Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Saung Lisung

Posted by bujanggamanik dina Séptémber 18, 2008

Ku Dadan Sutisna

Tonggoheun imah, kahalangan ku dua suhunan aya saung lisung. Henteu ari gedé mah, da tempatna ogé sasuhunan jeung kandang domba. Gigireunana imah Nini Ésih, nu boga saung lisung. Isuk-isuk atawa pasosoré, saung lisung téh sok ramé baé. Sora awéwé patingcikikik pabaur jeung sora halu diadu jeung lisung.

Kuring kakara kelas 2 SD, basa sok maturan Ema di saung lisung téh. Ema ngélék boboko nu geus dieusian bangsal atawa paré geugeusan, kuring ditiung ku nyiru. Terus nagog deukeut tatapakan, bari ngamandoran nu keur ngulangkeun halu. Mun bangsal geus lembut, bagéan kuring anu ngerukna tina jubleg. Sok kana nyiru. Ku Ema terus ditapikeun, sérahna dipilihan, ditutu deui. Mun aya hayam nu macokan béas, bagéan kuring nu ngabuburakna téh.

”Kadé hayam aing tong dibuburak!” Nini Ésih nyelengkeung ti dapur.

Ari nu ngadon nutu di dinya, lolobana mah parawan, titahan kolotna. Maké kabaya, disamping jangkung, ditiung ku karémbong. Nya kitu, sok kadéngé ngobrolkeun beubeureuh, bari patingirihil jeung pada baturna. Ari bahan wangkongan nu geus rimbitan, kaasup Ema kuring euweuh deui iwal ti salaki; pangedulanana, kadaékna, nepi ka wangkongan nu cawokah. Tapi henteu ngobrol wungkul kétang. Séjén waktu mah sok aya ogé nu paséa. Silih awuran ku béas, ngan henteu wé nepi ka silih teunggeul ku halu mah. Barudak awéwé anu mindeng paséa téh. Teu pira, ukur parebut jubleg. Mun geus kadéngé nu hog-hag kitu, Nini Ésih sok kaluar ti imah, tokroh-tokroh kundang iteuk.

”Na ari sia kalahka paraséa. Jubleg nu aing, lisung nu aing!” pokna, biwirna ngabulaéh pinuh ku luah. Geus kitu mah kakara empéh.

Can kaharti harita mah, naon sababna unggal aya nu nutu, barudak bujang sok ngariung di imah Nini Ésih. Meureun maturan Nini Ésih anu geus sakitu kakolotanana. Kungsi hiji mangsa mah unggah ka imah, hayang milu ngariung bari ménta kukurud gula kawung. Horéng bujang-bujang téh keur naroong tina sela-sela bilik. Noong naon deui, upama lain noong anu keur nutu.

”Ténjo euy, Si Idas anu pangeundeurna mah!”

“Beulah ditu atuh, déwék teu kabagéan liang bilik!”

Berebet kuring kaluar, ngabéjaan Ema yén di imah aya nu noong. Puguh atuh jadi guyur sa-saung lisung. Barudak bujang dibuburak. Barudak awéwé patingjarerit bari memener kabaya, bisi aya bagian awak anu henteu katutupan.

Nepi ka sababaraha taun mah, Téh Idas, anu upama nutu sok némbongkeun bitis dilandi Si Eundeur.

Saung lisung mimiti tiiseun, basa di lembur aya nu ngadegkeun héleran. Hají Undu nu bogana téh. Nu rék nutu ngabring ka héleran. Teu kudu hararésé, asal aya keur buruhna. Ema mah can kungsi ka héler, da sok nitah kuring. Di éta tempat kuring nyaksian mesin nu muih, sorana nu matak katorékan, jeung kekebulna nu ngabring ka langit. Euweuh nu galécok di dinya mah. Jalma-jalma bet ngadadak siga nu pireu. Rék bisa ngobrol kumaha, ari lain gogorowokan mah. Da puguh geteran mesin héler sakitu tarikna, matak eundeur saawak-awak.

Enya ari ngareunahna mah. Mun paré sakarung ditutu dina jubleg, biheung anggeus sapuluh poé. Ieu apan kari mahékeun, ditandéan deui geus jadi béas. Tapi galécokna nu keur nutu béda jeung di saung lisung.

Ayeuna saung lisung téh geus ka mana boa. Nini Ésih geus maot. Téh Idas geus boga budak dua. Tong boro nu ngadon nutu, dalah lisung jeung jublegna ogé geus tumpur. Saung lisung anu sakapeung mah sok dipaké paséa jeung ngomongkeun batur, ukur jadi kawaas nu biheung aya deui.

Ana dipikir deui, saha atuh anu rugi, lamun di lembur taya saung lisung? Nini Ésih, da tara nyéwakeun jubleg manéhna mah. Atoh wé meureun, euweuh nu ngagandéngan. Nu sok nutu, puguhing leuwih ngeunah, da ayeuna mah nutu téh teu kudu ngulangkeun halu. Kari ngagandong ka héleran. Sakarung bisa dipaké dahar satengah bulaneun. Moal tuksel kudu ka saung lisung, cara Ema baheula. Paling ogé bujang di lembur nu leungiteun téh, henteu bisa nénjo nu eundeur.

Maké jeung boga kacindekan, boa nginget-nginget barang nu euweuh mah ukur panineungan nu taya gunana. Saung lisung, anu nepi ka ayeuna namper kénéh dina ingetan kuring, apan lain barang nu matak tibelat jalma réa. Boa aya nu teu apaleun bungkeuleukanana ogé. Urang lembur, kiwari, kakara inget ka lisung téh upama aya acara tutunggulan di nu kariaan. Kitu ogé lain keur kapentingan nutu paré. Meureun saung lisung téh salah sahiji kotrétan kahirupan di lembur kuring mangsa bihari. Sabada kagunasika ku pajamanan, nya nungtutan leungit. Saha nu rék mileuleuheungkeunana, da puguh taya nu melang taya nu nineung. Dalah kolot kuring sorangan, anu baheula sok pulang anting ka saung lisung, tara kungsi nyaritakeun panineunganana.

Palebah maluruh nu kumaha ari lisung, loba ieuh bukuna. Dina buku pangajaran sakola nyampak, dina énsiklopédi ogé aya. Turta lamun téa mah urang hayang nyieun saung lisung, naon héséna. Bahan-bahanna loba, malah najan sina agréng ogé piraku teu bisa, asal aya waragadna.

Nya éta, keur sakuringeun mah, anu ngait baé téh suasana di saung lisungna. Sora nu ngelentrung, nu napikeun, nu ngebahkeun hayam, nu ngomongkeun salaki, nepi kanu paséana pisan Bet kaimpleng baé nu keur maké kabaya, ditiung ku karémbong. Nepi ka sakapeung mah teu engeuh, upama suasana saperti kitu téh geus jadi bagéan nu leungit. Tah, geuning, kadéngé deui kentrungna sora lisung!

Tina Manglé No. 1899

12 Balesan to “Saung Lisung”

  1. henirusli said

    Teu kacipta mun nu paseana silih teunggeul ku halu. Mun ayeuna mah meureun lebet kana BUSER, hehehe

  2. Aang Zaeni said

    teteh dupi dilandi teh naon nya??

  3. Aang Zaeni said

    ari dilembur simkuring mah teh najan tos aya oge heleran sok rajeun marake keneh Nutu soalna raos na benten, langkung pulen pisan….

  4. Pribumi said

    Waleran kanggo duaan:
    Hahaha kacipta nya upami nu nuju nutu parasea silih babuk ku halu…wow….seru….
    Dilandi = diberi julukan (dijuluki).
    Tapi Yi beas ditutu ku halu mah henteu praktis panginten kanggo jaman ayeuna mah.

  5. mau Piliha Anggota Dewan Kayak Ghini Gak..
    http://calegindonesia.com/script/news/IncNewsDetail.asp?no=255&NewsID=255

  6. Aang Zaeni said

    tah teh aya ide yeuh,,,kumaha atuh aya carita anu nyaritakeun jalmi anu parasea beh rame weh…he he he

  7. Pribumi said

    Engke ku Teteh dikintun carpon anu lalakonna pasea, ok?

  8. Di lembur sim kuring masih aya keneh lisung. Upami kawenehan sok aya keneh ibu-ibu nu nutu pare biasana pare ranggeuy atanapi nu nutu beas pitipungeun. Tah geuning kentrung deui kentrung deui🙂

  9. usepromli said

    Pun anak nu kalima, kuliah di Jrs.Basa Sunda UPI Bandung. Ku dosenna dipiwarang milari conto-conto halu, lisung, jubleg, bakatul, beunyeur, huut badag, huut lembut sareng kagunaanana. Kitu deui nu aya patalina sareng nutu, kayaning napi, nyosoh, nyikcrik. Katempuhan bapana bae, kedah aprak-aprakan ka pilemburan. Untung aya “Si Jedak”, jip kahot nu geus barared cetna balas susuluduk ka jalan tarahal. Hese kabina-bina mantuan pamenta budak teh. Da tos langka geuning lisung, jubleg saparakanca teh. Taun 1979, asana, kantos nulis soal lisung dina “PR”. Kawenehan mendak di pasisian Kec.Bungbulang, Garut. Diteang ka dinya, tos teu nyampak da digentos ku pabrik heleur. Ongkoh saha nu kersa nutu jaman kiwari, pan mojang sareng bujang desa tos riab ka kota. Sora gondang tos kadeseh ku sora-sora audio-visual sarwa elektronik. Pun anak nu lahir taun 1985 katingal ngaheruk. Sajaba ti gagal mendakan barang-barang nu jadi poko tugas, ngarasa kuciwa cenah pedah “telat” lahir. Beda jeung bapana nu kungsi ngalaman “kajayaan” padesaan. Insya Alloh tos siap dibukukeun, dijudulan “Unak-Anik Bubuk Leutik”. Mugi-mugi tiasa medal taun ieu ku penerbit Imtima Bandung, margi honorna mah….tos seep. Muhun diangge ongkos ngaprak milarian halu, lisung sareng nutu. “Si Jedak” tea, 4.000 cc, sedep eueut. Honor sabukueun teh enggal ledis.

  10. ghilman hi said

    Leres pisan komentar Bapa Usep. Abdi kantos nganteur hiji sarjana ngayakeun panalungtikan ngeunaan parobahan sosial kahirupan masarakat di hji padesaan mencil perbatasan Kab.Tasikmalaya-Kab.Majalengka. Di kampung suku gunung. Di dinya tos jarang pisan mojang sareng jajaka. Sadayana ka karota, didamel di pabrik. Sakalieun aya di lembur, enjing-enjing nyi mojang tos dibalur ku krim bodi. Atuh teu tiasa mantuan pagawean di dapur. Komo di sawah di kebon. Gawena leuleumpangan bari mencetan hape (duka eta hape pararegel meureun). Buuk dirumbay-rumbay. Cecetaan kawas artis sinetron. Padahal kapungkur mah, generasi 20 taun yl., masih keneh daek nutu, ngejo, jeung ngasakan baligo. Eh, naha jigjig kana kakawihan barudak “Ambil-ambilan turugtug hayam samantu”. Urang lembur ge tos teu arapaleun lagu eta teh ayeuna mah.Kasilih ku Peterpan, ST12, Ungu, Naif, Raja, Wali, Cangcuters, dsb

  11. Pribumi. said

    Waleran kanggo Kang Usep:
    Diantos pisan medalna “Unak-anik Bubuk Leutik”. Para guru Basa Sunda di Lapangan meryogikeun pisan referensi buku-buku sapertos kitu.

    Waleran kanggo saderek Ghilman:
    Parobahan sosial anu dibalukarkeun ku parobahan jaman teh moal tiasa dihalang-halang, margi parantos hukum alam eta mah, sagala rupi hal di alam dunya teu aya anu langgeng, kitu panginten sawangan abdi mah.

  12. Dendi Rustandi said

    sae eh sok sing seueur posting nu karitu teh.

    _______________________________________________________________________________________________

    Dendi, nuhun kana komentarna. Mung ayeuna teh nuju ngedul ngetikna.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: