Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Iqra

Posted by bujanggamanik dina Méi 4, 2008

Muhammad sok mindeng ngahuleng, teu ngarti ngabandungan kalakuan urang Mekah harita. Loba pisan kabiasaanana anu matak teu panuju.

Geura wé, ongkoh Ka’bah téh dianggap tempat suci. Tapi di jerona pinuh ku rupa-rupa arca anu dianggap berhala. Éta barang-barang anu dijieun tina kai atawa tina batu téh diparuja. Majar téh bisa nulungan, bisa ngubaran anu gering malah nepi ka bisa ngadatangkeun rejeki sagala rupa.

Mun sakalina aya maksud, jalma-jalma téh daratang ka dinya bari marawa sasajén. Bru ditumpukkeun di hareupeun arca téa, bari saterusna mah diantep baé sina buruk.

Ti barang mimiti déwasa Muhammad sok mindeng tumanya ka dirina sorangan, naon sababna pangna kaayaan di sakurilingeunana bet kitu.

Komo kana kabiasaan ngubur orok awéwé hirup-hirup mah, lain baé teu ngarti, tapi kacida teu panujuna. Orok salucu-lucu kudu dikubur ngan pédah éta téh awéwé. Na asa telenges kabina-bina teuing.

Sasatna mah Muhammad geus geregeteun hayang nyarék. Ulah kitu, da éta téh lain kalakuan anu hadé. Tapi teu nyaho kumaha carana. Mangkaning apan anu mingpin upacara-upacara sarupa kitu téh kekentong kota Mekah. Kangaranan jalma anu dipikasérab jeung dipikolot ku saréréa, tangtu waé bakal hésé ngadéngé kana pamanggih batur. Komo deui mun éta pamanggih téh datangna ti budak ngora pantar Muhammad. Salian ti teu bisa maca téh, apan geus yatim deuih. Ngarasa sok mindeng bingung sorangan ngabandungan kaayaan di sakurilingeunana, bari jeung teu nyaho kudu kumaha, Muhammad jadi beuki resep nyorangan. Komo lamun keur dina kaayaan peuting mah. Bari nyawang béntang nu baranang di langit, lamunanana sok mindeng diantep sina ngacacang ka mana mendi.

Ari pék katambah-tambah, kabiasaan kitu téh ku Khadijah sasat diayunkeun pisan. Tara ieuh digarah-geureuh. Khadijah kacida nyaaheunana ka Muhammad téh. Sanajan umurna sahandapeun, tapi ka carogéna téh Khadijah bakti kabina-bina. Manéhna apal pisan yén Muhammad téh ti barétona ogé tara aya kabiasaanana anu goréng. Moal samata-mata ayeuna resep nyorangan lamun maksudna teu hadé.

Geus matuh, unggal bulan Ramadhan, Muhammad sok ngahagalkeun nyepi di Guha Hira. Guha Hira téh hiji guha dina gunung batu kaléreun kota Mekah anu jauhna kira-kira 6 kilo meter.

Di dinya kaayaanana sepi jempling. Boro-boro peuting, dalah beurang gé sasat tara kaganggu ku sora nanaon. Béda pisan jeung kaayaan kota Mekah anu salawasna teu weléh ramé ku anu jarual beuli rupa-rupa dagangan.

Di Guha Hira mah Muhammad éstuning nyorangan, tara aya batur ngobrol-batur ngobrol acan. Mun geus aya di dinya, terus menekung. Tara aya anu dikedalkeun sacara lisan, padahal batinna mah natanyakeun sagala rupa. Salila di jero guha téa, Muhammad ukur mawa bekel saperluna baé.

Salila kitu téh, Khadijah nungguan kalawan sabar di kota Mekah. Ngan lamun katimbang aya kahariwang, melang bisi carogéna kumaha onam, sok buru-buru ngajurungan. Bisi baé carogéna kakurangan bekel. Ngan engké, lamun carogéna geus aya deui di bumi, Khadijah sok terus tetelepék, hayang terang naon baé anu kajadian salila nyepi di Guha Hira téh.

Naon anu dilisankeun ku carogéna, ku Khadijah gé sok terus dipikiran. Beuki kaharti baé pangna carogéna resep ngahagalkeun nyepi téh, nya éta awahing ku teu panuju kana kabiasaan masarakat kota Mekah.

“Hirup urang saréréa téh geus kalangsu,” cék Muhammad ka Khadijah. “Bandungan baé kaayaan sakurilingeun urang. Loba pisan kabiasaan anu sama sakali euweuh mangpaatna.”

Sanggeus dipikir-pikir deui, Khadijah gé panuju kana naon anu dilisankeun ku carogéna téh. Malah beuki dieu mah manéhna sok beuki ngarep-ngarep mun sakalina Muhammad nyepi ka Guha Hira téh. Teu sabar, hayang gura-giru ngaguar pangalamanana.

Dina hiji waktu, basa Muhammad keur rada lelenyepan di jero Guha Hira téa, ujug-ujug aya anu nyampeurkeun. Asa-asa satengah ngimpi, tapi da tétéla aya jirimna.

“Iqra!” cék éta jirim anu datang téh.

Muhammad kagét. Aya jirim anyar pinanggih bari teu apal saha-sahana. Sarta terus nitah maca.

“Maa iqra!” témbal Muhammad. Sim kuring mah teu bisa maca.

Nadéngé kitu éta jirim téh kalah terus ngadeukeutan. Malahan Muhammad ngarasa asa dicekék nepi ka eungap.

“Iqra!” geus pok deui baé nitah maca.

“Maadaa aqra?” témbal Muhammad bari angger teu ngarti. Naon anu ku sim kuring kudu dibaca?”

Gorolang baé éta jirim téh maca leuwih panjang. Eusina surat Al-Alaq ayat 1 nepi ka ayat 5. Baca kalawan asma Raab anu nyipta. Nyipta manusa tina getih skeupeul. Baca. Nya Raab anjeun anu Maha Asih. Nu geus ngajar manusa sagala rupa anu saméméhna maranéhna teu nyaho.

Sababaraha kali éta kalimah téh dibalikan deui dibalikan deui. Nepi ka Muhammad gé apal ditalar.

Barang geus apal, ngan koréjat baé. Reuwas aya, sieun aya, héran aya. Saha jirim nu bieu téh? Naha maké nitah maca sagala rupa? Saumur-umur tacan kungsi aya saurang gé anu nitah kitu. Ari ieu, bari jeung teu wawuh saha-sahana, ujug-ujug nitah maca. Bari anu kudu dibacana ogé, sakitu anéhna.

Kaluar tina jero guha téh pikiranana asa beuki teu paruguh.

Barang geus aya di tempat anu datar, di hareupeunana ujug-ujug jleg baé aya jirim ngabelegedeg. Ieu anu bieu nitah maca téh, cék Muhammad dina batinna. Ayeuna ku naon bet ngahalangan? Barang malik ka tukang nu ngabelegedeg téh bet geus aya di dinya deuih. Muhammad beuki ngarasa bingung.

Moal kitu aing téh linglung mah, pokna dina jero haté.

Sanggeus jirim téa ngiles teuing ka mana leungitna, ngan berebet baé Muhammad téh lumpat.

Barang nepi ka bumina, késangna wuwuh ngoprot. Khadijah anu buru-buru nyampeurkeun, héran baé nu aya.

“Simbutan! Simbutan!” cék Muhammad ka Khadijah.

Ningali carogéna kitu kaayaanana, Khadijah teu tatanya deui. Ngan rup baé salirana disimbutan. Sajeroning kitu haténa mah terus tumanya. Ku naon carogéna bet kitu? Bari éta, ongkoh ngoprot ku késang, tapi ménta disimbutan kawas anu nirisan.

Khadijah teu ingkah ti dinya. Carogéna anu ngalempréh bari bangun kacida capéna téh terus baé diteuteup. Késangna terus disusutan.

Sanggeus sawatara lilana. Muhammad téh nyah beunta.

“Khadijah! Ku naon ieu awak jadi kieu?”

Ngadéngé pananya carogéna kitu Khadijah neuteup pinuh ku rasa deudeuh.

“Aya naon nu saleresna?”

“Puguh asa ngimpi, tapi da tétéla lain ngimpi.” Derekdek baé didongéngkeun naon anu cikénéh kajadian di jero guha téh. Khadijah ngabandungan saregep naker.

“Boa-boa bieu téh kasurupan…,” cék Muhammad semu bingung kénéh.

“Sanés, sanés kasurupan,” témbal Khadijah halon bari ngusapan mastaka carogéna. “Salira mah salamina ogé tara bohong. Tara minteran nu sanés. Sim abdi mah percaya, kajadian nembé anu sakitu ahéngna téh sanés kasurupan. Namung kajantenan anu saleresna.

Barang tétéla jawaban Khadijah sakitu yakinna, Muhammad karasa tenang deui.

“Bener Khadijah, nu bieu téh lain kasurupan?”

“Sanés. Sing percanten. Pantar salira anu sakitu beresihna mah moal dugi ka kasurupan. Mangga ayeuna mah kulemkeun baé. Bilih capé teuing.”

Haté Muhammad beuki ngarasa tengtrem. Geuningan Khadijah gé meni sakitu yakinna, cék dina batinna.

Basa yakin carogéna kulem tibra, Khadijah ngaléos kaluar. Sanajan manéhna geus yakin carogéna lain jijieunan, tapi pikeun ngandelan kapercayaanana, léos baé indit rék nepungan Waraqah bin naufal anu pernah kapiemangna kénéh.

Waktu geus adu harepan jeung Waraqah, ngan derekdek baé Khadijah nyaritakeun naon anu cikénéh kaalaman ku carogéna. Ditalék imeut pisan taya nu kaliwat seutik ogé.

“Maha Suci Allah!” cék Waraqah bari semu olohok. “Omat ti mimiti ayeuna hidep kudu beuki ati-ati.”

“Na ku naon kitu?” Khadijah gé jadi milu kabawa reuwas.

“Lamun henteu salah nafsirkeunana, naon anu kaalaman ku Muhammad bieu téh sarua jeung anu kungsi kaalaman ku Kangjeng Nabi Musa harita. Muhammad, salaki anjeun, geus narima wahyu ti Allah.”

Ngadéngé kitu Khadijah ngahuleng salila-lila.

“Jadi yakin pun lanceuk téh parantos diselir jadi nabi?” Pokna antara bungah jeung melang.

“Enya!” témbal waraqah bari unggeuk. “Anjeunna anu bakal mingpin ieu umat kana jalan anu leuwih bener. Jirim anu tadi nepungan Muhammad di jero guha téh taya lian malaikat Jibril.”

Teu kaampeuh ku rasa anu ngaguruh dina jero dadana, Khadijah teu sasatna satengah lumpat hayang buru-buru nepi ka imahna. Kasampak carogéna bangun anu keur tibra kénéh.

Lila pameunteuna diteuteup. Ti mimiti ayeuna, anu aya di hareupeunana téh lain ngan ukur carogéna, tapi nabi ongkoh. Nabi anu jadi kakasih Allah. Lamun saméméhna geus sakitu percayana jeung sakitu nyaahna, komo deui ayeuna. Muhammad téh ti mimiti ayeuna jadi panutanana lahir batin dunya ahérat. Anu bakal nungtun kana jalan bebeneran jeung kasalametan.

Barang carogéna gugah, Khadijah beuki ngarasa nyaah jeung sono anu luar biasa.

“Teu kedah waka gugah,” pokna halon. “Teraskeun baé kulem, supados tiasa jagjag sareng seger deui.”

Tapi carogéna kalah imut leleb naker.

“Geus lain waktuna reureuh atawa saré ayeuna mah,” sanggemna. “Urang téh geus lila teuing cicing. Ayeuna mah geus mangsana singkil. Bieu pisan, jirim anu némbongan di Guha Hira téh geus datang deui. Ayeuna mah ngan lain semet nitah maca wungkul, tapi nitah gura-giru saged. Béjaan cenah nu séjén.”

Sanggeus kitu pok Muhammad ngagorolangkeun eusi surat Al Muddatsir ayat 1 nepi ka 7. Hé anu keur diharudum ku simbut! Geura hudang sarta béwarakeun ka saréréa. Kudu ngagungkeun Raab, papakéan sing beresih, tinggalkeun pagawéan dosa. Lamun barang béré ulah miharep pamulang anu leuwih ti kitu. Sarta mungguh Raab, poma aranjeun kudu sabar.

Nguping carogéna nyarios kitu, Khadijah beuki ngarasa tengtrem. Beuki yakin, saha carogéna ayeuna.

Tina Taréh Rasulullah, Karya Abdullah Mustappa.

3 Balesan to “Iqra”

  1. gajahkurus said

    Sae pisan ieu artikel, wios dicomot ku abdi?🙂
    Peryogi pisan, kantenan pun anak nu nuju diajar basa sunda. Maklum sadidinten biasa nganggo basa Indonesia/Sunda. Kan pun anak mah putra “JANDA”😀

  2. pribumi said

    Mangga, bingah pisan aya nu minat kana ieu blog saaya2.Teu kedah wawartos atuh🙂

  3. urang ozi said

    ehmmmm hanjakal katinggaleun maca iyeu carios. sigana mah harita waktu sim kuring absent ti blognya, waktu aya huru hara…..he he he…..meni sae pisan nya riwayat rosul dina bs sunda asa nyerep pisan.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: