Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Si Kabayan

Posted by bujanggamanik dina Méi 28, 2008

ku Ajip Rosidi

Saha urang Sunda anu henteu terang ka Si Kabayan? Salian ti jadi tokoh dongéng anu baheula mah sok ditepikeun ku nini jeung aki ka incu, ayeuna mah ditulis jadi buku sarta dijieun filem sagala. Dina majalah basa Sunda sok aya lulucon anu tokoh utamana si Kabayan. Di Banten béjana aya makam anu disebut makam Si Kabayan. Wallahu’alam naha enya anu dikubur di dinya téh anu sok jadi tokoh dongéng téa, atawa si Kabayan nu séjén deui.

Si Kabayan tokoh dongéng mah fiksi, ngan aya dina hayalan anu nyaritakeun atawa nu nuliskeunana, jadi mustahil aya bungkeuleukanana nepi ka kudu dikubur sagala. Tapi henteu mustahil kétang sabada dikubur, kakara caritana sumebar bari jeung ditambahkan atawa diréka-réka ku ahli carita. Enya henteuna kitu tanwandé kudu dipaluruh heula sacara ilmiah.

Si Kabayan téh dipikaresep pisan ku urang Sunda. Buktina nu nyieun carita nu tokohna Si Kabayan teu béak-béak. Bari jeung lamun dititénan pasipatan tokoh si Kabayan téh henteu salilana konsistén. Maksud téh dina saban carita sipat si Kabayan téh henteu salilana sarua. Sakapeung digambarkeun pangedulan, teu nyaho di cedo, wani kurang ajar ngaheureuykeun mitoha. Sakapeung digambarkeun jadi tukang tipu anu resep ngabobodo batur kaasup mitohana sorangan. Cindekna unggal pangarang anu nyiptakeun carita si Kabayan bisa ngagambarkeun pasipatan tokohna luyu jeung kahayangna. Ku sabab kitu henteu kudu héran lamun Utuy T. Sontani (1920-1979) dina taun 1957 nyebutkeun yén si Kabayan téh manusa anu geus teu nanaon ku nanaon. Maksudna manusa anu geus henteu kapurba deui ku rupa-rupa rasa anu biasa mangaruhan jelema. Hartina ceuk Utuy mah si Kabayan téh manusa anu geus ngungkulan kamanusaanana. Alias manusa pinunjul. Tapi dina dramana anu ditulis ku Utuy dina basa Indonésia nu judulna Si Kabayan (1959), digambarkeun si Kabayan téh jadi dukun nu dianggap wacis jeung sakti, tapi saenyana mah ngaheureuykeun jalma-jalma anu daratang marénta tulung ka inyana.

Utuy ngabandingkeun tokoh si Kabayan anu geus teu nanaon ku nanaon téh jeung tokoh Sang Kuriang anu digambarkeun dina librétona Sang Kuriang (basa Indonesia 1959, basa Sunda, 1963)jadi manusa individualis anu ngan percaya ka dirina pribadi baé. Manéhna embung ngaku Dayang Sumbi téh indungna, sabab terangna ngeunaan hal éta téh ti nu lian. Tangtu saréréa ogé kitu, da waktu dijurukeun mah apan kabéh manusa gé tacan hideng, kumaha rék terang saha nu ngajurukeunana? Ceuk Utuy, éta dua tokoh anu béda-béda sipatna teh mangrupa kakayaan batin ki Sunda. Sang Kuriang anu ngan percaya ka dirina sorangan jeung si Kabayan anu nganggap yén nu lian téh ngan aya pikeun diheureuykeun, dijadikeun kaulinan. Dirina sorangan mah apan geus teu nanaon ku nanaon.

Nepi ka kiwari interprétasi Utuy ka dua tokoh dongéng titinggal karuhun Sunda téh tacan aya nu ngabantah. Hartina tacan aya nu lian nu méré interprétasi orisinal boh ngeunaan si Kabayan boh ngeunaan Sang Kuriang.
Naha anggapn Utuy yén Si Kabayan téh manusa nu geus teu nanaon ku nanaon téh bener?
Lamun urang niténan dongéng-dongéng si Kabayan anu kungsi aya dina khazanah sastra Sunda, boh lisan boh tinulis, anggapan Utuy téh luyu jeung kanyataan. Si Kabayan anu aya dina dongéng cara nu dimuatkeun dina disertasina Maria Coster-Wijsman Uilen spiegel-verhalen in Indonesie in het biezonder in de Soendalanden (1929), henteu ngagambarkeun hal éta. Nu nyampak ngan carita nu pikaseurieun tur cara umumna carita pikaseurieun (lain ngan dina basa Sunda baé), réa anu jorang anu ku sawaréh mah baris dianggap henteu merenah dibaca di lingkungan jalma sopan. Nu matak waktu Balé Pustaka nyusun buku Si Kabayan (1932) dumasar kana dongéng-dongéng anu aya dina disertasina Maria Coster-Wijsman, nu dipilihan téh ngan carita anu “aman” baé, nya éta anu henteu nyigeung parabot réproduksi jelema. Keur umumna urang Sunda si Kabayan téh lain tokoh idéal. Moal aya urang Sunda anu nganggap si Kabayan téh idolana. Lamun aya jalma nyebut ka baturna, “Silaing mah kawas si Kabayan!”, tangtu éta téh lain ku sabab baturna téa nembongkeun parangi anu pujieun, atawa ku sabab geus némbongkeun préstasi anu nyongcolang.

Tapi Si Kabayan angger jadi tokoh anu dianggap has Sunda. Ku sabagian urang Sunda jeung ku umumna nu lain urang Sunda si Kabayan dianggap répréséntasi urang Sunda. Citra ngeunaan urang Sunda henteu bisa leupas tina citra si Kabayan. Jalma tukang heureuy anu tara pisan daria, anu dina nyanghareupan konflik jeung masalah jalan kaluarna ku bobodoran.
Tangtu baé anggapan yen urang Sunda téh sarua jeung si Kabayan, henteu bener. Anggapan yén urang Sunda téh henteu bisa daria, henteu bisa nyanghareupan konflik téh salah. Dina sajarah Républik Indonésia, urang apan nyaksian munculna Ir. Djuanda dina waktu nagara nyanghareupan krisis kadaérahan dina ahir taun 1950-an. Kitu deui munculna H. Ali Sadikin nu suksés ngawangun Jakarta jadi kota métropolitan di tengah parobahan Orde Lama ka Orde Baru. Dina tipologi Utuy, duanana moal kagolongkeun ka Si Kabayan anu geus henteu naon-naon ku nanaon, tapi ka Sang Kuriang anu ngawangun talaga buatan dina jero sapeuting. Tapi asa henteu aya nu sok ngaidéntifikasi Sang Kuriang ka urang Sunda. Leuwih réa anu ngaidéntifikasikeunana téh ka si Kabayan.

Pikeun ngarobah citra ngeunan diri hiji bangsa atawa sélér, henteu babari. Citra urang Sunda téh, si Kabayan lain citra anu possitif, tapi citra Sang Kuriang ogé henteu matak agul (ku sabab turunan anjing jeung babi nu ku budaya jeung kayakinan urang Sunda kiwari sorangan lain sato anu mulya, malah najis). Lamun urang Sunda hayang miboga citra anu positif, kudu nyieun legénda anyar upamana ku némbongkeun prestasi anu luar biasa dina ngawangun Indonésia, jadi bangsa anu dipihormat ku bangsa lain, lain jadi bangsa paria nu ngan bisa ngékspor babu jeung kuli sarta gawéna kekeleyengan néangan hutang. Ngan lamun aya urang Sunda anu préstasina diaku ku lain urang Sunda baé, lain ku sélér sabangsa pada-pada urang Sunda baé, citra yén urang Sunda téh si Kabayan anu kabisana ngan bobodoran ku sabab henteu bisa ngungkulan masalah anu disanghareupan bisa leungit.

Tina Cupumanik, September 2006

2 Balesan to “Si Kabayan”

  1. Roban said

    “Si Kabayan urang Sunda,tapi urang Sunda lain si Kabayan” Nyantai wae Teh!

  2. pribumi said

    Iya dech, nyantey azza yach Men….

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: