kawin kongkorong bèntang.”

“Euh, lamun kitu mah anjeun tèh raja, nya?”

“Leres, kaula tèh raja ti nagara Pajajaran, ti tanah Sunda.”

“Ngagem agama naon anjeun tèh?”

“Agama Sunda Wiwitan.”

“Euleuh hanjakal atuh. Nu lain agama Islam mah teu meunang nyekel ieu kongkorong.”

“Tapi èta kongkorong tèh kudu dipimilik ku kaula.”
”Bisa, tapi aya saratna. Anjeun kudu ngucapkeun heula sahadat, hartina anjeun kudu asup heula agama Islam.”

Sang Prabu henteu mikir panjang deui, harita kènèh manèhna mènta dituyun dipapatahan ngucapkeun kalimah sahadat. Rèngsè ngucapkeun sahadat, Waliyullah tuluy nerangkeun bagbagan agama Islam. Geus kitu mah èta kongkorong tèh tuluy dipasrahkeun ka Prabu Siliwangi. Manèhna kacida ngarasa bagjana lantaran nu ditèangan geus kapimilik.

Sang Prabu pamitan rèk mulang deui ka Pajajaran. Tapi barang manèhna ngagereyem mapatkeun ajian Hong, awakna henteu melesat bisa hiber. Naha ieu jampè tèh bet leungit kasaktianana? Cèk Sang Prabu hèran.

“Moal ampuh ayeuna mah jampè tèh, lantaran anjeun geus ngagem agama Islam,” cèk Waliyullah bangun geus apaleun.

“Kumaha atuh sangkan kaula bisa mulang?”

“Ulah hariwang. Ka dieu…! Cèk Waliyullah bari pasang kuda-kuda. Manèhna namprakkeun leungeun dina tuurna nu Beulah katuhu.

“Sok geura tincakkeun suku anjeun kana dampal leungeun kaula bari maca Bismillahirrohmanirohim!”

Bari nincakkeun suku katuhuna kana dampal leungeun Waliyullah, Sang Prabu ngagereyem maca bismillah. Biur wè awakna ngapung ka awang-awang.

Sang Prabu henteu mulang ka Pakuan Pajajaran, tapi langsung muru ka Karawang, rèk nepungan Syèh Kuro jeung Nyi Putri Subang Larang. Barang anjog ka tempat nu dituju, Sang Prabu tuluy baè uluk salam.

“Assalamualaikum!”

“Wa’alaikumsalam!” tèmbal Syèh Kuro ti jero bari mukakeun panto. Sanggeus sasalaman, gèk Sang Prabu diuk nyanghareupan Syèh Kuro.

“Tangtu Ki Guru anèh ngadèngè kaula ngucapkeun salam,” cèk Sang Prabu.

“Lain anèh, Gusti Prabu, tapi kaula ngarasa bagja.”

Barabat baè Sang Prabu ngadongèngkeun lalampahanana, ti mimiti miang ti Pajajaran tepi ka tepung jeung Waliyullah di Nagri Mekah, tepi ka ahirna hasil bisa mawa kongkorong bèntang.

Syèh Kuro teu eureun-eureun muji sukur ka Alloh Nu Maha Agung. Manèhna kacida ngarasa bagjana lantaran Sang Prabu geus dipaparin hidayah tepi ka ngagem agama Islam. Geuwat baè Nyi Putri Subang Larang disauran. Teu lila Nyi Putri norojol nyampeurkeun. Gèk diuk èmok gigireun Syèh Kuro. Diuk timpuh lantaran ngahormat ka Sang Prabu.

“Eulis! Hidep kudu muji sukur ka Alloh, lantaran Sang Prabu geus hasil mawa kongkorong bèntang, maskawin anu dipènta ku hidep tèa. Nu matak leuwih bagja, Sang Prabu tèh ayeuna mah ngagem agama Islam,” cèk Syèh Kuro.

Nyi Putri Subang Larang ngaranggahkeun leungeun duanana bari tanggah ka langit, ngucapkeun sukur ka Alloh Nu Maha Murah. “Alhamdulillah ‘ala ni’matil Islam wal Imani. Sadaya puji mung kagungan Alloh anu parantos maparin ni’mat Islam sareng iman ka abdi,” gerentesna.

