Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Kakarén Lebaran

Posted by bujanggamanik dina Oktober 10, 2008

Ku Hidayat Soesanto

(Hiji)

Lebaran réngsé. Bubar, lubar teu sakara-kara. Urut seunggah, sésa suka, leungit kasilih ku wanci. Tamat katinggang ku mangsa. Baju alus tinggal urutna. Dahareun ngeunah kari waasna. Pileuleuyan lancingan weuteuh. Wilujeng kantun opor hayam. Lebaran hareup tepung deui. Sugan masih kénéh aya umur.

Enya, sugan pareng aya umur. Sabab loba temen contona. Lebaran kamari geugeuleuyeungan tumpak motor, lebaran ayeuna anak mantu jeung incu nyekar ka kuburanana. Umur gagaduhan, nyawa sasampayan apan. Paralun ngaboga-boga. Gumantung ka Nu Kagungan.

Keun ari jalma modél Ki Nurhamid atawa Ma Ooh. Paribasa geus sagala weureu seubeuh. Umur manjing tunggang gunung, sasat kari nganti-nganti dawuh. Tulunganan dipanjangan karunya ka saréréa. Ka dirina, ka kulawargana. Leumpang baé dipapayang. Dahar ngan henteu baé dihuapan. Waktuna dipundut umur, euweuh nu ngarasa diheulang. Cukup ngedalkeun innalillahi…. Ti Alloh mulang ka Alloh. Disambung milu ngadu’akeun, malar di alam barjahna pinareng jeung kamulyaan.

Narajang cara Si Uun, tukang béngkél sapédah juru lapang. Saréatna meujeuhna jagjag belejag, awak séhat teu sakara-kara. Umurna waé tacan jejeg tilu puluh. Jelema ahli gawé pisan. Iwal nyeri beuteung lantaran murak sambel kalepasan, atawa muriang gara-gara kahujanan jeung kurang héés, iraha teuing kadéngé manéhna gering.

Lebaran kamari saperti biasa ngagegedugan kénéh maén rebutan. Naha atuh mulud kapareumnakeun, asalna sasambat lieur, lantaran teu cageur diubaran obat warung, tuluy dibawa ka Puskesmas. Nepi Puskesmas ukur baé dirampa mantri, paralun teu katulungan.

Lahirna panyakit darah tinggi teu kanyahoan. Batinna titis tulis ti ajali, Jodo pati rusiah Nu Murbeng alam. Alhasil lebaran ayeuna teh, boh anak boh pamajikanana, boro-boro manggih kabungah sailaharna. Ngadéngé dulag, ras ka nu geus euweuh. Mireng sora takbir, nya kitu kénéh. Mulang sunat kadua anak banjir cimata. Jul-jol nu ngadon silaturahmi, kalah beuki juuh.

Jempling deui, tiiseun deui, lembur balik deui sabihari. Teu ramé kawas dua tilu minggu ka tukang. Pangpangna poéan sabudeureun lebaran. Ti mimiti lilikuran puasa, nepi ka tanggal welasan sawal.

Harita mah dak dumadak, loba jelema beungeutna teu wawuh. Tingalabring, tinggeuleuyeung, nu laleumpang, nu tutumpakan. Dibaraju alus, disarendal, disarapatu. Garadang jeung garinding. Buukna laleucir. Cicirén lain entas ka sawah atawa ka kebon. Nyaan réa nu kabedil langit. Teu sidik saha-sahana. Apal-apal duméh ituna nanya ti heula jeung hideng nikukur. Singhoréng kapisuan. Sugan téa mah lain anak dulur. Kasipuh ku baju, kapulas ku dangdanan, turug-turug heubeul teu panggih, balukarna baraya disaha-saha.

Katambah-tambah nyaritanan loba nu mamalayuan. Niron-niron Si Mandra. Malayu dialék Jakarta téa. Paelu-elu, pagué-gué. Atawa tingarain. Ngapain, kirain, suguhin. Ngan teu kadéngé ari nu nyebut tuturin jeung tidurin mah. Sugan téh saha jeung urang mendi. Manahoréng Si Karsiti, anak Sarhindi, tukang buang urang Nagrog. Tukang buang téh tukang nebarkeun jaring di laut kana parahu. Perbawa jaman, kapangaruhan ku lingkungan, dua taun lalanjang di Jakarta, pareng balik ka lembur pangrasana geus meleg-meleg jadi urang Jakarta. Barang pakéna persis urang Jakarta. Dikaos jeung dicalana témbong bujal. Kawantu nu hiji torad, nu hiji deui morosot. Leuheung mun pakulitanana miar-miar konéng. D ieu mah ngan henteu baé ngabelegbeg semu héjo.

Nyarita basa Sunda ngakuna kagok. Watir mah indung bapana. Mindeng melengek teu ngarti. Da éta tuda mani taya tumpa-tumpa. Geus puguh boga kolot satengah buta hurup, hayoh diajak mamalayuan. Untung teu sawan kuya ogénan. Ari rék digeunggeureuhkeun, rumasa kaangkat darajat. Ti saprak Si Karsiti digawé di Jakarta, eusi imahna rada pereték. Malah lebaran ayeuna mah mawa televisi. Ngalengkepan radio badag jeung térmos kéjo, oléh-oléh lebaran saméméhna.

Tungtungna lantaran hayang ngigelan anak, maksakeun nyarita mamalayuan. Malayu reumbeuy basa Nagrog.

“Geura dimakan emihnya, Nyai, nanti kaburu bengkak,” pokna téh. Nyai ayeuna mah nyebutna téh. Kaburu bengkak, moal salah maksudna kaburu beukah.

Si Uto bisaan ngaheureuyan jelema-jelema modél Si Karsiti téh. Ngahaja ari panggih sok milu mamalayuan. Orokaya jaba direumbeuy, jaba ngaco.

”Waduh, gué kiré siapé. Sampai tidak kabadé,” majarkeun téh. Atawa, ”Dari mana bésok-bésok sudah ngurunyung dari kidul?” bésok-bésok. Isuk-isuk.

Keuheuleun pisan Si Uto mah ka urang lembur nu mamalayuan téh. Mana komo lamun jelemana ukur jelema biasa. Nyaho kolotna, apal di dayeuhna jadi naon. Basana téh, ari masih kénéh bareuki sambel mah, teu kudu unggah adat nyarita mamalayuan. Katurug-turug kasebut létah Sunda, kajeun lila di Jakarta, angger waé asa cawérang. Béda jeung urang Jawa atawa peuntas. Nu hiji medok, nu hiji capétang. Ngeunah kana ceulina téh.

Kétah, iraha deui meureun, aing némbongkeun laladangna hirup di kota. Peupeuriheun harta banda, ukur hiji dua nu enya-enya kataékan. Atuh légég-légég ulah éléh. Lucuna téh deuih, lain nu marangkuk wungkul di Batawi, nu baralikna ka lembur mamalayuan téh. Dalah nu ngalumbara di tatar Sunda kénéh milu mamalayuan. Duméh nyaritana lain malayu Batawi. Tapi malayu biasa. Pangpangna lamun nyarita di antara maranéhna.

Mah, ambil golok dong,” cenah ka pamajikanana, rék mares dawegan.

Bentar,” témpas pamajikanana.

Padahal hareupeun kolot jeung babarayaan. Padahal ari dipaksa mah diajak susundaan, teu burung bijil aslina. Boh manéhna, boh pamajikanana, sakitu lancarna ngomong Sunda.

Mangsa lebaran, mangsa lembur kasipuh ku kahirupan kota. Gara-gara urang lembur nu marangkuk di kota, ngadon lalebaran di désa. Tangtu baé henteu kabéh. Sabab teu kurang-kurang nu pageuh mageuhan galeuh-galeuh jati dirina. Sanajan mulan-malén hirup di kota, henteu nepi ka robah budaya. Saperti anak-anakan Bah Cécé suwargina. Nyarita paralun milu mamalayuan. Kaasup jeung anak pamajikanana.

”Sok cangkeul gado uing mah, ari ngomong basa Indonesia téh,” cenah, cék Si Yayat, anak marhum Bah Cécé pangcikalna.

”Teu weléh asa tidadalagor deuih,” pokna deui.

Kumaha onam Si Uto, sarua manéhna gé sebeleun pisan, lamun aya urang lembur ngobrol jeung urang lembur deui, hég di lembur deuih, maksa mamalayuan. Matak ari duanana panggih téh, mindeng siga nu heueuh, hoghag nyarita mamalayuan. Niat nyindiran jelema-jelema nu arunggah adat. Puguh waé ngondag pikaseurieun. Kawantu sarua ngacona.

””Kapan datang dari dayeuh?” cék Uto, ngasongkeun leungeun, logatna asli, logat Ciamis Kidul.

”Baru hol,” témbal Si Yayat, nampanan leungeun urut batur ngala suluhna.

”Bersamaan dengan keluarga?” Maksudna bareng jeung kulawarga.

”Iyah sabondoroyot. Cuma berangkatnya ti depan,” maksudna ti heula.

Jempling deui, tiiseun deui. Kahirupan urang lembur mulang deui sabihari. Ka sarawah deui, ka karebon deui. Atuh urang basisir, mimiti ka laut deui. Teu kadéngé deui aya nu nyarita basa Malayu. Paling-paling tinggal dongéngna, minangka kakarén lebaran.

Nya kitu deui sora gembrang-gembrung, nyetél lalaguan teu paruguh. Teu puguh sorana, teu puguh kekecapanana. Leungit sapisan. Ayeuna mah balik deui ka asal. Nu kadéngé téh mun lain dangdut, pasti lalaguan Sunda, bari puguh waktuna, isuk-isuk atawa soré.

Si Karsiti geus balik deui ka kota. Ngababu deui. Tapi ari dongéngna mah aya kénéh. Lantaran masih rajeun ditarabeuh.Boh ku kolot katut duduluranana. Mun teu kitu ku Si Uto, pareng ngariung jeung batur-baturna. Di pos ronda atawa di warung Ceu Uti. Lumayan keur ngararamékeun. Da teu weléh matak ager-ageran. Abong ruruntuk bodor réog teu payu.

Majar indungna Si Karsiti kungsi nyarita emihna kaburu bengkak ogé, saha deui atuh mimitina. Iwal Si Uto. Perkara ukur jijieunan manéhna atawa mémang enya kajadian, duka téh teuing. Tapi gegedéna mah kana jijieunan.

Nya kitu deui anak-anakan Mang suha, Si Engkus, Engkos, jeung Engkas. Geus aya welas poéna ninggalkeun deui lembur. Sarua tinggal dongéngna, minangka kakarén lebaran kolot-kolotna. Teu pindo catur Si Yayat, Jang Nano, Kang Harun, jeung Ceu Ikah. Malah karasana beuki tiiseun lembur téh. Lantaran saban tas lebaran pangeusina beuki ngurangan.Narungtutan naringgalkeun sarakan. Aya nu nuturkeun batur, aya nu ngahagal gadag sorangan.

(Dua)

“Teu sakara-kara.”

“Naon téa?”

“Heueuh lebaran.”

“Ari kitu?”

”Nanyakeun kénéh. Apan saméméhna mah naon-naon jang lebaran. Dibélaan anjuk hutang, guda-gadé, jeung naon ku hanteu. Siga pisan moal manggihan deui lebaran. Padahal dina emprona mah, henteu sing sabaraha,” cék Suhadi bari ngalacat naék ka tepas.

”Oh…sugan téa mah,” pribumi hideng ngadeukeutkeun bungkusan roko.

”Roko pamungkas meureun, nya ieu téh?”

”Enya.”

”Balik deui kana kawung, mimiti isuk mah, meureun?”

”Kana kitu.”

”Teu nundaan kitu Si Sulé?”

”Nundaan naon?” Bah Oyot malik nanya, dibarung rada cureng.

”Nundaan roko ambéh bapana bisa terus udud roko.”

”Nundaan ti mana horéng. Jang ongkos balik baé ménta. Ngagerenyih ka indungna. Biasa ngomongna onaman nginjeum,” ngalieus.

”Leuheung aya?”

”Biasa wé uclak-éclok.”

”Digawé lin Si Sulé téh di kotana?”

“Digawé. Tapi…” teu kebat. Tayohna teu werat ari kudu ngagogoréng anak mah. Déog-péngkor getih-daging sorangan.

Digawé kénéh Si Sulé téh. Di pabrik biskuit. Purah nganteur-nganteurkeun barang ka toko-toko. Gajihna sakitu mah katimbang gedé. Komo nyanghareupan lebaran, bonus narima, THR harianeun. Hanjakal boga panyakit awuntah. Lésang kuras, cék urang lembur mah. Teu bisa nyekel duit. Hayangna buru-buru méakkeun. Katambah-tambah resep nginum, lian ti rajeun ngalinting daun haram téh.

Puguhing cruk-crek ka awéwé. Bubuhan boga beubeungeutan teu goréng-goréng teuing. Kulit-kulitna baé mah, ngala ka indung, rada miar-miar. Alhasil kawilang laris. Ngan nya kitu ogor téa. Teu kaop dipuji, jol golosor. Matak balik taun kali saban lebaran téh, boro-boro angkaribung siga batur. Kawantu béak dipaké mahugi jeung nginum. Duméh henteu ngaligincing wungkul. Biasa jingjing bawa. Orokaya balikna deui ka kota namprak. Ana diutang-itung, antara babawaan jeung barang pénta, ngan henteu baé sarua jeung nalangan. Aya kénéh onjoyna meueusan.

”Sakitu gé ilaing mah boga kénéh jang euleuh-euleuh… boga anak digawé di kota. Sahenteuna deuih aya jang tuturkeuneun adi-adina. Narajang kuring, boga anak téh taya nu sahijieun. Karurang boga kahayang. Embung incah ti lembur. Cukup ku ngungucel tanah satapak peucang jeung babarah-buburuh sawatarana,” satengah humandeuar.

”Apan Si Aéd mah dagang lin?”

”Dadagangan. Mangdagangkeun batur. Ngarah pérélékna.”

”Tapi geuning bisa meuli motor sagala. Weuteuh deuih.”

”Meuli ti mana horéng. Biasa ngiridit. Kapaksa lantaran kudu ngider, ngiyeng mapay-mapay lembur. Tampolana nepi ka pakidulan Tasik, nutur-nutur usum lauk.”

”Mana kitu gé kauntup.”

”Alhamdulillah sayeunaeun mah. Teu pati beurat ongkoh sabulan-sabulanna téh. Ngahaja uang mukana digedéan. Lima juta. Jadi cicilan sabulanna téh teu kungsi tilu ratus.” Dak dumadak robah, jadi bangun rada reueus.

”Ti manéhna?”

”Nya ti saha atuh. Kolotna onaman batan sakieu nya kaayaan,” reueus inya.

“Heueuh da kami gé, cacak Si Sulé daék nurut, asa mending cicing di lembur. Asana sakalieun jang hirup sawatarana mah, moal kurang garapeun.”

“Puguh wé ilaing mah. Sawah lega. Kebon ublug-ablag. Balong boga. Naon deui. Tinggal Si Suléna daék neruskeun lacak kolot. Rék dadagangan moal bingung ku modal,” ngarongkong panékér, lantaran ududna pareum. “Tapi kétah, hirup téh butuh pangalaman. Sugan jeung sugan deuih. Sahenteuna di kota mah sagala nyampak. Buktina anak-anak Si Suha. Tiluanana siga pinanggih jeung kasenangan.

Cék itu, cék ieu, anak-nakan Ki Suha mah rada kataékan di kotana téh. Malah Si Engkus mah kungsi ngocal-ngocal balong Bah Oyot sagala. Balong lebakeun situ Cisamping. Balong alus naker. Tara kurang cai. Kawantu tinggal ngagolontorkeun tina pamiceunan situ. Lian ti éta, kasebut balong adek jeung cilebok, jaérna gampang baradag jeung garajih.

Jaér cilebok mah moal aya dua. Dibandingkeun jeung lauk emas wedalan Saguling atawa Cirata mah, meunang kénéh jaér cilebok. Béda jeung jaér balong biasa, jaér cilebok mah. Empuk ka hulu-huluna.

Bilih badé dikaluarkeun, basana téh. Hartina mawa duit loba Si Engkus ka lemburna.

Anakna tilu Mang Suha téh. Kabéh lalaki. Umurna teu pada éléh. Ampir nungturun. Sarua meujeuhna belekesenteng. Karék likuran taun. Tiluanana marangkuk di kota. Si Engkus panggedéna, dagang bungbuahan di Jakarta. Cenah mah di lelewek Kebon Jeruk, deukeut kantor RCTI. Geus boga jongko sorangan.

Si Engkos jeung Si Engkas aya nu ngajeujeuhkeun, jadi tukang beberesih di hotel bintang di Bandung. Tiluanana taremen wekel. Daraék peurih. Hirupna arapik. Ti jaman di lembur kénéh kituna téh. Tara bauan. Hampang birit. Biasa dihuras-hiras. Maju sawawa mariang ka kota nuturkeun batur nu ti hareula.. Lumrah. Ngudag-ngudag sugan jeung lamunan. Kaparengkeun boh lanceukna boh adi-adina pinanggih jeung rejeki.

Ka kolot kacida nyaahna. Pangpangna Si Engkus, bubuhan panghidengna. Sakitu manjing rumah tangga, can ieuh daék boga pamajikan. Dijurung-jurung malah diasong-asong picaloneun, keukeuh nyebut moal waka. Nu niat nyair mulung minantu teu kurang. Tapi sarua, cukup dijawab teu acan maksad. Hayang seubeuh heula babakti ka kolot, cenah. Hayang nyenangkeun heula. Hayang ngimahan sing pageuh. Hayang nyukupan dahar-pakéna. Hayang boga pakaya, ngarah bapana henteu utrak-atrok néangan buburuhaneun.

Puguhing adina, lantaran umurna kakara dua puluh taunan. Tacan harib-harib rimbitan. Biheung bobogohan siga batur ogénan. Alesanana sarua, hayang aya kaboga heula. Orokaya unggal tiluanana balik ka lembur, kawas nu meupeus keuyang. Teuing mun katambahan niat pamér. Némbongkeun aing di kota bisa néangan duit. Bisa kabeuli sagala rupa. Ti barang maranéhna datang, musik ngageder mungguh teu eureun-eureun.

Turug-turug kaseundeuhan ku batur-baturna. Boh nu masih kénéh marangkuk di lembur, boh nu papada ngumbara ka kota. Kaasup Si Sulé anak Bah Oyot. Atuh imah Mang Suha bleg …wéh… mun di kota mah jadi café leuleutikan. Mang Suha sorangan, nya kitu deui pamajikanana, teu bisa majar kumaha.

Taktakgé watir mah Ki Tama. Meujeuhna hirup tingtrim, rinéh ngahenang-ngahening, bari nunggu-nunggu dawuh, kari-kari kudu ngadéngékeun lalaguan karitu patut. Pamajikanana onam rada leuheung. Moal kasiksa teuing, sabab ceulina mimiti kurang dangu.

”Heueuh anak-anakan Si Suha mah maraju. Basa nganjang ka dieu, manggihan Si Sulé, maké jeung natanyakeun balong, bisi rék dikaluarkeun,’ cék Bah Oyot.

”Saha? Si Engkus?”

”Enya. Mana kitu gé boga duit. Da moal dibikeun saanu, mun téa mah rék dikaluarkeun.”

”Balong nu mana?”

”Balong nu kidul, lebakeun Cisamping.”

”Saha nu teu kabita tuda. Balong sakitu alusna. Kitu-kitu ari kaharti mah …. Sugan ladangna bisa dipaké nyieun deui nu leuwih lega.”

”Puguh wé ngagugu Si Sulé mah. Malah sigana kalakuan Si Sulé éta gé. Geus lila ngagugujeg nitah ngajual deui barang. Hayangeun motor.”

”Wanieun sakumaha kitu Si Engkus?”

”Ka teuing da teu pati dihaminan. Ngan éta baé anak batur mah geus bisa beubeuli barang pageuh. Anyar kénéh tas ngaduitan kebon Mang Jumadro. Bubuhan kamodalan, sawo, manggu, jeung kadongdongna gé, ayeuna gampang baruahan.”

“Inget ka anak-anakan Si Suha téh jadi inget ka Ki Tama. Watir,” bisa jadi ngabangbalérkeun pribumi.

“Ari kitu?”

“Kasiksa pisan manéhna mah salila lebaran téh.”

”Kasiksa kumaha?”

”Kasiksa ku dédéngéan. Abong budak ngora. Kabéh anak-anakan Ki Suha meujeuhna resep ka nu anéh-anéh. Der…nyetél lalaguan teu paruguh sangeunahna maranéhna.”

Cacak boga pangungsian, ampir-ampiran nyingkah, cenah Ki Tama téh. Ngan rék nyingkah, nyingkah ka mana. Puluh taun laki rabi, teu boga anak hiji-hiji acan. Malah teu kungsi dipangkaluron-kaluronkeun acan. Duka saha nu gabugna. Ka baraya, goréng kasebutna. Kuriak ngaririweuh. Sakieu usum sagala riweuh.

Baning méhméhan teu kuat. Kawantu unggal poé. Sasat ti isuk jedur nepi ka soré jedér digandéngan lalaguan teu puguh téa. Brang-bréng-brong. Tingjelegur asal tarik. Sawur jeung sora nu cocorowokan. Nu nembang teuing lagu nanahaon. Jeung duka basa nanahaon. Sakapeung didéngé-déngé téh siga nu utah. Uo…uo….Musik métal majarkeun téh.

Kulak canggeum bagja awak, cék Si Uto téa mah. Milik teu pahiri-hiri, darajat tara paala-ala. Hayoh natangga jeung Mang Suha. Ari pék ngan Ki Tama wungkul tatangga adekna téh. Ku sabab sabeulah deuina mah, beulah kénca kebon cau boga Ki Ulis. Ka hareupna jalan désa. Tukangeunana aya kénéh sumur jeung leuit, méméh imah Kang Jaéd. Jadi teu kabaribinan langsung cara Ki Tama.

(Tilu)

Warung baso Ceu Uti deuih nu balik asal téh. Iwal peuting, ayeuna mah nu mareuli téh henteu ramé siga keur araya kénéh urang kota. Jaba alasna ayeuna mah rata-rata alas biasa. Alas sarébu lima ratus, paling antek dua rébu lima ratus. Ma’lum duit lembur. Henteu rarubak kawas duit kota.

Kamari ieu mah karék dadasar bada asar, nu mareuli geus jul-jol. Marawa jeung ngajaringjing rantang. Maju ka peuting tutas tarawéh harianeun. Mindeng mani ngagimbung. Tampolana datangna ngaberedeg. Pangpangna lamun kadatangan kulawarga Haji Saléh. Jang Nono sakulawadet. Dua mobil tara kurang. Ngahaja ngadon ngabaraso. Sakitu di imah sagala aya.

Kanjat ngolécér Ceu Uti téh. Kawantu ari ngaladangan mah teu bisa ku batur. Teu bisa jeung arembungeun. Da éta tara sarua, cenah. Sok aya baé bédana. Kajeun takeran uyah, pécin atawa kécapna sakitu-sakitu kénéh. Perbawa leungeun sigana. Béda koki béda rasa. Sanajan angeun sop, angeun sop kénéh.

Éstuning rejeki nomplok. Duit kota. Biasa jajan di kota. Dibéré harga lembur téh, kajeun geus dimahalkeun angger waé katitih murah. Hanjakal Ceu Utina gedé kasieun. Sieun pajar mangpang-meungpeung, cenah. Padahal matak naon habek wéh. Sakitu mangkok kali sakitu. Da tara ieuh utang-itung maranéhna mah. Sakur nu disebut, langsung dibayar. Kawantu duit babari. Lir boga citakan sorangan. Mangkaning ari ngabaraso téh rata-rata saurangna kudu baé mindo.

Dalah Ceu Utina teu béak-béak kahéran. Baso bubuatanana dipikalandep urang dayeuh. Harkat Si Engkus, Engkos, Engkas, atawa Si Sulé onaman teu matak anéh. Sanajan marangkuk di dayeuh, kasebut jelema biasa. Tutur ngabaso nagog sisi jalan. Sedengkeun anak-mantu-incu Haji Saléh, lain harkat édél-édél. Lain tukang bungbuahan atawa purah beberesih di hotél siga anak-anakan Mang Suha. Lain pagawé pabrik biskuit siga Si Sulé deuih. Mun jaman baheula mah ménak tulén bolongkotan.

Geura ilikan, daratangna ka lembur teu weléh ngabringkeun mobil. Kanjat mudal ka jalan apan, ari usumna baralik téh. Padahal kurang kumaha lega buruan imah Haji Saléh. Lian ti garasi asup dua mobileun. Kitu téa mah, putrana, putuna, karagungan séwang-séwangan. Diitung tilu kali tilu baé, geus salapan mobil. Acan dudulurna mantuna. Da aya baé nu ngiring ngadon lebaran di lembur téh.

Lebaran ayeuna ogé aya sawelas siki mobil nu ngaliud hareupeun imah Haji Saléh téh. Lima di antarana kagungan Jang Nono sapalaputra. Tilu putrana téh. Tiluanana marekel mobil masing-masing. Kaasup si bungsu, nu kakara SMA kelas hiji. Da apan sareneng babalapan di sisi basisir. Hiji deui dipaké adi beuteungna. Mobil kagungan Jang nono kénéh éta gé, cenah.

Harga BBM sakieu mahalna, hih, bangunna téh biasa baé. Padahal bulak-balik lima puluh léter baé samobilna. Sawelas kali lima puluh geus lima ratus lima puluh léter. Kali opat rébu lima ratus, dua jutaeun punjul. Mangkaning mobil nu dipaké Jang Nono mah, teuing mobil nanahaon ngaranna. Jaba olok, jaba lain béngsin biasa. Da éta baé sabot di lembur, tilu kali nitahan meuli ka Banjarsari gé. Hargana matak ngagebeg urang lembur. Si Uto nu apaleun téh bubuhan sobatna.

”Pokona pangaji jang béngsin wungkul, bisa dipaké meuli pibalongeun,” cenah.

Si Uto deuih, nu mapatahan Ceu Uti, sangkan di mana Jang Nono sakulawadet ngabaraso, ulah asa-asa ngahargakeun, dua kali lipet, tilu kali lipet, pokna téh, orokaya buntutna, ”Ngan kadé poho ka uing,” dasar sirah calo.

”Boa kaanggo, pilakadar baso lembur,” cék Ceu Uti semu ngadarégdég, barang kakara mah. Lebaran taun itu, basa munggaran ngaladangan anak incu Haji Saléh.

Kakara dua lebaran jeung ayeuna, Ceu Uti dagang basona téh. Dagang kajurung ku butuh. Taya tapak pangalaman pisan. Éstuning kapaksa ku kaayaan. Lantaran kudu maraban anak sadua-dua. Bongan gableg salaki nurustunjung. Cul léos, clep buleneng, gara-gara kaduyung biduan dangdut asal Patimuan. Antukna nepi ka tatalakan pisan.

Untung imah kolotna nampeu pisan ka terminal. Apan gara-gara imahna deukeut terminal pangna Ceu Uti kagémbang ku Kang Dédi téh. Muasalna bari ngadagoan muatan pinuh, Kang Dédi sok gégéléhéan di tepas Mang Karna, bapana Ceu Uti téa. Supir beus manéhna téh. Jalmana gagah. Kumisan jeung godégan. Ana geus maké jékét kulit, éy… sugan mah. Awéwé kitu-kitu baé mah, moal teu gampang kaédanan.

Turug-turug coloyor kabina-bina. Playboy mun cék urang kota mah. Duka kumaha mimitina, pruk… wéh … duda dua kali téh kawin ka Ceu Uti. Mungguh nénjo waruga jeung beubeungeutan mah asa jauh kana manjing. Punjul teuing salakina.

Dihatéan ku kolot jeung dulur-dulurna, pegat jeung Kang Dédi, Ceu Uti dadagangan. Mimitina mah gurang-goréng bangsaning bala-bala, pisang, comro, jeung géhu. Pédah tepas imahna sok dipaké tempat ngarumpul supir, kenék, kenéktur, lian ti tukang ojég téh. Saterusna, duka kumaha dongéngna, hiji mangsa ditambahan ku baso. Antukna salembur sohor baso Uti atawa baso terminal. Kana gurang-goréng mah geus tara deui. Capé majarkeun téh.

Duka ku lantaran kurang apal, naon baé sabenerna ari sambara baso, ana dirasa-rasa, batan rasa baso, deukeut-deukeut rasa soto hérang. Nya kitu deui nu disebut basona. Bisa jadi ku sabab ngarah gampang, lain guruntulan cacag daging campur tarigu siga nu ilahar. Ieu mah meleg-meleg daging hayam. Hayam meunang meuleum disebitan. Hanyir teuing cenah digoréng mah. Nya kitu deui minangka emihna, kumaha onam soto, lain ku emih biasa. Tapi ku soun.

Sakalieun nu hayang ku emih, disadiakeun emih bungkus. Kitu-kitu keukeuh ari basona mah, ku daging hayam beunang nyacag atawa nyebitan. Matak baso bubuatan Ceu Uti mah bisa jeung biasa dipaké deungeun kéjo. Ku sabab rasana leuwih deukeut kana rasa soto. Soto hérang.

Tara diganti ku indomie atawa supermie anak incu Haji Saléh mah. Tetep emihna ku soun. Ngan dagingna wajib loba. Sakapeung ngahaja mekel sorangan. Tara dibawa ka imah deuih. Di dinya diadon, bareng jeung nu séjén. Ngan pédah sok hayang diheulakeun wungkul. Tapi, saha nu wani protés. Malah saréréa hideng ngarélédan. Turug-turug asal ulah isin, rék béak sabaraha mangkok, moal burung dipangmayarkeun.

Keur meujeuhna (beuki) jadi sabiwir hiji anak-mantu-incu Haji Saléh téh. Pangpangna Jang Nono. Mun téa mah aya nu pangawét-awétna kakarén lebaran nya éta dongéng perkara kulawadet Haji Saléh. Biasana nepi ka sabulan baé mah, terus baé jadi bukur catur. Lebaran ayeuna harianeun. Di mana teuing tuda, aya urang lembur sakulawadet ngabringkeun mobil sawelas siki. Lain goréng-goréng mobil deuih. Saratus jutaeun ka luhur hijina.

”Heueuh éta mah sadudulur,” Suhadi jadi ngabalégod, nyaritakeun kulawarga Haji Saléh. ”Majar kalapa samanggar tara kiring kabéh, buktina anak-anakan Haji Saléh mah, kabéh jaradi jelema.”

”Enya, duka teuing boga jampé naon,” témpas Bah Oyot.

”Jampéna mah nya duit-duit kénéh. Coba urang kawas Haji Saléh, boga anak téh pasti jadi sarjana kabéh.”

”Tapi da teu mungguh, euy. Tuh, buktina Haji Sarkosih, kurang kumaha beunghar. Kabéh anakna disakolakeun pakultas. Tapi ukur hiji nu jadi mah. Kitu gé teu pati ahéng. Jadi naon ongkoh. Mun teu salah déngé tata usaha di rumah sakit. Jauh tangéh dibandingkeun jeung anak-anakan Haji Saléh.”

“Enya. Malah kabéjakeun Haji Sarkosih jujual deui.”

“Keur naon cenah?”

“Wallohu alam. Bisa jadi keur nyumponan kabutuh anak-anakna.”

“Pasti ku Jang Nono deui dibeulina.”

“Ari geus saha deui atuh nu loba duit? Ceuk Si Uto mah, sakali mawa ka lembur, duit téh kanjat dikardusan.”

“Heueuh nya, kana naon usahana atuh?”

“Teu usaha. Ngan duka jadi naon di pemdana.”

“Heueuh abong usum nu gaib-gaib. Hayang teuing geura lebaran deui. Boa nyéwa kapal engké mah ka darieuna.”

”Meuli lain nyéwa. Aéh ieu téh geus euweuh kakarén pisan. Ti tadi ukur ngelepus jeung ngalekik, mani taya pisan gahél-gahéleun nu ompong.”

”Hayang kakarén mah ngobrolna di imah Haji Saléh,” pribumi nguliat jeung heuay.***

Tina Kanagan 2

5 Balesan to “Kakarén Lebaran”

  1. sangiang said

    ngan ari ngobrolkeun kakaren lebaran mah dilembur tos janten kabiasaan teteh…tapi asa teu apdol nya sesa kakaren lebaran teu kacandak kakota mah?????.
    ha ha ha…

  2. Roban said

    Ngaran-ngaran di lembur,hade goreng oge tetep wae jadi omong balarea. Kawas di lembur abdi…..

  3. gajahkurus said

    “Hoyong kakarén mah ngobrolna di bumi bu guru,” gajah_kurus jung cengkat babatek. “Tapi saur bu guru, wayahna lebaran ayeuna mah teu aya goreng suuk. Dua kilo gagal teu kapuluk, liat gara-gara disangray na kompor gas.” gajah_kurus neruskeun omonganna bari cacamuilan duka bari ngegelan naon.😀

  4. gajahbageur said

    Harita gajahkurus aya niat nraktir gajahbageur ja2n baso Ceu Uti, tapi teu acan wae da sibuk ngoprek, duka ngoprek nanahaon!

  5. achmed alfarabby said

    Duh lebaran….rame na tinggal carita. Rame ku PAMER nya Teh ?

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: