
Ku Darpan Ariawinangun
Jeung saenyana lurah hasil nyundutan urang lembur. Poè èta Mang Ursin ninggalkeun heula paculeun. Ki Sarja mèrènan heula anyameun. Kang Sabri nutup heula warung. Mang Sarip ngahaja teu ngurilingkeun dagangan. Mèh kabèh lalaki urang lembur ngabring rèk ngadongdon kantor kacamatan. Mapay-mapay totoang siga keur ngajajapkeun pangantèn, jiga nu rèk seserahan.
Pucuk ti girangna mah: listrik!
Dèsa Karangsaga kaliwat teu kabagèan listrik. Padahal lembur bèh girang jeung hilireunana mah geus raang. Nu jadi ambek urang lembur, naha atuh ukur kabelna wungkul nu ngaliwat ka luhureun dèsa tèh.
“Piraku urang teu ngarasa diteungteuinganan?” ceuk Lurah, “Lain kuring kurang usaha, inget! Tapi camat anyar jiga sentimèn ka dèsa urang!” pokna deui basa rapat LKMD. “Mèmèh nepi ka dèsa hilir gè, kuduna mah kapan ka urang heula. Camat anyar jeung oknum PLN jiga ada main!”
Lurah awong-awongan. Jeung enyana, urang Karangsaga kakoèt ambekna.
Bari abring-abringan maranèhna padungdengan.
“Kumaha engkè pokpokanana ka Camat?” ceuk salahsaurang.
“Mènta kaadilan wè kituh!”
“Urang sebut, Camat teu gableg cedo!”
“Ah, kasar teuing ari kitu mah.”
“Har, naha urang ayeuna rèk popoyongkodan kitu?”
“Ari rèk kitu mah ku saurang gè mahi!”
Sarèrèa unggut-unggutan nyaluyuan.
“Maksud tèh sing wajar wè.”
“Nu wajar-wajar mah kapan enggeus ku Lurah. Urang mah kapan rèk ngalakonan nu teu wajarna.”
Sarèrèa unggut-unggutan deui.
“Moal kumaha onam kitu lamun Camat ambek?”
“Nya urang pagedè-gedè ambek wè atuh!”
Sarèrèa leuwih rosa unggut-unggutanana.























Ku Taufik Faturochman
Jalan satapak nu biasa disorang geus bèak. Ka dituna mah teu ilahar kasaba ku manusa. Wungkul leuweung anu remet. Kawas jadi sasmita tina lalampahan anjeunna. Anjeunna geus ngantunkeun alam karamèan, tempat pabuaran nu lumrah. Indit nyorang kapanasaran. Anu matak kaayaan anu sakitu gurawèsna tèh teu matak gedag kana manahna. Jongjon baè anjeunna angkat, paribasa nètè akar ngeumbing jangkar, sèsèlèkè dina cadas nu laleueur.
Ku Wahyu Wibisana
Aya ékék nu hirup di hiji leuweung. Matuhna dina parungpung kai anu kacida gedéna. Unggal poé éta ékék téh sok nyiar hakaneun, pangpangna siki jagong, di leuweung sabudeureunana. Lamun manggih kebon jagong, manéhna gumbira pisan, nya bisa ngadahar saseubeuhna, nya bisa mawa siki jagong kana sayangna. Dibélaan pulang anting ti sayang ka kebon. Maksudna taya lian rék nyéngcéléngan siki jagong keur sasadiaan dina usum paceklik.
Kacaturkeun di hiji leuweung aya bagong putih. Éta bagong téh gawéna ngan tatapa baé, geus mangpuluh-puluh taun. Ari anu ditapaan ku manéhna, hayang boga anak awéwé sarta bangsa manusa.
Ku M. Mansur S.
Kangjeng Prabu Sri Baduga Maharaja, Raja Nagara Galuh Pakuan, hiji mangsa kasumpingan utusan ti Karajaan Majapait. Éta utusan téh dipiwarang Prabu Hayam Wuruk masrahkeun lamaran. Kaleresan Sri Baduga Maharaja kagungan putra istri, kacida geulisna, jenengan Déwi Citraresmi.