Si Kabayan Ngala Roay
Posted by bujanggamanik dina Nopémber 30, 2007
Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék-kemék acan, sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.
“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”
Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.
Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.
“Mitoha! Mitoha!”
“Heuy!”
“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”
“Heug! Ulah lila teuing baé.”
“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk.”
Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.
Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung. “Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.
Si Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé. Aya jelema.”
Rigidig karung roay dipanggul. Édas beurat naker,” omongna. “didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.
Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong, “Euleuh cukul pelak roay urang téh nya, mani sakieu lobana.”
“Hih, tacan kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun, manéhna, teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha geringna?”
“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”
“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.”
“Aéh-aéh, kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat naker.”
Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing ku kagét.
Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.
“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.
“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”
“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé. Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.
“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha awéwé.
“Heug, moal mitoha.”
Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh.
Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.
“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung téh digulingkeun. Durugdug digusur.
“Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!”
Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.
“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!”
Roay! Roay!” Bari terus digusur.
Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu titeundeut.
“Tah mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah indit ka cai.
Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.
(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk.)






















Fzouiten2003 pok
waas carita si kabayan, atuda asa ngingetkeun, amprokna jeung nu boga blog iyeu di dunya impian teh apan waktu sim kuring make id sikabayan….he he he…., da anjeun katarik ku eta id nya? lamun kuring teu make id sikabayan sigana mah moal wawuh urang teh nya?………nuhun kabayan…anjeun geus ngamprokeun sim kuring jeung pribumi nu boga blog iyeu…..
Pribumi pok
Ieu blog memang hadiah ti sim kuring kanggo salira (nu rumaos id-na SIKABAYAN). Haturan, mugi kersa nampi kalayan kabingahan. Mung hapunten hadiah ti abdi mah sapertos kieu, lulumayanan, teu tiasa masihan barang nu langkung sae. Perkawis saha ari bujanggamanik, insyaAllah hiji waktos ku abdi bade dipedar duka dina email duka dina ieu blog.
Aang Zaeni pok
hahhhhhhhh…pinter oge sikabayan taktik namah…
matak oge mitoha jadi jalmi mah tong sok aya kahayang ngabales kana kanyeri (bales dendam tea meureun?)…
W. Mulyawan pok
huahua
dasar.. sikabayan..:D
Kang Manshur (Ceps) pok
Mantaplah eta si kabayan emang the best pisan uy….
kerenlah moal aya nu nandingan abunawasna urang sunda….
__________________________________________________________________________________________________
@Kang Mansyur, komo abdi mah dugi ka kapengpeongan ku Si Kabayan teh.
meylani pok
KAYAN LIPLAP MANA?
Mei, di dieu mah teu aya Kabayan Liplap.
meylani pok
KABAYAN LIPLAP MANA?
_______________________________________________________________________________________________
Mey, di dieu mah teu aya Kabayan Lip Lap.
Andi pok
jigana hirup siga si kabayan mah moal stres tur karasa ni’mat hirup di dun’ya anu loba masalah ieu.teh sing seu eur carita kabayan na.di tunggu
_______________________________________________________________________________________________
Andi, insya Allah urang kurah-koreh heula. Antosan we nya!
carita sunda « Muhammadputra's Blog pok
[...] Si Kabayan Ngala Roay [...]
carita sunda « Muhammadputra's Blog pok
[...] Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong. Baca tuluyan ieu tulisan » [...]
winar pok
adeeuhhhhh….. teu kuat nepi ka nyeri beteung
titiens pok
Teu resep ah jahat ka mitoha teh. Doraka nyaho!!
Dede pok
Assalamu Alaikum wr,wb.,
Duuuh haturan rawuh ka sdya palawargi utmina ka kang kbyn htr nuhun pisan,
duh meni asa uih deui ka jman kpungkur kang….
Hehehe…
Da meni asa waas pmi mca carios kbyn teh…
Hehehe…
galih pok
sae pisan. asal ulah nyonto mumul gawena we nya, Teh (sareng ngaheureuyan mitoha, ketang)
songongt pok
hahahahahahaha ……..
saep pok
si kabayan belegug…hahahaha
iwan st pok
kabayan, carita anjeun moal laas ku jaman
fahri opek pok
kocak caritanateh ;D
Kang Rahman pok
Aduh teu kuat hayang seri eta maca carita si kabayan …aya ku jail ka mitoha..
budi pok
dasar si kurang ajar…, kek….kek…kekk
Ashton pok
Im not that much of a internet reader to be honest but your sites really nice, keep it up!
I’ll go ahead and bookmark your site to come back later. Cheers
http://bernd-schmitz.net/wiki/index.php/Benutzer:MalcolmPa pok
I’m truly enjoying the design and layout of your website. It’s a very easy on the eyes which makes it
much more pleasant for me to come here and visit more often.
Did you hire out a designer to create your theme? Superb work!
Bernice pok
Wow, fantastic blog layout! How long have you ever been running a blog for?
you make running a blog glance easy. The total look of your
web site is great, as neatly as the content material!
paleo rezepte hackfleisch pok
Hey are using WordPress for your blog platform? I’m new to the blog world but I’m trying to get started and create my own.
Do you require any coding expertise to make
your own blog? Any help would be really appreciated!
Franziska pok
Yogi Tea — Peach detox cleansing tonic. When you
starve your body of more than five hundred calories
a day, your body may start to lose lean mass. Begin a collection ‘ be it stamps, thimbles, spoons, dolls, action figures, sports memorabilia etc. Anyone with a heart condition, or taking other medicines, should not take most of the available diet pills.
Latanya pok
Hi! This is the second time visiting now and I just wanted to say I truley fancy looking at your
blogging site. I’ve decided to bookmark it at delicious.com with your title: Si Kabayan Ngala Roay Rohang Kalam jeung Daluang and your Website address: http://bujanggamanik.wordpress.com/2007/11/30/80/. I hope this is fine with you, I’m trying to give your terrific blog a bit more visibility.
Be back soon.