Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Si Kabayan Ngala Tutut

Posted by bujanggamanik dina Pébruari 26, 2008

gambar-21.jpgCék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”

Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”

Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.

Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.

Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”

Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”

Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.

Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”

Tina Lima Abad Sastra Sunda.

32 Balesan to “Si Kabayan Ngala Tutut”

  1. gajahkurus said

    Si Kabayan Ngala Tutut benten versi sareng di na buku Pangajaran Basa Sunda SD Kelas 2 nu ku sim kuring diaos. Teu bosen-bosen da maos carita si Kabayan mah 😀
    Hatur nuhun

  2. pribumi said

    Gajah kurus teh meni kasep geuning, hoyong mangku akh….

  3. Aang Zaeni said

    hahhhhh dasar sikabayan pinter jeng bodo teh beak ku sorangan wae….

    Kang ditambih terus nya cariosan lucuna…

    nuhun…

  4. Rumingkang said

    si kabayan urang sunda, urang sunda ulah siga si kabayan. saur kang Doel mah kitu 😀

  5. […] Si Kabayan Ngala Tutut […]

  6. […] Dimuat dina Carita Si Kabayan | 4 Pairan » […]

  7. Hamdan said

    Si kabayan caritana mani lucu pisan.#€

  8. hendri said

    teh abdy nyhunken dongeng sunda atuh piken pancen sakola ?

  9. Baranyaii said

    Keren lah

  10. Cinderella said

    😀 😀 😀 😀 :O

  11. Dede said

    Hehehe…
    Pntn ah ngiring nglngkung…
    Rupina wae emutaneun nya eta crita teh…

  12. dudy said

    😀 aya-aya wae nya ari kang kabayan

  13. eh juganteh jeuro hanas maca serius pas tukang “el da deet” hihii

  14. abah uKi said

    kabayan tea………….. abah uki mah ti mimiti inget, sok didongengan kusaluhureun di enggon pangajian. ari dongengna teuing bener henteuna. pokoke sok dijudulan kabayan. saluhureun rajin dongeng upahna teh barudak marencetan awaknna, ceunah carangkeul usum macul tea…………………

  15. muhammad farhan alfa salam said

    kocakk 🙂 😀

  16. Kang Wawan tea said

    Sampurasun…..! Hapunten yeuh kusimkuring di kopi/disalin mugi teu janten bedu…..

  17. Kang Wawan tea said

    Sampurasun…..! Hapunten yeuh ku akang di kopi/disalin mugi teu janten bendu…..nyi!

  18. duh kabayan kunaon bodo 🙂

  19. Sanjaya said

    Aduh..aduh kabayan .haha.enggal damang

  20. Trie .. said

    Resep ih abdi mah ka dongeng2 si kabayan teh. Sok janten hyong seuri nyalira upami macaan dongenna teh.. Hhaaa… 😀 Tambih deui kang dongengna..

  21. sidiq said

    hayu urang lestarikeun tradisi urang sunda

  22. radit said

    jhahahaha

  23. farid rahman said

    hahaha lucu pisan hatur nuhun

  24. ina fm said

    hahahaah 😀

  25. Heny said

    kocakk bngttt..

  26. Randy said

    Hey I am so happy I found your weblog, I really found you
    by mistake, while I was researching on Aol for something
    else, Anyways I am here now and would just like to say kudos for a tremendous post and a all round
    entertaining blog (I also love the theme/design), I don’t have time to read through it
    all at the moment but I have book-marked it and also included your RSS feeds,
    so when I have time I will be back to read a lot more, Please do keep
    up the great jo.

  27. Wonderful blog! Do you have any suggestions for aspiring writers?
    I’m planning to start my own website soon but I’m a little lost on everything.
    Would you recommend starting with a free platform like WordPress or go for a paid option?
    There are so many options out there that I’m totally overwhelmed .. Any ideas? Thanks a lot!

  28. I love it when individuals get together and share views.
    Great website, stick with it!

  29. We stumbled over here coming from a different website and thought I may as well check things out.
    I like what I see so now i’m following you. Look forward to looking into your web page for a second time.

  30. I’m truly enjoying the design and layout of your website. It’s a very easy
    on the eyes which makes it much more enjoyable for me to come here and visit more often.
    Did you hire out a developer to create your theme? Exceptional work!

  31. sing leuwih lucu deui ny caritana resep eung macana he..

  32. asik…
    resep pisan atuh da carita na si kabayan teh mani lucu damel deui ath ny nu leuwih lucu…

Tunda talatah