| sn | sl | rb | km | jm | sp | ah |
|---|---|---|---|---|---|---|
| « Apr | ||||||
| 1 | ||||||
| 2 | 3 | 4 | 5 | 6 | 7 | 8 |
| 9 | 10 | 11 | 12 | 13 | 14 | 15 |
| 16 | 17 | 18 | 19 | 20 | 21 | 22 |
| 23 | 24 | 25 | 26 | 27 | 28 | 29 |
| 30 | ||||||


| jaya dina Si Kabayan Maling Nangka | |
| Anzu_Ohz Killerz dina Sakadang Kuya jeung Sakadang M… | |
| ramli dina Sasakala Gunung Tangkuban… | |
| Randy dina Si Kabayan Ngadeupaan Lin… | |
| Anzu_Ohz Killerz dina Si Kabayan Ngala Nangka | |
| Anzu-Ohz Killers dina Si Kabayan Ngadeupaan Lin… | |
| bayats dina Buku Tamu | |
| asep dina Sisindiran | |
| ojat darojat yahya dina Buku Tamu | |
| adang bakatul dina Buku Tamu | |
| Mang Opang dina Talaga Bagendit | |
| kangacep dina Buku Tamu | |
| Andi dina Si Kabayan Maling Nangka | |
| Andi dina Raja-raja Sunda | |
| Andi dina Si Kabayan Ngala Roay |

mifka pok
Wah, aheng… Nepangkeun yeuh. Punten, ngiring kurah-koreh…
pribumi pok
Mangga linggih, sing sering atuh kokorehna, sareng sing sering msihan komentar, nuhun.
chrisna pok
ass….
seja ka pihatur ka sadaya nu aya didieu…..
upami teu lepat dupi warta na pribumi teh Ibu Tetty sanes anu ngawulang di SMA pasundan majalaya sanes….????
hapunten bilih aya ucap atanapi basa anu teu raos dina manah…
salam baktos we k kalawarga sadaya anu aya di rorompok…..
wassalam…..
fz pok
Matakna di profile pribumi teh, atuh pasihan nami wae mah ari alim masihan detailna mah, tuh aya nu kasamaran, karunya……
ARNA TS pok
Maosan ieu seratan, asa janten budak deui. Emut ka nini (alm). Upami ngendong teh maturan nini, sok dipangdongengekeun. Duh dongeng-dongeng nini, upami di bukukeun sabarah kacaeun nya…..
pribumi pok
Hatur nuhun kana kasumpinganana. Buku anu aya di sim kuring anu judulna “Dongeng-dongeng Nini, ipis, henteu kandel. Tapi upami urang ngahaja ngempelkeun dongeng nu bacacar di masarakat, anu teu acan kapaluruh, tangtos bakal kandel upami dibukukeun teh.
Roban pok
Punten Teh,di dieu simkuring ngan ukur tiasa naroskeun sareng komentar wungkul.Simkuring asli sunda,tapi dina masalah “KASUNDAAN” mah rumaos masih keneh “DANGKAL”.Mugi-mugi ku ayana ieu media tiasa ngeuyeuban kana kasundaan simkuring khususna,umumna ka KISUNDA sadayana.Hatur nuhun pisan Teh!
pribumi pok
Ayi Roban, bebas aja lagi
bade naroskeun, bade maparin komentar, ku abdi teu weleh diantos2. Bade maparin saran2 oge mangga, dihiap-hiap pisan. Hatur nuhun kana pangrojongna kana ieu media.
teh nety pok
teteh..aduh meuni sae pisan…e,seur carpona..
mantak betah teteh..
di duakeun teh sing langkung seur karangan teteh..
baktos
nety
pribumi pok
Wilujeng sumping di blog sim kuring Ayi Netty. Blog anu saaya-aya tea, lulumayanan kanggo ngaraketkeun silaturahmi urang sunda di mana bae ayana.
awan sundiawan pok
Salam tepang
jang opan pok
haturan kulan. kataji ku karancagean teteh. sim kuring asa dosa teu tiasa ngiring ngamumule basa sunda. satuju lah teh,sae teras dilajengken.
sanaos hiji mangsa abdi nuju jihad di Iraq atanapi nuju hog hag jeung si jos bus di manhatan, sim kuring bade ngagorowok … maraneh ulah gagabah ka aing urang sunda balad pahlawan toha ti bandung kidul jeung anak buah hz mustopa ti tasik.
punten para wargi mung heureuy…
pribumi pok
Salam tepang deui Kang Awan. Bingah amarwatasuta bingah kagiri-giri tiasa ditepangkeun sareng salira.
pribumi pok
Hatur nuhun Jang Opan, parantos kersa rurumpaheun ka Taman Bujanggamanik anu sakieu buktosna. Oge hatur nuhun kana sadaya komentarna. Diantos komentar salajengna.
ASEP pok
Salam kenal ka sadayana urang sunda.com….
ti abdi urang sukanagara..Cianjur
pribumi pok
Haturan urang Cianjur, alhamdulillah tiasa ditepangkeun di cyber.
gajahkurus pok
Sampurasun,
Resep ka ieu blog. Teh nyungkeun widi blog teteh bade dilink di blog sim kuring
Hatur nuhun
pribumi pok
Rampes,
Mangga bade di-link-keun mah. Bingah nu aya blog nu sakieu buktosna bade dipublikasikeun. Bakal seueur wargi atuh urang teh nya…
eka pok
Assalamualaikum Wr.Wb, Teh ngiring noong. Kanggo bahan pangajaran sastra Sunda sae pisan eiu blog teh, simh langkung motekar deui nya teh. Abdi mah nembe lelengkah halu dina perkara blog teh, punten ngirig nglink nya …… nuhun sateuacanan ….
pribumi pok
Waalaikum salam Wr.Wb.
Haturan ka Ayi Eka anu parantos kersa rurumpaheun ka ieu blog. Ieu blog teh tebih keneh kanggo disebat sae mah. Kantenan upami dibandingkeun sareng blog Garnawis Sunda mah tebih keneh pisan, kakantunna ieu blog teh, utamina tina sisi desainna sareng animasina. Mangga bade di-link mah:)
smapasundanmjl pok
Nepangkeun, sim kuring warga tatar pasundan, nu ngaraos bingah yen aya ti papada urang nu masih keneh mirosea kana titinggal karuhun, mugia ulah bosen upami sim kuring seuseur lunga lengo ka ieu blog. ieu mah dumeh ku reueus…….
pribumi pok
Mangga bade lenga-lengo mah kana blog ieu, da gratis ieuh, henteu nganggo karcis. Malih mah langkung sering langkung sae supados silaturahmi urang teras manteng.
Andi "uger" Ardiyansyah pok
niringan ah salam pang wanoh ka sadaya inohong2 sunda sa alam dunya,ti andi warna fm tasik
pribumi pok
Baeu teh teuing bade ngiringan mah, dihiap-hiap pisan ku sim kuring, dihaturanan sering sumping ka dieu!
Ibuna Bintang pok
Nepangkeun abdi nu nuju ngumbara di alak paul. Resep macaan eusi blog salira, landong nineung ka lemah cai utamina tatar sunda.
Pribumi pok
Alhamdulillah dinten ieu nambihan wargi teh. Mangga diaos sadayana manawi kaanggo. Sim kuring bingah pisan tiasa tepang sareng saderek, sanaos mung ukur ngalangkungan blog. Mugia silaturahmi urang anu munggaran ieu tiasa manjang dugi ka sanes mung ukur tepang di cyber wungkul. Mugia!
budak padeglang pok
Cobi abdi ngiringan yeuuuuh nongkrong diajang ririungan kasadayana bararudak sunda di mana wae.Tepang keun abdi bararudak pandeglang anu aya di olaya riyadh.Keur garawe di komputer.Bade naroskeun…Aya teu barudak pandeglang nu masih tacan kalacak ku KOMUNITAS PEKERJA PANDEGLANG. Upami aya nu teurang pang sarioskeun ka e-mail abdi giiiih….
Hatur salam kanggo KAMMIL pok
hatur Salam kanggo ikhwan-Akhwat KAMMIL ( Komunitas Muda Muslim Labuan Pandeglang ) Anu saleresan maca di ririungan iyeu.kumaha sadayana daramang….?Mugi atuh daramang giiiih…?
Abdi oge damang.
Hatur salam waelah kasadayana aktifis muda muslim dimana wae.Terutami anu aya di IPB Bogor,ITB Bandung,UI Jakarta,Nurul Fikri cinangka serang,Teu hilang kanggo akhi fillah Aang In’amullah Haromain S.Pdi anu aya di jamia’ah Ummul Qurro Makkah Al-Mukaromah.Iraha kang aang tiasa uwih kareumpeul deui di DPC PKS Labuan?Mugi Allah mapaikeun jalan anu leureus sareung sukses anu nuju nyandak program kuliah S2 na amiiiin….
Abdi ti akhi fillah Rijaalul Ghad Ibadurrahman SP
Darliana pok
Sae pisan, sim kuring ngaraos bingah ku ayana ieu blog. Urang Sunda ulah kakantun ku jaman.
Pribumi pok
Hatur nuhun kana kasumpinganana. Diantos saran sareng kritik oge pangrojongna, saderek Darliana
bajingakiri pok
ah teu tiasa abdimah basa sunda nage
pribumi pok
Ah, bohong ah…
balga pok
as ww,
selamt ya, maaf numpang lewat,
horas….!
Pribumi pok
Waalaikumsalam,
Horas deui lah…!
IMAS NURHAYANI,SE pok
SALAM KENAL
Dengan FRONT KOMUNITAS INDONESIA SATU (FKI-1, Ormas Independen). Utk lebh mengetahui kegiatan dan AD/ART FKI-1 dpt dilihat di Website:www.apindonesia.com (Klik LOGO FKI-1).
Terima Kasih Imas Nurhayani,SE. Sekretariat:Gd.Dewan Pers. Jl.Kebon Sirih No;32-34 Jakarta Pusat. Tlp:0213503349, 3864167, 0818798586. Email:satufki@gmail.com.
aminhers pok
nepangkeun
pribumi pok
Nepangkeun oge, sim kuring nu ngageugeuh ieu blog.
pribumi pok
Salam kenal kembali untuk Ibu Imas Nurhayani. Terima kasih atas informasinya.
cecehidayatleutiktea pok
dikotektak aya deui weeeeeeeee…..rajin pisan euy! mani ngacacang ka mana mendi ih ieu ibu binangkit teh….. salut lah! Sok teras tanjeurkeun Ki Sunda di alam maya……!! cecewwwwwwwww…!
bujanggamanik pok
Aduh haturan Kang Cece, ka mana wae yeuh….meni lawas ti lawas. Wilujeng nyangking jujuluk guru basa Sunda Teladan.
henirusli pok
Ceuceu, nepangkeun sim kuring Ambuna si Kaka. Meni resep ceuceu mah seueur koleksi carsun (carita sunda)na. Tiasa disebat “manusia langka” yeuh. Maklum, jaman kiwari basa Sunda teh janten barang langka oge. Sok ngahelas teh, mun aya urang Sunda, nu jelas-jelas diborojolkeun di tanah Sunda, nginum cai sunda, ulukutek di tanah sunda, palebah cacarios…, da langkung resep mamalayuan. Cik atuh, ari ngobrol jeung papada urang Sunda mah, galecok ku basa Sunda we atuh.
pribumi pok
Haturan Ayi Heni, wilujeng sumping di blog ceuceu. Nya lulumayanan ieu blog teh saaya-aya, masih keneh tebih ti nu dipiharep ku sadayana. Sing sering atuh amengan ka dieu. Hatur nuhun kana pangrojongna.
henirusli pok
Ceu, tiasa naros sakedik? Punten bilih pertarosanana teu sapira. ari Bujanggamanik teh hartosna naon?
Roban pok
Teh,ari Bujanggamanik teh salah sawios tokoh di tatar Sunda di jaman baheula sanes?!
bujanggamanik pok
Waleran kanggo saderek Henirusli sareng Roban:
Bujanggamanik teh tokoh sajarah (kantos jumeneng aya dikieuna). Anjeunna teh salahsawios turunan Prabu Siliwangi anu keresepna ngalalana ngurilingan Pulo Jawa. Sakaterang sim kuring, anjeunna turunan raja anu teu kabitaeun ku tahta. Wios janten pengembara milari pangalaman kanggo bekel hirupna tibatan janten raja. Bilih panasaran kana riwayatna, tiasa dipilari di google. Hatur nuhun kana kasumpinganana.
Aang Zaeni pok
teh bade tumaros punten nya dupi hoyong nampilkeun foto dina ieu blog kumaha teh?? sapertos anu lain kan aya fotona benten – benten, maenya anu simkuring mah gambar anu kitu teteh…
bujanggamanik pok
Upami palay aya potoan dina waktos ngomentaran ieu blog, ayi kedah gaduh heula blog di wordpress. Teras blog ayi teh leresan profilna dipasangan poto Ayi nu pangkasepna, nembe tiasa muncul poto ayi tea dina blog nu ieu. Begitu sodara….
Mardies pok
Mau nanya Teteh…
bahasa Indonesianya “naon” apa, ya?
asep yusup pok
Punten, kumaha daramang pribumi teh.
Asa reugreug geuning basa sunda tur warisanana teh moal kitu wae dikantunkeun, aya keneh nu merhatoskeun kana sagala rupina. Sapertos Pribumi tea geuning, ku haat milarian dongeng-dongeng sunda sapertos si Kabayan (asa kasar nyebut teh meni si, apanan ka kolot, naha teu digentos wae Abah Kabayan, apanan karuhun)
Aya deui kahoyong kuring teh nyaeta, mintonkeun rumpaka lagu-lagu sunda khususna sanggian ti mang koko saparakanca. Kumaha tah?da ari sim kuring mah rada teu paham kana ngadamel blog teh, abdi sayogi upami dipundut bantos kanggo ngempelkeun rumpaka na mah.
Ngan hanjelu oge ninggal buku tamu teh geuning aya muatan Politis sapertos no absen 35. Ari kahoyong mah ieu blog teh da blog budasa sunda, saena mah bersih ti na hal nu politis, sapertos pron-pron an,….asa rumanggieung tah nampina teh.
Ah eta mah pilakadar ngemutan wungkul, da sadayana ge teu langkung nu gaduh hadas. ari abdi mah mung ngiring ngaramekeun wungkul.
wasallam
asepyusup
Pribumi pok
Sateuacanna hatur nuhun kana komentar sareng pangrojong saderek Asep Yusup kana ieu blog. Mangga urang waler hiji-hiji komentarna:
* Sim kuring salaku guru Basa Sunda ngaraos wajib ngadokumentasikeun sareng ngawawarkeun ka masarakat Sunda sagala rupi perkawis kasundaan. Upami sanes ku urang ku saha deuih atuh nya Yi?
Ngeunaan nyebat “si” ka Si Kabayan ku emutan asa teu masalah, margi Si Kabayan teh teu acan tangtos kantos aya dikieuna. Teu acan aya nu tiasa maluruh naha manehna teh karuhun urang Sunda atanapi mung sakadar tokoh carita anu hirup dina alam imajinasi urang Sunda wungkul. Ku kituna, tos janten kailaharan eta tokoh disebat Si Kabayan. Upami digentos ku nyebat Abah Kabayan bilih pagentos sareng Abah Kabayan penyiar Radio Dahlia anu taun 75-an sohor ku dongengna “Si Buntung Jago Tutugan”.
* Perkawis lagu-lagu sanggian Mang Koko insya Allah ku sim kuring bade diusahakeun dipublish dina ieu blog. Nuju ngempelkeun heula materina, kaleresan sim kuring gaduh sawatara kawih Mang Koko.
* Perkawis aya tamu anu kagungan niat maparin komentar anu aya unsur politisna, keun we. Da koncina mah aya di urang, naha bade dianggap atanapi bade di lurjeunkeun eta ketikan tamu teh. Kalah kumaha oge anjeunna teh tamu anu sumping ka ieu blog. Kapan urang oge parantos gaduh cecekelan masing-masing.
Duh saderek Asep, sakali deui hatur nuhun kana panuhun sareng saranna.
asep yusup pok
Sae atuh, abdi teh tepang sareng ahlina,guru basa sunda yang paham teknologi IT…rumaos ari palajaran basa sunda teh ti jaman SD keneh, tug dugi ka SMP (Baktos kuring ka Guru Basa Sunda SMP 14 taun 1983, Bapa Oya Suhaya, kumaha Damang?)teu langkung ti peunteun 7, eta ge tos pangsaena we saumur dumelah mah…..hehehhe…..sae atuh, sim kuring janten bakal pogot, sanaos susulumputan di kantor, dina ngaksesna ge.
Da ari ngakses di bumi, teu kaop ku indung si kucrit, cenah mah ulah sok dina komputer wae, ari nu ngadago-dago di bumi teu ditoel-toel acan….
Hatur nuhun, rumpaka laguna tos kasalin,….lumayan ah, tiasa ngajarkeun ka si kucrit….
asep yusup pok
muhun katampi pisan rumpakana teh, kanggo mepende si kucrit sangkan tibra, sareng tiasa pogot ka indungna…..hehehehe….win win solutionnya teh,…?
Pribumi pok
Saderek Asep Yusup, sim kuring teu rumaos ahli kana naon wae oge. Puguh nu mawi kikieuan oge (blogging) oge bakat ku hoyong diajar, boh IT-na boh perkawis ka-Sundaanana. Hatur nuhun atuh upami katampi mah sagala rupi nu ku sim kuring diposting dina ieu blog. Wilujeng kokoreh bae
Kang Eka pok
Neda jembar pangapunten tina samudaya kalepatan Wilujeng boboran siam 1429 H.
Pribumi pok
Hatur nuhun kana pangwilujengna, Ayi Eka. Sami-sami sim kuring ge neda hapunten tina saneskanten kalepatan sareng kaluluputan.
asep yusup pok
Dear Teteh,
Wilujeng Boboran Siam 1429H
Neda Kajembaran Manah
Mugia Kersa Ngahapunten
Kana Samudayaning Kalepatan
Rumaos Abdi Mah Jalmi Nu Keuna Ku Owah Gingsir
Haturan Oge Kasadayana nu Maos Ieu Seratan
Sim Kuring Nyungkeun Hapuntena
sallam
asepyusup
Pribumi pok
Kumaha damang Ayi Asep? Sami2, sim kuring oge neda sihapunten tina saneskanten kakirangan, kalepatan, oge kaluluputan sim kuring salami ieu.
hevi.fauzan pok
aduh euy, tos lami teu dongkap ka ieu bumi, meni asa pangling. hehehe,
Kumaha kabarna bu, sae, mudah2na sehat selalu, aminnn…
ahmadlabib pok
Salam tepang kasadayana
sim abdi asli ti Prancis (parapatan ciamis), ngiring jabung tumalapung di blog suda kagungan teteh guru anu geulis
bujanggamanik pok
Hatur nuhun kana kasumpingan Ayi W. Anwar. Mangga bae bade ngiring jabung tumalalapung mah, ku sim kuring dihiap-hiap. Abdi mah tangtos bae geulis dan istri (moal aya nu nyebat kasep).
bujanggamanik pok
Waleran kanggo Hevi.Fauzan:
Alhamdulillah abdi sakulawarga sae, Ayi Hevi saurna nuju ngumbara di Tanah Suci? Wilujeng sukses!!
Ambu si Kaka pok
Teteh, simkuring bade nyuhunkeun piduana. Insyaalloh ngawitan senen bade cuti alatan bade ngalahirkeun.
Mudah-mudahan dilancarkeun, si Kaka lahir kalayan salamet sareng sehat, teu kirang nanaon.
Sakali deui disuhunkeun ridho manahna kanggo ngaduakeun simkuring sareng pun anak. Hatur nuhun.
bujanggamanik pok
Aduh Ayi, bingah pisan Ceuceu ngupingna. Ayi Sakedap deui bade dipaparin rijki anu kalintang ageungna Ku Nu Mahasuci. Wilujeng nganti-nganti utun inji. Mugi lungsur-langsar sagala rupina. Wilujeng janten Ibu anu diidolakeun ku putra-putrana.
Ayi eka pok
Punten ngiring noongan deui…
Pribumi pok
Mangga Ayi Eka, linggih bae di taman Bujanggamanik. Mung hapunten teu disamakkan, nuju ditambut samakna ku tatangga. Ulah sok taang-toong ah bilih turuwisen
aamizs pok
Sampurasun teteh…haturan sim abdi seja nepangkeun diri ngiring lebet ka tepas teteh mugi katampi ieu sim abdi ti tasik city…
Pribumi pok
Rampes,…bagea ayi Aamiz di blog sim kurim, salam ka saderek sadayana anu araya di Tasik. Diantos kasumpingan salajengna.
Asep Hadi Mulyana pok
Seja nepangkeun abdi asep kawit ti garut, abdi kalintang bingah kuayana ieu blog.
sok sanajan abdi geus kolot, hoyong diajar basa sunda kinten2 buku naon anu sae?
punten nagrepotkeun
Pribumi pok
Haturan, wilujeng sumping Kang Asep di blog sim kuring. Perkawis buku Basa Sunda anu sae, rupina sadayana buku anu ayeuna aya sareng parantos diterbitkeun, insya Allah sarae. Peryogi kauninga, buku-buku anu diterbitkeun ku Kiblat Buku Utama sareng Gegersunten seueur anu tos sumebar diaraos ku urang Sunda. Hatur nuhun kana kasumpingan sareng komentarna. Diantos komentar salajengna, oge saran sareng kritikna.
Fitra Lau pok
Aduh meni sae pisan blog teh.. ngiring nga-bookmark nya teh… Hatur nuhun
Pribumi pok
Alhamdulillah, nambihan deui wargi teh. Hatur nuhun saderek Fitra kana bookmark-na
usep romli hm pok
Assalamualaikum Wr.Wb. Nuju milarian profil Surachman RM sareng Apip Mustopa, bet anjog ka ieu blog. Hatur nuhun. Rapekan tur sae. Upami teu lepat salembur sareng pun Akang. Sami-sami ti Limbangan.Wilujeng segut sareng hangkeut dina ngamumule basa-sastra-budaya Sunda. Wassalam wr.wb
Pribumi pok
Waalaikumsalam. Teu sangki ieu blog bakal kasumpingan sastrawan sohor, estu bingah pisan. Mung da ieu blog teh sakieu buktosna, teu aya nu tiasa dianggo kareueus, margi sim kuringna nuju diajar keneh. Leres pisan simkuring teh ti Limbangan, ti Desa Putrajawa. Sim kuring mah eta we lah, hoyong sambel Cibiukna
usepromli pok
Hatur nuhun kana pangbageana. Isin disebat sastrawan sohor. Pun akang mah nulis soteh pedah bakat.Bakat ku butuh. Bongan jadi PNS kabebeng. Jantem politikus gontot. Alhamdulillah ti Putrajawa, Selaawi. Ras ka rerencangan urang dinya ti SMP LImbangan dugi ka SPG Garut. Tos papada kolot. Sapalih tos pupus. Sapertos Pa Kodir Sudirman ti Cigalumpit. Nu aya keneh, tepang tos sami-sami incuan, Pa Duyeh, Pa Dayat, Muhidin, Pa Udin, Pa Engkon, sjb. Batur sakelas ti SMP, dugi ka saasrama di SPG th.1964-1967. Ngical beas bekel kangge meser buku anyar. Atuh sasarap cukup ku awug sesa kamari. Dihaturanan ka Cibiuk. Barudak seniman Garut, kantos kempel di rorompok. Taun 2004 asana. Diluuhan ku Etti RS, Elin RM (PPSS), Hawe Setiawan, Soni FM, Ahda Imran, Darpan,dll. Malih Godi Suwarna oge, maca sajak bari seuseuhah. Kaleresan harita peuteuy leubeut, rambutan sareng buah meuhpeuy. Numawi rajin muka internet, pun Akang nuju ngalengkepan bahan tulisan mangrupi essey sawangan ka sawatara sastrawan sareng karya-karyana. Sapalih nungtut dimuatkeun dina Mangle, Cupumanik, Galura, Sunda Midang. Urang sili du’akeun sing papada giat tur rancage dina widang masing-masing. KOmo akang diburu-buru ku umur. Sasih April teh jejeg sawidak taun, ngoleksi opat incu ti si cikal, hiji ti nu katilu,ti nu kaopat sareng kalima, pibakaleun hiji sewang. Kadang-kadang sok ngemut, rorompok dua, 300 meteran, tos dedet ku buku, tambah incu tujuh, kacipta pabuisna.
Salam sono ka sadayana, ka tuang raka sareng palaputra.***
Pribumi pok
Aduh Kang Usep, manawi teh moal diwaler panjang lebar. Asa ngimpen abdi mah tiasa komunikasi sareng inohong teh. Ngiring bingah, wilujeng beunghar, beunghar ku elmu, beunghar ku incu, beunghar ku karya-karya anu marunel, sareng sajabi ti eta. Insya Allah hiji waktos abdi hoyong amengan ka Cibiuk, hoyong ngaraosan peuteuyna dicoelkeun kana sambel disarengan ku goreng peda beureum. Peryogi kauninga, seratan Akang teh seratan favorit abdi. Malah kantos aya emutan bade mosting saseueur-seueurna karya Akang dina ieu blog, bade dilebetkeun kana categori: Karya2 Usep Romli. Mung ku margi teu acan gaduh waktos anu rineh, eta kahoyong teh teu acan laksana. Hatur nuhun, mugia silaturahmi urang janten manjang.
usepromli pok
Nyanggakeun ari aya nu kaanggo mah. Ngiring bingah aya urang lembur motekar. Akang terang kana raratan rayi, tina buku “Lir Cahaya Nyorot Eunteung”. Dipaparin ku Ayi Dingding Haerudin, waktos Akang ngahajakeun ka Jrs. Basa Sunda UPI, awal Januari 2008 sakantenan ngalayad pun anak kagenep, Ayu MUstika, nu kuliah di FPBS Jrs.Sunda. Insya Alloh silaturahmi manjang. Komo ari mulih ka Selaawi sindang ka rorompok. Ti pasar Limbangan teh ukur raratusan meter, sisi jalan ka Leuwigoong, rada nenggang di tengah sawah.
Pribumi. pok
Hapunten nembe diwaler ayeuna komentar akang anu di luhur, margi abdi teh nuju riweuh ngiringan sertifikasi. Neda pidu’ana mugi lancar sagala rupina.
Alhamdulillah atuh tuang putra hiji waktos tiasa ngarencangan abdi ngawulangkeun basa Sunda ka generasi Sunda saterasna. Saurkeun ka tuang putra, resep pisan ngajarkeun basa Sunda teh, margi ku barudak jaman ayeuna mah dianggap pelajaran anu unik. Janten henteu matak jenuh ka barudakna, da materina “lain dari yang lain”. Kantenan upami ngajarkeun perkawis sastrana mah, wah….reseeepppp pisan!!!
ghilman hi pok
Abdi sadidinten nganggo basa Sunda, margi pun bapa sareng pun biang di rorompok nganggo basa Sunda. Atuh lulus SD teh abdi tiasa dua basa. Basa Sunda sareng basa Indonesia. Di SMP sareng SMA diajar basa Inggris. Alhamdulillah, lebet kuliah teh tos tiasa tilu basa. Kaleresan pun bapa tiasaeun basa Arab. Sawaktos-waktos sok ngajarkeun “muhadasah”. Cacarios dina basa Arab.Lumayan. Rerencangan mah, teu patos tiasaeun basa Sunda da ti aalit nyarios ku basa Indonesia. Ibu ramana nu asli urang Sunda, hirup di pilemburang Sunda (Tasik), duka ku naon teu kersaeun ngajak nyarios ku Sunda. Cenah mah ambeh gaya sareng henteu kampungan. Nembe ayeuna rerencangan sok nyarios basa Sunda da diajak ku abdi. Hanjakal cenah teu ti bubudak nyarita ku basa Sunda. Anjeunna nyalahkeun ibu ramana. Sanggem abdi, tos we nu atos mah, ayeuna mah urang sasarengan diajar basa Sunda. Galih GHI, Unikom 09.
Pribumi pok
Aduh pangalaman Ayi teh geuning rame, dugi ka tiasa multibasa, hebat. Mangga atuh urang sasarengan ngamumule sareng nanjeurkeun basa katut budaya Sunda. Nuhun kana kasumpinganana.
Gugun pok
Bu…
Nepangkeun Abdi Gugun….pami emut keneh abdi teh murid ibu nuju di SMP….
kantos pendak terakhir teh di angkot caringin
Emut keneh teu bu?
Pribumi pok
Waleran kanggo Ayi Gugun:
Alhamdulillah atuh upami kantos tepang dina angkot sareng sim kuring mah. Mung hapunten upami waktos harita sim kuring teu naros, sanes ku nanaon, ma’lum alumni SMP 4 teh seueur pisan, sim kuring sok hilap deui. Kedahna ditaros ti payun ku para alumni teh
Waleran kanggo Asep ZM:
Mangga, sim kuring bingah pisan ari blog sim kuring kaanggo mah. Muhun, mudah-mudahan urang tiasa ngalaksanakeun gawe bareng dina raraga uar-uar perkawis blog urang ka masarakat internet, oge dina raraga ngaraketkeun silaturahmi antawis urang Sunda di mana bae ayana. Hatur nuhun.
Gugun pok
Ibu,
, pokona mah sadayana weh….
Nuhun pisan abdi masih diangken, salam baktos na wae ka Guru-guru SMP 4 Cimahi, Pa Satimin, Bu Misna Ginting, Bu Lilis, Pa Ahmad dua nana…nu putrana sa angkatan sareng abdi, (Fahmi & Lita) mmm saha deui nya! rada hilap namina guru2 nu sanes mah
mudah-mudahan sadayana aya dina pitulung Alloh SWT….Amin
Wassalam
Gugun Gunawan
Pribumi pok
Ayi Gugun, Pa Satimin teh parantos pangsiun, Bu Misna ngalih, Pa Ahmad Muhammad janten pengawas di Purwakarta. Upami Bu Lilis sareng Pa Ahmad Safari mah aya keneh di SMP 4. Insya Allah salam baktosna bade didugikeun ka aranjeunna. Iraha atuh bade amengan ka sakola? Diantos pisan!
Gugun pok
Hatur nuhun sa teuacana Bu, hoyong pisan abdi teh amengan ka SMP 4…seueur suka duka na
wassalam
hevi.fauzan pok
Abdi ge hoyong ka smp 4, tapi sanes alumni, kenging teu ? he2
Mang Ajid pok
Sampurasuuun…
Teh, nepangkeun tamu enggal. Simkuring nembe diajar nge-blog, simkuring kacida katajina kana blog Teteh, maklum ti murangkalih keneh simkuring resep maca buku-buku sunda, terutami Mangle. Punten ku simkuring blog Teteh ditautkeun kana blog simkuring.
Pamugi Teteh teu kaabotan.
Hatur nuhun.
Asep ZM pok
Kapungkur abdi ngirim komentar dina buku tamu, tapi naha tiap komentar BATUR nu lebet kana buku tamu ieu dikirim ka abdi oge? Punten lah pang NGEUREUNKEUN kumargi ngaganggu pisan…asa teu nyambung!
Piraku abdi nembe oge bungah mendakan blog Sunda anu sae, tos kedah hanjakel deui.
Hatur nuhun & hapunten.
Pribumi pok
Waleran kanggo Hevi Fauzan:
Mangga, nu sanes alumni SMP 4 oge diantos kasumpinganana, mung ulah hilap sing rebo ku cacandakan, utamina oleh-oleh ti tanah suci
Waleran kanggo Mang Ajid:
Rampes, bagea tamu enggal. Hatur nuhun kana kasumpinganana, mugia bae janten sering amengan kana blog nu ieu. Mangga teh teuing bade di-link-keun mah, manawi kaanggo ku saderek.
Waleran kanggo Asep ZM:
Piraku Yi komentar ti dieu lalebet ka Ayi? Abdi oge ngaraos heran, naha bet tiasa kitu nya? Atuh urang akalan bae, kumaha upami komentar Ayi anu kapungkur teh urang delet bae, mamanawian ku di-delet-na eta komentar tiasa “nutup” jalan komentar2 anu teu nyambung tea. Urang delet bae nya?
hevi.fauzan pok
Kanggo Pribumi :
Insya Allah, aya ieu korma, sikian, ageung, paranjang, tur amis.
Uskar Sumarna pok
Sdrk Asep Yusuf ping 15 September 2008 kantos nyigeung sual lalaguan Mang Koko.
Ka sadayana manawi gaduh kaset “asli” (nu ngawitan medal) nu aya lagu “Kareta Api” (rumpaka awalna kieu: mapay erel jalan anu tangtu ngagem pancen mistina lumaku…..) Tah nu naek teh mojang tujuhan.
Maksadna kanggo ngalengkepan lalaguan koleksi pribadi dina wangun MP3 nu ayeuna nembe gaduh kl 170 lagu. Ka sing saha bae anu gaduh, sim kuring bade nambut dua tilu dinten mah. Engke diwangsulkeun deui diembohan ku CDMP3 nu 170 lagu tea!
Nu 170 lagu teh ti Kanca Indihiang asli dugi ka beh dieu. Ti “Angin” dugi ka “Wengi Enjing Tepang Deui”
Nu sanesna nu can gaduh teh :”Rayagung ka bale nyungcung” rumpaka na Dedy Windyagiri, sanggian Mang Koko.
Nuhun
diediez pok
SAHA NU GADUHEUN LAGU-LAGU SUNDA SOUNDTRACKNA SIKABAYAN SABA KOTA? PASIHAN TERANG NYA. ATAWA EMAIL KEUN WAE KA ABDI. diediezbmx@gmail.com MATURNUHUN…..DITUNGGU PISAN ABDI SEDIH PISAN YEUH…SABABARAHA TAUN MILARIAN LAGU ETA…
hilma pok
punten teteh…. ngiring kokorotak ieu teh:)
pribumi pok
Mangga, kakaratak milari naon kitu?
usep romli hm pok
Assalamualaikum Wr. Wb.
Mugi sadayana daramang, ginuluran rohmat maghfiroh Alloh SWT. Punten manawi kagungan, Akang peryogi pisan rumpaka lagu karya Mang Koko,sepertos Lemah Cai, Lingkung Lembur, Tanah Sunda, srsjb. Diemailkeun wae upami aya tur tiasa mah. Peryogi kangge mantuan tugas pun anak.
Hatur nuhun pisan. Salam baktos ka kulawargi di bumi.
achmed alfarabby pok
Assalaamu’alaikum wr.wb
Teh wilujeng patepang deui sareng sim abdi nu kasep (he…he…PeDe)
Punten nya Teh, abdi nonghol deui ka ieu blog. Resep tuda teh asa seueur baraya. Sakantenan bade ngiring diajar bahasa sareng budaya sunda. Abdi ge kawitna mah ti USA (Urang Sunda Asli, mksd na)namung perkawis KASUNDAAN mah abdi masih keneh amburadul. Utamina ku tata bahasa sareng Istilah pasundaan masih keneh seueur nu teu acan uninga. Mugia ku sering mampir ka ieu blog, tiasa nambihan wawasan abdi. Tong kapok nya Teh. Teu hilap salam tepang ka sadayana nu sok ancrub ka ieu blog. Nuhun Teh, permios…..
Pribumi pok
Waleran kanggo Kang Haji Usep: eta sadayana rumpaka kawih Mang Koko aya dina Blog nu ieu pisan. Cobi dipilari dina categori. Upami parantos kapendak, kantun di copy paste bae sadayana. Nuhun kana kasumpinganana.
Waleran kanggo saderek Ahmed:
Abdi bingah pisan kasumpingan ku saderek teh. Puguh kahoyong mah sing sering amengan ka blog ieu sanaos tara disuguhan sareng tara diangken oge. Wilujeng maosan seratanana, mugi aya mangpaatna.
asep ruhimat pok
ngiring noong … leuh, pepek geuning.
nuhun, sae pisan
Pribumi pok
Teu kenging taang-toong Kang Asep, bilih turuwisen
Pribumi pok
Kang H. Usep, rumpaka kawih-kawih Mang Koko parantos sayogi dina blog nu ieu pisan. Cobi pilari dina Categori.
acep banyol pok
ngiringan…ah,
asa kantos ieu teh…dejavu panginten nya…
eh wios ieu di link atanapi di candakan ku simkuring. kaleresan nuju resep nyewolan karya sastra sunda.
punten bilih aya nu ti julait basa sunda na
hatur nuhun
bujanggamanik pok
Dejavu mana nya? sim kuring teu terang.
Mangga bade di-link-keun mah, oge bilih bade dicopy oge teu langkung. Sami-sami hatur nuhun.
arif pok
aduh ni cing hujan angin dor dar gelap, ngiring ngiuhan ah
____________________________________________________________
Mangga….kalebet incu……
Kang Udin pok
Ngiringan yeuh, punten..nami abdi Udin ti Banten bade milarian rencang kuliah kapungkur anu kawitna ti Tasik. dugi ka ayeuna teu acan pernah tepang deui. Namina IIS WIDANINGSIH ( sigana jadi Guru) asal Kp. Sindanglengo Indihiang Tasik Malaya. Upami aya nu terang, atanapi kenal, mangga kintunken ka alamat abdi : udintea11@yahoo.co.id, Nuhun pisan kanu bade masihan informasi
abah pok
wah, resep maosan na.. sarae.
ngiring kokoreh ah, manawi kenging.
hatur nuhun..
_______________________________________________________________________________________________
@Abah, mangga bade kokoreh mah. Mung ieu blog teh kirang lengkep, saaya2 bae. Nuhun kana kasumpinganana.
Hendra pok
Asalamualaikum,
Nggiringan ah abdi oge, etang-etang silaturahmi.
Nepangkeun abdi Hendra Nugraha, urang Tasikmalaya.
___________________________________________________________________________________________________
@Hendra, waalaikumsalam, mangga bade ngagabung mah. Wilujeng tepang sareng sim kuring. Hatur nuhun kana kasumpinganana.
usep romli hm pok
Alhamdulillah, “kawih-kawih” Mang Koko, kaangge. Malah tos didamel referensi kangge tulisan akang dina Kompas Jabar, 16 Mei 2009. Dinten eta pisan akang syukuran walimahan pun anak. Ngahaja nanggap kacapian midangkeun lagu-lagu karya Mang Koko, garapan Ayi Wawan ti Disbudpar Garut. digantaran ku Ayi Darpan. Agtuh urang lembur ronghok heran, da biasana pesta nikah teh nanggap grup dangdut atawa organ tunggal. Tapi para tamu lumayan apresiatif. Seueur nu pesen sareng nyumbang lagu. Ari disayagian media mah geuning rajol nu resep teh. Hanjakal rombongan PPSS, Eti Rs, Rinrin Candraresmi, Elin RN, sumpingna leuir, kamagriban. Para sastrawan sanes mah, di antawisna Abdullah Mustapa, Aam Amilia, Cecep Burdansyah, Hadi AKS sarimbit (Ai Koraliati), Hawe Setiawan, spk. siang keneh. Keur mah akang nanggap kacapian Mang Koko, turug-turug tulisan ngeunaan Mang Koko dimuat, atuh Tatang Benyamin, putra Mang Koko, ngahaja nelepon. Nganuhunkeun. Hanjakal pisan — punten anu kasuhun — kuncen Bujangga Manik hilap teu kaulem. Insya Alloh, sanes waktos, da gaduh opat deui dahupkeuneun teh. Manawi kaumuran,
_____________________________________________________________________________________________
@Kang Usep, Ngiring bingah atuh Kang Haji. Sabatae resepna upami waktos harita abdi ngahadiran. Hanjakal Akang hilap ka abdi hiks….
abah edun pok
Ngiring ngabarungsinang, yeuh. Abah teh hareneg ku kalakuan jalma-jalma (nu ngaku)kekentong Sunda. Cikeneh ngayakeun kagiatan milih urang Sunda nu pantes jadi mentri. Cenah asongkeuneun ka presiden, sina dijenengkeun engke ari nyieun kabinet.
Har, naha karah kitu ? Ari milih mentri wewenang mutlak presiden, lain ? Nanahaon geuning prehroratip prehroratif kitu geuning. Henteu gundam mah ? Ngalindur beurang-beurang. Cek Abah mah ngerakeun. Nyirikeun urang Sunda teu boga kaweruh dina soal ieu. Paingan tara aya nu kapake.
Paralun lain ngaluluhuran. Ngan kaluman we kawas taya gawe sejen nu leuwih penting jeung leuwih merenah.
________________________________________________________________________________________________
@Abah Edun, wios lah antep nu kitu mah kapuyeng-puyeng ngemutanana.
ujang darangdan pok
caringin di sisi lamping
kuciat di palataran
ari pamingpin garinding
rahayat mah kalaparan
pajar teh kalapa rancis
geuning ager bawa ti pasar
pajar teh sakola haratis
geuning angger kudu mayar
cenah beja ti si bibi
aya kuda keur totoker
cenah sakola SBI
basa Sunda kateler-teler
(Alok Mang Ahong : kalaparan geus pasti, da duit rahayat beak dikorupsi. Sakola haratis ? Aya kitu ? Di mana alamatna. Cing sing jelas. Euh, enya eta Rintisan Sekolah Bertaraf Internasional (RSBI). Nya tangtu bae basa Sunda kateler-teler. Pan nu dipentingkeunana basa deungeun-deungeun, dan lulusanana ge engke ngabdi ngabakti ka deungeun-deungeun (kawas jaman jajahan kitu ?) lain ka urang jeung lemahcai Sunda).
________________________________________________________________________________________________
Ujang Darangdan, sae pisan seratanana, sering2 bae sumping kana blog nu ieu.Diantos!!
kangacep pok
peuting nyeri beuteung
isuk-isuk nyeri beuheung
beurang nyeri leungeun
peuting deui nyeri beuteung deui
euweuh mendingna….
_______________________________________________________________________________________________
@Kang Acep, nu mawi ulah nuang nu lada2.
adang bakatul pok
Kataji ku pamendak Abah Edun sareng Asep Darangdan. Emangnyah kitu,Abah, ari kana jabatan mah. Tong boro mentri nu baris hojih, jadi kades oge apan paboro-boro. Dibelaan monipolitik ratusan juta da pangrasana bakal kagentian.
Biasa, Kang Asep Darangdan, di urang mah ukur bustam. Gedebul wadul nu matak teu maju-maju. Sakola gratis kumaha, duit raayat beak dibancak. Geura ayeuna kasus Bank Century, 6,7 trilyun diteleg kitu bae ku euwah-euwah. Hayoh aparata pamarentah parasea, pulisi jeung KPK sili sengklekkeun. Cek Wapres JK oge, duit sakitu teh amburatel ka mana-mana. Biasa komisi,komisi, komisi. Keur ngaluarkeun duit sakitu teh tangtu teu gratis. Heuheuy deuh, heug bae anyar pamarentah ngadeg dijurung ku tsnami Aceh, rek mungkur dijajap ku lini Tasik. Rahayat lutik we angger nu jadi korban mah. Subur makmur adil raharja iraha ? Ke ari pamingpin geus eureun ngawadul. Eh punten Abah, Akang, Euceu
ojat darojat yahya pok
Kamana yeuh pribumi jempling. Kangen ku sorana (tulisan pok mapag komentar). Eta komentar bapa adang bakatul, mani moher kitu. Leres, Bapa.Panuju pisan. Da kalahkumaha oge lini Tasik nu nimbulkeun korban di Jabar kidul, eta ngingetan ka urang sarerea. Tapi naha nya henteu rea kekentong parpol lolongok ka dinya. Teu kawas basa bencana Situ Gintung, para caleg, capres, cawapres rabul. Prita ayeuna disidang deui, sorangan we. Basa ditahan di bui mah, meneran kampanye pemilu, apan gancang dikaluarkeun atas instruksi atasan. Naha di urang mah nyieun kahadean kudu aya pamrih hayang kapilih ? Piraku rek pemilu/pilpres 2014 kudu aya lini dei, urug dei. Amit amit baid siwahu
bayats pok
….Punten. pribados bade ngiring …………….. ngiring naon atuhnya……….bd ngiring baca-baca weh meh tereh..