Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Si Pelung

Posted by bujanggamanik dina Séptémber 10, 2008

Ku Usép Romli HM

Sanajan geus kolot, liwat ti kolot nurutkeun ukuran kalumrahan umur hayam, Si Pelung masih kénéh jagjag waringkas. Masih kénéh mampuh némbongkeun tagog dangong jago pinilih. Masih kénéh mampuh ngelewungkeun sora ari kongkorongok janari.

Sakapeung Si Pelung sok ngarasa reueus, lamun aya nu nyarita, “Kuatan tah hayam. Nepi ka kahot kitu. Pantaranana mah geus ka marana boa.”

Tapi sok nalangsa, lamun nu nyarita cikénéh, aya nu ngéngklokan:

“Padahal lain turunan Bangkok, nya?!”

Mun bisa, hayang Si Pelung nambalang. ”Mémangna hayam pinunjul téh kudu turunan Bangkok baé? Ari turunan asli lemah cai kudu mélédré baé kitu?” Geuning ieu aing!”

Sarta mun bisa, hayang Si Pelung ngadadarkeun riwayatna ti asal mula. Ti barang dipegarkeun, terus dikukut diistiméwakeun ku Haji Basari. Nepi ka mangsa jajangkar, dijadikeun pangbéla basa anak bungsu Ki Haji, Encép Umar disunatan dina umur lima taun. Ayeuna Encép Umar geus téréh lulus és-em-a. Sababaraha kali ampir unggal lebaran atawa usum hahajatan, Ambu Haji ngusulkeun sangkan Si Pelung dipeuncit. Ki Haji teu weléh ngahalangan.

”Butuh ku gawéna, tukang ngageuingkeun janari,” cenah. ”Néangan deui baé hayam séjén. Keun Si Pelung mah, ulah diharubiru. Kadahar sukur, atuh henteu teu nanaon, ari teu kapuluk mah.

Opat taun ka tukang, Haji Basari tilar dunya. Matak kagagas ku kasoléhan jeung kahadéanana. Getén tulatén, boh ka ingon-ingon boh ka pepelakan. Bari tara tinggal ti adab kasopanan. Handap asor, lain baé ka papada jelema. Ka sato jeung ka tutuwuhan ogé sarua. Ku Si Pelung mindeng kadéngé. Ki Haji ngawurukan putra atawa réncang, sangkan ulah wani-wani nyarékan komo bari laklak dasar – ka sato ingon-ingon.

”Ulah kawas kamari, hidep nyebut bangkawarah ka hayam anu bangor asup ka dapur. Malah ditambahan ku nyupata, lebokeun tétélo, tekukeun kerud, jeung sajabana. Teu meunang étah. Diharamkeun ku agama,” cék Haji Basari ka salah saurang putrana nu istri, nu mindeng pusing ari manggihan hayam riab ka dapur. Teu kalis ku digebah sakali, brul deui brul deui. Ma’lum hayam.

Tukang ibadah Ki Haji téh. Najan lubak-libuk luhur kuta gedé dunya, teu katongklokeun ngurus harta, kawas karéréanana nu baleunghar séjén.

Ngurus sawah cukup ngandelkeun panyawah atawa anakna nu geus bisa dipacikeuhkeun. Témpo panén, ukur ngaroris geus dikaluarkeun zakatna atawa acan. Ka dituna mah kumaha Ambu Haji saparaputra baé.

Ngan kana pepelakan salian ti paré, kayaning bungbuahan, palawija, sampeu, jagong, telik pisan ngimeutan téh. Bisi pindah teu kanyahoan kana pangawasa leungeun bandar tukang kemplang, méméh kapetik hasilna kaala buahna ku sorangan.

”Tara ngandung barokah, ladang tatanén anu dijual kemplangan mah, kadéngéeun pisan ku Si Pelung ti pipir, Ki Haji cacarita ka anak bojona.di tengah imah. ”Moal samata-mata agama ngaharamkeun, lamun teu matak mudarat jeung mamala, boh ka diri pribadi, boh ka balaréa..”

Barabat Ki Haji medar pamanggih, yén ngajual barang ku cara kemplang, ngaleungitkeun sumber amal kahadéan. Témpo diala, nu boga hadas melak ukur lalajo. Meunang tekal-tekil dipupul batur. Ka tatangga, ka baraya, ka batur salembur teu bisa méré ngasaan, lantaran barang geus dibayar ti heula ku bandar. Teu saeutik kajdian nu boga pelak malik buburuh ngala ka bandar. Anu sakuduna jadi dunungan bet jadi kuli.

”Baroraah kana méré mawéh. Manéhanana sorangan apan elah-elih namprak upah ti batur. Padahal nu macul di dinya, nu melak di dinya, manéhanana sorangan. Naha éta lain mamala? Coba lamun dipertahankeun nepi ka usum ngala, tong karooh ku pangolo, meureun diala ku sorangan. Kaburu kénéh méré ngasaan ka batur. Hartina amal hadé. Sodakoh. Atuh témpo ngajual, harga bisa rebut tawar tur barangna nyata ngagelar hareupeun. Lain rebut tawar pucuk atawa kembang karék néngtét, diwangwang dilelebah, bari hargana kurang merenah. Bener, karéréaanana jual beuli jaman ayeuna maké cara kemplang. Ambéh babari, ambéh henteu réncéd. Tapi tétéla éta téh henteu nimbulkeun kauntungan. Malah wungkul karugian. Nu matak, teu anéh, kiwari réa patani kari daki, réa padagang tinggal hutang, sabab ladang gawé béak sakaligus ti heula. Komo jual beuli kemplang mah, geuning langka ku duit, tapi ku barang, radio, televisi, motor, mobil, jadi hésé ngeureut neundeun keur pimodaleun usum hareup téh. Témpo butuh unjam-injeum ka bang, hésé lain dagoaneun. Kapaksa lumpat ka tukang rénten atawa ka bandar kemplang baréto. Sasat nandonkeun hasil pepelakan anu karék rék ceb dipelak. Kitu jeung kitu terus, unggal usum migawé. Kahadé urang mah, Ujang, Nyai ulah kabawakeun. Sing tuhu kana tetekon agama nu geus dicontokeun turun tumurun, tur karasa hasilna ngandung barokah. Saeutik mahi, loba nyésa. Moal samata-mata Abah lega sawah lega kebon, anu asalna tina hasil nyawah jeung ngebon satapak peucang atawa nengah mertelu, lamun prakprakanana méngpar tina aturan hukum. Tegesna hukum agama. Ngajauhan riba, boh dina modal, boh dina ngajual pisan. Sabalikna mereketkeun manéh sangkan tuman balabah. Daék ngaluarkeun sodakoh, infak, nepi ka zakat pisan, upama geus nisab. Peupeujeuh, lamun Abah geus euweuh, kabiasn kieu téh kudu terus dipilampah. Insya Allah, lamun gugon-tuhon, anak incu turunan Abah, baris tinemu kahirupan mulya. Bagja dunya ahérat. Moal kurang sandang kurang pangan, bari aya dina karidoan Allah Subhanahuwata’ala.

Si Pelung nyakséni, keur Haji Basari jumeneng kénéh mah, éta papatah téh teurak. Atuh sataun dua taun ti sabada Ki Haji tilar dunya, aya kénéh tapakna.

Ngan pajamanan barobah teuing ku cepet. Jalma-jalma nu ngajamananana ogé gancang pisan kakeunaan ku owah gingsir. Pangaruh kaayaan, pangaruh campur gaul jeung sajabana dina kagiatan pakumbuhan, méré warna katut rupa kana sikep pasipatan jeung paripolah masing-masing. Kaasup anak-anak Haji Basari, anu ti bubudak tara petot dijejelan papatah, sakalian ditémbongan conto prakprakanana ngeunaan hadé goréng, halal haram, salah bener, dibarung ku atikan ti sakola jeung pangajian.

Karasaeun pisan ku Si Pelung. Lamun pareng manéhna disada kekerukan bari semu ngahayéyéng nandakeun manggih téténjoan ahéng di alam anu teu katembus ku panon manusa, sok dibuburak. Di antarana ku Encép Umar anu baréto dibélaan téa.

”Si, sieuh, sieuh! Babatok hayam goblog. Baku ari geus kekerukan kitu téh!” cenah bari mubat-mabit ku naon baé nu karawél.

Hiji hal anu can kungsi kaalaman jaman Haji Basari jumeneng kénéh. Ki Haji mah, mun ngdangueun Si Pelung nyoara kitu, sok rambasbas, malah mindeng sesegruk, terus dzikir jeung istigfar. Ka Si Pelung sok nyarita rintih, ”Meugeus Pelung, kami gé ngarti. Manéh keur nyaksian pangeusi alam kubur nandangan ujian anu pohara. Emh, kami ogé Pelung, isuk pagéto baris ngalaman. Malah boa leuwih rosa ti batan anu kasaksén ku manéh ayeuna.”

Atuh lamun Si Pelung kongkorongok salah mangsa, pangpangna tengah peuting tangéh kénéh ka janari, Haji Basari sok gancang ngoréjat. Cacarita ka Ambu Haji: ”Kadéngé tah, Si Pelung kongkorongok lain wayah? Kahadé anak urang, Si Ujang, Si Nyai bisi boga lampah nirca. Jeung kahadé deui, anu baroga anak parawan atawa randa, béjaan. Sing taritén kituh, ngaping ngajaring anak….”

”Lah, Kang Haji, sok nu lain-lain. Barina gé, opénan teuing ka batur. Mani kudu walihweuh, teu pira Si Pelung kongkorongok. Gundam meureun,” walon Ambu Haji.

”His, lain teu pira. Hayam kongkorongok lain mangsa, komo tengah peuting ngaweng-ngaweng kieu, cék kolot, pertanda aya nu reuneuh jadah, lain opénan nitah ngélingan téh. Kawajiban dina raraga amar ma’ruf nahyi munkar. Ngajak kana kahadéan, nyegah tina kagoréngan. Bisi urang, dulur, baraya urang, tatangga urang caliweura, teu diélingan mah urang kababawa dosa engké. Baruk kumaha akibatna, lamun urang cul amar ma’ruf nahyi munkar? Bari jeung urang mampuh migawéna? Dila’nat ku Allah, ku mangrupa siksa jeung moal dikobul du’a, Nyi Haji. Lain lalawora!”

Sok panjang cacarita Ki Haji téh. Kadangkala parat nepi ka waktu salat tahajud. Isukna, prak migawé anu geus diomongkeun ka Ambu Haji. Silaturahmi ka saban tatangga, bari ngipat-ngipatan, kudu silih riksa, silih talingakeun, bok bisi aya nu méngpar kausap sétan, ngarempak aturan hukum dina urusan sahwat birahi.

Tara aya nu wani nambalang. Sabab saréréa nyaho, saha Haji Basari. Jalma jegud, lubak-libuk, béréhan, hadé budi hadé basa, taat kana ibadah, balabah ka sasaha, teu pandang harkat teu pandang darajat. Istuning taya cawadeunana anu bisa dipaké ngahualkeun atawa malikkeun.

Anak-anak Hají Basari, henteu bisa neruskeun tapak lacak bapana kitu. Ukur bisa neruskeun kajegudanana wungkul, sabada buka waris ngarecah sawah, kebon katut pakaya séjénna.

“Lain teu hayang nurutan Bapa méré papagah ka batur, ngan kumaha atuh, da urang sorangan papagahaneun kénéh batur. Kuriak baé dianggap tukang ngélmu ajug,” kawas nu badami, anak-anak Hají Basari sapuk sapamadegan.

Jadi, Si Pelung kongkorongok lain magsa tara diperhatikeun enya-enya. Malah mindeng disaleungseurikeun disebut hayam pikun. Kajaba mun geus aya kajadian, aya awéwé melendung teu karana boga salaki, karék ribut nyaritakeun kongkorongok Si Pelung. Saminggu dua minggu, lat deui poho. Atuh nu bureuyeung ukur éra saliwat. Ka dituna mah damang baé. Teu anéh lamun terus ngarekahan. Kamari Si Itu, pagéto Si Éta, minggu hareup geus aya cadangna. Sisindiran “piring pisin diragaji, colénak dikalapaan –abdi isinku paraji, boga anak teu bapaan”, geus henteu laku.

Si Pelung gé rumasa, saenyana manéhna disada salah mangsa téh lain nyaho-nyaho teuing kana aya atawa bakal aya nu reuneuh jadah. Ukur kabeneran baé, katindih ku kari-kari, katinggang ku kanyatan. Da maksud kongkorongok téh, taya lian ngageuing manusa, sangkan ulah kajongjonan teuing ngaguher. Ngageuing sangkan manusa nyaring, ngamangpaatkeun wanci mustari, saat mustajab, anu disayagikeun ku Allah swt. pikeun munajat tur bakal dikobul. Tina sakitu taun sakitu ratus kali kongkorongok tengah peuting jeung janari, ukur sababaraha urang anu surti. Haji Basari Almarhum di antarana. Karéréaanana mah nyawang tina jihat nu lain-lain baé, kagugu ku tahayul. Haji Basari onaman, dina enyana kabawakeun kitu, henteu ngan sakadar ngaréka prasangka. Tapi dituturkeun ku sikep nu leuwih teleb, didasaran ku kasadaran ngajalankeun paréntah agama. Silih wasiatan dina jalan haq jeung kasabaran.

Antukan Si Pelung prustasi. Beuki dieu beuki kedul kongkorongok. Da kapikireun, kapeuyeuh-peuyeuh, didaréngé tara. Tong boro sora hayam kolot, panggero manusa nu ngalanglaung dispékeran gé, geus tara pati aya nu maliré. Komo sanggeus mahabu adu-aduan, manusa mabok ku bangsaning kode jeung ilapat, tur hiji mangsa sora kongkorongok Si Pelung dijarieun kode ku Encép Umar sabatur-batur, timbul niat dina haté éta hayam kolot, pikeun kemba sakuatna.

”Dianggap nguyung, teu nanaon. Ambéh dipeuncit. Geura-geura paéh, susuganan di ahérat tepung jeung Haji Basari. Rék dicaritakeun, yén anak-anakna lain salukuran kana ni’mat meunang warisan loba, tapi anggur ngalancrud,” cék pamikir Si Pelung.

Ongkoh kaayaan lingkungan imah, kiwari mah teu matak betah deui. Kandang nambahan. Lain kandang hayam jago atawa bikang, ieu mah kandang anjing. Padahal Haji Basari baréto omat-omatan, sakumaha hayang jeung resep ogé, ulah ngukut anjing.

”Kajaba keur kaperluan moro atawa ngajaga pakaya, ngukut anjing diharamkeun. Komo ukur keur kaagulan jeung cocooan nu matak nonglokeun mah.” Kitu kasauran Haji Basari basa Encép Umar mawa kicik. ”Di imah mah teu pantes diaayaan anjing. Matak disingkahan malaikat Rohmat. Ngajaga bisi aya bangsat, ku ronda gé cukup.”

Harita Encép Umar ngagugu. Kicik disingkahkeun deui. Tapi ayeuna mah taya nu ngagetrik. Bébas merdika. Nu dibawa lain kicik jeung henteu hiji. Opat sakaligus. Anjing teureuh nagri wungkul. Keur meulina, ceuk béja ngagadékeun sawah sababaladon.

Si Pelung ngangluh. Keur mah geus pada mopohokeun, turug-turug aya saingan. Pangeusi imah tamplok perhatianana kana anjing kukutan Encép Umar, anu sagala rupana dipupujuhkeun.

Ngeusian beuteung gé, Si Pelung mindeng sakasampeurna. Mindeng nyaba rada jauh sakaparan-paran. Sakapeung sok ngarep-ngarep aya lasun atawa ganggarangan nyasab, hég nekuk. Sadrah pasrah tibatan hirup pakokolot kalunta-lunta.

Ti isuk nepi ka beurang, hiji poé Si Pelung aprak-aprakan. Pucak-pacok sakapanggih-panggih. Ti lebah buruan maju ka sisi sawah, bras ka tegalan. Méngkol ka lebah nu linduk ku tatangkalan. Dina jujumplukan kirinyuh aya simeut dagé nalokom. Gancang ku Si Pelung diboro. Simeut luncat kana tangkal bakasem. Terus diobrot. Geleber ka tukangeun rungkun saliara, handapeun tangkal juar sapasang. Si Pelung mébér jangjang sieun kaleungitan udagan. Garapak, guprak ka béh ditu. Ninggang tonggong dua jalma anu keur papuket, luhureun jukut. Lalaki jeung awéwé ditataranjang.

Si Pelung reuwas kabina-bina. Gancang lumpat bari ngabarakataktak kokotak. Poho kana simeut dagé, bakating ku silo ku téténjoan. Jeung apal ka salasaurang di antarana, Encép Umar. Jeung Si Pelung apal bakal kumaha balukarna. Encép Umar, bari ulad-alid nyarékan bébéakan, terus ngabeledig. Mabuk hulu Si pelung ku dahan garing nepi ka remuk.

Pasosoré di buruan imahna, Encép Umar ngagero maréntah bujangna.

“Di kebon tonggoh, deukeut tegalan, handapeun jaar, Si pelung modar. Cokot bangkéna, geuwat. keur parab anjing!”

Tina Jiad Ajengan, Karya Usép Romli HM

12 Balesan to “Si Pelung”

  1. sangiang said

    Tah teh jos pisan ieu mah…

  2. Ari jos teh naon sih hartosna, Yi?

  3. sangiang said

    ke teh teu acan rengse ngaos na,,,nembe judulna wungkul anu dikomentaranteh…

  4. Roban said

    Aduh cep Umar,kedahna mah hulu salira nu di babuk teh!

  5. sangiang said

    muhun da leres pisan atuh komo kangge dilembur2 mah Sipelung teh di gede jasana…Maklum da ari dilembur jaman kamari mah gening teu acan aya Alarm kangge ngawartosan waktos subuh, benten ku jaman ayeuna tos seueur alat anu canggih…

  6. Pribumi said

    Diemut-emut mah dina eta carios, asa hideng keneh sato nya tibatan jelema, komo nu ngaranna Encep Umar etah…

  7. Roban said

    Sato mah apanan mung gaduh napsu wungkul,teu gaduheun akal.
    Sedengkeun ari jelema,sajaba ti gaduh napsu teh oge gaduh akal.
    Jelema anu akalna dikendalikeun ku napsu,ngaruksakna alahbatan ti sato.

  8. henirusli said

    Meni tos sono, lami teu nganjang ka si Ceuceu.
    Carpon-na jero. Kedah seueur nafakuran diri yeuh.

  9. Mangga atuh sing sering linggih di blog Ceuceu anu sakieu buktosna. Puguh Ceuceu teh hoyong mosting carpon-carpon anu sarae, supados langkung seueur anu kersa linggih kana ieu blog. teras diselang deui ku bacaan “ringan”, supados nu maraca teu kerung teuing. Eh Yi, naha nya URL Ayi Heni teu tiasa dibuka? Naon margina?

  10. henirusli said

    duka tah. kirang uninga. maklum simkuring mah lelengkah halu dina hal kieu teh.

  11. Obspeak said

    Sae pisan ieu carios teh, kanggo pienteungeun. Jadi kabita hoyong nampilkeun carios- carios model kieu, tapi kumaha atuh sok peugat teungah jalan. Jnteun weh carios teh teu puguh alang ujurna.

    Sumbangkeun atuhlah hijimah carios teh d blog abdi.🙂 (bari ngaheulas bangun nu hayang d bere)

  12. ki golempang said

    deudeuh teuing ki pelung nu sakitu satiana ka dunungan, da gening kalahkah di paido ku anak na dunungan, leres gening tos teu aya sepuhmah sagala rupina janten robih.
    sae pisan ieu carpon kanggo nafakuran,

    kahatur ti abdi incu ki pelung

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: