Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Obat Manjur

Posted by bujanggamanik dina Juli 18, 2008

Ku Rukhmansyah

Aya sales datang ka imah Kabayan mawa rupa-rupa obat manjur nu dikemas dina botol, ti mimiti botol pangleutikna tepi ka botol panggedéna, sagedé botol kécap. Hiji-hiji hasiatna ditawarkeun jéntré pisan.

Sales: “Tah ieu nu botol alit, hasiatna kanggo nu gaduh panyawat sesak napas, asma, sulit bicara.”

Kabayan: “Ari nu ieu?”

Sales: “Obat nu ieu kanggo nu gaduh panyawat gagal jantung, gagal ginjal, gagal panén, darah tinggi, darah rendah!” Ampir kabéh ditataan. Aya obat ngalindur, obat anti kérék, borangan, pangedulan, barangasan, gedé ambek, sasangkleng, gedebul, gedé hulu, gembul, pikun, pohoan, tapi can aya tanda-tanda Kabayan rék meuli, kalah nanya deui.

Kabayan: “Cik…, ari nu na botol naon hasiatna Cép?”

Sales, bari teu tetep sabar: “Tah nu botol ageung ieu mah kanggo nu gaduh panyawat sesah kulem, dada berdebar-debar, kukurayeun bulu punduk, sareng traumatis ku nu nagih. Dileueutna sakaligus tengah wengi, teras botolna dibabukkeun kana mastaka Bapa dugi ka peupeus!”

Tina Manglé, No. 2178

10 Balesan to “Obat Manjur”

  1. Roban said

    Ari obat tolak miskin sareng obat napsu shalat aya Teh?!

  2. gajahkurus said

    hehehe….beu!
    Aya obat nyeri tuur? Karunya ka sakadang gajah nu tos sababaraha dinten humarurung nyeri tuur 🙂

  3. abdi lier di die teh.

    Gak ngerti bahasanya (tapi pengen tau ngomongin apaan uhuk uhuk uhuk), yg pasti sunda kan nih.

  4. pribumi said

    Landong nyeri tuur, obat tolak miskin, obat napsu shalat, waleranana aya di para saderek 🙂 kantenan sim kuring teu terang.

  5. wahhh enggak ngerti bahasanya mbak 😀
    salam kenal

  6. pribumi said

    Salam kenal kembali 🙂

  7. hua.. hua…

  8. abah uKi said

    nepangkeun, panginten kersa.

  9. wawan s said

    timimiti panggih jeng dongeng kabayan dugi ka ayena teras seuri dugi ka nyeri kulit seuri balas beubeuteungan. teh aya dongeng kabayan nu matak janten nangis ? dugi ka kiwari sim kuring teu acan mendakan manawi aya ?

  10. Ok, 100 % agreee. You mayy have slammed the nail on thee head.

Tunda talatah