Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Salman

Posted by bujanggamanik dina Séptémber 6, 2008

Salman téh pituin urang Pérsia. Éta sababna, anu matak katelahna ogé Salman al-Farisi. Hartina Salman urang Parsi.

Pérsia, nu ayeuna disebut Iran, kawilang hiji nagara anu geus maju ti béh ditu kénéh. Keur jaman nu séjén harirup basajan, jalma anu araya di Pérsia mah geus loba kanyahona.

Urang Pérsia harita disebutna Majusi, lantaran maranéhanana nyarembah kana seuneu.

Salman téh lahir di désa Jayy anu pernahna teu jauh ti kota Isfahan ayeuna. Harita mah disebutna Asbahan. Kolotna kawilang jalma cukup. Sanajan ngan ukur kana tani, tapi kawantu tanahna lega, atuh beunang disebutkeun tara kurang nanaon.

Éta sababna Salman ku kolotna tara kungsi dititah-titah kana gawé. Keur naon, da sagala kaperluan geus nyampak. Kawajiban Salman sapopoéna taya deui iwal ti ngajaga pirunan seuneu anu dipaké sesembahanana téa. Indung bapa Salman téh Majusi anu leket pisan. Nurutkeun kapercayaan harita, sangkan henteu pegat dipikanyaah ku Déwa seuneu téa, pirunan seuneu sesembahan nu aya di jero imah téh ulah nepi ka pareum. Sina ngagateng baé beurang peuing. Éta tandana bakal diasih terus ku déwa, cenah.

Ku sabab harita Salman ti leutik kénéh, beunang disebutkeun tara ingkah kaluar ti jero imah manéhna téh. Ku kolotna mémang diomat-omatan pisan, supaya seuneu téa ulah nepi ka pareum. Akibatna Salman jadi teu nyaho nanaon kaayaan di luareun imahna.

Sakali mangsa, bapana téh keur nyieun wangunan anyar keur gudang. Manéhna teu bisa indit ka kebonna. Padahal aya nu kudu diala di dinya téh. Lantaran pagawéanana teu bisa ditinggalkeun téa, nya manéhna nitahan Salman.

”Keun sapoé ieu mah,” cék bapana ka Salman, ”Bapa anu nungguan seuneu bari sakalian nganggeuskeun ieu hanca. Manéh mah ka ditu baé heula ka kebon. Tapi omat ulah lila. Kudu buru-buru balik deui!”

Dititah kitu Salman ngarasa atoh. Keur mah eukeur hayang ti béh ditu kénéh ulin, ayeuna aya kasempetan. Atuh ti barang kaluar ti imah gé, Salman teu eureun-eureun alak-ilik ka ditu ka dieu. Leumpangna teu bisa gancang, da sapanjang jalan asa loba pisan téténjoan.

Di hiji tempat manéhna ngaliwat ka lebah garéja. Keur manéhna mah éta bangunan téh kacida anéhna, lantaran béda jeung imah-imah nu séjénna. Ku sabab panasaran téa, nya terus manéhna nyampeurkeun. Barang geus deukeut, ti jero kadéngé sora rada-rada dilagukeun.

”Aya naon nya di jero téh?” cék haténa beuki panasaran.

Lantaran keukeuh hayang nyaho, sup baé manéhna asup ka jero. Ka nu aya di deukeut lawang. Salman nanya.

”Aya naon ieu téh?” pokna.

”Teu aya nanaon. Keur ibadah baé sakumaha biasa.”

”Ibadah?” Kapanasaran Salman beuki nambahan. Manéhna terus asup nepi ka aya di jajaran panghareupna.

Bari terus nénjokeun téh, haténa mah teu eureun-eureun tumanya. ”Naha di dieu mah ibadah téh béda jeung di imah?”

”Agama naon ieu téh?”pokna ka nu aya di gigireunana.

”Nasrani,” cék nu ditanya bari semu héran.

Salman beuki panasaran. Geuningan bet aya agama séjén. Sugan téh saréréa nyembah seuneu sakumaha kolot-kolotna di imah. Ari ieu geuning aya agama séjén anu béda kabina-bina.

Inditna ka kebon téh jadi teu tulus, lantaran kapopohokeun. Sabubarna anu kabaktian di dinya, Salma mah henteu terus balik. Manéhna terus tatanya ka sababaraha urang. Nepi ka manéhna meunang béja cenah di nagara Syam aya garéja anu leuwih gedé. Umatna gé leuwih loba.

Basa kaluar ti jero éta garéja, poé geus soré. Salman gé terus baé balik ka imahna. Sihoréng méh sapoé jeput indung bapana kokotéténgan néangan. Basa geus tengah poé Salma can balik kénéh baé, maranéhna melang bisi kuma onam. Nya ngajurungan badégana sina nyusul ka kebon, Cenah taya tapak-tapakna Salman nepi ka kebon. Atuh indung bapana téh beuki teu puguh rarasaan.

Basa Salman ngurunyung téh, saréréa ribut campur atoh.

“Ti mana baé ari manéh?” cék bapana.

Salman henteu ngabohong. Ku manéhna dicaritakeun baé yén awahing ku panasaran, terus asup ka garéja milu ka nu keur araya di dinya.

“Manéh milu asup ka garéja?” cék bapana kagét.

“Enya!” cék Salman.

“Awas!” bapana jadi ngambek. “Ti semet ayeuna manéh teu meunang sakali-kali deui asup ka dinya. Komo jeung milu ibadah mah. Nanaonan. Nyaho teu? Maranéhna mah jelema sasar. Manéh ulah kababawa ku nu teu paruguh.”

Sanajan harita teu papanjangan, tapi dina haténa mah keukeuh ngarasa panasaran. Beuki dieu Salman beuki hayang nyaho, naon sabenerna nu disebut agama Nasrani téh. Tapi ari rék mungpang kana kahayang kolotna, manéhna gé teu wani.

Ngan ku sabab keukeuh hayang nyaho téa, ahirna mah manéhna gilig. Basa aya kafilah ti Syam datang ka lemburna, manéhna milu. Bari jeung sasat kabur, da ka kolotna mah teu bébéja.

Sadatangna ka Syam, nu pangheulana ditéangan téh garéja. Salman geus meunang béja yén lamun hayang nyaho agama Nasrani kudu tatanya ka uskup. Ari uskup pan matuhna téh di garéja.

Basa geus tepung jeung Uskup, Salman balaka hayang diajar agama Nasrani. Ku éta uskup dibaeukeun pisan. Malah terus disina matuh di dinya. Dina prakprakan sapopoéna, Salman téh ngaladénan sagala rupa kaperluan ibadah di garéja.

Mimitina mah manéhna téh ngarasa senang baé nu aya. Tapi lila-lila manéhna jadi nyaho kaayaan nu sabenerna. Unggal-unggal khutbah éta uskup téh umajak ka saréréa sangkan ulah ngarasa lebar sidekah harta. ”Lantaran engkéna éta sidekah téh bakal dipaké nulungan jalma-jalma nu katalangsara,” pokna. Ku diajak kitu téh teu kurang-kurang nu masrahkeun hartana, boh duit boh perhiasan.

Ngan apan Salman nyaksian pisan. Harta tina sumbangan jeung sidekah téh ku uskupna ngan saeutik pisan anu bener-bener dipaké nulungan jalma-jalma anu katalangsara mah. Lolobana mah disimpen baé ku manéhna sorangan.

Tina nyaksian jeung ngalaman pisan kajadian sarupa kitu, Salman jadi mindeng hulang-huleng. Cék dina haténa, ieu mah lain agama anu bener. Moal enya aya ajaran papalingpang pisan jeung prakprakan sapopoéna.

Tapi salila éta téh manéhna gé teu nyaho kudu kumaha jeung kudu ka saha tatanya. Lantaran salila ieu apan uskup téh ku manéhna dianggap hiji-hijina jalma anu loba kanyahona ngeunaan agama.

Dina hiji mangsa, waktu Salman keur balanja di pasar, manéhna ngadéngé aya nu nyebut-nyebut pajar di tanah Arab geus aya nabi anyar. Nu keur ngadarongéng téh ku Salman terus disampeurkeun. Enya baé, maranéhna téh keur nyararitakeun sual éta.

Lantran hayang nyaho téa, Salman terus tatanya. Tapi, manéhna rada ngahuleng barang dibéjaan yén tanah Arab téh pernahna jauh pisan.

”Kumaha jalanna mun hayang nepi ka dinya?” cék Salman ka nu araya di dinya.

”Panggampangna mah milu waé jeung kafilah anu sok daragang ka dieu.”

Harita kénéh Salman terus néangan kafilah Arab anu keur aya di dinya.

”Mun kuring hayang milu ka tanah Arab, kudu sabaraha mayarna?” cék Salman.

”Ku onta hiji wé,” cék si pingpinan kafilah téh.

”Onta mah kuring teu boga. Kumaha mun ku sapi?”

Si pingpinan kafilah téh nyidikkeun Salman rada lila.

”Rék naon ka ditu? Rék nepungan baraya?” pokna.

”Ah, henteu. Hayang nyaho wé,” témbal Salman.

Sanggeus adu tawar, teu burung ahirna mah manéhna ngidinan Salman milu jeung kafilahna. Minangka mayarna ku sapi dua. Ngan di satengahing perjalanan ku pingpinan kafilah téa Salman dipasrahkeun ka kafilah séjén.

“Manéh mending milu jeung kafilah séjén mun hayang téréh nepi ka ka tanah Arab mah,” pokna ka Salman. Salman gé teu réa tatanya deui, nurut baé.

Ari sihoréng, manéhna téh dijual, dianggap abid. Nyaho-nyaho sotéh geus aya di perjalanan. Manéhna kudu naktak mundak ngakutan babawaan nu bareurat. Waktu manéhna nolak, bet dirangkét ku nu séjén. Sanggeus tatanya, Salman kakara nyaho yén dirina téh geus dibeuli.

Sanajan banget nya handeueul, tapi manéhna teu bisa kumaha. Nya nurut baé kana kahayang dununganana. Ngan basa ngadéngé béja yén tujuan kafilah dununganana téh ka Madinah, haténa rada kaubaran. Geuningan sarua di tanah Arab kénéh, cék haténa.

Harita Rasululloh aya kénéh di Mekah, tacan hijrah ka Madinah.

Ari di Madinahna, Salman téh ngadunungan ka urang Yahudi.

Sanggeus aya di Madinah, Salman beuki mindeng ngadéngé béja ngeunaan Rasululloh. Haténa beuki geregeteun hayang buru-buru tepung jeung anjeunna. Tapi teu bisa kumaha, da puguh manéhna téh geus lain jalma merdéka.

Engké, sabada Rasululloh hijrah ka Madinah, Salman laksana tepung jeung anjeunna. Sarta nya harita Salman manggihan hiji panutan anu salila ieu ditétéangan ku manéhna. Sanggeus tepung jeung Rasulullah mah haté Salman henteu marojéngja deui. Haténa panceg imanna pageuh. Salman kaselir jadi sahabat Rasulullah anu jenenganana bakal seungit nepi ka iraha baé.

Tina Taréh Rasululloh, Karya Abdullah Mustappa

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: