Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Manuk Ababil

Posted by bujanggamanik dina April 21, 2008

Ka’bah téh ngaran wangunan pasagi nu aya di Mekah. Diadegkeunana ku Kangjeng Nabi Ibrahim AS dibantuan ku putrana, Kangjeng Nabi Isma’il AS, sabada nampi paréntah ti Allah SWT.

Basa mimiti diadegkeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim, ukuran Ka’bah téh jangkungna 7 deupa, rubak pasagina 22 deupa, ari jerona kana taneuh 30 deupa. Sadeupa téh kira-kira saméter satengah. Harita mah Ka’bah téh tacan maké hateup.

Keur basa diadegkeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim AS mah di jero Ka’bah téh teu dieusian nanaon. Lantaran, sakumaha paréntah Allah SWT ka anjeunna, tujuan diadegkeunana ogé taya lian pikeun ibadah ka Mantenna.

Sanajan adat kapercayaan urang Arab terus robah, tapi ari kana Ka’bah mah maranéhna téh angger nganggap suci. Nya di dinya maranéhna ngayakeun upacara kaagamaan téh.

Saluyu jeung robahna kapercayaan anu dianut ku maranéhna, beuki dieu kaayaan Ka’bah gé terus dirarobah. Malah tungtungna mah di jerona gé dieusian ku rupa-rupa arca berhala. Da mungguh ceuk maranéhna harita mah nyembah téh kudu ka berhala téa. Rupa-rupa berhala anu disimpen di jero Ka’bah téh dingaranan nurutkeun kapercayaanana masing-masing. Kalungguhanana gé rupa-rupa deuih. Aya nu dianggap pangkawasana, aya deui anu kakawasaanana téh teu sabaraha. Di antara berhala anu diparuja pisan ku maranéhna téh aya nu ngaranna Hubai, Lata, ‘Uzza, jeung Manat. Hubai mangrupa arca panggedéna nu aya di jero Ka’bah, dijieunna tina batu akik gedéna satangtung jelema, sarta niron-niron lalaki. Ari nu tilu deui rupana téh saperti awéwé. ‘Uzza asalna tangkal anu dianggap suci, sedeng Manat dijieunna tina batu bodas.

Dina waktu anu geus ditangtukeun, berhala-berhala anu aya di jero Ka’bah téh sok diberesihan. Tangtu wé kudu maké upacara, henteu bisa darapon kitu baé.

Nurutkeun riwayat, ti barang diadegkeunana gé Ka’bah téh geus dipaké tempat ibadah. Tapi lain hartina maranéhna nyembah-nyembah Ka’bah. Lantaran jadi tempat ibadah téa, anu kudu diurus bener-bener, nya pikeun ngurusna téh dipercayakeun ka bani Jurhum.

Ngan sabada Kangjeng Nabi Ibrahim pupus, ‘Amir bin Luhaiy boga pikiran hayang ngarobah Ka’bah. Manéhna téh mindeng pulang anting ka nagara Syam anu harita mah ramé kabina-bina. Di ditu manéhna sok mindeng nyaksian, jelema-jelema téh mun ngado’a ménta hujan sok bari nyembah kana arca. Cék pikir manéhna harita, asa bakal leuwih pantes lamun di Ka’bah gé aya arca anu dipaké jadi sesembahan.

Lantaran harita kalungguhan ‘Amir bin Luhaiy téh diajénan pisan ku saréréa, atuh basa manéhna neundeun arca di jero Ka’bah gé taya nu wani ngahalang-halang. Malah kalah terus pada narurutan.

Nya ti harita arca anu diteundeun di jero Ka’bah téh terus nambahan.

Lantaran anu kapapancénan ngurus Ka’bah téh sipatna turun tumurun, ka dieunakeun dicekel ku Abdul Muthalib, nya éta akina Kngjeng Nabi Muhamaada SAW. Malah nya Abdul Muthalib pisan anu ngali deui sumur Zamzam ogé. Tadina mah sumur anu dikali ku Siti Hajar téh (geureuhana Nabi Ibrahim) téh kungsi karimbunan ku taneuh nepi ka teu kaciri. Dina hiji poé, Abdul Muthalib téh asa ngimpi, aya nu nitah ngali deui sumur Zamzam teu jauh ti Ka’bah téa. Ngarasa éta impian téh lain samanéa, nya terus dilaksanakeun. Enya baé, teu nepi ka jero gé caina geus ngaburial, sarta ti harita nepi ka ayeuna terus ngocor teu saat-saat.

Kacaturkeun dina hiji mangsa, panglima perang ti Ethiopia, nu ngaran Abrahah, ngaranjah Yaman nepi ka éta daérah téh kajabel ku manéhna. Di dinya manéhna ngadegkeun geréja. Malah manéhna boga niat hayang nyieun tempat ibadah anu panggedéna di sakuliah Arab.

Tapi, waktu geréjana téa geus anggeus, jelema nu daratang ka dinya téh angger wé teu pati loba. Lantaran lolobana marilih ibadah di Ka’bah nu aya di Mekah téa.

Ngadéngé béja kitu, Abrahah ngarasa keuheul. Lamun kitu, cék pikirna, taya deui jalanna iwal éta Ka’bah kudu diancurkeun. Nu matak nya terus manéhna tatan-tatan mepek balad kalawan tujuan rék ngarebut Mekah sarta ngancurkeun Ka’bah. Pasukanana dilengkepan ku barisan gajah. Éta sababna, taun diserbuna Mekah ku pasukan Abrahah téh disebut Taun Gajah.

Nya taun harita dibabarkeunana Kangjeng Nabi Muhammad SAW téh.

Waktu pasukanana geus siap, Abrahah ngirim utusan pikeun nepungan Abdul Muthalib anu harita jadi kokojo Mekah.

Cék éta utusan, “Raja Abrahah datang ka dieu lain rék ngarempug Mekah, tapi rék ngancurkeun Ka’bah. Mun penduduk ulah aya nu jadi korban, ayeuna kénéh kudu diungsikeun. Mekah kudu sina kosong.”

Abdul Muthalib teu bisa majar kumaha. Pasukan Abrahah anu sakitu kuatna, lain lawan-lawaneun urang Mekah anu teu biasa perang..

Tapi saméméh ngabéjaan nu séjén Abdul Muthalib nyarita heula ka éta utusan, “Ka’bah téh lain anu kuring atawa nu saha baé nu araya di kota Mekah. Nu kagungan Ka’bah mah mung Anjeunna. Ayeuna kuring teu bisa nanaon. Lamun anjeun arék ngancurkeun éta Ka’bah, kuring ngan semet bisa nyanggakeun ka nu kagunganana. Mun Anjeunna rido Ka’bah ancur, nya pasti bakal ancur. Sabalikna lamun Anjeunna teu ngawidian, Ka’bah bakal angger ngdeg nepi ka iraha baé ogé.”

Geus nyarita kitu mah léos baé manéhna indit ngabéjaan nu séjén sarta terus nyalingkir ka pasir-pasir nu aya di sakurilingeun Mekah.

Barang ngadéngé Kota Mekah geus kosong, Abrahah maréntah pasukanana sangkan nyerbu harita kénéh. Aleutan tentara nu dibarengan ku pasukan gajah téh kalawan sumanget ngajugjug Ka’bah.

Tapi can gé nepi, gajahna geus tingkudupruk bari teu puguh naon nu jadi sababna. Diceprétan mah hayoh diceprétan sababaraha kali, tapi gajah téh angger baé ngudupruk. Anu petana kitu téh kaasup gajah anu ditumpakan ku Abrahah sorangan.

Sabot saréréa bingung kitu, teu kanyahoan naon sababna, panonpoé ngadadak angkeub. Sakuriling bungking poék. Rét ka luhur, di langit téh siga ngagayot mega hideung nu kacida kandelna. Tapi, barang terus disidik-sidik, sihoréng éta téh lain méga. Da geuning terus maju ngadeukeutan sarta sorana ricit matak keueung.

Sihoréng éta téh manuk ababil anu jumlahna teuing sabaraha juta. Barang geus aya di luhureun pasukan Abrahah téa, éta manuk-manuk téh ngaragragkeun batu. Batuna mah teu pati galedé, ngan ku lantaran loba, teu burung matak ripuh ka tentara anu geus siap rék perang téa.

Harita kénéh éta pasukan téh ngajaloprak teu walakaya. Kaasup Abrahahna sorangan.

Ti harita tara aya deui anu kumawani hayang ngagunasika Ka’bah, iwal anu niatna rék ngoméan.

Tina Taréh Rasulullah, Karya Abdullah Mustappa.

5 Balesan to “Manuk Ababil”

  1. Roban said

    Nuhun Teh! Di antos nu sanesna.

  2. pribumi said

    Mangga atuh Ayi Roban, bade mundut seratan ngeunaan naon? Upami kaleresan abdi gaduh, bade diposting.

  3. Roban said

    Manawi gaduh,nyuhunkeun carios MUNDINGLAYA.

  4. pribumi said

    Upami naskah aslina mah panjang carios Mindinglaya teh. Paling oge abdi tiasa mosting tingkesanana. Tapi bade dipilari heula, hilap deui nyimpen bukuna. Insya Alloh pami tos kapendak bade diposting.

  5. nety said

    Duh……..sae pisan..
    wah eta ka’bah…mantak emutttttttt

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: