Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Hajar Aswad

Posted by bujanggamanik dina April 7, 2008

Sakur pangeusi Mekah mah geus apal yén Muhammad téh sipatna pujieun pisan. Sagala rupa tara aya codékana. Dipercaya ngangon domba, tara kungsi aya nu leungit. Kitu deui mun dipercaya kana dagang, tara nepi ka kajadian nu boga barang dibohongan.

Anu matak ku saréréa gé Muhammad téh katelahna al-amin, hartina jalma anu bisa dipercaya. Geus kitu téh deuih ditambah ku dedeg pangadeg anu taya cawadeunana. Dedeganana jangkung, pakulitanana bodas beresih.

Mun ku nu séjén keur diajak nyarita, Muhammad mah méh tara némbongkeun pasemon teu resep. Ka sasaha teu weléh saregep. Tara resep ngobrol papanjangan deuih. Sagala rupa sahinasna. Lain hartina kemba, tapi teu resep ubral-obrol anu sakira taya mangpaatna.

Éta sababna, najan saré’atna ngora kénéh pisan, tapi ku saréréa kacida diajénanana.

Komo sanggeus ngarangkep jeung Khadijah mah. Nurutkeun Khadijah, carogéna mah mun sakalina aya anu teu panuju téh tara dipokkeun ka jinisna. Dalah upama aya anu matak keuheul gé, beunang disebutkeun tara nepi ka betus jadi amarah. Cék Khadijah, katémbongna téh mun tarangna rembes ku késang, éta cirina keur nahan amarah sangkan ulah nepi ka kedal.

Lamun urang Mekah aya anu kabeneran meunang karerepet, teu kurang-kurang anu sok ngahajakeun daratang ka Muhammad. Maksudna ménta tulung, boh anu sipatna harta boh anu mangrupa saran jeung naséhat.

Kacaturkeun harita penduduk Mekah geus sapuk babarengan ngoméan Ka’bah. Ka’bah anu diadegkeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim AS téh geus sababaraha kali dihadéan. Ari cikénéh témbok-témbok sisina rarempag méh di sakurilingna. Atuh saréréa ngarasa rempan, inggis rupa-rupa barang anu aya di jerona laleungitan dicarokotan ku saha baé. Babakuna mah anu ku maranéhna dipikamelang téh rupa-rupa arca anu dianggap suci.

Saméméhna mah tara aya anu wani ngagoméng-goméng kana éta barang pusaka téh. Lantaran loba pisan dongéng-dongéng anu sumebar, cenah mun aya anu culangung wani ngomé kana éta barang, pasti bakal kawalat. Pokona bakal aya mamalana.

Tapi sanggeus témbokna rarempag mah, saréréa geus teu bisa kumaha. Sarta waktu para inohong Mekah ngariung badami kumaha pihadéeunana, saréréa satuju pikeun babarengan ngoméanana.

Kabeneran harita aya béja, cenah di Jédah aya sudagar Mesir anu kapalna ruksak. Ngaranna Baqum. Urang Mekah ngahaja ngirim utusan pikeun nepungan Baqum, maksudna ngumaha sangkan manéhna daék ngapalaan ngoméan Ka’bah téa. Baqum téh mémang saudagar anu ahli kana wangunan. Kabeneran Baqumna gé daékeun deuih.

Atuh ngan bring baé Ka’bah téh dioméan, gotong royong dipigawé ku saréréa. Sangkan adil, opat kabilah utama nu aya di kota Mekah harita masing-masing kapapancénan kudu ngoméan sapongpok séwang. Jadi Ka’bah téh dikeureuyeuh ti opat pongpok.

Lantaran dipigawé ku saréréa, teu kungsi sababaraha lila témbok Ka’bah téh geus ngadeg deui sakumaha asalna. Atuh saréréa bungah. Anu tadina dipikahariwang téh teu burung bérés.

Ngan basa kudu nempatkeun deui hajar aswad di tempat asalna, kabilah utama nu opat téh pabéntar pamanggih. Cék nu ieu, nya manéhna nu pangpantesna nempatkeun deui hajar aswad téh lantaran kabilahna pangkuatna. Ari cék kabilah anu hijina deui, manéhna anu kudu meunang éta kahormatan téh lantaran turunan ti karuhunna.

Tapi salila-lila patorong-torong téh keukeuh tacan manggih putusan anu bisa ditarima ku saréréa. Malahan kulawarga Abdi Dar mah nepi ka sumpahna. Lamun tugas nempatkeun deui hajar aswad dipercayakeun ka nu séjén, ku manéha bakal dipaéhan.

Atuh ngadéngé anu susumpahan nepi ka kitu mah saréréa gé taya nu wani prak.

Sanggeus salila-lila patingharuleng, Abu Umaya manggih jalan.

Pokna, “Ayeuna mah kieu baé. Batan saréréa tingharuleng, kahormatan pikeun nempatkeun deui hajar aswad téh urang pasrahkeun baé ka jalma anu pangheulana asup ka lawang Shafa.”

Sakumaha adat urang Arab harita, usul Abu Umaya téh disatujuan ku saréréa. Sajeroning nungguan téh saréréa ngawaskeun ka lebah lawang Shafa. Hayang nyaho saha anu bakal meunang kahormatan téa.

Barang kanyahoan anu pangheulana sup ka dinya téh taya lian Muhammad, atuh saréréa gé bungah kabina-bina. Ari ka Muhammad mah maranéhna percaya, putusanna pasti adil.

Barang Muhammad dibéjaan yén dirina meunang kahormatan anu sakitu mulyana, saeutik gé henteu katémbong ngarasa ieu aing. Sabalikna, malah parapamingpin kabilah anu opat téa dikumpulkeun.

“Cing saha anu boga kaén rubak jeung wedel?” pokna.

Éta kaén téh diamprkeun di handap. Batu hajar aswad téa dijungjungkeun, sok ditunda di tengah-tengahna.

“Ieu juru kaén anu opat cekelan ku masing-masing kapala kabilah,” pokna, “Sarta hajar aswadna téa gotong ku opatan, tempatkeun deui dina urutna.”

Ngadéngé kitu, saréréa bungaheun pisan. Ngan regeyeng baé hajar aswad téh diparangku. Ari nu nempatkeun deui dina urutna, dipasrahkeun deui ka Muhammad.

Ku jalan kitu, pabéntar paham anu tadina geus sakitu harénghéngna téh bisa bérés teu sakara-kara.

Ti harita, saréréa beuki hormat ka Muhammad.

Éta kajadian téh lumangsung lima taun saméméh turunna wahyu nu munggaran.

Tina Taréh Rasulullah, Karya Abdullah Mustappa.

2 Balesan to “Hajar Aswad”

  1. si uwa ozi said

    ehm asa ngeunah ngupingna etah riwayat kanjeng nabi dina basa sunda. asa kakara maca kisah nabi dina bs sunda teh,,,,,nuhun kanu gaduh blog iyeu…..etah di gigireun kunaon nangis? cups…cups…tong nagis ah……

  2. Pribumi said

    Seueur keneh dan carios Nabi teh. Insya Alloh sanes waktos diposting deui. Hatur nuhun kana komnetarna.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: