Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Dongéngéng Dongéng Ambu

Posted by bujanggamanik dina Désémber 27, 2007

Ku Chyé Rétty Isnéndés

hamil.jpgUtun, nyebut Utun baé nya, Ambu téh. Enya utun inji. Bongan Ambu can nyaho naha hidep téh awéwé atawa lalaki. Cenah sesebutan Utun-Inji téh pikeun hidep, pibakaleun lalaki atawa awéwé. Sanajan kitu, Sunan Ambu mah tetep nyebut Utun ka putrana; Guru Minda nu geus jadi bujang, tur nyebut inji ka Pohaci Purbasari putri parawan Pasirbatang. Meusmeus Utun, meusmeus Inji, deudeuh naker sigana téh. Kitu nu kabaca ku Ambu tina carita pantun ‘Loetoeng Kasaroeng’ kénging nyarungsum CM Pleyte. Lamun kitu mah meureun sesebutan keur hidep –Utun Inji—téh geus aya ti béh mula, meureun ti jaman Pajajaran kénéh. Saha nu nyaho.

Aéh, Utun, meureun ayeuna mah hidep téh geus bisa ngarasakeun naon nu karasa ku Ambu. Geuning buktina, hidep sok embut-embutan ayeuna mah. Usik ka ditu malik ka dieu. Sérését ka katuhu, sérédét ka kénca. Sakapeung deui nyerendul ka luhur, najan mimindengna mah enyut-enyutan dina parindikan Ambu. Komo lamun pareng Ambu capé pisan. Ih, ieu mah mani ajol-ajolan kawasna téh.

Saur Bu Bidan genep bulan mah hidep téh geus bisa ngarasakeun naon nu karasa ku Ambu. Nyeri haténa, peurih rasana, sedihna, tunggarana, rasa senangna, bungahna, jeung bagjana. Ari ceuk Ma Paraji mah, heueuh hidep téh geus usik malik Meureun cangkeul nya, ngeluk baé atawa ngaréngkol baé mah. Da Ambu ogé, kolot, sok nyeri tonggong ngaréngkol waé mah, komo hidep. Aéh, kétang kitu gé Utun, sakapeung Ambu téh sok ngarasa aral ku ayana hidep téh. Komo waktu umur sabulan, dua bulan, tilu bulan, nepi ka opat bulan mah. Aduuh, nyerina Ambu téh. Sagala karasa. Lain nyeri ku awak tapi nyeri ku rasa. Gering Ambu téh, gering psikic—saur guru Ambu mah—Gering nangtung ngalanglayung. Sangu asa catang bobo, cai asa tuak bari. Mandi kedul, sagala rupa embung. Leuleus asa teu nangan. Taya tangan pangawasa. Kahayang téh ngagolér baé bari neuteup lalangit kamar, ngahérang. Murel baé ongkoh, tungtungna luga jeung luga baé, Ambu téh, nepi ka kuru aking ngajangjawing.

Enya sakapeung mah matak aral aya hidep téh. Sakapeung hayang neundeun heula hidep di hiji tempat, nepi ka Ambu ngarasa genah, bagja, hampang. Engké, di mana Ambu geus jagjag deui, rék disampeur deui. Hi, hi, hi, lucu, Tun, nya?!

Ceuk Ma Paraji mah, “Wayahna, Enéng, kapan ieu téh anugrah nu kedah ditebus ku pangorbanan hijji indung. Emh bagja temen kagungan putra téh. Tingali Ema, geus nulung mangratus-ratus jabang, tapi nepi ka nini-nini kieu teu saésé-ésé acan Ema mah. Teu dipaparin anak ku Nu Maha Kawasa.” Cenah daria.

Ti dinya bari ngurut hidep nu turun baé, gorolang Ma Paraji téh miwuruk. Cenah wayahna sagala karasa. Da mémang kitu kuduna. Ku naon pangna dara nu kakandungan sok ripuh baé. Kapan cenah ngamimitian sagalana. Komo sabulan, dua bulan, tilu bulan mah. Disebutna ogé keur wayah ngahérang, cenah. Namperkeun jati tina sagala rasa. Beureumna, bodasna, konéngna, hideungna, atawa nu disebut nu opat kalima pancer atawa ceuk urang Jawa mah kiblat papat kalima pancer téa. Upama geus namper, mimiti cacai téh asup kana wayah ngalénggang atawa luménggang. Kumaha wé nu midang, éta cacai téh cenah nyedotan sagala sari tina awak urang, tina kadaharan jeung tina rasa urang, bagja, sedih, ogé tina cahaya urang, jeung sajabana. Tah lamun geus cukup, cacai téh asup kana wayah gumulung. Di dinya cenah sagala sari nu geus dikumpulkeun téh dikocék, digalokeun, digumulungkeun.

“Matak luga waé, Enéng, temahna ka urang. Meusmeus Borolo, meusmeus u-o. Tah kitu ceuk indung Ema baheula, jeung mémang kitu ceuk pangalaman Ema nalangan nu kakandungan…” Tuluy Ma Paraji nuluykeun papatahna. Cenah lamun geus opat bulan mah Si Utun Inji téh wayah mirupa. Kuduna mah ngupat cenah, soalna dina wayah mirupa Si Utun téh dibéré kahirupan: nyawana, bagjana, rejekina, jodona, jeung patina ku Pangéran.

Leres Ema. Ambu téh ngaheueuhkeun dina haté, Utun. Da mémang kunggel dina Al Qur’an ogé. Kitu pisan teu jauh sakumaha omongan Ma Paraji. Ngan sabab manéhna mah maké adat karuhun, jadi basa nu kakedalkeun téh kitu unina. Utun, mun hidep apal—engké baris apal kétang—adat-adat karuhun urang, urang Sunda, réa nu saluyu jeung ajaran agama Islam. Komo dina palasapahna mah. Tapi lamun gelarna dina paripolah geus béda tina palasapahna, éta mah dibeungharan baé ku maranéhna minangka insan nu hirup jeung papadana. Minangka insan nu berbudaya téa, nu dipaparin budi akal ku Mantenna. Enya, sakapeung mah réa nu siga papalingpang. Tah di dinya, urang kudu atina-atina, Utun.

Utun, ayeuna hidep geus nincak wayah usik, wayah malik. Ambu téh ngarasa eungkeut-eungkeut deui, maju ka cageur. Ambu téh asa rada janglar deui, hudang deui, béar deui, getihan deui. Enya sok ngarasa bagja ayeuna mah. Kieu maksud téh, Utun. Baheula ogé bagja Ambu téh, komo sanggeus nyaho aya kahirupan dina beuteung. Tapi kabagja harita kalindih ku ‘gering’ téa. Nyiram ngéléhkeun kabagjaan Ambu. Tah, ayeuna mah Ambu téh asa rék cageur deui. Tangtu kabagjaan Ambu manglipet-lipet deui.

 

***

 

Aéh, Utun, karasa teu ajrug-ajrugan? Ambu ogé rada pepelengkingan, ieu téh, Ambu keur aya dina karéta ieu téh. Enya, tadina mah hayang genah kana karéta téh, da disawang bakal ngageleser dina erélna. Heueuh, kapan erél karéta mah moal aya garékgok nu nyababkeun ampul-ampulan gilinding kandaraanana. Tapi buktina? Sarua baé karasana ku Ambu mah, matak enek. Na hidep téh atuh réwél-réwél teuing? Sénsitif pisan? Geus puguhing kana sakabéh babauan mah, ieu…kana renjulna jalan ogé. Najan leutik, tapi matakna mawa pohara. Cing tulungan Ambu. Sing bageur, sing ngajurung kana laku, nya!

Dina karéta Ambu téh. Rék ka dayeuhkeun. Dayeuh gedé. Kota nu pangraména di Indonesia, cenah. Ti Bandung téh subuh naker Ambu téh. Poék kénéh, indung peuting masih ngalimpudan dayeuh Bandung. Ambu téh ngalamun dina karéta, da neuteup kaluar meredong kénéh atuh. Lalamunan téh kieu…kumaha lamun Ambu ngarang carita lalampahan dina karéta. Meureun resep temen. Enya, Ambu téh sok hayang ngarang carita ngeunaan kahirupan dina karéta. Tapi Ambu téh can apal lingkungan karéta, can apal bubuk leutikna karéta. Kakara apal gerbong, piluit, péron, perewis, nu karitu baé. Heuheuh lucu, nya?

Naha Ambu maké hayang ngarang? Sualna, Ambu ngarasa salila lima bulan ieu Ambu gering, teu bisa ngumbar imajinasi. Teu bisa ngumbar angen-angen. Teu bisa ngararasakeun ni’matna hiji perjalanan. Ambu téh asa hayang baruntak, hayang ngabudalkeun sakabéh imajinasi nu katalikung téa.

Lila Ambu ngahuleng. Horéng di luar geus rada caang. Cahaya panonpoé paselang jeung sésa reumis nu haliber, mawa métapora nu kacida éndahna. Borélak-borélak panonpoé nyaangan karéta. Cahayana keuna kana beungeut Ambu. Haneut temen, Utun. Sapanjang liliwatan nu katingal téh ukur ‘bujur dayeuh’, enya pasisianana. Kapan kitu karéta mah. Tara ngaliwatan puseurna, mipir wé, nyisir ka pasisian, ka padésaan, ka pagunungan. Meuntas sasak beusi nu kacida panjangna. Ngaliwatan bédéng-bédéng butut, makam-makam, jarian, leuweung leutik, kebon sampeu, sawah, jeung walungan-walungan nu geus kalimpudan polusi.

Meureun Utun nanya, naha karéta mah jalanna ka nu kararitu, Ambu? Heueuh, Ambu ogé teu ngarti. Ngan lamun dipatalikeun jeung sajarah ieu nagri mah, utamana di pulo Jawa sigana aya korélasina, hubunganana. Kapan cenah kompeni muka erél karéta téh, guna utamana mah pikeun ngangkut palawija jeung hasil kebon (entéh, karét, kina, paré, gula, jsb) nu baris diangkut ku lori atawa karéta basajan. Diangkut ku Si Sepak Sengok atawa ku Si Kuik téa ngaliwatan bubulak, mipir pasir mapay jungkrang. Da kitu kapan, ari ngaranna pakebonan mah tara aya di tengah dayeuh.

Diakutan pakaya nagri téh, Utun, teuing dibawa ka mana, ka Batavia meureun, laju dibawa ka Sunda Kalapa, diakut ti palabuan ka nagrina. Teungteuingeun, nya. Najan enya ayeuna aya gunana jeung mangpaatna ogé, kasang tukang sajarah nu hideung mah, angger bakal tuluy ngahihileudan kana jiwa rahayatna. Kitu deui kasang tukang kahirupan hiji jalma ogé, Utun. Bakal tuluy ngahihileudan kana jiwana nu teu bisa merdéka. Muga Utun mah sing bagja. Lamun Gusti marengkeun, Ambu jeung Ayah hayang méré kabagjaan jiwa keur Utun Inji, sangkan jiwa hidep bébas merdéka teu katalikung ku hideungna kasang tukang mangsa bocah.

Utun, sigana karéta geus mimiti asup ka sisi dayeuh téa. Tuh sawahna nu makplak satungtung deuleu karonéng buahna. Téréh panén sigana mah. Tuh, enya baé beulah ditu mah keur ngagebot sigana téh. Leuh mani loba jalma nu mantuanana. Ti iraha maranéhna gawéna? Ti subuh mula meureun, nya Utun. Mémang kitu patani mah. Hudang subuh balik burit. Kadang mondok di sawah nunggu paré atawa néang cai.

Capé? Tangtu utun. Hirup mah capé. Tapi tina capé urang bakal ngarasa bagja. Bingung, nya Utun? Tangtu bingung deuih. Da atuh boro-boro ngarti, medal ogé acan kapan. Engké ogé, lamun Utun medal, hirup waras, hurip walagri nepi ka wayah ngarti, sawawa, bakal surti kumaha ari hirup saéstuna. Heueuh salah Ambu, siga ka nu hideng baé, cacarita téh. Tapi keun baé, ieu mah itung-itung ngawahan sangkan panalar jeung pangaweruh hidep dina waktuna jembar jeung guna pikeun manusa séjénna.

Tah Beulah dieu mah sawahna ancal-ancalan, diwates ku bénténg. Pabrik meureun. Tuh, da enya, katingal pisan cai limbahna dipiceun ka walungan. Emh, teungteuingeun deui baé. Paingan sawah nu deukeut pabrik mah goréng kitu jadina. Ngaranggas, Utun. Sigana dua tilu taun nu bakal datang mah, sisi dayeuh nu tadi ogé bakal keuna ku industrialisasi.

Naha nya, Ambu mah teu ngarti, pamaréntah daérah kalah méré idin ka pangusaha pikeun ngadegkeun pabrikna di wewengkon nu subur jeung léndo, cocog pikeun pasawahan pakebonan? Naha kalah méré idin téh di tanah nu kitu. Lain di ditu…di tegalan di wewengkon nu jauh jeung daérah agraria masarakat.

Ieu mah industrialisasi dipaksa téh saenyana. Antukna sagala teu nincak kana lebahna. Tatanan kahirupan masarakat barobah kapaksa. Kapan ruksakna fisik mawa akibat kana ruksakna psikis. Méntal masarakat robah, kapaksa jeung dipaksa. Antukna Indonesia teu mangrupa da robahna teu alamiah téa. Lamun nu hudang téa mah lain dililirkeun, diusap, diguyah-guyah. Tapi kalah dibanjur, digebug, disentak, disépak, digentak. Antukna sawan, ilang pangacian. Nu ngari, olohok molohok, lulungu. Ninggang di sadar, ambek ngagugunung. Ambek nyedek tanaga midek. Lila-lila baruntak, anarkis téa antukna.

Ah nya éta, Utun. Kudu kumaha jeung ti mana ngamimitian deuina, sagalana geus hésé dirobahna Urang tengetan baé, bari hojah sabisa-bisa. Da euweuh guam pisan mah, arca meureun disebutna. Kapan urang manusa, Utun. Nu nyababkeun budaya jeung nyiptakeun budaya. Utun gé, bakal kitu, jaga.

Aéh-aéh, geus nepi ka biwir dayeuh geuning, Utun. Naon cing cirina? Meureun Utun pansaran. Itu tuh… tingal pagaliwota jeung patali marga kahirupan mani paciweuh kitu. Sibuk téa. Jam sabaraha nya? Paingan, jam satengah dalapan leuwih saeutik geuning. Keur meumeujeuhna manusa téh ngudag pakasabanana ka unggal pongpok angin. Ciri séjénna…naon cing, Tun? Tuh…runtah jeung limbah tingtalambru di unggal juru. Kahirupan kucel, cakueum, kusam. Béda baé jeung di pasisian mah, nu caang, béngras, taya polusi nu ngalimpudan rohang dada manusa-manusana.

Utun…geus karasa nya? Tangtu. Ambu ogé geus lapar ieu téh. Ééh, peujit koréseun geuning Utun téh. Heueuh lain Utun meureun, Ambu. Da geus nincak wayah sasarap atuh, Tun. Ceuk Wa Édi téa mah di Nagrak Sukabumi; wanci mumuluk euy! Tutug uyah sagedé peureup kolot, dibuleud-buleud, dibungkusna ku daun cau manggala meunang ngaleumpeuh. Di luhureun tutug, sangray sirinding jeung sambel tarasi medok kenging Ema. Uyut nyebutna hidep mah meureun. Haduh ni’matna, Tun. Seuhah tapi col deui col deui kana sambel. Ngariung saanak incu Ema Taaara unggal usik mah, tapi mimindengna kitu. Kitu Utun, Ambu mah baheula. Hareupeun hawu éta téh, saméméh miang tolab élmu ka sakola dasar. Teu wudu hurip walagri geuning, Utun, malah ayeuna bisa ngakandung Utun.

Ambu mah turun di setasion kahiji ieu téh. Kapan rék ka dinya, ka Jalan Salémba. Jalan nu pinuh ku moméntum perjuangan pisik nepi ka jaman réformasi, Utun. Loba pisan dongéng Ambu téh. Engké deui urang guar hihi-hiji. Engké lamun utun geus jadi budak.

Jam dalapan kurang saparapat, ayeuna téh. Piluit tanda eureun di setasion Jatinegara geus disada tah. Ké sakeudeung, Ambu bébérés heula, bisi aya nu tinggaleun atawa mik-ap teu matut, éra temen, engké Ambu. Geus puguheun beuteung mah mendeyang, bentelu ku Utun, atuh beungeut-beungeut teu camérong.

Da geulis mah henteu Ambu téh, ngan manis wungkul meureun, heuheuh. Tapi cenah Tun, manis mah sok geulis, sedeng geulis mah can tangtu manis. Matak lain Ayah hidep wungkul baheula nu ehem téh. Ngan nu wani jeung tanggung jawabna; wungkul manéhna. Nu séjén mah aringgiseun. Duka ku naon. Ceuk kolot nu kungsi diwawancara disungsi élmuna ku Ambu mah kieu omonganana téh.

“Nénéng mah beurat ajina. Pameget-pameget sérabeun ku Nénéng. Seueur pisan nu palayeun, namung arisineun. Anu jodo sareng Nénéng mah, waja sorotna…,” anéh nya Tun. Kapan nu nyorot mah cahaya atawa mun nu ngaborélak téa mah inten jeung emas. Bolongkotan. Emas nu ayeuna hargana apung-apungan, tapi da Ambu gé resep. Hé hé hé…

Ieu téh kalah ngadongéng ka mana-mana. Heup heula, nya, Tun. Karéta geus eureun ayeuna mah. Bismillah Ambu ngucap du’a, muga dipaparin kasalametan ku Gusti Alloh di dayeuh Jakarta. Babadagna lelembutna Ambu jeung Utun-Inji, hayu urang turun. Amin.***

 

Parongpong, 13 September 2000.

(Tina Manglé, No. 1782)

4 Balesan to “Dongéngéng Dongéng Ambu”

  1. Firman/Apih said

    Ceu, gaduh carita kapungkur teu? kayaning Lebé Kabayan atawa nu lianna? cing pinton keun.

  2. Pribumi said

    Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka blog sim kuring. InsyaAllah bade dipilari deui carios-carios sanesna anu sarae. Diantos kritik sareng saran salajengna.

  3. henirusli said

    Jiga pangalaman sim kuring. Sok ngobrol jeung si utun inji nu ayeuna teu weleh digegembol. Berat jeung ridu ge, piraku teuing diecagkeun mah. Da ambu teh nyaah jeung deudeuh ka si Utun.
    Sakapeung mah jiga nu kurang cageur mun keur ngajak ngobrol si utun teh, da katingalna keur ngecebrek sosoranganan. Tapi keun bae teuing, da ieu mah tanda kanyaah keur si Kaka.

  4. pribumi said

    Wilujeng janten sepuh anu ideal.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: