Ku Darpan Ariawinangun
Jeung saenyana lurah hasil nyundutan urang lembur. Poè èta Mang Ursin ninggalkeun heula paculeun. Ki Sarja mèrènan heula anyameun. Kang Sabri nutup heula warung. Mang Sarip ngahaja teu ngurilingkeun dagangan. Mèh kabèh lalaki urang lembur ngabring rèk ngadongdon kantor kacamatan. Mapay-mapay totoang siga keur ngajajapkeun pangantèn, jiga nu rèk seserahan.
Pucuk ti girangna mah: listrik!
Dèsa Karangsaga kaliwat teu kabagèan listrik. Padahal lembur bèh girang jeung hilireunana mah geus raang. Nu jadi ambek urang lembur, naha atuh ukur kabelna wungkul nu ngaliwat ka luhureun dèsa tèh.
“Piraku urang teu ngarasa diteungteuinganan?” ceuk Lurah, “Lain kuring kurang usaha, inget! Tapi camat anyar jiga sentimèn ka dèsa urang!” pokna deui basa rapat LKMD. “Mèmèh nepi ka dèsa hilir gè, kuduna mah kapan ka urang heula. Camat anyar jeung oknum PLN jiga ada main!”
Lurah awong-awongan. Jeung enyana, urang Karangsaga kakoèt ambekna.
Bari abring-abringan maranèhna padungdengan.
“Kumaha engkè pokpokanana ka Camat?” ceuk salahsaurang.
“Mènta kaadilan wè kituh!”
“Urang sebut, Camat teu gableg cedo!”
“Ah, kasar teuing ari kitu mah.”
“Har, naha urang ayeuna rèk popoyongkodan kitu?”
“Ari rèk kitu mah ku saurang gè mahi!”
Sarèrèa unggut-unggutan nyaluyuan.
“Maksud tèh sing wajar wè.”
“Nu wajar-wajar mah kapan enggeus ku Lurah. Urang mah kapan rèk ngalakonan nu teu wajarna.”
Sarèrèa unggut-unggutan deui.
“Moal kumaha onam kitu lamun Camat ambek?”
“Nya urang pagedè-gedè ambek wè atuh!”
Sarèrèa leuwih rosa unggut-unggutanana.