Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Abu Thalib

Posted by bujanggamanik dina Maret 19, 2008

muhammad.jpgAbu Thalib merhatikeun Muhammad salila-lila. Haténa ngarasa ngangres. Budak leutik, karék umur dalapan taun, geus teu boga indung-bapa. Malah cikénéh akina, Abdul Muthalib, anu salila ieu ngarorokna, tilar dunya deuih.

Dina batinna, Abu Thalib nyoréang deui kana kajadian ka tukang-tukang. Muhammad keur dina kandungan kénéh basa bapana, Abdullah, maot dina perjalanan sabada miang jeung kafilahna ka Syria.

Abdullah téh ngora kénéh. Basa kawin ka Aminah umurna karék 24 taun. Sanajan aya kénéh lanceukna pada-pada lalaki, tetep Abdul Muthalib nyaaheun pisan ka Abdullah téh. Nu matak meunang ngahaja, dijodokeunana gé ka Aminah, lantaran opat turunan jelema hadé. Keur ti bubudakna ogé Abdullah geus getol kana gawé. Atuh komo deui basa geus ngarangkep ka Aminah. Nu matak basa ku bapana dijurungkeun sina dagang ka Syria téh, haget naker indit.
Jaman harita, lalampahan ti Mekah ka Syria téh disorang mulan-malén. Lantaran kafilah anu biasana diwangun ku rombongan onta téh kudu nyorang sagara keusik anu sakitu banggana. Balik ti Syria, kafilah téh nyimpang heula ka Yastrib. Malah Abdullah ngahaja nepungan heula dulur-dulurna lantaran Abdul Muthalib téh terah ti dinya. Tapi sigana mah awahing ku capé tas indit sakitu jauhna, di Yastrib kalah brek gering. Basa rombongan arék neruskeun lalampahan balik ka Mekah, Abdullah masih kénéh ngajoprak. Tungtungna nya ditinggalkeun baé, sina jagjag heula.

Basa Abdul Muthalib dibéjaan yén Abdullah ditinggalkeun di Yastrib lantaran gering, buru-buru ngajurungan lanceukna sina nyusul. Ari barang nepi ka Yastrib, horéng Abdullahna geus maot sabulan ka tukang.

Dibéjaan kitu Abdul Muthalib ngan bati ngungun. Babakuna mah ras ka minantuna, Aminah, anu keur kakandungan lima bulan.

Ku Abu Thalib kagambar deui, basa dibéjaan Aminah geus ngalahirkeun téh Abdul Muthalib kacida bungahna. Harita kénéh buru-buru ngalongok. Orok anu beureum kénéh téh rada lila dipapangku. Sarta terus dingaranan Muhammad, padahal mangsa harita mah ngaran éta téh teu pati ilahar. Sanajan lain incu kakara, tapi ka Muhammad mah Abdul Muthalib téh nyaahna béda jeung ka nu séjén.

Inditna ka Yastrib téh dibarengan ku Ummu Aiman, awéwé kolot anu sapopoéna ngasuh Muhammad. Di dinya, aya sabulanna. Ma’lum, salian ti sono kénéh téh, apan lalampahanana ogé sakitu matak capéna. Nganjrek rada lila téh itung-itung reureuh ongkoh.

Basa balikna deui, di lebah Abwa’, kira-kira 37 kilométer ti Yastrib, Aminah ngarasa teu ngareunah awak. Mimitina mah disangka galingging panas tiris baé. Tapi lila-lila kalah terus beuki parna. Malah ahirna mah nepi ka teu katulunganana.

Aminah terus dikurebkeun di dinya. Tinggal Ummu Aiman kadua Muhammad, budak umur 5 taun, kudu neruskeun lalampahan balik ka Mekah.

Abdul Muthalib kacida hareugeueunana. Basa incuna balik ti pangumbaraan henteu dibarengan ku indungna.téh. Bari ngabandungan caritaan Ummu Aiman, éta aki-aki anu geus cetuk huis téh semet bisa ngalimba, nahan kasedih dina jero ati. Ras ka incuna, budak-budak geus pahatu lalis, teu indung teu bapa.

Ti harita Muhammad dirorok ku akina.

Lamun sakalina sesepuh kota Mekah kararumpul di sabudeureun ka’bah, Muhammad téh ku akina sok diajakan. Malah, lamun incu-incuna nu séjén mah cukup ku dariuk di satukangeunana, Muhammad sok dipapangku dina lahunanana.

“Ari ayeuna, akina gé tilar dunya deuih,” cék Abu Thalib dina jero haténa bari ngarérét deui ka Muhammad.

Dibandingkeun jeung sesepuh kota Mekah séjénna, Abu Thalib mah henteu kasebut jelema beunghar. Pakayana ukur semet cukup keur hirup sapopoé. Kitu gé henteu bisa lubak-libuk. Tapi papadaning kitu, lantaran aya terah ti luluhurna, ku saréréa diajénan pisan.

Ari sikepna ka Muhammad, teu ieuh dibéda-béda pédah kasebutna ngan ukur alo. Ku Abu Thalib mah éstu dianggap anakna pituin baé. Atuh Muhammadna deuih, cacak karék umur dalapan taun, pikanyaaheun pisan.

Hiji mangsa, Abu Thalib kudu indit ngiangkeun daganganana ka Nagara Syam. Geus rék jung pisan, maké terus hulang-huleng heula. Ngadadak maké boga rasa melang, inggis kumaha onam lamun Muhammad ditinggalkeun. Tapi ari rék dibawa gé deuih haténa teu pati ngidinan. Budak umur 12 taun kudu dibawa iinditan sakitu jauhna. Kumaha lamun teu kuateun di jalanna?

Maké pangangguran ngarérét heula. Horéng Muhammad téh ti tadi gé tacan ingkah, angger wé ngajanteng nyaksian anu rék indit téa. Mireungeuh kitu, Abu Thalib gé geus teu mangmang deui. Jrut baé turun deui tina ontana. Muhammad diajakan, sarta terus ditaékkeun kana ontana.

Kocap di hiji tempat anu ngaranna Bushra, pernahna teu jauh ti Syam, pandita Bahra anu matuh di dinya ngarasa héran. Ti tempat pamatuhanana anu aya di mumunggang pasir, ti tatadi manéhna nyaksian méga anu maju kalawan angger. Lain kajadian anu lumrah kitu téh, da ilaharna mah mun aya méga katebak angin majuna tara angger jeung tara lila sok téréh peuyar. Ari ieu ti tatadi méga téh salawasna ngiuhan rombongan kafilah nepi ka sajajalanna henteu kasorot panonpoé anu sakitu nongtoréngna.

Pandita Bahira beuki panasaran. Tina kitab-kitab heubeul anu ku manéhna kungsi kabaca, galagat alam anu sakitu ahéngna téh sipatna istiméwa pisan. Moal samata-mata méga terus nutur-nutur éta kafilah lamun dina rombonganana euweuh jalma nu istiméwa.

Anu matak, pandita Bahra buru-buru ngajurungan badégana supaya nepungan pamingpin kafilah sarta dihaturanan sina nyimpang heula. Dadakuna mah bisi capé di perjalanan, sina reureuh heula. Kituna téh bari manéhna gé nitah nyadiakeun susuguh saperluna.

Meunang pangbagéa saperti kitu, Abu Thalib anu mingpin éta kafilah ngarasa atoh. Lalampahanana téh mémang geus jauh pisan, asa taya goréngna lamun saméméh abus ka Syam ngadon reureuh heula sakeudeung, ambéh engké dina waktuna ngajualan dagangan geus jagjag deui.

Salila nyuguhan tamuna téh pandita Bahra terus nengetan, nu mana kira-kirana tina éta rombongan anu pantes boga ciri istiméwa. Tapi, sangkilang kabéhanana geus dipapay saurang-saurang kalawan gemet, taya hiji gé anu béda ti nu séjén. Lantaran haténa ngger baé panasaran, ahirna mah nya teu burung pok, nanya ka Abu Thalib.

“Ieu rombongan téh mung sakieu baé?”

“Teu aya nu kakantun di luar, manawi?”

“Teu aya, asana mah,” bari terus ngarérétan, “Aya kétang saurang deui, murangkalih anu nuju sina nungguan onta sareng barang-barang.”

“Sina kalebet wé atuh. Keun, da murangkalih gé panginten sami capéeun.”

Abu Thalib langsung nitahan sangkan Muhammad anu aya kénéh di luar téa, disina asup ka jero.

Sabréhan gé, pandita Bahra geus teg baé. Enya, ieu budak anu jadi lantaran tadi méga ngiuhan baé kafilah téh, cék gerentes haténa.

Sajeroning disuguhan téh ku pandita Bahra terus baé ditengetan. Manéhna yakin éta budak téh mibanda tanda-tanda kanabian sakumaha anu geus dibéwarakeun dina kitab-kitab heubeul.

Éta sababna, basa Abu Thalib katut rombongnana amitan rék neruskeun deui lalampahan, pandita Bahra ngaharéwos lalaunan.

“Kadé, tuang putra téh kedah dijaga ati-ati pisan,” pokna lalaunan.

Abu Thalib rada ngarénjag. Rét ngarérét deui ka éta pandita bari angger ngarasa héran kénéh.

“Engké di Nagara Syam,” cék pandita Bahra, “tuang putra téh omat ulah sina kaperhatikeun ku urang Yahudi. Margi pami ituna apaleun, teu mustahil tuang putra bakal dirogahala.”

Sajajalan, sajeroning neruskeun lalampahan ka nagara Syam téh Abu Thlib rada mindeng gegebegan. Muhammad henteu kungsi lésot tina tangkeupanana. Karunya teuing, cék gerentes haténa, budak geus teu indung teu bapa, lamun nepi ka aya nu nganiaya téh.

Basa geus balik deui ka Mekah, Abu Thalib beuki panceg, nya manéhna anu kudu bener-bener nalingakeun jeung ngurus Muhammad téh. Sanajan aya kénéh paman-pamanna anu séjén, sarta leuwih beunghar, tapi tacan tangtu bisa nyaaheun kawas manéhna.

 

(Tina Taréh Rosulullah, karya Abdullah Mustappa)

Saurang nu Mairan to “Abu Thalib”

  1. Hi there, I discovered your blog by the use of
    Google even as looking for a comparable topic, your site came up, it appears to be like great.
    I’ve bookmarked it in my google bookmarks.
    Hello there, simply was aware of your blog through Google, and found that it’s really informative.
    I am gonna be careful for brussels. I will appreciate for those who continue this
    in future. A lot of folks will probably be benefited from your writing.

    Cheers!

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: