Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Opat Onta

Posted by bujanggamanik dina Maret 22, 2008

normal_muhammad.jpgSapopoé pacabakan Muhammad anu matuh téh ngangon domba. Boh domba kukutan kulawarga boh buburuh mangangonkeun nu batur. Buruhna tina ngangon téh diarep-arep pisan ku Abu Thalib. Lantaran, najan pamanna téh nyaaheun pisan, tapi da kahirupan sapopoéna beunang disebutkeun walurat. Keur ngurus budakna anu sababaraha urang gé jajauheun kana cukup.

Éta sababna, basa Abu Thalib ngadéngé béja pajar Khadijah muruh-muruhkeun ngiangkeun daganganana ka Syam ka nu séjén, ku manéhna buru-buru ditepungan.

Khadijah téh harita geus hirup nyorangan. Sabada ditinggalkeun maot ku salakina, siga nu teu aya niat hayang carogéan deui. Tapi ari kana usaha mah kalah beuki suhud. Geus mayeng sok ngiang-ngiangkeun dagangan ka nagara Syam. Kawantu pangawak awéwé, atuh teu bisa jung sorangan. Carana sok muruhkeun ka nu séjén. Kawantu daganganana lain saeutik, tangtu wé kudu dipasrahkeun ka anu bisa dipercaya. Minangka buruhna, sok dibayar ku dua onta.

Abu Thalib gé henteu ujug-ujug kitu baé nepungan Khadijah téh. Salah sahiji anu jadi pangjurung utamana téh lantaran kabita ku buruhna téa.

Tapi saméméh nepungan Khadijah, manéhna nanya heula ka Muhammad.

“Ku Emang hidep téh geus dianggap anak pituin,” pokna. “Tapi pan ku hidep gé kasaksian hirup urang téh jajauheun kana beunghar, cukup gé henteu. Tah ayeuna, da hidep téh geus gedé, kumaha lamun ku Emang dijurungkeun usaha?”

“Usaha? Usaha kana naon?” cék Muhammad anu tacan ngarti kana caritaan pamanna

“Kieu, hidep apal ka Khadijah?”

“Kantenan wé. Randa anu beunghar téa?”

“Tah enya éta,” témbalna. Gorolang baé Abu Thalib nyaritakeun maksudna. “Lamun hidep panuju, Khadijah ku Emang rék ditepungan.”

“Mangga,” cék Muhammad bari unggeuk. Ongkoh ngarasa atoh bakal bisa mantuan emangna.

Geus kitu kakara Abu Thalib nepungan Khadijah.

Basa Abu Thalib nepikeun pamaksudanana, Khadijah ngan semet unggeuk-unggeukan baé.

“Muhammad téh budakna jujur,” cék Abu Thalib. “Teu kudu salempang mercayakeun dagangan ka manéhna mah.”

“Leres,” cék Khadijah, “Abdi gé sering nguping ti nu sanés.”

“Jadi geus satuju dagangan anjeun dipercayakeun ka Muhammad?”

“Piraku abdi teu panuju, anu nyanggemna Paman, jabi anu bade dipercantenkeunana gé Muhammad.”

“Tapi Emang aya kénéh paménta.”

“Perkawis naon?”

“Cenah salila ieu minangka buruhna téh sok dibayar ku dua onta.”

“Leres.”

“Tah keur Muhammad mah Emang téh ménta anu husus.”

“Husus kumaha ari Emang?”

“Pan cék tadi gé Muhammad mah budakna jujur. Emang percaya manéhna mah moal bohong kana jumlah beubeunangan dagang téh. Anu matak buruhna gé hayang dileuwihan.”

“Dilangkungan kumaha?”

“Mun ka batur dua, buruhna ka Muhammad mah hayang opat.”

“Opat onta?”

Abu Thalib unggeuk.

Khadijah rada ngahuleng sakedapan.

“Mangga,” témbalna. “Malihan upami hasilna mucekil mah ku abdi bakal ditambihan deui.”

Pohara bungahna Abu Thalib ngadéngé jawaban Khadijah kitu téh.

“Ieu téh rejeki ti Gusti Alloh,” cék Abu Thalib ka Muhammad.

Sabada dipapatahan kumaha carana ngajual barang di ditu sarta meulian deui barang dagangkeuneun di Mekah, bari dibarengan ku Maésaroh kapercayaan Khadijah, Muhammad miang ka Syam.

Enya baé, sadatangna ti Syam, Maésaroh galécok naker nyaritakeun lalampahanana. Lolobana mah muji ka Muhammad, saincak-incakna téh taya cawadeunana, cenah.

Caritaan Maésaroh téh ku Khadijah dibandungan gemet pisan. Salian ti éta, manéhna gé ngitung-ngitung hasil tina dagangan téa. Enya baé leuwih ti nu biasana.

Harita Khadijah téh geus umur 40 taun. Geus sababaraha urang inohong Mekah anu nepikeun pamaksudanana ngajak ngarangkep. Tapi kabéh gé ku Khadijah ditolak. Babakuna mah lantaran manéhna ngarasa nu harayangeun ka dirina téh ngan semet kabita ku hartana wungkul.

Tapi sanggeus daganganana diiangkeun ku Muhammad téa, pikiran khadijah jadi béda ti sasari. Ka Muhammad téh lain baé percaya, tapi resep deuih.

Tungtugna nya manéhna balaka ka salah saurang dulurna.

“Lamun kitu mah urang tepikeun baé atuh ka Abu Thalib,” cék dulurna téh. Ngadéngé usul kitu, Khadijah henteu ngahalang-halang.

Basa Abu Thalib nepikeun deui pamaksudan Khadijah ka Muhammad, éta alona téh sakedapan mah olohok semu nu reuwas.

“Na ari abdi gaduh naon atuh?” pokna.

“Keun baé éta mah urusan Emang,” cék Abu Thalib.

Ahirna Muhammad jadi ngarangkep ka Khadijah, sarta Khadijah sakitu beungharna, tapi ka Muhammad téh éstu hormat jeung buméla pisan.

Engké sanggeus wahyu anu munggaran katarima ku Muhammad, Khadijah téh lain baé anu pangheulana percaya, tapi ogé henteu lebar ngaluarkeun harta kakayaanana pikeun kapentingan nyebarna agama.

(Tina Taréh Rasulullah, Karya Abdullah Mustappa).

Saurang nu Mairan to “Opat Onta”

  1. jang opan said

    dina mangsa jahiliyah harita, tetela aya mutiara.

    ya ummulmu’minin anjeun parantos ngalaman suka duka nyarengan kangjeng nabi, mugia runtut raut anjeun duaan nyambung dugi ka alam kalanggeungan.

    Mugia sapa’at ti kangjeng raka nyarengan kuring sadaya nu masih kumelendang di alam dunya, jaga di aherat. amiin.Ya Allah.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: