Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Néangan

Posted by bujanggamanik dina Oktober 30, 2008

Ku Caraka

Rebun-rebun hudang, moro pukul tujuh… digawé.
Pukul dua mulang, dahar…reureuh.
Reup peuting…saré.
Isuk-isuk hudang deui.
Kitu jeung kitu, bulak-balik saban poé, dua puluh opat jam, saban minggu, saban bulan, mangtaun-taun.
Kudu hudang, kudu moro pukul tujuh digawé, kudu dahar, kudu saré, jeung sababaraha kudu deui, lalakon hirup jero sapoé sapeuting.
Hirup tungkul kana kudu, disengker ku waktu.
Kuring nanya ka kuring, “Naha kitu kuduna hirup kumelendang di dunya téh? Bet hirup diured ku waktu, dihalangan, teu yasa sakarep ingsun. Tuh manuk, hiber kakalayangan di buana pancatengah, sakahayangna, sakarepna; mun eunteup di mana clegna, mun nyayang di mana daékna. Euweuh nu geureuh, taya nu nyaram, taya nu opén…merdika!”
Kuring indit sanggeusna diidinan perlop.
Rék ka mana? Duka teuing. Incah teu diajam ti tadina, teu puguh nu dituju, rék ka mana baé anjogna, sugan mah rék nuturkeun indung suku baé cara nu pundung.
Rék naon? Duka teuing. Kawasna mah rék nurutan manuk.
Sarung polekat, kopéah maké milu diasupkeun kana rangsel, kabeneran maké boga kénéh rangsel urut berjoang baréto. Jaba ti éta téh, maké dijejelan ku bebekelan dahareun, di antarana kornét, sardéncis dua kaléng, malah roko mah maké mawa aya lima bungkusna. Térmos wadah cai teu tinggaleun.
Pamotrétan disoréndang cara wartawan potrét.
Jog anjog ka setatsion, meuli karcis, sarta teu kungsi lila karéta api téh geus ngaléong.
Kereteging haté, barang kuring nepi ka pangeureunan karéta api leutik, di tengah-tengah antara pasir jeung pasir, sanggeusna karéta api ngaliwatan jalan nu pungkal péngkol, bet hayang turun.
Sanajan karcis tacan nepi ka tempat nu dituju ogé, da harita hayang turun, da hayang nuturkeun kahayang téa, ah, turun baé.
Jut turun manggih jalan satapak ka tonggohkeun, kuring leumpang mapay-mapay jalan suni.
Leumpang antara kebon jeung kebon, nanjak mudun mapay reuma ngurilingan pasir.
Panonpoé rék nengahan, nongtoréng nojo kana beungeut, késang luut-léét, bet ngarasa beurat babawaan sakitu téh, moal leuwih ti sapuluh kilo.
Di tengah-tengah reuma nu harita keur meujeuhna digarap, kuring nénjo tangkal ngarunggunuk bangun iuh.
Kuring reureuh, diuk nyanghunjar lambar, ngarasakeun hareudang katebak angin ngahiliwir, tiis nyecep sumarambah saluar awak.
Nénjo ka tonggoh, pasir bulistir. Leucir kawas tonggong nu keur tungkul macul.
Rentul di dieu di ditu, nu keur digarawé, nu jauh jiga tunggul hirup. Buligir teu dibaraju, di alam nu sakitu nongtoréng panasna. Késang ngucur, nyakclakan, kaluar ti saban bulu badan, nyiraman taneuh, nambahan gemuk mun engké tapak pacul geus waktuna dipelakan.
Jongjon tengtrem ayem, teu horéam ku lega, teu sungkan ku panas, ngecruk tungkul teu galideur ku kaayaan sakurilingna.
Sakali, pamotrétan kuring dicetrékkeun.
Kuring kurah-koréh muka bebekelan, sasarap ku lelemper. Ana torojol téh barudak aya limana, nu panggedéna kira-kira umur sapuluh taun, malah nu saurang mah ngais budak nu kakara sataun umurna.
Manéhna ngariung ka kuring sanggeusna digupayan supaya dareukeut.
Arulutud, ngan nu panggedéna nu maké calana téh, nu mawa budak leutik téa. Cenah mah keur ngasuh, da emana keur mantuan bapana ngarag jukut.
Sanggeus ku kuring dibagi roti sakeureut séwang, éta barudak téh dipotrét, ngajajar. Nu saurang mah dipotrétna téh meungpeunan beungeut.
Késang geus tuus, rangsel dibérésan, kuring indit demi dituturkeun ku barudak.
Henteu terus nonggoh, tapi mipir pasir, sarta waktu kuring ti mumunggang turun ka lebak, barudak téh teu terus miluna, tapi ngajajar nyalengir nénjo kuring sosorosodan dina lamping.
Di antara pasir jeung pasir nu bulistir, ngocor walungan leutik, caina canémbrang hérang. Sapanjang walungan téh ngampar sababaraha kotakan, umpak-umpak, nu harita paréna keur gumunda.
Dina tepungna suku pasir jeung pasir, kokocoran walungan téa, katénjo ku kuring aya batu gedé namprak, sarta deukeut éta batu gedé téh aya tangkal loa ngarunggunuk.
Kabita bangun genah, jiga nu hayang didiukan éta batu lémpar téh. Kuring eureun, gék diuk, atuh rangsel dilaan, diteundeun di sagigireun.
Lega, nénjo alam narawangan, teu cara di kota, asa heurin, asa leutik, sundek-sundul, deukeut deudeuleuan.
Tanggah, da kapindingan ku tonggong pasir, katénjo jauh ngalumbuk, gunung semu paul.
Narilik ka gigir, ka sisi-sisi walungan, galengan tingraringkel racung tuturus kacang jeung jaat.
Béh tonggoh saeutik, kira-kira aya lima welas méter anggangna aya pancuran caina ngagelenggeng, diauban ku tangkal nu ngaroyom ngiuhan tampian.
Ana disidik-sidik, bet aya nu keur mandi. Ngoyok, ngucur kana pancuran.
Sorangan, nangtung sakadar dituruban ku samping, ti luhur nengah tonggong, ti handap luhureun tuur. Pernahna ka kuring mah nukangan.
Méprékan dangdaunan, kawasna mah daun kamalandingan. Pék dikasaykeun kana saluar awakna, meureun minangka sabunna mun cara urang kota mah.
Kabéh, ti luhur ka handap nepi kana dampal suku dikosokan ku daun meunang mékprékan téa.
Jongjon nu keur ngoyok, atuh kuring jongjon nu nénjo.
Pangawakan lenjang, ngeusi pepel, munel. Tétéla lain lalaki da buukna ngagebay panjang.
Nénjo kulitna, rada teu kaharti, naha di tengah-tengah antara mumunggang jeung mumunggang bet aya kulit kitu. Kulit sari, bodas lain, hideung lain, hideung jeung bodas diadonan, diaduk dijadikeun hiji, kulit naon pingaraneunana.
Nilik kana rampingna badan, dilapis ku kult naon pingaraneunana téa, ras inget kana dongéng: “Boa ieu téh ipri ngadon mandi.”
Pamotéran ku kuring dicetrékkeun.
Bérés motrét, bet hayang nyaho beungeutna, piraku mun awak sampulur kitu, ngabogaan beungeut goréng patut.
Manéhna, sanggeusna bérés mandina, tuluy ngisikan, sarta sanggeusna ngisikan, bari terus maké samping baseuh, nu ngan semet tuur téa, ngalangkang gambar cangkéng, bujur, terus kana pingpingna.
Baju kabayana henteu dipaké, tapi disampaykeun dina taktakna.
Jung indit, teu luak-lieuk, leumpang mapay galengan sawah nu legana ngan 30 séntiméter, ngélék boboko.
Sanajan kuring ngabandungan ti mimiti keur mandi, nepi ka inditna, malah nepi ka keur leumpangna dina galeng, ari hayang nénjo beungeutna jiga naon mah teu kasorang, ngan sakadar nénjo ti gigirna, kitu ogé rada kahalagan ku buukna, da terus dirumbaykeun, meureun ngarah tuhur.
Nénjo pipi ti gigirna saeutik, rasa geus bisa ngagambarkeun yén éta ipri geulis.
Panasaran, hayang sina ngalieuk, kuring ngbalédogkeun taneuh kana galeng deukeut nu ditincakna.
Teu disangka bakal kitu, na ari solédat téh, atuh labuh ragrag tina galengan luhur, reuwas meureun, duméh aya nu ngagorobas, nya éta taneuh anu diténggorkeun ku kuring.
“Aduh!” manéhna ragrag kana kotakan, boboko nu dieusian béas meunang ngsikan téh lésot tina leungeunna, béasna awur-awuran.
Kuring buru-buru luncat, rék nulungan.
Kasampak téh keur ugil-ugilan baé tacan bisa hudang. Ku kuring dipangku dijungjungkeun sina nangtung.
Rét manéhna nénjo ka kuring, atuh kuring nénjo ka manéhna.
Ayeuna mah kuring nénjo sidik kana beungeutna. Lain baé awas kana beungeutna wungkul, tapi sidik sapuratina sakur nu aya dina beungeutna, panonna, irungna, biwirna, sungutna pipina jeung gadona,. Teu jauh ti sangkaan, caturangga kolot téh tétéla bener, lamun pangawakan kitu, kulit kitu, moal salah beungeutna ogé kitu.
Mojang ngora kénéh pisan geuning, mun lélé téa mah keur meujeuhna kumeuheur, kakara lima welas taun kawasna.
Manéhna ngabetem, kuring pireu.
Bari ngosokan leungeun nu pinuh ku leutak, manéhna tungkul, tuluy luak-lieuk, meureun néangan bobokona.
Ku kuring boboko dipangnyokotkeun.
Nyéh manéhna imut saeutik, bari nampanan boboko.
Léos indit, teu basa teu nyarita, sumawona nganuhunkeun mah, malah leumpangna téh gagancangan.
Kuring olohok mata simeuteun.
Kira-kira geus rada jauh, béh tonggoh, manéhna ngarérét nyéh imut deui, léos, les duka ka mana nyalingkerna.
Kuring buru-buru balik kana batu lémpar urut nyerangkeun tadi téa, top rangsel, top pamotrétan, gajleng, léos rék nuturkeun.
Mapay jalan satapak nu lidig, nepi ka tempat waktu tadi teu kanyahoan ka mana léosna téa, terus dipapay tepus, ana anjog téh geuning aya lembur dina léngkob.
Dipapay unggal imah, kabéh kosong, meureun tacan daratang ti pagawéanana.
Kabeneran imah di lembur éta téh téu loba, sabelas imah, atuh kukurilingan unggal imah sugan aya nu muka pantona, sugan kapanggih jeung nu tadi, tapi weléh rék ka saha nya nanyakeun, taya budak-budak acan. Tungtungna, kuring diuk di hiji tepas, nyarandé kana tihang, teu puguh ngalér ngidulna.
Imah nu didiukan tepasna téh, imah nu panggedéna. Satukangeun imahna aya leuit, béh dituna aya kandang munding.
Ku bawaning teu puguh cabak, maksud téh rék ngabaheuhay nangkarak, na ari ngarérét, bet nu tadi datang, tapi sampingna nu jeblog ku taneuh urut labuh téa, ayeuna mah ngan baseuh wungkul, kawasna mah nyalingker terus balik ka cai ngumbah nu jeblogna.
Manéhna kagéteun nénjo kuring geus aya di tepas, terus ka pipir imah, asup ka panto dapur imah ieu pisan.
“Nyi!”Nyi!” cék kuring, “Ieu téh bumi Nyai?”
“Sumuhun!” bari terus asup ka dapur.
Kuring teu wani terus ngudag, nya balik deui baé ka tepas, gék diuk deui.
Teu kungsi, lila panto ti tepas ka imah di buka. Jol manéhna kaluar mawa samak, terus diamparkeun.
Ayeuna mah geus nyisiran, dibaju sagala, atuh sampingna maké nu tuhur.
“Angkat ka mana Bapa?” cék kuring.
“Ka sawah!” terus asup deui ka imah, teu kadéngé sora-sorana deui.
Sabot ngarep-ngarep sugan daék ngelol deui, jorojoy haté kuring nanya, “Naha ieu budak awéwé téh parawan, atawa randa, atawa boga salaki?”
Pertanyaan nu moal bisa dijawab ku kuring, da puguh budak awéwéna ogé bangun ngadedempés baé di jero.
Udud geus sababaraha kenyotan, geus béak sigarét aya tiluna, bet teu daék ngelol deui budak téh.
Ari kurunyung téh aya lalaki kolot, calana sontog hideung pinuh ku taneuh, sukuna baraseuh, kawas nu tas beberesih, sarta diiring ku budak awéwé téa.
“Moal salah bapana, da piraku ari salakina mah sakitu geus kolotna.”
Kuring buru-buru nangtung, nyampeurkeun manéhna.
“Bapa, abdi téh kumawantun teu aya nu kagungan bumi…”
Tacan kungsi tamat kuring ngomong, bapa téh geus ngajawab, “Nuhun baé, kersa linggih mah, Bapa!”
Kuring hareugeueun, naha jelema nu sakitu kolotna bet nyebut bapa, da meujeuhna mah nyebut ujang.
“Bapa téh santara?” manéhna ngomong deui.
Sajongjongan kuring ngahuleng, naha nu matak disebut santara, tapi kuring kaburu inget, nyéh kuring imut.
“Abdi mah sanés, jelema biasa baé,” cék kuring.
Éta meureun pédah kuring maké papakéan sarwa héjo cara tentara, padahal papakéan kuring mah harita téh drill-sépé téa, henteu héjo-héjo teuing.
Manéhna asup ka imahna, sarta teu kungsi lila jol datang deui bari mawa gelas nu dieusian ku bako molé katut daun kawungna.
“Nyai, geura naheur cai buru-buru haturan tamu,” manéhna nitah.
“Bapa téh, reuwas aya, atoh aya katatamuan téh. Badé aya pikersaeun naon sumping ka lembur singkur téh?”
“Ah teu kedah reuwas-reuwas, abdi mah seja ulin baé hayang terang pilemburan.”
“Ti mana atuh panglinggihan téh?”
“Abdi téh ti kota,” bari ngerérét kana érloji, geuning harita téh geus pukul opat soré, “Kumaha Bapa, abdi téh tangtos kawengian.”
“Atuh nuhun baé nu aya Bapa mah, kersa rurumpaheun maké kulem sagala mah, mung nya kitu…”
Budak awéwé téa datang nyodorkeun panimbal jeung cacangkir.
Kuring ngerérét ku juru panon, gerentes haté ngomong, “ Geulis, tapi aya bédana jeung geulis kota téa, ari Si Nyai mah, kawasna dasar budak gawé, Ramona téh teu marecut cara ramo geulis kota.”
“Nyai, Ema geus datang?” Ieuh, béjakeun ka Ema, nyayagikeun tuangeun, jeung meuncit hayam kituh!”
Ayeuna kuring nyaho tétéla, yén éta budak téh anakna, tapi naha randa atawa parawan?
Jol awéwé kolot nyampeurkeun, harémpoy diuk, pok ngomong, “Aéh haturan, Bapa!”
Éta geus pok deui nyebut bapa, atuh bari kalamas-kélémés kuring ngajawab, “Nuhun, Ibu!”
Manéhna diukna teu lila, terus pamitan deui, rék ka dapur cenah.
Babawan kuring kornét jeung sardéncis téa dipasrahkeun ka Ema. Basana téh, “Euleuh lauk kaléng!”
Loba pertanyaan Bapa ka kuring, babakuna nanyakeun kaayaan di kota, malah maké nanyakeun keur usum naon cenah di kota téh.
Kuring permisi rék ka cai, geuning caina téh salembur éta mah ka tampian urut tadi téa.
Saban imah katénjo ngarebul, sarta kadéngé ayeuna mah sora réa jelema di imah-imah téh, malah barudak ogé di buruan arulin, atuh nu ka cai ngabrul.
Peuting geus mimiti reupreupan, sarta waktu kuring datang ti cai, kasampak Si Nyai jeung emana sasayagian dahareun. Di tengah imah, dina samak rubak, ngajajar sababaraha piring, ti antarana aya goréng daging hayam, sambel jeung lalab kacang jeung kicipir teu tinggaleun, rupana ari babawaan kuring mah henteu disuguhkeun.
“Tuang ogé, Bapa, malum di kampung, mangga atuh nyanggakeun,” cék Ema.
Teu kungsi ngadua kalian kedemek kuring dahar, da atuh poé éta mah dahar sangu téh kakara harita.
Kuring dahar téh dibarengan ku Bapa.
Réngsé dahar kuring pindah deui ka tepas, sarta teu kungsi lila, saurang-saurang tatangga pada daratang, lain baé lalakina, tapi awéwéna ogé katut anakna dibawa. Datangna téh henteu léngoh, aya nu mawa beuleum sampeu jeung gula kawung, aya nu mawa cau ambon, aya nu mawa buras, kabéh disodorkeun, basana téh hayang katuang ku tamu.
Kuring diriung, atuh teu bisa-bisa ogé, da tara ngobrol lila-lila téh, harita mah maksakeun manéh, tangtu mun dibandungan ku tukang nyarita mah, obrolan kuring téh moal ngalér-ngidul. Mimiti nyaritakeun kaayaan di kota, léos kana agama, terus kana tatanén, péndékna sagala dicaritakeun. Sanajan kitu, duka kumaha kaanggapna, kabéh pada ngabandungan, jigana téh taya nu teu resepeun.
Nepi ka pukul sawelas kuring ngobrol téh, sarta sanggeusna tatamu tatangga marulang, kuring diangkir ka jero imah. Di jero imah, di sisi bilik, kuring nénjo kasur ditilaman ku samak sulam jeung angel galedé teu disarungan.
“Geura kulem, Bapa,” cék emana, bari nunjuk kana kasur téa.
Teu ngadua kalian deui, kuring teus ngagéléhé.
Sajeroning ngagéléhé, haté kuring nanyakeun Si Nyai, naha geus saré kitu atawa ka mana.
Bet terus rasa, teu kungsi lila jol mawa samping kebat.
“Ieu keur kampuh!”
Bari ditampanan, kuring rada lila mencrong, tapi budak téh terus balik deui ka kamar, teu embol-embol deui.
Baréto jaman ngungsi kuring ngalaman mondok di kampung. Ti harita mah kakara ayeuna ngarandapan deui. Tiis ceuli, jempling, taya dédéngéan saperti di kota, nu kadéngé ngan sora jangkrik jeung bangkong.
Nangkarak bengkang sakitu tas capé, naha bet teu geura reup saré, lelembutan bet asup ka kamar leutik nu aya di jero imah éta, kumalayang kana panénjo tadi ti beurang di cai, keur mandi, keur leumpang dina galeng, labuh tigubrag ka kotakan, dipangku, imut.
“Nyaho ayeuna mah,” cék haté kuring, “Si Nyai téh teu boga salaki.”

*

Tina sela-sela bilik ranteng cahaya panonpoé asup ka jero imah, ari rét kana érloji sihoréng téh geus pukul sapuluh beurang.
Kuring kabeurangan.
Di imah sepi, waktu kuring hudang téh. Naha pribumi sararé kénéh kitu? Diténjo panto ka tepas masih kénéh ditulakan, ngan panto ka dapur tulak kaina geus nangtung gigireun panto, sarta barang kuring ngadeukeutan panto bet aya sora nu keretak-kereték di dapur. Ana bréh téh Si Nyai nyorangan.
Manéhna ngalieuk, ku kuring ditanya,” Ari Bapa jeung Ema ka mana Nyai?”
“Tos ka sawah tadi ogé énjing-énjing.”
Kuring rék ngomong deui, tapi teu tulus sarta teu kaharti nu matak teu terus ngomong, da kalah ka balik deui ka deukeut urut saré, gék diuk sila tutug.
“Nya buruh, nya patani, geuning isuk-isuk téh bet arindit ka pagawéan. Hirup keur digawé atawa digawé keur hirup?” timbul gerentes haté kuring bari ngenyot udud, “…aya bédana, ari buruh mah digawéna téh dikurung ku waktu, ari patani mah sadaékna.”
Si Nyai datang mawa téténong, diasongkeun ka kuring.
“Naon éta téh, Nyai?” cék kuring.
“Tuangeun,” jawabna.
“Tuang?”
“Sumuhun.”
”Acan sibeungeut-sibeungeut acan atuh,” cék kuring bari terus nyokot anduk rék ka cai heula.
Pukul sapuluh geus rék dahar, da biasana entas mulang ti pagawéan pukul dua téa, kapan dahar ogé aya waktuna, mungguh kaom buruh mah, sabalikna patani mah daharna téh lain maké waktu, tapi kawasna téh di mana lapar di dinya dahar.
Enya baé, lain di imah Si Nyai baé geus sepi téh, tapi salembur éta mah geus taya budak nu ceurik-ceurik acan, kawasna mah tinggal Si Nyai baé sorangan di lembur téh, kitu ogé duméh aya sémah nya kuring.
Di pasir geus rentul deui baé cara kamari, jelema-jelema pada digarawé, sarta di saung-saungna ngelun haseup diriung ku barudak jiga nu keur barangbeuleum.
Balik ti cai kasampak Si Nyai geus ancémon sisi bilik nungguan téténong dahareun téa.
Bari nyicikeun cai tina poci kana cangkir, kuring ngarérét ka Si Nyai. Manéhna tungkul.
“Ari Nyai geus boga salaki?” cék kuring asa-asa.
Teu ngajawab, kalah ka kulumas-kélémés.
“Lamun teu ngajawab tandana teu boga,” cék haté kuring.
“Nyai atos ka kota?”
“Parantos.”
Sabaraha kali?”
“Dua kali.”
”Resep di kota téh?”
Manéhna ngabetem.
“Nyai daék upama ngumbara di kota?”
Ngabetem deui baé.
Ditilik dibulak-balik, sepi budi, taya ulat nu katémbong bogoheun, boh ucapna boh tingkahna éstu sawajarna, béda jeung gambaran jero haté kuring, éstuning sabalikna. Nénjo nu teu bangun sono, sipat nu taya guam, béda jeung talajak mojang kota, bet matak nambahan sari geulisna, ati beuki kataji, raga jiwa Si Nyai pindah kana wangwangan pikiran kuring.
Katénjo ku kuring, tina ku bawaning sakeudeung-sakeudeung dirérét, polahna teu puguh, leungeunna nyoo tungtung baju, biwirna rapet, beungeutna semu beureum, jiga nu ambek, tapi lain ngurangan manisna, kalah ka nambahan cahaya nu saumur kuring rarasaan kakara harita nénjo sipa-sipat wanita nu pahareup-hareup jeung pria.
Kuring remen, malah sok ngahaja di kota, manggihan wanita, gok paamprok, pajongok, pahareup-hareup, tapi ari nénjo sipat mojang kampung nu geulis mah, kakaraeun teuing.
Téténong ku kuring dibuka. Ayeuna mah lain goréng hayam deungeun sanguna téh, tapi pais lauk emas, angeun combrang, lalab seupan teu tingaleun.
Kuring rarat- rérét bet naha taya kobokan.
Si Nyai rupana ngarti, terus indit, sarta teu kungsi lila mawa kobokan dieusi cai.
Waktu keur nyodorkeun kobokan katémbong ku kuring manéhna imut.
“Hayu atuh urang dahar bareng,” Cék kuring.
Manéhna gogodeg, kalah ka gék émok deui sisi bilik urut tadi.
Kakara ogé kuring ngahuapkeun sakeupeul sangu, manéhna ngoléséd terus ka tukang.
“Rék ka mana Nyai téh?”
Manéhna teu ngajawab.
Ku kuring dituturkeun bet terus diuk dina jojodog hareupeun hawu, sarta ari geus kanyahoan teu indit jauh mah, kuring balik deui nuluykeun dahar.
Nénjo talajak Si Nyai kitu, kuring bet leutik haté, asa ambon sorangan, nu hayang teu dilayanan, tungtungna timbul napsu murugul, angkuh ku ka lalakian, teu kaharti teu pira mojang kampung, nepi ka teu bogoheun ka bujang kota. Keur tengah-tengah dahar téh buru-buru kokocok, terus ka dapur, gék diuk dina jojodog gigireunana.
Manéhna rék ngejat, gancang ku kuring dicekel puhu leungeunna, cék kuring, “Calik, Akang rék nanya.”
Manéhna mencrong sakeudeung, terus tungkul deui.
“Nyai, kumaha lamun Nyai jeung Akang ka kota?”
Manéhna melong sakeudeung, tungkul deui bari ngoréh-ngoréh parako ku songsong.
‘Kumaha, Nyai?”
Bungkem, ngan ngarérét saeutik,
“Kumaha?”
Tilu-opat kali kuring nyebutkeun kumaha, malah panutupna mah maké dibarengan ku nyampaykeun leungeun dina taktakna.
Ku kuring kadéngé lalaunan pisan, cenah, “Kumaha Bapa-Ema.”
Sugan ngan sakitu pibasaeunana, tapi kuring geus ngarasa bungah. Sakali deui kuring ngucapkeun “kumaha” bari ditompokeun lalaunan kana ceulina.
Anéh bet ayeuna mah dijawabna téh ku gogodeg.
Kuring bingung, dicoba sakali deui ngucapkeun “kumaha”.
Kalah ngabetem.
Kuring beuki bingung mangkaning haté bet jadi ngageter.
“Nyi, Akang ayeuna kudu mulang ka kota, hayu atuh anteur ka sawah ka Ema jeung Bapa.”
Na manéhna atoh atawa teu atoh kuring rék balik téh, kuring teu bisa naksir, da kalah manéhna terus ka jero imah, sarta katénjo ku kuring: manéhna ngéntépkeun téténong téa dituruban, terus ka enggon bet nyokot karémbong, ditiungkeun.
Ku kuring kaharti, meureun ngajak ka sawah téa.
Terus maén pireu, sagala hal ngan ku kira-kira nénjo ulat jeung kedép mata.
Manéhna kaluar, atuh kuring nurutkeun.
“Engké atuh, ulah gancang teuing leumpang téh,” cék kuring.
Manéhna ngan ngarérét, terus deui baé leumpang, sata lamun kasusul, manéhna eureun jeung nyimpang, nitah kuring ti heula.
“Pék baé ti heula, ngan ulah gancang teuing,” cék kuring.
Manéhna indit deui, kuring pandeuri.
Leumpangna gancang sakitu dina galeng leutik téh, jojorélatn bari ngjingjing samping.
Kira-kira geus saparapat jam, ti kajauhan kénéh katénjo bapana keur jongjon macul, ari emana duka keur naon da keur kurah-koréh sisi galengan.
Jog anjog ka saung, kuring eureun, da Si Nyai ogé eureun di dinya.. Sarta sanggeusna kuring diuk, manéhna indit deui ngabéjaan bapana. Teu kungsi lila bapana datang nyampeurkeun ka saung, malah emana ogé datang diiringkeun ku Si Nyai.
“Parantos tuang?” cék emana.
“Parantos, Ema!” jawab kuring.
“Nuhun atuh.”
“Abdi téh bade pamitan, Ema, Bapa!” cék kuring.
“Badé uih?” Entong uih ayeuna kagok, saé énjing baé énjing-énjing.”
“Kagok kumaha, Bapa?”
“Ayeuna tos tengah dinten, kapan ti Legoknyénang ka jalan ageung téh tebih, lalakon tilu jam angkat, atuh ka halteu nya kitu kénéh, jadi émutan Bapa mah saé énjing baé, saperkawis supados aya nu jajap, da moal uninga jalanna ogé, kaduana atuh nyandak-nyandak cau kanggé oléh-oléh ti kampung.”
Kuring ngahuleng, kawas enya kituna téh, malah babakuna mah. Ku ayana pangandeg bapa téh, bet atoh asa diaku, tangtu ku sapeuting deui ngéndong, sapeuting éta jeung namatkeun poé ieu kuring bisa nénjo Si Nyai.
“Upami kitu mah sumuhun!”
“Sumuhun kitu, saé kulem deui baé. Upami énjing badé mulih atuh bapa badé ngajurungan Si Aspian ngajajapkeun ka halteu atanapi ka jalan ageung bilih badé kana beus mah.”
Si Nyai ngadéngé kuring rék ngéndong deui, ngadak-ngadak ngalieus miceun beungeut, naha atoheun atawa kumaha kuring teu bisa nerka.
“Jung atuh Emana geura mulang baé ka dituh, cau nu dipeuyeum mangkukna di pipir téa ludang, candakeun ka kota.”
Emana diiring ku Si Nyai terus mulang, ari kuring mah jongjon baé di saung, da sanajan diajak ogé ku emana, kuring mereketkeun ninggalkeun manéh. Atuh bapana léos deui ka sawah.
Ngajentul di saung sorangan, kesel tina diuk terus nangtung, nénjo sakuriling sampalan, nu dipelakan ku tangkal cau jeung tiwu, selang-selang heuleuran sampeu jeung taleus.
“Bekel hirup bapa tani. Hasil késang bapa tani. Ti barang ceb dipelakan, sanggeusna dipacul, ditungguan, dipiara, dilongokan, mangbula-bulan, kakara bisa kaala, sésana dijual ka kota, ladangna dipaké meuli baju jeung samping atawa meuli uyah jeung tarasi, sakur nu teu jadi dina taneuh. Dibandingkeun jeung hirup kuring, digawé tempo-témpo teu kudu ngaluarkeun késang, sabulan sakali geus narima hasil tanaga jeung leuwih réa pangajina diukur ku duit. Bapa tani…tukang nyipta dahareun tapi masih réa tina rupaning kadaharan nu tacan ngarasa kadahar, urang kota, di pasar tempat pangumpulan kadaharan mangrupa-rupa ti mana-mana bisa meuli jeung bisa ngadahar.
Kuring nyampeurkeun ka bapa Si Nyai nu keur jongjon macul rék pamitan balik ti heula ka lembur.
“Mangga baé atuh geura uih, Bapa mah ieu kapalang,” cék Bapa.
Kuring leumpang mapay galeng, ras inget kana kaayaan hirup patani, bet paingan teuing barudak patani sanggeusna sakola embung balik jadi patani, da geuning kitu kaayaanana.
Datang ka lembur, kuring diuk di tepas, sarta teu kungsi lila Si Nyai mawa téko jeung cau mani ngarangkadak, cau ambon sasikat, mun di kota meureun lima rupiaeun mah.
Bari ngarongkong nyokot cau, kuring nénjo ka Si Nyai bet teu imut-imut acan. Ku sakitu, dina haté geus jadi pikiran, sagala laku kuring bet dianggap “sepi” baé. Manéhna teu basa teu carita, ka imah deui.
Kuring ngagéléhé, bet teu kanyahoan deui Si Nyai mawa angel sadua-dua. Sot angel, les deui baé.
Bari ngalamun ngalér ngidul teu kanyahoan bet kasaréan, da ari inget téh bet geus deukeut ka magrib.
Reup peuitng deui, teu béda cara peuting tadi baé dirariung ku sémah tatangga, padahal ari mungguh haté mah ngarasa teu genah dikitu-kitu téh, leuwih ngeunah lamun harita ngariung téh sakadar Bapa, Ema, jeung Si Nyai. Atuh ku kituna, sanajan bari teu purun, kapaksa ngobrol deui baé, tapi harita mah lolobana ngan narima pananya baé: aya nu nanyakeun kumaha harga béas di kota, kumaha ti peuting raména, kumaha kaayaan toko-toko, péndékna sagala ditanyakeun.
Kabeneran pukul sapuluh téh tatangga geus pada mulang.
Teu kuat sila lila-lila, tungtungna kuring ngagéléhé, bari nyebut punten ka Bapa.
“Bapa sareng Ema téh, kedah angkat ka kota ka abdi,” cék kuring.
“Mangga, manawi pareng, engké upami parantos panén,” jawab Bapa.
“Har atuh lami kénéh, mangkaning ayeuna nembé macul.”
“Moal lami, genep ka tujuh ogé panén. Kapan ari parantos panén mah atuh ngintun-ngintun béas ketan sareng leumeungna.”
“Entong kedah kikintunan baé atuh, Bapa.”
“Hih, atuh parantos kitu lumbrahna, urang kampung mah.”
“Béh dieu baé entong ngantosan panén heula, keun baé entong kikintunan. Tah abdi téh di jalan Guntur nomer 76, gampil turun ti statsion téh kana béca baé, tukang béca mah tangtos terangeun.”
“Catet Nyai ka dinyah bisi urang ka kota!”
Si Nyai asup ka kamar meureun rék nyokot kertas jeung patlot.
“Geuning Si Nyai téh biaseun nulis,” cék dina jero haté kuring.
“Punten baé supados gampil naroskeun, saha jenengan téh?”
“Abdi? Pun Andria.”
“Tah, Nyai pék catet sakalian jeung jenenganana.”
“Teu aya patlotna,” jawabna.
Kuring nyokot bloknut trét kuring nulis adrés sorangan sarta dipasrahkeun ka Bapa. Ku Bapa ditampanan, bet terus disina diampihan ku Si Nyai.
Si Nyai maca tulisan kuring, sarta terus diselapkeun dina bilik.
“Kumaha….aéh, sanés Santara?”
“Abdi mah sanés Ten…Santara,” kuring imut.
“Sumuhun! Kumaha parantos sabaraha hiji putra?”
“Alhamdulillah Bapa, abdi mah teu acan gaduh indungbudak-indungbudak acan.”
“Geuning! Naha atuh?”
“Teu acan pareng baé panginten, Bapa.”
“Atuh sareng saha baé di bumi téh?”
“Dikawulaan ku indung kénéh baé abdi mah, Bapa!”
‘Sumuhun! Dupi rama jumeneng kénéh?”
“Aya berekah sadayana araya kénéh.”
Si Nyai, ngadéngé wangkongan kuring jeung bapana téh, katénjo panonna buringas, duka kumaha pihartieunana.
“Atuh da ari urang kota mah, komo pameget,” cék emana, “di istri ogé tara laki-rabi anom-anom.”
Mimiti Si Nyai ngoléséd asup ka kamar, ditumbu ku emana, sarta teu kungsi lila bapana ogé ngagoléah di tengah imah. Kitu deui kuring sora beuki leutik, méh teu puguh nu diwangkongkeun, tungtungna saimah éta jempé teu kadéngé naon-naon. Inget-inget isuk geus pukul tujuh deui baé. Kuring buru-buru ka cai, sarta sanggeusna terus dangdan. Ari kaluar kasampak Bapa, Ema, jeung Aspian katut tanggungan geus sayagi, kitu ogé cenah kudu dahar heula, da Si Nyai keur sasadiaan.
Sabérésna dahar, kuring pamitan bari sasalaman ka Bapa jeung ka Ema.
Kuring indit. Tapi sajeroning indit, panon duanana teu weléh luak-lieuk haté tumanya, naha ka mana ari Si Nyai, ti tadi ti barang tas nyadiakeun dahareun teu katénjo deui.
Sajeroning leumpang kitu kénéh baé terus mudun mapay jalan huma, tetep jadi ingetan.
Kira-kira geus leumpang saparapat jamna, kuring ngarérét ka tonggoh, bet Si Nyai katénjo ngajanteng sorangan nénjo ka kuring handapeun tangkal kai.
“Mang, mangga baé ti payun, abdi puguh aya nu katinggaleun,” cék kuring ka Mang Aspian, “Tapi angkatna lalaunan nya, Mang!”
Kuring ka tonggoh deui, sarta kira-kira sapuluh méter deui anggangna ti Si Nyai kuring masangkeun potrét, terus dicetrékeun.
Katénjo ku kuring Si Nyai nyarandé kana tangkal kai, ku kuring disampeurkeun. Barang geus deukeut, Si Nyai ngalinggek, leungeunna ngahalangan tarangna.
Bet bingung piomongeun, naon atuh nu kudu diomongkeun, kalah ka leungeun kuring nyabak taktakna.
“Ka mana Nyai tadi téh?” cék kuring.
Teu ngajawab.
Kusiwel kuring ngodok saku calana, nyokot notes, inget dina jero notes téh aya potrét kuring. Éta potrét ku kuring dibikeun…”Tah ieu potrét Akang, pék ampihan, itung-itung panyangcang.
Ngadéngé kecap “panyangcang” bari nampanan éta potrét manéhna melong kana éta potrét, bari siga aya nu dipikiran.
“Naon atuh Nyai?”
Manéhna ngarérét kana beungeut kuring, sarta teu lila tungkul deui.
Kuring ngahuleng, manéhna ngahuleng, da ari mungguh dina haté mah hayang nururtan cara dina bioskop, geuning ari rék papisah, tapi bet teu téga. Sakadar tanda papisah. Leungeun Si Nyai duanana ku kuring dicekel. Cék kuring, “Nyai ditinggalkeun, Akang tangtu moal lila bakal ka dieu deui.”
Kuring ngaléos, bari ngalésotkeun leungeunna, saban-saban sababaraha léngkah, kuring ngalieukan ka manéhna, nu harita teu béda jeung arca, anu terus mencrong ka kuring.
Ti kajauhan, barang kuring rék panutupan nénjo beugeut manéhna, katénjo ku kuring manéhna ngagupayan.

Mang Aspian ngadagoan.
“Mang,” cék kuring, “éta budak téh saha ngaranna?”
“Nyi Warsih, Agan!”
“Ari bapana?”
“Katelahna di lembur mah Bapa Warsih baé, nya katelah ku anak, ari saenyana mah Bapa Alwasim. Anakna téh kabeneran ngan hiji-hijina awéwé, da aya ogé lanceukna lalaki, maot alit kénéh.”
“Geus boga salaki baréto éta Nyi Warsih téh?”
“Hih, ari Agan, sanés randa, masih parawan.”
“Sugan geus boga papacangan?”
“Teu gaduh, sareng Agan di kampung mah tara aya papacangan, hartosna bobogohan sakarepna, kumaha indung bapana baé, malah wartosna Nyi Warsih ogé parantos dipundut ka Pa Lurah, badé dikawinkeun ka putrana, nu jadi jurutulis désa.”
“Kumaha Nyi Warsihna daékeun?”
“Daék teu daék, cék nu jadi sepuhna kedah kawin ka dinya, budak awéwé mah kedah nurut baé ka kolot.
“Kitu, Mang?” cék kuring.
“Kuring teu ngomong deui, nyaah lamun Si Nyai dikawinkeun meunangkeun ka nu teu dipikabogohna, ngan sakadar kudu nurut ka kolot.
Tapi, naha ka kuring ogé Si Nyai téh bakal bogoheun kitu?
Tungkul bari mudun, terus nanjak bari tanggah, jongjon leumpang jeroning mikiran diri batur, da bongan maké terus cumantél dina haté, mangkaning geuning Si Nyai téh bet rék dikawinkeun ka anak Pa Lurah…kapiheulaan.
Jog anjog ka setatsion, atuh tanggungan téh dihijikeun ku Mang Aspian supaya bisa dijingjing.
Ku kuring Mang Aspian sanggeusna dinuhunkeun diperesén duit sapuluh rupia. “Tah ieu mah keur budak, lumayan, engké sugan kuring ka dieu deui.”
Teu kungsi lila karéta api datang, kabeneran lowong, atuh diuk téh tumaninah, sabangku nyorangan.
Bari nyarandé, ngalenyepan lalampahan dua poé dua peuting, néangan lowong tina hirup nu pinuh ku kudu, bréh kalangkang Si Nyai keur imut handapeun tangkal kai.
Néangan téh ngan ukur nepi ka meunang….nineung, teu luput dikurung waktu antara senang jeung bingung.

Tina Cupumanik Nomer 15

8 Balesan to “Néangan”

  1. Hapunten anu kasuhun, dina ieu karya kawitna aya 2 komentar : ti Uwa sareng ti saderek Roban. Kumargi aya kalepatan teknis, komentar duanana ka-delet. Mugi kersa ngama’lum, sareng manawi luntur galih ngalebetan deui komentarna nu ti payun ka-delet tea. Hatur nuhun.

  2. Roban said

    Teu sawios-wios Teh…….
    Abdi mah mung naroskeun,naha ieu carios teh aya sambunganna?

  3. sangiang said

    aduh tos lami teu nganjang ka blog teteh yeuh…blog abi ge meni teu kaurus teh.

  4. Waleran kanggo Roban:
    Ieu karangan namina carita pondok, janten teu aya terasanana.

    Walerang kanggo Aang:
    Tos mendak kembang “Gelombang Cinta teh?”

  5. Roban said

    Atuh nyi Warsih teh moal di teang deui nya?
    Lebar teuing atuh………..!!!

  6. achmed alfarabby said

    Maos Carpon eta, ra2osan mah asa ngadon ngawa2as mangsa nu tos lawas
    Bet emut deui ka anjeun na. Duh Jungjunan,na dimana anjeun ayeuna ??
    Teh, tulungan abdi…..

  7. budi said

    Aduh asa teu acan puas mun tacan disambungmah eta carpon teh, wios lah carpon bersambung oge, da kumaha atuh asa aya nu kurang …., asa can aya tungtungna.., punteun abdi bahasana pami rada kurang mernah da ari abdi mah turunan jawa lahir di bandung…, mung resep maca carpon sunda teh nya seueur nu ngartosna .. lumayan lah, kek..kek/kek.. carita na sae matak ser-seran kana hate…..

  8. diet plans said

    I was suggested this website by my cousin. I’m not sure whether this post is written by him as
    no one else know such detailed about my trouble. You’re amazing!
    Thanks!

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: