Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Buku Tamu

Wilujeng Sumping

sate.jpg

160 Balesan to “Buku Tamu”

  1. mifka said

    Wah, aheng… Nepangkeun yeuh. Punten, ngiring kurah-koreh…

  2. pribumi said

    Mangga linggih, sing sering atuh kokorehna, sareng sing sering msihan komentar, nuhun.

  3. chrisna said

    ass….
    seja ka pihatur ka sadaya nu aya didieu…..

    upami teu lepat dupi warta na pribumi teh Ibu Tetty sanes anu ngawulang di SMA pasundan majalaya sanes….????

    hapunten bilih aya ucap atanapi basa anu teu raos dina manah…
    salam baktos we k kalawarga sadaya anu aya di rorompok…..

    wassalam…..

  4. fz said

    Matakna di profile pribumi teh, atuh pasihan nami wae mah ari alim masihan detailna mah, tuh aya nu kasamaran, karunya……

  5. ARNA TS said

    Maosan ieu seratan, asa janten budak deui. Emut ka nini (alm). Upami ngendong teh maturan nini, sok dipangdongengekeun. Duh dongeng-dongeng nini, upami di bukukeun sabarah kacaeun nya…..

  6. pribumi said

    Hatur nuhun kana kasumpinganana. Buku anu aya di sim kuring anu judulna “Dongeng-dongeng Nini, ipis, henteu kandel. Tapi upami urang ngahaja ngempelkeun dongeng nu bacacar di masarakat, anu teu acan kapaluruh, tangtos bakal kandel upami dibukukeun teh.

  7. Roban said

    Punten Teh,di dieu simkuring ngan ukur tiasa naroskeun sareng komentar wungkul.Simkuring asli sunda,tapi dina masalah “KASUNDAAN” mah rumaos masih keneh “DANGKAL”.Mugi-mugi ku ayana ieu media tiasa ngeuyeuban kana kasundaan simkuring khususna,umumna ka KISUNDA sadayana.Hatur nuhun pisan Teh!

  8. pribumi said

    Ayi Roban, bebas aja lagi 🙂 bade naroskeun, bade maparin komentar, ku abdi teu weleh diantos2. Bade maparin saran2 oge mangga, dihiap-hiap pisan. Hatur nuhun kana pangrojongna kana ieu media.

  9. teh nety said

    teteh..aduh meuni sae pisan…e,seur carpona..
    mantak betah teteh..
    di duakeun teh sing langkung seur karangan teteh..

    baktos
    nety

  10. pribumi said

    Wilujeng sumping di blog sim kuring Ayi Netty. Blog anu saaya-aya tea, lulumayanan kanggo ngaraketkeun silaturahmi urang sunda di mana bae ayana.

  11. Salam tepang

  12. jang opan said

    haturan kulan. kataji ku karancagean teteh. sim kuring asa dosa teu tiasa ngiring ngamumule basa sunda. satuju lah teh,sae teras dilajengken.

    sanaos hiji mangsa abdi nuju jihad di Iraq atanapi nuju hog hag jeung si jos bus di manhatan, sim kuring bade ngagorowok … maraneh ulah gagabah ka aing urang sunda balad pahlawan toha ti bandung kidul jeung anak buah hz mustopa ti tasik.

    punten para wargi mung heureuy…

  13. pribumi said

    Salam tepang deui Kang Awan. Bingah amarwatasuta bingah kagiri-giri tiasa ditepangkeun sareng salira.

  14. pribumi said

    Hatur nuhun Jang Opan, parantos kersa rurumpaheun ka Taman Bujanggamanik anu sakieu buktosna. Oge hatur nuhun kana sadaya komentarna. Diantos komentar salajengna.

  15. ASEP said

    Salam kenal ka sadayana urang sunda.com….
    ti abdi urang sukanagara..Cianjur

  16. pribumi said

    Haturan urang Cianjur, alhamdulillah tiasa ditepangkeun di cyber.

  17. gajahkurus said

    Sampurasun,
    Resep ka ieu blog. Teh nyungkeun widi blog teteh bade dilink di blog sim kuring
    Hatur nuhun

  18. pribumi said

    Rampes,
    Mangga bade di-link-keun mah. Bingah nu aya blog nu sakieu buktosna bade dipublikasikeun. Bakal seueur wargi atuh urang teh nya…

  19. eka said

    Assalamualaikum Wr.Wb, Teh ngiring noong. Kanggo bahan pangajaran sastra Sunda sae pisan eiu blog teh, simh langkung motekar deui nya teh. Abdi mah nembe lelengkah halu dina perkara blog teh, punten ngirig nglink nya …… nuhun sateuacanan ….

  20. pribumi said

    Waalaikum salam Wr.Wb.
    Haturan ka Ayi Eka anu parantos kersa rurumpaheun ka ieu blog. Ieu blog teh tebih keneh kanggo disebat sae mah. Kantenan upami dibandingkeun sareng blog Garnawis Sunda mah tebih keneh pisan, kakantunna ieu blog teh, utamina tina sisi desainna sareng animasina. Mangga bade di-link mah:)

  21. smapasundanmjl said

    Nepangkeun, sim kuring warga tatar pasundan, nu ngaraos bingah yen aya ti papada urang nu masih keneh mirosea kana titinggal karuhun, mugia ulah bosen upami sim kuring seuseur lunga lengo ka ieu blog. ieu mah dumeh ku reueus…….

  22. pribumi said

    Mangga bade lenga-lengo mah kana blog ieu, da gratis ieuh, henteu nganggo karcis. Malih mah langkung sering langkung sae supados silaturahmi urang teras manteng.

  23. niringan ah salam pang wanoh ka sadaya inohong2 sunda sa alam dunya,ti andi warna fm tasik

  24. pribumi said

    Baeu teh teuing bade ngiringan mah, dihiap-hiap pisan ku sim kuring, dihaturanan sering sumping ka dieu!

  25. Ibuna Bintang said

    Nepangkeun abdi nu nuju ngumbara di alak paul. Resep macaan eusi blog salira, landong nineung ka lemah cai utamina tatar sunda.

  26. Pribumi said

    Alhamdulillah dinten ieu nambihan wargi teh. Mangga diaos sadayana manawi kaanggo. Sim kuring bingah pisan tiasa tepang sareng saderek, sanaos mung ukur ngalangkungan blog. Mugia silaturahmi urang anu munggaran ieu tiasa manjang dugi ka sanes mung ukur tepang di cyber wungkul. Mugia!

  27. budak padeglang said

    Cobi abdi ngiringan yeuuuuh nongkrong diajang ririungan kasadayana bararudak sunda di mana wae.Tepang keun abdi bararudak pandeglang anu aya di olaya riyadh.Keur garawe di komputer.Bade naroskeun…Aya teu barudak pandeglang nu masih tacan kalacak ku KOMUNITAS PEKERJA PANDEGLANG. Upami aya nu teurang pang sarioskeun ka e-mail abdi giiiih….

  28. Hatur salam kanggo KAMMIL said

    hatur Salam kanggo ikhwan-Akhwat KAMMIL ( Komunitas Muda Muslim Labuan Pandeglang ) Anu saleresan maca di ririungan iyeu.kumaha sadayana daramang….?Mugi atuh daramang giiiih…?
    Abdi oge damang.
    Hatur salam waelah kasadayana aktifis muda muslim dimana wae.Terutami anu aya di IPB Bogor,ITB Bandung,UI Jakarta,Nurul Fikri cinangka serang,Teu hilang kanggo akhi fillah Aang In’amullah Haromain S.Pdi anu aya di jamia’ah Ummul Qurro Makkah Al-Mukaromah.Iraha kang aang tiasa uwih kareumpeul deui di DPC PKS Labuan?Mugi Allah mapaikeun jalan anu leureus sareung sukses anu nuju nyandak program kuliah S2 na amiiiin….
    Abdi ti akhi fillah Rijaalul Ghad Ibadurrahman SP

  29. Darliana said

    Sae pisan, sim kuring ngaraos bingah ku ayana ieu blog. Urang Sunda ulah kakantun ku jaman.

  30. Pribumi said

    Hatur nuhun kana kasumpinganana. Diantos saran sareng kritik oge pangrojongna, saderek Darliana 🙂

  31. bajingakiri said

    ah teu tiasa abdimah basa sunda nage

  32. pribumi said

    Ah, bohong ah…

  33. balga said

    as ww,
    selamt ya, maaf numpang lewat,
    horas….!

  34. Pribumi said

    Waalaikumsalam,
    Horas deui lah…!

  35. SALAM KENAL
    Dengan FRONT KOMUNITAS INDONESIA SATU (FKI-1, Ormas Independen). Utk lebh mengetahui kegiatan dan AD/ART FKI-1 dpt dilihat di Website:www.apindonesia.com (Klik LOGO FKI-1).
    Terima Kasih Imas Nurhayani,SE. Sekretariat:Gd.Dewan Pers. Jl.Kebon Sirih No;32-34 Jakarta Pusat. Tlp:0213503349, 3864167, 0818798586. Email:satufki@gmail.com.

  36. aminhers said

    nepangkeun

  37. pribumi said

    Nepangkeun oge, sim kuring nu ngageugeuh ieu blog.

  38. pribumi said

    Salam kenal kembali untuk Ibu Imas Nurhayani. Terima kasih atas informasinya.

  39. dikotektak aya deui weeeeeeeee…..rajin pisan euy! mani ngacacang ka mana mendi ih ieu ibu binangkit teh….. salut lah! Sok teras tanjeurkeun Ki Sunda di alam maya……!! cecewwwwwwwww…!

  40. Aduh haturan Kang Cece, ka mana wae yeuh….meni lawas ti lawas. Wilujeng nyangking jujuluk guru basa Sunda Teladan.

  41. henirusli said

    Ceuceu, nepangkeun sim kuring Ambuna si Kaka. Meni resep ceuceu mah seueur koleksi carsun (carita sunda)na. Tiasa disebat “manusia langka” yeuh. Maklum, jaman kiwari basa Sunda teh janten barang langka oge. Sok ngahelas teh, mun aya urang Sunda, nu jelas-jelas diborojolkeun di tanah Sunda, nginum cai sunda, ulukutek di tanah sunda, palebah cacarios…, da langkung resep mamalayuan. Cik atuh, ari ngobrol jeung papada urang Sunda mah, galecok ku basa Sunda we atuh.

  42. pribumi said

    Haturan Ayi Heni, wilujeng sumping di blog ceuceu. Nya lulumayanan ieu blog teh saaya-aya, masih keneh tebih ti nu dipiharep ku sadayana. Sing sering atuh amengan ka dieu. Hatur nuhun kana pangrojongna.

  43. henirusli said

    Ceu, tiasa naros sakedik? Punten bilih pertarosanana teu sapira. ari Bujanggamanik teh hartosna naon?

  44. Roban said

    Teh,ari Bujanggamanik teh salah sawios tokoh di tatar Sunda di jaman baheula sanes?!

  45. Waleran kanggo saderek Henirusli sareng Roban:
    Bujanggamanik teh tokoh sajarah (kantos jumeneng aya dikieuna). Anjeunna teh salahsawios turunan Prabu Siliwangi anu keresepna ngalalana ngurilingan Pulo Jawa. Sakaterang sim kuring, anjeunna turunan raja anu teu kabitaeun ku tahta. Wios janten pengembara milari pangalaman kanggo bekel hirupna tibatan janten raja. Bilih panasaran kana riwayatna, tiasa dipilari di google. Hatur nuhun kana kasumpinganana.

  46. Aang Zaeni said

    teh bade tumaros punten nya dupi hoyong nampilkeun foto dina ieu blog kumaha teh?? sapertos anu lain kan aya fotona benten – benten, maenya anu simkuring mah gambar anu kitu teteh…

  47. Upami palay aya potoan dina waktos ngomentaran ieu blog, ayi kedah gaduh heula blog di wordpress. Teras blog ayi teh leresan profilna dipasangan poto Ayi nu pangkasepna, nembe tiasa muncul poto ayi tea dina blog nu ieu. Begitu sodara….

  48. Mardies said

    Mau nanya Teteh…

    bahasa Indonesianya “naon” apa, ya? 🙂

  49. asep yusup said

    Punten, kumaha daramang pribumi teh.

    Asa reugreug geuning basa sunda tur warisanana teh moal kitu wae dikantunkeun, aya keneh nu merhatoskeun kana sagala rupina. Sapertos Pribumi tea geuning, ku haat milarian dongeng-dongeng sunda sapertos si Kabayan (asa kasar nyebut teh meni si, apanan ka kolot, naha teu digentos wae Abah Kabayan, apanan karuhun)

    Aya deui kahoyong kuring teh nyaeta, mintonkeun rumpaka lagu-lagu sunda khususna sanggian ti mang koko saparakanca. Kumaha tah?da ari sim kuring mah rada teu paham kana ngadamel blog teh, abdi sayogi upami dipundut bantos kanggo ngempelkeun rumpaka na mah.

    Ngan hanjelu oge ninggal buku tamu teh geuning aya muatan Politis sapertos no absen 35. Ari kahoyong mah ieu blog teh da blog budasa sunda, saena mah bersih ti na hal nu politis, sapertos pron-pron an,….asa rumanggieung tah nampina teh.

    Ah eta mah pilakadar ngemutan wungkul, da sadayana ge teu langkung nu gaduh hadas. ari abdi mah mung ngiring ngaramekeun wungkul.

    wasallam
    asepyusup

  50. Pribumi said

    Sateuacanna hatur nuhun kana komentar sareng pangrojong saderek Asep Yusup kana ieu blog. Mangga urang waler hiji-hiji komentarna:
    * Sim kuring salaku guru Basa Sunda ngaraos wajib ngadokumentasikeun sareng ngawawarkeun ka masarakat Sunda sagala rupi perkawis kasundaan. Upami sanes ku urang ku saha deuih atuh nya Yi?
    Ngeunaan nyebat “si” ka Si Kabayan ku emutan asa teu masalah, margi Si Kabayan teh teu acan tangtos kantos aya dikieuna. Teu acan aya nu tiasa maluruh naha manehna teh karuhun urang Sunda atanapi mung sakadar tokoh carita anu hirup dina alam imajinasi urang Sunda wungkul. Ku kituna, tos janten kailaharan eta tokoh disebat Si Kabayan. Upami digentos ku nyebat Abah Kabayan bilih pagentos sareng Abah Kabayan penyiar Radio Dahlia anu taun 75-an sohor ku dongengna “Si Buntung Jago Tutugan”.
    * Perkawis lagu-lagu sanggian Mang Koko insya Allah ku sim kuring bade diusahakeun dipublish dina ieu blog. Nuju ngempelkeun heula materina, kaleresan sim kuring gaduh sawatara kawih Mang Koko.
    * Perkawis aya tamu anu kagungan niat maparin komentar anu aya unsur politisna, keun we. Da koncina mah aya di urang, naha bade dianggap atanapi bade di lurjeunkeun eta ketikan tamu teh. Kalah kumaha oge anjeunna teh tamu anu sumping ka ieu blog. Kapan urang oge parantos gaduh cecekelan masing-masing.
    Duh saderek Asep, sakali deui hatur nuhun kana panuhun sareng saranna.

  51. asep yusup said

    Sae atuh, abdi teh tepang sareng ahlina,guru basa sunda yang paham teknologi IT…rumaos ari palajaran basa sunda teh ti jaman SD keneh, tug dugi ka SMP (Baktos kuring ka Guru Basa Sunda SMP 14 taun 1983, Bapa Oya Suhaya, kumaha Damang?)teu langkung ti peunteun 7, eta ge tos pangsaena we saumur dumelah mah…..hehehhe…..sae atuh, sim kuring janten bakal pogot, sanaos susulumputan di kantor, dina ngaksesna ge.

    Da ari ngakses di bumi, teu kaop ku indung si kucrit, cenah mah ulah sok dina komputer wae, ari nu ngadago-dago di bumi teu ditoel-toel acan….

    Hatur nuhun, rumpaka laguna tos kasalin,….lumayan ah, tiasa ngajarkeun ka si kucrit….

  52. asep yusup said

    muhun katampi pisan rumpakana teh, kanggo mepende si kucrit sangkan tibra, sareng tiasa pogot ka indungna…..hehehehe….win win solutionnya teh,…?

  53. Pribumi said

    Saderek Asep Yusup, sim kuring teu rumaos ahli kana naon wae oge. Puguh nu mawi kikieuan oge (blogging) oge bakat ku hoyong diajar, boh IT-na boh perkawis ka-Sundaanana. Hatur nuhun atuh upami katampi mah sagala rupi nu ku sim kuring diposting dina ieu blog. Wilujeng kokoreh bae 😉

  54. Kang Eka said

    Neda jembar pangapunten tina samudaya kalepatan Wilujeng boboran siam 1429 H.

  55. Pribumi said

    Hatur nuhun kana pangwilujengna, Ayi Eka. Sami-sami sim kuring ge neda hapunten tina saneskanten kalepatan sareng kaluluputan.

  56. asep yusup said

    Dear Teteh,

    Wilujeng Boboran Siam 1429H
    Neda Kajembaran Manah
    Mugia Kersa Ngahapunten
    Kana Samudayaning Kalepatan
    Rumaos Abdi Mah Jalmi Nu Keuna Ku Owah Gingsir
    Haturan Oge Kasadayana nu Maos Ieu Seratan
    Sim Kuring Nyungkeun Hapuntena

    sallam
    asepyusup

  57. Pribumi said

    Kumaha damang Ayi Asep? Sami2, sim kuring oge neda sihapunten tina saneskanten kakirangan, kalepatan, oge kaluluputan sim kuring salami ieu.

  58. aduh euy, tos lami teu dongkap ka ieu bumi, meni asa pangling. hehehe,

    Kumaha kabarna bu, sae, mudah2na sehat selalu, aminnn…

  59. ahmadlabib said

    Salam tepang kasadayana
    sim abdi asli ti Prancis (parapatan ciamis), ngiring jabung tumalapung di blog suda kagungan teteh guru anu geulis

  60. Hatur nuhun kana kasumpingan Ayi W. Anwar. Mangga bae bade ngiring jabung tumalalapung mah, ku sim kuring dihiap-hiap. Abdi mah tangtos bae geulis dan istri (moal aya nu nyebat kasep).

  61. Waleran kanggo Hevi.Fauzan:
    Alhamdulillah abdi sakulawarga sae, Ayi Hevi saurna nuju ngumbara di Tanah Suci? Wilujeng sukses!!

  62. Teteh, simkuring bade nyuhunkeun piduana. Insyaalloh ngawitan senen bade cuti alatan bade ngalahirkeun.
    Mudah-mudahan dilancarkeun, si Kaka lahir kalayan salamet sareng sehat, teu kirang nanaon.
    Sakali deui disuhunkeun ridho manahna kanggo ngaduakeun simkuring sareng pun anak. Hatur nuhun.

  63. Aduh Ayi, bingah pisan Ceuceu ngupingna. Ayi Sakedap deui bade dipaparin rijki anu kalintang ageungna Ku Nu Mahasuci. Wilujeng nganti-nganti utun inji. Mugi lungsur-langsar sagala rupina. Wilujeng janten Ibu anu diidolakeun ku putra-putrana.

  64. Ayi eka said

    Punten ngiring noongan deui…


  65. Pribumi said

    Mangga Ayi Eka, linggih bae di taman Bujanggamanik. Mung hapunten teu disamakkan, nuju ditambut samakna ku tatangga. Ulah sok taang-toong ah bilih turuwisen 🙂

  66. aamizs said

    Sampurasun teteh…haturan sim abdi seja nepangkeun diri ngiring lebet ka tepas teteh mugi katampi ieu sim abdi ti tasik city…

  67. Pribumi said

    Rampes,…bagea ayi Aamiz di blog sim kurim, salam ka saderek sadayana anu araya di Tasik. Diantos kasumpingan salajengna.

  68. Asep Hadi Mulyana said

    Seja nepangkeun abdi asep kawit ti garut, abdi kalintang bingah kuayana ieu blog.
    sok sanajan abdi geus kolot, hoyong diajar basa sunda kinten2 buku naon anu sae?
    punten nagrepotkeun

  69. Pribumi said

    Haturan, wilujeng sumping Kang Asep di blog sim kuring. Perkawis buku Basa Sunda anu sae, rupina sadayana buku anu ayeuna aya sareng parantos diterbitkeun, insya Allah sarae. Peryogi kauninga, buku-buku anu diterbitkeun ku Kiblat Buku Utama sareng Gegersunten seueur anu tos sumebar diaraos ku urang Sunda. Hatur nuhun kana kasumpingan sareng komentarna. Diantos komentar salajengna, oge saran sareng kritikna.