Prabu Siliwangi tuluy ditikahkeun ka Nyi Putri Subang Larang, kalawan maskawin kongkorong bèntang, nyaèta tasbè…!

Tina Mahèr Basa, Karya Drs. Ahmad Hadi, spk.

16 Balesan to “Putri Subang Larang”

  1. Mang Ajid said

    Janten emut deui waktos alit.
    Pun lanceuk sok nambutan buku-buku sunda ti kantorna, simkuring sok ngiring maca.
    Teh gaduh carios perkawis anekdot-anekdot kaum sufi ?
    Punten ah…pangmidangkeun.

  2. Pribumi said

    Carios sufi mah arang langka diserat dina basa Sunda. Rupina aya ayana mah mung ku sim kuring teu acan kapaluruh.Upami dina basa Indonesia kantos mendak di Gramedia. Paling tiasa oge tina basa Indonesia disundakeun. Mung danget ieu mah teu acan gaduh waktos anu rineh kanggo ngagarap perkawis eta, nuju seueur pamengan. Insya Allah ka payunna.

  3. Roban said

    Aduh,abdi katinggaleun Teh……..

  4. Pribumi said

    Henteu kakantun ah Yi, da ieu blog teh henteu maju sapertos kareta🙂

  5. radieska51 said

    Assalamu’alikum
    Hapunten sim kuring hoyong ngiring ngalango tina panto ieu.
    Manawi henteu kaabotan saha tea gamparan teh kakasihna anu nyepeng ieu web site ? asa nembe tepang atanapi pribados anu nuju kukurilingan nembe ningali ?
    Hatur nuhun, diantos.

  6. pribumi said

    Waalaikumsalam,
    Mangga bade ngiringan mah, sim kuring bingah pisan. Sim kuring teh guru basa Sunda di hiji SMP, anu gaduh karesep aprak-aprakan di cyber. sing sering atuh Yi amengan kana blog ieu.

  7. achmed alfaraby said

    assalaamu’alaikum wr.wb

    nepangkeun teh, abdi salah sawios anu masih keneh resep kana carita sunda. ngiring bingah ku parantos tiasa milu biung maos eusi ieu blog. dupi panglinggihan teh dimana ?

  8. Pribumi said

    Bagea saderek Ahmed, Alhamdulillah urang tiasa ditepunglawungkeun dina ieu blog. Padumukan abdi mah di Cimahi. Hatur nuhun kana kasumpinganana.

  9. achmed alfarabby said

    punten teh, dupi jenengan teh saha ?
    ra2osan mah asa kantos patepang, namung duka dimana

  10. Pribumi said

    Wah…upami naroskeun wasta sim kuring mah moal diwaler. Cobi taroskeun ka nu parantos wanoh🙂

  11. atmo said

    nepungkeun simkuring atmo kawit ti ciledug-cirebon, ayeuna nganjrek di bogor.

    hampir unggal dinten abdi mukaan ieu situs, ngan hanjakal eusinya henteu di up-date unggal dinten nya teh….??, kadang sok kuciwa lamun eusina eta keneh – eta keneh……, punten ah.

    Upami tiasamah hoyong ngaos karyana DARPAN…..sareng KI UMBARA

    hatur nuhun

  12. Hapunten ka Saderek Atmo, sanes teu hoyong sim kuring posting unggal dinten. Mung kumaha atuh nya, da waktosna kawatesanan, margi sanes blog nu ieu wae anu kedah digeroh sareng dikokolakeun teh, aya deui 4 blog nu sanesna, teu acan sim kuring kedah ngasuh barudak SMP, teu acan kedah ngasuh apana barudak hehehe…
    Perkawis karya Ki Umbara sareng Darpan, insya Allah ku sim kuring bade diposting.

  13. urang citarum said

    ki umbara tea atuh …… urang sunda……

  14. eRphaNe++ said

    Haturant,.

  15. Assalamualaikum…

    punten… ai carita Putri Subang Larang, kasimpulannana sareng pamohalan2 nana naonnya?? hehe

    hatur nuhun…

  16. assalaamu ‘alaykum….
    sampurasun….
    punten, aya anu badé ditaroskeun perkawis ageman prabu siliwangi, geninganan anu digambarkeun dina salah sahiji sinetron mah angger henteu ngagem Islam sakumaha riwayat di luhur. hatur nuhun.
    wassalaamu ‘alaykum

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: