Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

Posted by bujanggamanik dina Méi 18, 2008

Si Kabayan jalma miskin taya kaboga. Di sakampung éta mah pangmalaratna baé meureun. Imahna teu béda ti saung butut. Ari pagawéanana, kitu wé buburuh ngoréd.

Béda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu kacida beungharna. Sawahna lega, kebonna puluhan héktar, imahna gé nya gedé nya agréng.

Sakali mangsa tatangga Si Kabayan téh hajat gedé, ngawinkeun anakna. Ondangana kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carék wiwilanganana salembur éta mah diondang kabéh, iwal Si Kabayan.

Si Kabayan jeung pamajikanana teu kira-kira waé nalangsaeunana. Tuluy waé Si Kabayan téh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, pék ngadeupaan lincar.

“Sadeupa, dua deupa, tilu deupa, …,” cenah.

Sémah kacida kagéteunana, nénjo kalakuan Si Kabayan kitu téh. Saréréa ngariung nénjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat.

Pribumi ogé norojol; barang ngadéngé rebut-ribut di luar téh, gancang kaluar. Ari rét ka Si Kabayan, manéhna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.

“Ku naon Kabayan, manéh téh ngadeupaan lincar? Bet éta jeung teu dibaju kitu, kawas budak waé.”

Témbal Si Kabayan, “Wah, mun kolot gé diondang.”

Nu boga hajat pohara éraeunana, rumasa ngabéda-béda jelema. Gancang waé nyarita.

“Kapan ti kamari gé diondang. Manéhna mah sok pohoan. Gancang balik, dibaju heula, engké ka dieu, sakalian bawa pamajikan,” kitu ceuk nu boga hajat téh.

Si Kabayan kacida atoheunana.

36 Balesan to “Si Kabayan Ngadeupaan Lincar”

  1. gajahkurus said

    hehehe….pinter tah si Kabayan. Pesen nu digambarkeun ku kalakuanna, ulah sok ngabeda-beda jelema, rek nu hideung, nu beureum, nu koneng sarua darajat jelema mah.

  2. Tenor said

    Somehow i missed the point. Probably lost in translation 🙂 Anyway … nice blog to visit.

    cheers, Tenor

  3. pribumi said

    Welcome to my blog, Tenor. Thanks for your comment.

  4. Reedkoor said

    Ari lincar teh naon ?

  5. pribumi said

    Lincar teh nya eta papan anu dipasang di beh handap (sisi-sisi) bilik, di sakuriling imah panggung. Fungsina pikeun mageuhan atawa nyemped bilik sangkan pageuh.

  6. asep yusup said

    sim kuring mah bade tumaros ari salira teh saha?geuning seueur pisan peperenianana…..naha pribumi teh ti institusi pamarentah?

  7. asep yusup said

    sakantenan hoyong wanoh, sok komo sim kuring mah, nu nuju ngumbara di taneuh swarnadwipa,….di medan, kaleresan deui bojo teh urang jawi,…..ah,pun anak ge nepi katepaan jawana…..sugan engke mah rek didongengkeun si kabayan, mudah-mudahan we pogoteun

  8. pribumi said

    Aduh wilujeng ngumbara atuh saderek Asep Yusup. Hatur nuhun parantos luntur galih wawanohan sareng sim kuring. Sim kuring teh guru basa Sunda di hiji SMP. Diantos kasumpingan saderek salajengna.

  9. Aang Zaeni said

    Kang asep wilujeng wanoh sreng simabdi, tong hilap kang linggih deui ka ieu blog kanggo silaturahmi sareng baraya urang sunda sadayana….

  10. W. Mulyawan said

    sae sae.. heben lah

  11. Lita Rizki F. said

    Bu, kumaha damang? mudah-mudahan sehat. Abdi teh alumni smpn 4 cimahi tahun 2007-2008 kelas 9b. Kumaha kabar Dini? mudah-mudahan sehat oge. nuhun pisan kanggo elmuna basa di smp, kaanggo pisan di sma.

  12. Pribumi said

    Alhamdulillah Lita, ibu sareng Dini nuju sehat. Tangtos ibu moal hilap ka Lita, wargi Bu Erna anu pinter tea. Ngiring bingah atuh ari pangajaran Basa Sunda diteraskeun di SMA mah. Hatur nuhun kana kasumpinganana.

  13. Anzu-Ohz Killers said

    wakakakakak…. carita Si Kabayan mah kocak kabeh euh!!!!:D
    kuring hayang bogaan jilidna ah….!!! 😀
    kuring kelas 6 SD yeuh….:D
    nanaonan weh saba pohoeun yeuh….:D
    😀 😀 😀 😀 😀 😀 😀 😀 😀 😀 😀 😀 😀 😀
    B) B) B) B) B) B) B) B) B) B) B) B) B) B)
    unggal rek mejeng ah…..
    maraneh rek mejeng ka imah Kabayan teu…??
    bisi rek mejeng….kuring hayang oge nya….!!!

    MACA………!!! ‘SI KABAYAN SABA KOTA’ NYA!!!

  14. Randy said

    makasih ya bu udah menyelamatkan saya dari setrapan guru bahasa sunda YES!!

  15. […] carita sunda By muhammadputra Si Kabayan Ngadeupaan Lincar […]

  16. […] Si Kabayan Ngadeupaan Lincar […]

  17. Cinderella said

    😀

  18. dudy said

    hatur punten ka wargi abdi sadayana manawi aya anu tiasa pangngajarkn jisim abdi basa sunda anu merenah srg tatatitina. diantos

  19. nhie....ajj said

    wah…..si kabayan ka pipir imah nu boga hajat teh teu make baju….. ih si kabayan porno atuh….

    hihihiihiii

  20. tukem said

    dasar si kabayan…jiga nu bodo tapi loba akal na 😀

  21. […] Si Kabayan Ngadeupaan Lincar […]

  22. andy said

    ceu, kuring ijin ngopi dongeng sareng gambar si kabayana nya.. 😀

  23. Akha said

    Pintèrrr oghe tchk si ka bynz,.,.,.

  24. Si kabayan, kabayan teaaa..

  25. .

  26. nana said

    asa te nyambung carita teh??

    • N.Hendratna said

      Eh..na ari nana,matak oge ari maca the bari diregepkeun,carita sakitu runtutna meni di sebat teu nyambung…sok baca sakali deui,tuluy lenyepan,mun can nyambung keneh…wayahna kudu di sarekeun eta mah..hehe

  27. […] Dimuat dina Carita Si Kabayan | 26 Pairan » […]

  28. ujang said

    =)

  29. aris said

    Jglanteun inget k lembur d cililin bandung kang?????

  30. Mittie said

    Heya are using WordPress for your blog platform? I’m new to the blog world but I’m trying to get started and set up my own.
    Do you require any html coding knowledge to
    make your own blog? Any help would be greatly appreciated!

  31. website said

    Asking questions are genuinely good thing if you
    are not understanding something totally, except this paragraph provides nice understanding yet.

  32. I’m gone to tell my little brother, that he should also go to see this website on regular basis to get updated from hottest information.

  33. Hello, i feel that i noticed you visited my site so
    i came to go back the favor?.I’m trying to find issues to improve my site!I guess its ok to make use of some of your ideas!!

  34. ira said

    maksud dari “Wah, mun kolot gé diondang.” teh gimana?

  35. Hello there! I know this is kinda off topic but I was wondering which blog platform are you using for
    this website? I’m getting tired of WordPress because I’ve had issues with
    hackers and I’m looking at options for another platform. I would be fantastic if you could point me in the direction of a good platform.

Tunda talatah

«