  70. Fitra Lau said

    Aduh meni sae pisan blog teh.. ngiring nga-bookmark nya teh… Hatur nuhun 🙂

  71. Pribumi said

    Alhamdulillah, nambihan deui wargi teh. Hatur nuhun saderek Fitra kana bookmark-na 🙂

  72. usep romli hm said

    Assalamualaikum Wr.Wb. Nuju milarian profil Surachman RM sareng Apip Mustopa, bet anjog ka ieu blog. Hatur nuhun. Rapekan tur sae. Upami teu lepat salembur sareng pun Akang. Sami-sami ti Limbangan.Wilujeng segut sareng hangkeut dina ngamumule basa-sastra-budaya Sunda. Wassalam wr.wb

  73. Pribumi said

    Waalaikumsalam. Teu sangki ieu blog bakal kasumpingan sastrawan sohor, estu bingah pisan. Mung da ieu blog teh sakieu buktosna, teu aya nu tiasa dianggo kareueus, margi sim kuringna nuju diajar keneh. Leres pisan simkuring teh ti Limbangan, ti Desa Putrajawa. Sim kuring mah eta we lah, hoyong sambel Cibiukna 🙂

  74. usepromli said

    Hatur nuhun kana pangbageana. Isin disebat sastrawan sohor. Pun akang mah nulis soteh pedah bakat.Bakat ku butuh. Bongan jadi PNS kabebeng. Jantem politikus gontot. Alhamdulillah ti Putrajawa, Selaawi. Ras ka rerencangan urang dinya ti SMP LImbangan dugi ka SPG Garut. Tos papada kolot. Sapalih tos pupus. Sapertos Pa Kodir Sudirman ti Cigalumpit. Nu aya keneh, tepang tos sami-sami incuan, Pa Duyeh, Pa Dayat, Muhidin, Pa Udin, Pa Engkon, sjb. Batur sakelas ti SMP, dugi ka saasrama di SPG th.1964-1967. Ngical beas bekel kangge meser buku anyar. Atuh sasarap cukup ku awug sesa kamari. Dihaturanan ka Cibiuk. Barudak seniman Garut, kantos kempel di rorompok. Taun 2004 asana. Diluuhan ku Etti RS, Elin RM (PPSS), Hawe Setiawan, Soni FM, Ahda Imran, Darpan,dll. Malih Godi Suwarna oge, maca sajak bari seuseuhah. Kaleresan harita peuteuy leubeut, rambutan sareng buah meuhpeuy. Numawi rajin muka internet, pun Akang nuju ngalengkepan bahan tulisan mangrupi essey sawangan ka sawatara sastrawan sareng karya-karyana. Sapalih nungtut dimuatkeun dina Mangle, Cupumanik, Galura, Sunda Midang. Urang sili du’akeun sing papada giat tur rancage dina widang masing-masing. KOmo akang diburu-buru ku umur. Sasih April teh jejeg sawidak taun, ngoleksi opat incu ti si cikal, hiji ti nu katilu,ti nu kaopat sareng kalima, pibakaleun hiji sewang. Kadang-kadang sok ngemut, rorompok dua, 300 meteran, tos dedet ku buku, tambah incu tujuh, kacipta pabuisna.
    Salam sono ka sadayana, ka tuang raka sareng palaputra.***

  75. Pribumi said

    Aduh Kang Usep, manawi teh moal diwaler panjang lebar. Asa ngimpen abdi mah tiasa komunikasi sareng inohong teh. Ngiring bingah, wilujeng beunghar, beunghar ku elmu, beunghar ku incu, beunghar ku karya-karya anu marunel, sareng sajabi ti eta. Insya Allah hiji waktos abdi hoyong amengan ka Cibiuk, hoyong ngaraosan peuteuyna dicoelkeun kana sambel disarengan ku goreng peda beureum. Peryogi kauninga, seratan Akang teh seratan favorit abdi. Malah kantos aya emutan bade mosting saseueur-seueurna karya Akang dina ieu blog, bade dilebetkeun kana categori: Karya2 Usep Romli. Mung ku margi teu acan gaduh waktos anu rineh, eta kahoyong teh teu acan laksana. Hatur nuhun, mugia silaturahmi urang janten manjang.

  76. usepromli said

    Nyanggakeun ari aya nu kaanggo mah. Ngiring bingah aya urang lembur motekar. Akang terang kana raratan rayi, tina buku “Lir Cahaya Nyorot Eunteung”. Dipaparin ku Ayi Dingding Haerudin, waktos Akang ngahajakeun ka Jrs. Basa Sunda UPI, awal Januari 2008 sakantenan ngalayad pun anak kagenep, Ayu MUstika, nu kuliah di FPBS Jrs.Sunda. Insya Alloh silaturahmi manjang. Komo ari mulih ka Selaawi sindang ka rorompok. Ti pasar Limbangan teh ukur raratusan meter, sisi jalan ka Leuwigoong, rada nenggang di tengah sawah.

  77. Pribumi. said

    Hapunten nembe diwaler ayeuna komentar akang anu di luhur, margi abdi teh nuju riweuh ngiringan sertifikasi. Neda pidu’ana mugi lancar sagala rupina.
    Alhamdulillah atuh tuang putra hiji waktos tiasa ngarencangan abdi ngawulangkeun basa Sunda ka generasi Sunda saterasna. Saurkeun ka tuang putra, resep pisan ngajarkeun basa Sunda teh, margi ku barudak jaman ayeuna mah dianggap pelajaran anu unik. Janten henteu matak jenuh ka barudakna, da materina “lain dari yang lain”. Kantenan upami ngajarkeun perkawis sastrana mah, wah….reseeepppp pisan!!!

  78. ghilman hi said

    Abdi sadidinten nganggo basa Sunda, margi pun bapa sareng pun biang di rorompok nganggo basa Sunda. Atuh lulus SD teh abdi tiasa dua basa. Basa Sunda sareng basa Indonesia. Di SMP sareng SMA diajar basa Inggris. Alhamdulillah, lebet kuliah teh tos tiasa tilu basa. Kaleresan pun bapa tiasaeun basa Arab. Sawaktos-waktos sok ngajarkeun “muhadasah”. Cacarios dina basa Arab.Lumayan. Rerencangan mah, teu patos tiasaeun basa Sunda da ti aalit nyarios ku basa Indonesia. Ibu ramana nu asli urang Sunda, hirup di pilemburang Sunda (Tasik), duka ku naon teu kersaeun ngajak nyarios ku Sunda. Cenah mah ambeh gaya sareng henteu kampungan. Nembe ayeuna rerencangan sok nyarios basa Sunda da diajak ku abdi. Hanjakal cenah teu ti bubudak nyarita ku basa Sunda. Anjeunna nyalahkeun ibu ramana. Sanggem abdi, tos we nu atos mah, ayeuna mah urang sasarengan diajar basa Sunda. Galih GHI, Unikom 09.

  79. Pribumi said

    Aduh pangalaman Ayi teh geuning rame, dugi ka tiasa multibasa, hebat. Mangga atuh urang sasarengan ngamumule sareng nanjeurkeun basa katut budaya Sunda. Nuhun kana kasumpinganana.

  80. Gugun said

    Bu…

    Nepangkeun Abdi Gugun….pami emut keneh abdi teh murid ibu nuju di SMP….
    kantos pendak terakhir teh di angkot caringin 🙂
    Emut keneh teu bu?

  81. Pribumi said

    Waleran kanggo Ayi Gugun:
    Alhamdulillah atuh upami kantos tepang dina angkot sareng sim kuring mah. Mung hapunten upami waktos harita sim kuring teu naros, sanes ku nanaon, ma’lum alumni SMP 4 teh seueur pisan, sim kuring sok hilap deui. Kedahna ditaros ti payun ku para alumni teh 🙂

    Waleran kanggo Asep ZM:
    Mangga, sim kuring bingah pisan ari blog sim kuring kaanggo mah. Muhun, mudah-mudahan urang tiasa ngalaksanakeun gawe bareng dina raraga uar-uar perkawis blog urang ka masarakat internet, oge dina raraga ngaraketkeun silaturahmi antawis urang Sunda di mana bae ayana. Hatur nuhun.

  82. Gugun said

    Ibu,
    Nuhun pisan abdi masih diangken, salam baktos na wae ka Guru-guru SMP 4 Cimahi, Pa Satimin, Bu Misna Ginting, Bu Lilis, Pa Ahmad dua nana…nu putrana sa angkatan sareng abdi, (Fahmi & Lita) mmm saha deui nya! rada hilap namina guru2 nu sanes mah :), pokona mah sadayana weh….
    mudah-mudahan sadayana aya dina pitulung Alloh SWT….Amin

    Wassalam
    Gugun Gunawan

  83. Pribumi said

    Ayi Gugun, Pa Satimin teh parantos pangsiun, Bu Misna ngalih, Pa Ahmad Muhammad janten pengawas di Purwakarta. Upami Bu Lilis sareng Pa Ahmad Safari mah aya keneh di SMP 4. Insya Allah salam baktosna bade didugikeun ka aranjeunna. Iraha atuh bade amengan ka sakola? Diantos pisan!

  84. Gugun said

    Hatur nuhun sa teuacana Bu, hoyong pisan abdi teh amengan ka SMP 4…seueur suka duka na 🙂

    wassalam

  85. Abdi ge hoyong ka smp 4, tapi sanes alumni, kenging teu ? he2

  86. Mang Ajid said

    Sampurasuuun…
    Teh, nepangkeun tamu enggal. Simkuring nembe diajar nge-blog, simkuring kacida katajina kana blog Teteh, maklum ti murangkalih keneh simkuring resep maca buku-buku sunda, terutami Mangle. Punten ku simkuring blog Teteh ditautkeun kana blog simkuring.
    Pamugi Teteh teu kaabotan.
    Hatur nuhun.

  87. Asep ZM said

    Kapungkur abdi ngirim komentar dina buku tamu, tapi naha tiap komentar BATUR nu lebet kana buku tamu ieu dikirim ka abdi oge? Punten lah pang NGEUREUNKEUN kumargi ngaganggu pisan…asa teu nyambung!

    Piraku abdi nembe oge bungah mendakan blog Sunda anu sae, tos kedah hanjakel deui.

    Hatur nuhun & hapunten.

  88. Pribumi said

    Waleran kanggo Hevi Fauzan:
    Mangga, nu sanes alumni SMP 4 oge diantos kasumpinganana, mung ulah hilap sing rebo ku cacandakan, utamina oleh-oleh ti tanah suci 🙂

    Waleran kanggo Mang Ajid:
    Rampes, bagea tamu enggal. Hatur nuhun kana kasumpinganana, mugia bae janten sering amengan kana blog nu ieu. Mangga teh teuing bade di-link-keun mah, manawi kaanggo ku saderek.

    Waleran kanggo Asep ZM:
    Piraku Yi komentar ti dieu lalebet ka Ayi? Abdi oge ngaraos heran, naha bet tiasa kitu nya? Atuh urang akalan bae, kumaha upami komentar Ayi anu kapungkur teh urang delet bae, mamanawian ku di-delet-na eta komentar tiasa “nutup” jalan komentar2 anu teu nyambung tea. Urang delet bae nya?

  89. Kanggo Pribumi :

    Insya Allah, aya ieu korma, sikian, ageung, paranjang, tur amis. 😉

  90. Uskar Sumarna said

    Sdrk Asep Yusuf ping 15 September 2008 kantos nyigeung sual lalaguan Mang Koko.
    Ka sadayana manawi gaduh kaset “asli” (nu ngawitan medal) nu aya lagu “Kareta Api” (rumpaka awalna kieu: mapay erel jalan anu tangtu ngagem pancen mistina lumaku…..) Tah nu naek teh mojang tujuhan.
    Maksadna kanggo ngalengkepan lalaguan koleksi pribadi dina wangun MP3 nu ayeuna nembe gaduh kl 170 lagu. Ka sing saha bae anu gaduh, sim kuring bade nambut dua tilu dinten mah. Engke diwangsulkeun deui diembohan ku CDMP3 nu 170 lagu tea!
    Nu 170 lagu teh ti Kanca Indihiang asli dugi ka beh dieu. Ti “Angin” dugi ka “Wengi Enjing Tepang Deui”
    Nu sanesna nu can gaduh teh :”Rayagung ka bale nyungcung” rumpaka na Dedy Windyagiri, sanggian Mang Koko.
    Nuhun

  91. diediez said

    SAHA NU GADUHEUN LAGU-LAGU SUNDA SOUNDTRACKNA SIKABAYAN SABA KOTA? PASIHAN TERANG NYA. ATAWA EMAIL KEUN WAE KA ABDI. diediezbmx@gmail.com MATURNUHUN…..DITUNGGU PISAN ABDI SEDIH PISAN YEUH…SABABARAHA TAUN MILARIAN LAGU ETA…

  92. hilma said

    punten teteh…. ngiring kokorotak ieu teh:)

  93. pribumi said

    Mangga, kakaratak milari naon kitu?

  94. usep romli hm said

    Assalamualaikum Wr. Wb.
    Mugi sadayana daramang, ginuluran rohmat maghfiroh Alloh SWT. Punten manawi kagungan, Akang peryogi pisan rumpaka lagu karya Mang Koko,sepertos Lemah Cai, Lingkung Lembur, Tanah Sunda, srsjb. Diemailkeun wae upami aya tur tiasa mah. Peryogi kangge mantuan tugas pun anak.
    Hatur nuhun pisan. Salam baktos ka kulawargi di bumi.

  95. achmed alfarabby said

    Assalaamu’alaikum wr.wb

    Teh wilujeng patepang deui sareng sim abdi nu kasep (he…he…PeDe)
    Punten nya Teh, abdi nonghol deui ka ieu blog. Resep tuda teh asa seueur baraya. Sakantenan bade ngiring diajar bahasa sareng budaya sunda. Abdi ge kawitna mah ti USA (Urang Sunda Asli, mksd na)namung perkawis KASUNDAAN mah abdi masih keneh amburadul. Utamina ku tata bahasa sareng Istilah pasundaan masih keneh seueur nu teu acan uninga. Mugia ku sering mampir ka ieu blog, tiasa nambihan wawasan abdi. Tong kapok nya Teh. Teu hilap salam tepang ka sadayana nu sok ancrub ka ieu blog. Nuhun Teh, permios…..

  96. Pribumi said

    Waleran kanggo Kang Haji Usep: eta sadayana rumpaka kawih Mang Koko aya dina Blog nu ieu pisan. Cobi dipilari dina categori. Upami parantos kapendak, kantun di copy paste bae sadayana. Nuhun kana kasumpinganana.

    Waleran kanggo saderek Ahmed:
    Abdi bingah pisan kasumpingan ku saderek teh. Puguh kahoyong mah sing sering amengan ka blog ieu sanaos tara disuguhan sareng tara diangken oge. Wilujeng maosan seratanana, mugi aya mangpaatna.

  97. asep ruhimat said

    ngiring noong … leuh, pepek geuning.
    nuhun, sae pisan

  98. Pribumi said

    Teu kenging taang-toong Kang Asep, bilih turuwisen 🙂

  99. Pribumi said

    Kang H. Usep, rumpaka kawih-kawih Mang Koko parantos sayogi dina blog nu ieu pisan. Cobi pilari dina Categori.

  100. acep banyol said

    ngiringan…ah,
    asa kantos ieu teh…dejavu panginten nya…

    eh wios ieu di link atanapi di candakan ku simkuring. kaleresan nuju resep nyewolan karya sastra sunda.
    punten bilih aya nu ti julait basa sunda na

    hatur nuhun

  101. Dejavu mana nya? sim kuring teu terang.
    Mangga bade di-link-keun mah, oge bilih bade dicopy oge teu langkung. Sami-sami hatur nuhun.

  102. arif said

    aduh ni cing hujan angin dor dar gelap, ngiring ngiuhan ah

    ____________________________________________________________

    Mangga….kalebet incu……

  103. Kang Udin said

    Ngiringan yeuh, punten..nami abdi Udin ti Banten bade milarian rencang kuliah kapungkur anu kawitna ti Tasik. dugi ka ayeuna teu acan pernah tepang deui. Namina IIS WIDANINGSIH ( sigana jadi Guru) asal Kp. Sindanglengo Indihiang Tasik Malaya. Upami aya nu terang, atanapi kenal, mangga kintunken ka alamat abdi : udintea11@yahoo.co.id, Nuhun pisan kanu bade masihan informasi

  104. abah said

    wah, resep maosan na.. sarae.
    ngiring kokoreh ah, manawi kenging.
    hatur nuhun..

    _______________________________________________________________________________________________

    @Abah, mangga bade kokoreh mah. Mung ieu blog teh kirang lengkep, saaya2 bae. Nuhun kana kasumpinganana.

  105. Hendra said

    Asalamualaikum,

    Nggiringan ah abdi oge, etang-etang silaturahmi.

    Nepangkeun abdi Hendra Nugraha, urang Tasikmalaya.

    ___________________________________________________________________________________________________

    @Hendra, waalaikumsalam, mangga bade ngagabung mah. Wilujeng tepang sareng sim kuring. Hatur nuhun kana kasumpinganana.

  106. usep romli hm said

    Alhamdulillah, “kawih-kawih” Mang Koko, kaangge. Malah tos didamel referensi kangge tulisan akang dina Kompas Jabar, 16 Mei 2009. Dinten eta pisan akang syukuran walimahan pun anak. Ngahaja nanggap kacapian midangkeun lagu-lagu karya Mang Koko, garapan Ayi Wawan ti Disbudpar Garut. digantaran ku Ayi Darpan. Agtuh urang lembur ronghok heran, da biasana pesta nikah teh nanggap grup dangdut atawa organ tunggal. Tapi para tamu lumayan apresiatif. Seueur nu pesen sareng nyumbang lagu. Ari disayagian media mah geuning rajol nu resep teh. Hanjakal rombongan PPSS, Eti Rs, Rinrin Candraresmi, Elin RN, sumpingna leuir, kamagriban. Para sastrawan sanes mah, di antawisna Abdullah Mustapa, Aam Amilia, Cecep Burdansyah, Hadi AKS sarimbit (Ai Koraliati), Hawe Setiawan, spk. siang keneh. Keur mah akang nanggap kacapian Mang Koko, turug-turug tulisan ngeunaan Mang Koko dimuat, atuh Tatang Benyamin, putra Mang Koko, ngahaja nelepon. Nganuhunkeun. Hanjakal pisan — punten anu kasuhun — kuncen Bujangga Manik hilap teu kaulem. Insya Alloh, sanes waktos, da gaduh opat deui dahupkeuneun teh. Manawi kaumuran,

    _____________________________________________________________________________________________

    @Kang Usep, Ngiring bingah atuh Kang Haji. Sabatae resepna upami waktos harita abdi ngahadiran. Hanjakal Akang hilap ka abdi hiks….

  107. abah edun said

    Ngiring ngabarungsinang, yeuh. Abah teh hareneg ku kalakuan jalma-jalma (nu ngaku)kekentong Sunda. Cikeneh ngayakeun kagiatan milih urang Sunda nu pantes jadi mentri. Cenah asongkeuneun ka presiden, sina dijenengkeun engke ari nyieun kabinet.
    Har, naha karah kitu ? Ari milih mentri wewenang mutlak presiden, lain ? Nanahaon geuning prehroratip prehroratif kitu geuning. Henteu gundam mah ? Ngalindur beurang-beurang. Cek Abah mah ngerakeun. Nyirikeun urang Sunda teu boga kaweruh dina soal ieu. Paingan tara aya nu kapake.
    Paralun lain ngaluluhuran. Ngan kaluman we kawas taya gawe sejen nu leuwih penting jeung leuwih merenah.

    ________________________________________________________________________________________________

    @Abah Edun, wios lah antep nu kitu mah kapuyeng-puyeng ngemutanana.

  108. ujang darangdan said

    caringin di sisi lamping
    kuciat di palataran
    ari pamingpin garinding
    rahayat mah kalaparan

    pajar teh kalapa rancis
    geuning ager bawa ti pasar
    pajar teh sakola haratis
    geuning angger kudu mayar

    cenah beja ti si bibi
    aya kuda keur totoker
    cenah sakola SBI
    basa Sunda kateler-teler

    (Alok Mang Ahong : kalaparan geus pasti, da duit rahayat beak dikorupsi. Sakola haratis ? Aya kitu ? Di mana alamatna. Cing sing jelas. Euh, enya eta Rintisan Sekolah Bertaraf Internasional (RSBI). Nya tangtu bae basa Sunda kateler-teler. Pan nu dipentingkeunana basa deungeun-deungeun, dan lulusanana ge engke ngabdi ngabakti ka deungeun-deungeun (kawas jaman jajahan kitu ?) lain ka urang jeung lemahcai Sunda).

    ________________________________________________________________________________________________

    Ujang Darangdan, sae pisan seratanana, sering2 bae sumping kana blog nu ieu.Diantos!!

  109. kangacep said

    peuting nyeri beuteung
    isuk-isuk nyeri beuheung
    beurang nyeri leungeun
    peuting deui nyeri beuteung deui
    euweuh mendingna….

    _______________________________________________________________________________________________

    @Kang Acep, nu mawi ulah nuang nu lada2.

  110. adang bakatul said

    Kataji ku pamendak Abah Edun sareng Asep Darangdan. Emangnyah kitu,Abah, ari kana jabatan mah. Tong boro mentri nu baris hojih, jadi kades oge apan paboro-boro. Dibelaan monipolitik ratusan juta da pangrasana bakal kagentian.
    Biasa, Kang Asep Darangdan, di urang mah ukur bustam. Gedebul wadul nu matak teu maju-maju. Sakola gratis kumaha, duit raayat beak dibancak. Geura ayeuna kasus Bank Century, 6,7 trilyun diteleg kitu bae ku euwah-euwah. Hayoh aparata pamarentah parasea, pulisi jeung KPK sili sengklekkeun. Cek Wapres JK oge, duit sakitu teh amburatel ka mana-mana. Biasa komisi,komisi, komisi. Keur ngaluarkeun duit sakitu teh tangtu teu gratis. Heuheuy deuh, heug bae anyar pamarentah ngadeg dijurung ku tsnami Aceh, rek mungkur dijajap ku lini Tasik. Rahayat lutik we angger nu jadi korban mah. Subur makmur adil raharja iraha ? Ke ari pamingpin geus eureun ngawadul. Eh punten Abah, Akang, Euceu

  111. ojat darojat yahya said

    Kamana yeuh pribumi jempling. Kangen ku sorana (tulisan pok mapag komentar). Eta komentar bapa adang bakatul, mani moher kitu. Leres, Bapa.Panuju pisan. Da kalahkumaha oge lini Tasik nu nimbulkeun korban di Jabar kidul, eta ngingetan ka urang sarerea. Tapi naha nya henteu rea kekentong parpol lolongok ka dinya. Teu kawas basa bencana Situ Gintung, para caleg, capres, cawapres rabul. Prita ayeuna disidang deui, sorangan we. Basa ditahan di bui mah, meneran kampanye pemilu, apan gancang dikaluarkeun atas instruksi atasan. Naha di urang mah nyieun kahadean kudu aya pamrih hayang kapilih ? Piraku rek pemilu/pilpres 2014 kudu aya lini dei, urug dei. Amit amit baid siwahu

  112. bayats said

    ….Punten. pribados bade ngiring …………….. ngiring naon atuhnya……….bd ngiring baca-baca weh meh tereh..

  113. Nurfais said

    ada yang sudah nggambar peta lintasan perjalanan bujangga manik belum yo???? dengan crita sedahsyat itu untuk ukuran jamannya, maka amat pantas dibikin dalam bentuk seperti buku Centhini Story, The javanese journey of life. Bukunya sangat ekslusif dan base on manuskrip serat centhini.

  114. Rumingkang said

    ngiring ngarewong Pribumi, sim kuring kacida bingahna nalika kokoreh teh nimu nu kieu. Sono ka sajarah tur budaya Sunda teh, asa waas… asa kagagas… sanajang anggang, ulah nepi ka pegat.

  115. abi Igun said

    punten teh,
    sim kuring alumnus SMPN 4 Cimahi, lulus teh taun 1988,
    hoyong ngiring gabung wirehna sim kuring mah urang Sunda, sareng kataji pisan ku mang Koko teh.

  116. Assalamu’alikum, Wr.Wb.
    sampurasun
    Hapunten ah//sateuacanna..nepangkeun abdi pituin subang, ngan sanes teureuh Subang Larang, manawi katampi, manawa katampa…ngiring reueus..ku aya nu ngamumule, nganata, ngariksa basa sunda sareng budayana ku bentuk web..nu leubeut ku alaeun, reumbeuy ku pulungeun, estu matak muka wacana wawasan keur urang sunda nu resep nyunda. mangga ah teraskeun abdi ngarojong pisan. mugia urang sunda tetep nanjeur, nanjung, apanjang-apunjung.

    haturnuhun…caag..wassalam

  117. Sim kuring asa wararas emut ka jaman kapungkur margi sim kuring tos lami ngumbara, tos lami teu maos karya sunda. Alhamdulillah geuningan aya blog nu special pisan muat dongeng atanapi carita klasik sunda nu lengkep. Hatur nuhun pisan kana karyana mugi-mugi teras berkarya.

  118. Oka Budak Angon said

    alhamdulillah geningan masih keneh seueur anu ngariksa kana basa Sunda teh, mugi-mugi teras majeng kasadayana, teu hilap kanu gaduh blog mugi-mugi cing nyandak barokah kangge sakumna urang sunda…punten simkuring ngiring kokoreh sakantenan nepangken kasadayana,di antos karya Sunda nu sanesna…hatur nuhun.

  119. mamay said

    Alhamdulillah….punten telat abdi mah ningal blog ieu, sae…sae pisan..! Nepangkeun ah..!! Hatur nuhun kana dongeng-dongengna, sok emut kapungkur sok dipangdongengkeun ku pun Bapa reng pun biang. Ayeuna kengeng deui, tiasa deui ngadongengkeun ka pun anak…da bakat ku lami tea janten rada harilap dongeng teh.

  120. Agus Pranamulia said

    Assalamu’alaikum, wr, wb ! Wilujeung tepang nu munggaran dina ieu blog kasadayana. Nambah baraya, sim kuring ti pranamulia institute, dayeuh pakuan, bogor tea.
    Wassalamu’alaikum, wb

  121. Kang Ubad said

    Salam kapihatur, ngiring ulu biung, sanaos mung ukur ngalangkung

  122. wilujeng..abdi reueus pisan k ibu

  123. tommy said

    ass.wr.wb…namiabi teh rd.tommy mario.G.argasasmita….saurna mah abi teh turunan ti galuh…mung abi blank pisan timana kawitna silsilah keluarga abi….lereus kitu abi teh gaduh gelar ” Rd ” upami teu jelas ti turunan raja raja galuh ku abi bade di leupaskeun ieu gelar teh…da abot pisan geuningan nya…..
    hatur nuhun sateuacan na

    punten basa sunda abi kacau..hihi

  124. Endeh Warman said

    Assalamu’alaikum Wr Wb.
    Langkung tipayun nyuhunkeun widi ka anu kagungan blog ieu, sim kuring seja kokoreh eusi blog anu kalintang saena……

    hatur nuhun

  125. Ujang ALi said

    Assalamu’alaikum…

    Sampurasuun….

    Salam tepang ka pribumi sareng kasadayana, ngiringan cocoretan ka ieu blog Abdi ti Kuningan ( pun Biang ) ari pun bapa ti Bandung.
    Pami aya peta aktual ngeunaan situs-situs sajarah dirina urang Sunda, di pundut karidhoanna kanggo babagi ka abdi khususna, sugan weh..tiasa ngajugjug milarian jati diri urang Sunda teh kacumponan…

    Hatur Nuhun

    Ujang Ali

  126. Neni Ratna Yuliani said

    Nepangkeun, sim kuring wasta pun Neni. Kawit mah ti Sukabumi, ti lembur singkur di tutugan Gunung Gede. Bingah pisan tiasa mendakan ieu rohang. Eusina munel pisan, matak pogot macana, rumaos sim kuring mah kirang kanyaho, boh basa Sundana boh sajarahna, kitu deui dongeng-dongengna. Wilujeng ka ais pangampihna, sim kuring ngiring reueus kacida. Mugia katampi.

  127. abah uKi said

    ngalanglang….. sibuk rutinitas. ari plos ka ieu wadah. mugi-mugi kersa nampi, hidep-hidep silaturahim sakum saderek tanah pasundan

  128. tukem said

    salam kasadayana…abdi sanes urang sunda tp ti lahir di bandung jd weh tos ngaraos saperti urang sunda…mendakan blog ieu meni resep seueur carita nu sae nu kapungkur sering di dongengkeun ku emak abdi,,jadi asa bernostalgia ka masa baheula nuju alit…

    Hatur nuhun ka ibu nu tos ngadamel blog ieu

    Wasalam

    Tukem

  129. akil said

    sok mangga dilajeungkeun, sae eta teh ngamumule budaya jeung carita urang sunda.

  130. asep sanaul zaman said

    Salam tepang ka pribumi abdi nembe kokoreh kana basa sunda, abdi di Bogor janten bahasa sunda na oge kasar saur wargi wargi ti priangan mah, di padumukan kuring asa sakedik pisan jalmi anu tiasa diajak nyarios sunda anu sae teh

  131. Salam kenal buat semua yang hadir disini dan semoga sukses buat semuanya. http://www.belajaraffiliasi.co.tv/2011/03/harga-jual-blackberry-iphone-laptop.html

  132. Agus Pranamulia said

    Wilujeng tepang,
    Kuring Agus Pranamulia ti dayeuh Pakuan (Bogor).
    Ti Markaz Islam Bogor.

  133. bunga said

    nepangkeun, abdi bunga dessri nur ghaliyah ti SMAN 1 Sumedang…
    baris ngajak ngamumule kasenian sunda sareng sajak sunda,,, hehehhee….
    bade tumaros upami padepokan atanapi perkumpulan para pecinta seni sunda dimana?
    abdi gaduh kahoyong aya kumpulan para nonoman sunda….
    alham ayeuna di abdi saparakanca nuju teras diajar ngeunaan kasenian sareng sajak sunda,,, (tarawangsa,kacapi,suling,gamelan,karinding,jsb)

  134. adonk depri said

    assalamualaikum wr wb . .
    pnten ngring nimrung,,salam knal we k sdyana…
    asa ku k taji d luhur aya seratan filosofis sunda kagungan H. Hasan Mustapa nyaeta Sapanjang néangan kidul kalér deui kalér deui,, Sapanjang néangan wétan kulon deui kulon deui ,,Sapanjang néangan aya euweuh deui euweuh deui . .
    naon tah hartosna???

  135. Iman Ramdani said

    Assalamualaikum,
    Nepangkeun, hatur nuhun Blog na sae pisan ngabantos kanggo wawasan kasundaan abdi
    abdi seuur nyutat tina blog etah, hatur nuhun..

  136. Hadi rsw said

    asalamualaikum wrwb….

    neupangkeun sim kuering hadi ti tasikmalaya desa sirnajaya kec karangjaya,,,
    bingah pisan abdi tiasa ngagabung dina ieu blog jadi asa seer baraya,,haturnuhun

  137. Teu seueuur anu ngaguar ajen budaya sunda teh… sakapeung mah sok aya rasa nineung hayang mulangkeun tur nyoreang mangsa katukang, kenca katuhu kalingkupan ku budaya tur ajen kahirupan sunda boh tina rengkak saparipolahna… mugia ku ayana blog ieu, budaya urang teh teu tilelep ku budaya deungeun…unjuk loma bae ti sim kuring nu nuju ngumbara..

  138. Tedy said

    Nuhun bu sanggeus ngabantu abdi kerjakeun tugas…
    postingan na manfaat

  139. a pariz said

    salam kenal ti a pariz tea palihan tasik

  140. samo sutardi said

    punten pribados parantos wawantunan ngopy dongeng dongeng ti dieu, nanging kupribados tetep disebatkeun sumberna … manawi kawidian…

  141. muhidin said

    Neng punten ngawagel, abah bade noong saalit pedah pun incu meryogikeun lutung kasarung, ngopas nya teu sawios..?
    baktos, kang muh

  142. Aslm. Aya rumpaka nu kieu uni na:
    basa bulan ukur sapasi…, tungtung mega ting aruntuy ngajauhan…, …, …,
    tapi basa bulan na caang, mega hideung megat datang ngahalangan…, kiceup bentang bet siga nu ngarasula…

  143. Eh teu acan beres… Eta rumpaka kumaha lengkepna…? Aya nu uninga? Wartosan yeuuuuuhh….,,, nuhun

  144. kang darman said

    lajengkeun baraya….

  145. herdi hendoyo said

    ceu punten ngiring ngadaweung bari nguyab su2guh yeuh

  146. Krishna Arimurti said

    Ari salira linggih dimana? Simkuring ngahaturkeun nuhun tiasa ngalarat sarta ngukur kumaha ngukur budaya Sunda ayeuna.

  147. Krishna Arimurti said

    Simkuring dumuk di New Jersey..

  148. I savour, result in I discovered just what I used to be looking for.
    You have ended my 4 day long hunt! God Bless you man.
    Have a great day. Bye

  149. assalamualaikum…..neupangkeun sim kuring ti wewewngkon sanggabuana palih kulon,,pasna di bogor timur….sim kuring ngagaduhan kahoyong perkawis sunda nu sajatina,mugi sampaean tiasa masihan teurang ka sim kuring nu bodo tur alewoh,hatur nuhun kana pangangkeunana.wassalam wr wb

  150. Punten…Ngiring ningali sugan bae aya dongeng Gumilar,,

  151. film horor said

    Thank you for sharing your thoughts. I truly appreciate your efforts and I will be waiting for your further write ups thank you once again.

  152. Spot on with this write-up, I honestly believe this website
    needs far more attention. I’ll probably be returning to read through more, thanks
    for the information!

  153. A lot of DIY guides abound in media sharing web sites and so if you’re
    short on the creativity department but want a creative start on giving new life and style to your spectacles,
    these guides are very beneficial. Cut out a strip of newspaper and place it over your
    nail and wet it with the mixture. For they say that work is becoming an editor
    for an online presence in this case there is very good chance you will do the work in the web
    industry.

  154. Johnd238 said

    I like what you guys are up too. Such smart work and reporting! Keep up the superb works guys I have incorporated you guys to my blogroll. I think it will improve the value of my site badedebdgadd

  155. Thanks designed for sharing such a nice thinking, piece of writing is pleasant, thats why i have read
    it fully

  156. Dharmawan 1 said

    Nuhun Étéh kana pedaranna, sareng simkuring seja ngiring ngopé kana dongéng-dongéng nu dipostingkeun.
    Wilujeng.

  157. Thanks for ones marvelous posting! I genuinely enjoyed reading
    it, you’re a great author. I will be sure to bookmark your blog and definitely will come back very
    soon. I want to encourage yourself to continue your great
    job, have a nice afternoon!

  158. kital hilmani said

    teu bosen maca carita na..

Waler bunga Bolaykeun waleran