Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Majar Kuring Gélo

Posted by bujanggamanik dina Pébruari 15, 2008

karikatur_erdogan_kopftuchstreit.jpgKu Ki Umbara

Pédah kuring igel-igelan jeung ceuceuleuweungan, barudak awéwé lalaki ramé aréak-éakan salusurakan, sawaréh patingcorowok: “Mang Dipdip gélo! Mang Dipdip gélo!” Ari kolot-kolot nu ngarégrég ti kajauhan, teu kendat garogodeg bangun nu haréraneun pisan. Malah nu narangtungna rada dareukeut mah, kadéngé alistigfar nyarebut jenengan Alloh.

“Emh, deudeuh. Karunya teuing ngora-ngora tur kasép, ari taeun bet kurang saeundan.” Ceuk Bi Aning nu nangtung teu jauh, bari ngusapan dadana. Tapi kurimg teu paduli, mangsa bodo, kuring teu rék ambil pusing: rék disarbut gélo – rék disarebut kurang saaeundan . Da kuring pribadi mah ni’mat pisan igel-igelan jeung tetembangan téh. Padahal maranéhna ogé mun manggih kabungah jeung kani’matan téh, réa nu sok réréngkénékan jeung hahariringan; tapi tara disarebut gélo, komo maké disarurakan mah. Naha, naon bédana jeung kuring, pada sarua mahluk Pangéran? Moal gana-gana kuring igel-igelan jeung tetembangan, mun teu manggih kabungah jeung kani’matan paparin Pangéran. Ku lantaran kitu kuring teu paduli, kuring terus-terusan ngigel jeung ceuceuleuweungan:

 

Kuring lain ngaji kosar,

nya biko nya kasar,

Kuring lain ngaji dosar,

nya bodo nya sasar,

Tapi kuring ngaji gosar,

digogo bari disasar,

Ngaji rasa,

bodo!

Ngaran kuring Dipa, sok di-Dip-dip-Dip-dip. Ti leuleutik ngaran Dipa téh. Béjana, hartina Dipa téh tai munding. Kungsi ku kuring ditanyakeun ka Ema, basa anjeunna aya kénéh dikieuna. Kieu waleranana téh: “Réa jelema nu ngaranna alus, upamana: Haji Sobar, tapi manéhna barangasan: “Haji Ma’mur tapi hirupna kékéréhét: “Radén Darmawan, tapi korétna udubillah, ka musapir ogé kolu ngusir.

Nya kitu deui aya nu nyieun perusahaan Rikrik-Gemi, tapi nu bogana nya awuntah nya rucah. Aya nu nyieun ngaran gedong Répéh-rapih, tapi ripuh, da usaha teu kaur ku paséa. Tah, nu matak Awak mah dingaranan téh Dipa. Enya Dipa téh tai munding, barang kotor luyu jeung asal manusa. Tapi muga-muga ku maké ngaran kotor téh jadi sabalikna Awak jadi jelema beresih haté.”

Waktu umur kuring nincak ka sapuluh taun, Ema téh pupus. Sapupusna Ema, Bapa cruk-crek baé. Éta baé nepi ka kuring bujang téh, ngalaman tilu indung téré. Ari indung téré téa réréana mah nya kitu. Tapi kuring teu ngaleungitkeun kana kanyaahna, kuring disakolakeun jeung dipasantrénkeun, najan ukur tamat sakola dasar jeung khatam Kur’an.

Waktu kuring “disapih” ku Bapa jeung indung téré, kuring teu boga naon-naon, lungah-lingeuh teu puguh gawé. Rék tani teu boga sawah, rék dagang teu boga modal. Hirup di lembur asa sundul, dunya asa jadi heureut. Beng kuring indit milu jeung batur usaha ka peuntas, ka Jambi. Tapi najan cenah di Jambi téh réa duit, ari keur jelema bodo cara kuring mah di mana-mana ogé sarua baé. Éta baé dagang és genep bulan téh ukur boga saongkoseun balik ka lembur.

Hiji mangsa kuring ditéang ku Mang Haji paman kuring adina Bapa. Anjeunna nganaséhatan, kieu pokna téh: “Diténjokeunana ku Emang, Ujang téh bangun teu maju-maju. Maksud téh tina kahirupan, di dieu susah, di peuntas ogé susah. Kieu ayeuna mah, turutkeun omongan Emang. Ti ayeuna Ujang kudu ngisat diri. Ujang geura meresihan awak. Muga-muga Allah maparin pijalaneun Ujang mulya.”

“Kumaha carana, Mang? Hoyong ti kapengker abdi téh.”

“Sukur atuh ari aya karep sorangan mah, leuwih utama. Kieu carana, sakumaha anu dilakonan ku Emang, basa Emang keur prihatin kawas Ujang ayeuna. Mimiti salila opat puluh poé Ujang kudu mutih, hartina teu meunang ngadahar naon-naon, iwal ti cai hérang jeung sangu. Ari sanguna méméh didahar téh tinyuh heula ku cai. Tamat éta, geura mandi unggal tengah peuting di balong sarta maju ka hareup. Hartina peuting kahiji di balong nu pangdeukeutna, peuting kadua maju di nu ditueunana deui, jeung saterusna. Beuki jauh, beuki jauh, nepi ka opat puluh peuting. Omat ulah kapanggih ku jelema.

Sanggeus tamat sarta teu aya halangan naon-naon, Ujang kudu nutup manéh di kamar, ulah kaluar-luar sarta kudu mati geni teu meunang dahar teu meunang nginum, saminggu lilana. Mun anu sakitu henteu batal, insya Allah sagala pamaksudan Ujang baris dikabul.” Tuluy Mang Haji téh miwarang nyatetkeun babacaan-babacaanana., sarta kudu diapalkeun.

Poé isukna ogé kuring geus prung ngalakonan papagah Emang. Malah matuh ogé henteu di Bapa, tapi di bumi anjeunna. Nu kahiji nya éta mutih opat puluh poé téa, berekah teu aya halangan harungan nanaon, tamat. Nya kitu deui nu kadua, mandi unggal peuting di unggal balong téh, teu kungsi panggih jeung jelema, kari anu beuratna nya éta ngaringkeb manéh di kamar bari mati geni. Sapeuting, dua, tilu, nepi ka peuting kalima mah, ripuh pisan. Panas bayeungyang, peujit asa dirérab, keselna lain lumayan, sapeuting téh ngan henteu asa sapuluh taun mah. Titingalan rupa-rupa, pikasieuneun, pikaseurieun, pikarujiteun, jeung rupa-rupa deui.

Tah dina peuting kagenep, rupana mah tanaga jeung napsu téh geus béak, awak tiis teu panas teu hareudang, teu halabhab teu lapar, haté manteng ka Nu Hiji. Titingalan nu teu paruguh teu aya deui, langit pinuh ku béntang nu tingkariceup,cahyana aya nu héjo, aya nu konéng emas, kayas, bungur, jeung bodas malati; tingsirorot maruragan kana sirah, tiis ni’mat teu aya babandinganana. Peuting katujuh, awak geus teu bisa walakaya, haté pasrah ka Nu Kagungan. Jempling, teu aya nu kadéngé, teu aya nu karasa, tiis dingin paripurna, suwung, nu aya ngan ka-Akbaran Nu Maha Kawasa…

Katingal leungeun Mang Haji ngarampa dada kuring, tuluy tonggong leungeunna diantelkeun kana liang irung kuring. Lalaunan awak kuring ngangkat, pung ngapung beuki lila beuki muluk. Mang Haji katingalna beuki leutik, nepi ka lesna pisan.

Bus kuring ka karaton sigrong. Gulang-gulang nu ngajaga kabéh maréré hormat. Kuring leumpang di tengah-tengah barisan mojang gareulis, anu teu eureun-eureun ngalawuran kembang malati ka kuring bari rampak ngarawih, sorana halimpu angin-anginan:

Kuring lain ngaji kosar,

nya biko nya kasar,

Kuring lain ngaji dosar,

nya bodo nya sasar,

Tapi kuring ngaji gosar,

digogo bari disasar,

Ngaji rasa,

bodo!

 

Burudul para gegedén nu mapag, kuring dideuheuskeun ka nu boga karaton. Pameget anu linggih dina korsi gading éstu matak sérab ningalna. Lain baé panganggona anu hurung hérang sarwa héjo, tapi pameunteuna hurung mancur pinuh ku wibawa jeung komara. Anjeunna ngahiap-hiap, miwarang kuring ngadeuheusan. Kuring didiukkeun milu hémpak jeung gegedén anu caralik di handap di payuneunana. Breng istri-istri téh rampak ngarawih. Pok-pokanana persis saperti anu dikarawihkeun ku mojang-mojang tadi.

Jep nu ngarawih, jung Raja ngadeg, tuluy lungsur nyampeurkeun ka kuring. Ceg pananganana duanana nyepeng kana sirah, bari deku anjeunna niupan embun-embunan. Tuluy sasauran ditompokeun kana ceuli:

“Muga hidep sing jadi jelema soléh. Keun ku Éyang diaping-dijaring.”

Ari nyah beunta, kuring pohara kagétna, da geuning keur pada ngariung-riung. Kadéngé hawar-hawar Bapa kuring nyarita ka Mang Haji, “Lain atuh Ki Haji, kumaha mun urang inuman citajén baé sugan budak téh?”

“Ulah Ka, kapalang, kapan ngan sababaraha jam deui baé. Moal, moal nanaon.”

“Enya, kapan geus sakitu ripuhna. Malah kapan tadi mah sugan téh geus tuluy. Bisi kumaonam Kaka mah, sieun katempuhan ku indungna.”

Ngadéngé kasauran Bapa kitu, kuring maksakeun imut. Atuda kapan Ema téh geus lila taya dikieuna.

Tapi Mang Haji keukeuh teu mikeun. Najan mikeun ogé, kuring nu moal daék, atuda ceuk kuring gé tadi ayeuna kuring téh geus teu ngarasa halabhab teu ngarasa lapar, teu boga-boga acan parasaan. Komo maké aya kahayang mah.

Gelendung Magrib, kawas nu papaheula pada hayang ngahuapan citajén ka kuring. Mang Haji nadahkeun panangan ka luhur, bari ngucap Alhamdulillah.

Saminggu ti harita, kuring geus jagjag waringkas deui sakumaha sasari. Saminggu deui ti dinya, ka kuring aya nu ngajak nganemer ka Jambi. Beng kuring indit deui ka Jambi ngadua-kalian. Ku nu boga duit pohara kuring dipercayana. Kauntungan kawas nu dikedukkeun baé. Sataun borongan téh kakara anggeus. Kuring balik ka lembur téh rébo ku babawaan. Barang sipat nyamu, wol mah wol. Aya lima koperna. Barang-barang emas perhiasan, aya dua kilona. Duit ngan teu pinuh baé sakoper.

Tepi ka lembur, ngendék popoéan, kuring kawin. Kabéh babawaan dipasrahkeun ka pamajikan., sanggeus misahkeun keur Bapa jeung Mang Haji, itung-itung pamulang tamba kana kahadéanana. Malah indung téré ogé disalinan ku perhiasan-perhiasan. Pohara aratoheunana. Pamajikan téh koloteun, maké meuli imah sawah, meuli balong ogé, aya tiluna, komo domba mah mani gereyek.

Hiji mangsa karék pisan awéh salam tas salat Subuh, aya sora kana ceuli mani atra pisan: “Hidep téh lain rék jadi jalma soléh téa?”

“Sumuhun.”

“Rék ti iraha ngamimitian?”

“Raraosan mah parantos.”

“Enya rarasaan wungkul. Ti poé ieu, nya!”

“Mangga”

“Bedahkeun balong nu di girang. Pilihan laukna nu galedé, tuluy bawa ka pasar. Nitah mawana ka nu séjén, buruhan baé sing peryoga.”

“Mangga.”

“Sasauran sareng saha, Akang?” ceuk pamajikan nu geus nangtung di panto musolah.

“Ah, teu nyarita jeung sasaha!”

“Geuning…?”

“Geus tong réa cacarita awéwé mah. Anggur sadiakeun cikopi. Akang rék ka sawah.”

Sanggeus dangdan jeung réngsé ngopi, kencling kuring ka balong, der ngabedahkeun dibantuan ku barudak tatangga anu disampeuran sapanjang jalan. Pamajikan mah teu nyahoeun kuring ngabedahkeun téh. Laukna diakut dina karamba ka pasar aya tilu tanggunganana. Nepi ka pasar, ceuk nu nelepon kana ceuli téh kudu dibagikeun ka nu teu baroga jeung ka tukang baramaén.

Nya dibagikeun, aya nu dua aya nu tilu, pohara aratoheunana. Narampanana ogé réréana bari ngadarégdég, tayohna bawaning ku atoh. Kacipta ku haté mana teuing nari’mateunana engké ngadalaharna, atuda meureun saumur-umur kakara rék ngadahar lauk pungkil. Haté kuring jadi kebek ku kabungah jeung kani’matan, lantaran geus bisa méré kabungah jeung kani’matan ka sasama kaula. Nepi ka éta rasa téh ku kuring teu katahan deui, réngkénék kuring igel-igelan jeung ceuceuleuweungan.

 

Kuring lain ngaji kosar,

nya biko nya kasar,

Kuring lain ngaji dosar,

nya bodo nya sasar,

Tapi kuring ngaji gosar,

digogo bari disasar,

Ngaji rasa,

bodo!

 

Jelema sapasar kabéh ngadeugdeug, barudakna pating corowok: “Mang Dipdip gélo! Mang Dipdip gélo!” Tapi kuring teu paduli, sungut-sungutna ieuh.

Isukna, der deui balong nu tengah dibedahkeun. Laukna, nya kitu dibagikeun deui. Ni’mat rarasaan téh, réngkénék deui kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan cara kamari. Barudak ngéak-ngéak jeung nyurakan beuki réa ti kamari, tapi nu aratoheun ogé, aratoh baris dalahar jeung lauk pungkil.

“Ku naon balong téh, bet laukna dibagikeun? Kapan éta téh meunang meulian burayakna ogé?” ceuk pamajikan bangun keuheuleun naker.

“Na, balong saha kituh?”

“Kapan balong urang.”

“Ceuk saha, hah balong urang?” Bari ngomong kitu téh ngan gampleng-gampleng baé pamajikan ditampilingan. “Bisi teu nyaho, éta téh balong titipan Pangéran., nya kitu deui eusina. Urang mah darma katitipan.”

Naringal kuring nampilingan pamajikan, tatangga-tatangga paring jarerit sing éling sing éling. Breg ngarogrog.

Tapi nu ditampilinganana mah teu naha- teu néhé, ditanya naon nu nyeri ogé ku tatangga, kalah ku rungah-ringeuh.

“Baruk naon nu nyeri?” Nyeri ku naha>”

“Rék naon arandika ka dieu?” ceuk kuring morongos ka nu araya, bari dipelong beungeutna saurang-saurang. “Pamajikan-pamajikan kuring…!”

“Iiih, abong-abong nu burung,” témbalna bari tinglaléos ngajarauhan.

Réngkénék kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan, haté ni’mat ku geus bisa ngawarah pamajikan nu geus wani-wani aku-angga kana barang-barang titipan Pangéran.

Tah kajadian harita nu ku kuring dicaritakeun dina awal ieu carita téh.

Keur ni’mat-ni’matna motah, aya telepon kana ceuli: “Tuh barudak nu ingkud-ingkudan parieuskeun sukuna nu cacad téh!” Kabireungeuh ti kajauhan Si Odon anak tatangga budak lalaki umur welasan taun, ingkud-ingudan ka lebah dieu. Meureun di dituna mah rék milu jeung babaturanana ngaréak-réak kuring. Sakanyaho, Si Odon téh geus tanpadaksa ti leuleutik, dampal sukuna anu katuhu teu bisa napak kana taneuh, tapi nyangigir nyanghareup ka jero. Atuh ari leumpang téh nya pengkéh nya ingkud-ingkudan, da nincakna suku nu katuhu mah lain ku dampalna téa, tapi ku gigirna.

Bari terus igel-igelan jeung tetembangan, kuring ngadeukeutan gumplukan barudak. Geus deukeut pisan, buriak barudak téh lalumpatan bari salusurakan. Ku lantaran Si Odon mah teu bisa lumpat tarik, atuh ceg baé pundukna ku kuring ditéwak. Manéhna teterejelan bari jejeritan. Kolot-kolot anu tadi narangtung baé di kajauhan, ayeuna ngambreg nyalampeurkeun, tingcorowok nitah ngalésorkeun Si Odon. Persis waktu maranéhna daratang ka hareupeun kuring, nu paparahna mah rék narulungan, dampal suku Si Odon ku kuring diparieuskeun, satakerna. Lain ukur ngaderekdek, tapi sorana pating beletok, sada tulang potong. Atuh jelema-jelema anu ngadeugdeug téh pohara rareuwaseunana, malah réa nu tingjarerit. Anéhna, Si Odonna mah anu tadi teterejelan jeung tilung-tulungan ogé, kalah ka cicing, bangun teu nyeri-nyerieun sukuna diparieuskeun nepi ka ngabeletok téh.

Ajaib, kuring ogé da ngarasa anéh, sanggeus Si Odon ku kuring dilésotkeun, manéhna lumpat cara nu séjén. Sukuna nu tanpadaksa téh, ngadak-ngadak cageur teu béda jeung sukuna nu kénca, teu béda jeung suku urang.

Naringal suku Si Odon jadi cageur téh, nu araya di dinya euweuh nu lémék sungutna marolongo nangtang laleur. Ari kuring tuluy igel-igelan jeung ceuceuleuweungan deui, atuda haté ni’mat ku geus bisa nyageurkeun budak anu tanpadaksa, anu saumurna jadi pamoyokan babaturanana.

Isukna waktu manceran, kencling kuring indit ka pasar, da aya telepon kana ceuli ngabéjaan harita pisan kudu lalajo nu balanja. Datang téh ka pasar, nénjo nu keur oray-orayan ngantri béas. Awéwé lalaki, di antarana réa aki-aki-nini-nini jeung barudak, mangkaning di nu panas nongtoréng. Jorojoy haté karunya. Buru-buru kuring asup ka toko béas langganan, trét nyieun bon dua kintaleun, mayarna kumaha pamajikan. Tara sok teu percayaeun, da nyahoeun kuring réa duit bawa ti Jambi.

Nu keur alantri ku kuring dicalukan, leut ngabrul nyampeurkeun. Béas nu dua kintal téh ku kuring dibagikeun, aya nu tilu léter, aya nu opat léter. Henteu meuli, gratis. Ngan sajongjongan geus amrin. Ningal maranéhna aratoheun, atra kagambar dina beungeut-beungeutna anu sarepa, haté kuring pohara ni’matna.Réngkénék kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan. Anu tadi dibaréré béas ogé, komo barudakna, bari naranggeuy boboko béas téh milu nyarurakan jeung maroyokan: “Mang Dipdip gélo! Mang Dipdip gélo.

Datang ka imah pamajikan nganaha-naha, saha cenah ngebon béas réa-réa teuing, keur naon. Teu dijawab ieuh, malah kuring malik nanya: “Kumaha geus dibayar?”

“Parantos,” walonna.

“Ku duit saha?”

“Ku artos…titipan Pangéran.”

Réngkénék kuring igel-igelan, da ni’mat atuh ngadéngé jawab pamajikan anu sakitu simpatikna.

Ngéng telepon kana ceuli, kudu indit ka tatangga désa, nepungan Ki Jaya, nanyakeun imahna téh imah saha. Ki Jaya téh jelema beunghar jeung pamingpin. Malah beunghar téh, nyieun gedong sagala sanggeus manéhna jadi pamingpin, da saméméhna mah jelema kokoro nyoso. Kencling kuring nepungan. Sanggeus pahareup-hareup, pok kuring nanya:

“Ieu téh bumi saha, Ka?”

“Naha kitu?” jawabna morongos.

“Ah, hayang terang baé.”

Imah déwék!”

Ngéng deui telepon: “Jelemana mah tong dinanaon, imahna baé duruk!”

Kuring ngaléos bari teu pemisi-permisi acan. Kadéngé Ka Jaya gegelendeng: “Abong-abong nu gélo…”

Balik deui kuring ngajingjing minyak tanah sakaléng meunang ngebon ti Si Bopéng. Bur-bur minyak ku kuring diséblok-séblokkeun kana imah Ki Jaya, méméh nu bogana jeung tatangga-tatanggana bisa ngahalangan, geus gur mantén ku kuring disundut. Seuneu ngabela-bela….Réngkénék kuring igel-igelan, teuing da rarasaan téh ni’mat téh. Jelema-jelema jeung Ki Jaya, lain ribut mareuman seuneu, tapi kalah ka ngaraponan kuring. Atuh gedong jeung eusina téh ledis jadi lebu.

Kana awak mimiti bak-buk-bek nu nonjok, nu neunggeul, malah aya nu ku batu sagala. Tapi teuing bet teu karasa nyeri. “Ulah ngalawan! Turutkeun baé kana kahayang maranéhna,” ceuk telepon kana ceuli téh. Reketek-reketek kuring diborogod, leungeun dibakeukeung ditalian kana tangkal buah, suku dibeungkeut dicangcang kana tangkal jambu, bari hantem pada neunggeulan. Kuring peureum bari ngahénén, rarasaan pohara ni’matna.

Nyah beunta, katingal aya pulisi tiluan, tukangeunana jelema-jelema anu tadi ngaraponan mani ngarégrég.

“Udaran panyangcangna, tuluy gotong asupkeun kana jip!” salasaurang pulisi ti nu tiluan maréntah ka nu araya di dinya.

“Lawan!” ceuk telepon téh kana ceuli kuring.

Kuring usik, brét-brét tambang-tambang nu nalian téh paregat sorangan. Pulisi jeung nu araya kabéh arolohok, areungeuheun sotéh sanggeus ku kuring ditangtang. Breg maranéhanana rampak maju, ngangseg ngoroyok. Sebrut kuring narajang, ngamuk nguwak-ngawik. Nu disépak ngajengkang, nu ditajong ngajolopong, nu dijejek ngajehjer.

…Batu jeung paneunggeul bak-bik-bek kana awak jeung kana sirah, tapi taya nu karasa nyeri. Ningal kitu jelema-jelema réa nu mimiti nungtutan lalumpatan, tapi ku kuring terus dibeledig diubrak-abrik. Dor! Dor! Pulisi ngabekaskeun péstolna, tapi taya nu keuna. Némbak ka luhur meureun nyingsieunan. Ayeuna jelema-jelema birat, malah pulisi-pulisi ogé ngalacir. Kadéngé jipna ngagerung, baralik kawasna mah… Kuring balik ka lembur bari igel-igelan jeung ceuceuleuweungan.

Isukna janari kénéh, kuring gé can hudang-hudang acan geus aya nu pupuntenan. Nyah kuring beunta, ngéng telepon kana ceuli: “Turutkeun kahayang tamu téh, da ieu mah pamingpin bener.”

Teu mandi-mandi acan, ukur sibeungeut, buru-buru kuring nepungan tamu téa ka hareup. Kasampak téh Bapa Bupati geus calik. Dicalikkeun ku pamajikan tayohna mah.

“Cageur Mang Dipa téh?” Saur bari ngasongkeun pananganana ngajak sasalaman.

“Pangésto, nun,” témbal kuring bari munjungan.

“Tadina mah kuring ka dieu téh rék engké pabeubeurang, tapi lantaran ngadadak aya interlokal jam tujuh kudu ka Jakarta, nya maksakeun ayeuna subuh-subuh. Ku kuring gé kapikir, tangtu baris ngabarubahkeunana ka Mang Dipa téh, tapi, kumaha da kapaksa téa.

“Teu sawios, malah nuhun baé nu aya kanggo abdi mah, Bapa parantos rurumpaheun ka rorompok butut.”

“Malah ti baréto aya maksud nepungan téh, basa Mang Dipa kakara datang ti Jambi, rék ménta oléh-oléh béjana rada mucekil usaha téh?”

“Kaleresan baé abdi téh dipercanten katitipan dunya ku Pangéran. Teu bénten sareng Bapa., kaleresan ku Alloh swt, dipercanten katitipan pangkat.”

Bapa Bupati ngahuleng bari unggut-unggutan. Tuluy neuteup seukeut pisan ka kuring, tapi bari teu lémék.

Ayeuna kuring nu réa nyarita, nyaritakeun pangalaman babakuna mah.

Dina tungtung obrolan, Bapa Bupati ngajak kuring sangkan daék dibawa ka dayeuh. Ku lantaran cék telepon ogé kudu nurut kana kapalayna, nya kuring daék milu. Sihoréng anjeunna téh dikawal ku pulisi anu samagréng, satilu-tilu, ngadaragoan dina jip. Caritana dius kuring milu ka dayeuh. Nepi ka dayeuh, kuring diasupkeun kana sél paranti nutup nu gélo.

“Poé kaopat kuring ditahan, kira-kira pecat sawed… ngéng baé aya telepon kana ceuli: “Geura balik, pamajikan mamataeun!”

“Enya, kumaha kaluarna, da sél disosi pageuh, jeungna mun bisa kaluar ogé tina ieu sél, moal bisa kaluar ka jalan, nu jaraga sakitu ngarégrégna.”

“Hayang henteu balik?”

“Puguh hayang mah.”

”Sok atuh meungpeung isuk kénéh.”

Jung kuring nangtung, ceg kana panto sél digujrag-gujrag, bray muka. Tuluy kaluar, nu jaraga bangun api lain pisan. Datang kana panto kaluar, golotrak anu ngajaga panto téh mangmukakeun, léos kuring ka jalan. Clak kana oplét nu kabeneran keur nurunkeun panumpang saurang.

Datang ka imah. Pamajikan nyarita tas mayar parurugi ka Ki Jya, nu imahna diduruk téa. Teu dijawab ieuh, da kitu alusna.

Kabeneran harita téh poé Jumaah. Jelema-jelema anu rék Juma’ahan geus mimiti ngaleut. Réngkénék kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan, ngadatangan jelema-jelema nu teu arindit ka Masjid. Nu katéwak, gampleng-gampleng diteunggeulan, nu séjénna birat lalumpatan arindit ka masigit jumaahan. Unggal poé Jumaah kuring sok ngeleyeng baé, mapayan imah-imah, bisi aya nu teu jumaahan. Nu teu boga samping jeung kerepus, ku kuring dipangmeulikeun. Mun kabéh jelema-jelema sadésa awéwé lalaki kolot budak geus arindit ka masigit, haté ngarasa pohara ni’matna…réngkénék kuring igel-igelan bari tétémbangan:

 

Kuring lain ngaji kosar,

nya biko nya kasar,

Kuring lain ngaji dosar,

nya bodo nya sasar,

Tapi kuring ngaji gosar,

digogo bari disasar,

Ngaji rasa,

bodo!

 

Tina Sawidak Carita Pondok

 

 

 

 

4 Balesan to “Majar Kuring Gélo”

  1. “Réngkénék kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan, ngadatangan jelema-jelema nu teu arindit ka Masjid. Nu katéwak, gampleng-gampleng diteunggeulan, nu séjénna birat lalumpatan arindit ka masigit jumaahan. Unggal poé Jumaah kuring sok ngeleyeng baé, mapayan imah-imah, bisi aya nu teu jumaahan. Nu teu boga samping jeung kerepus, ku kuring dipangmeulikeun. Mun kabéh jelema-jelema sadésa awéwé lalaki kolot budak geus arindit ka masigit, haté ngarasa pohara ni’matna…réngkénék kuring igel-igelan bari tétémbangan”

    Teh bagea, kumaha damang? Ieu abdi deui…
    Nyaan Teh, abdi kataji pisan ku carpon ieu, carpon nu ngadongengkeun “nu gelo” tapi ngajak kanu bener. Jigana, hade keneh kitu nya Teh… da ayeuna mah kadon ti balik geuning, jelema bener kadon ngajak kana gelo. Nu salah majar teh bener, nu bener ditutupan… disalahkeun.
    Matak Mang Dipdip (nu gelo di luhur) dina tembangna nungtungan ku kecap: “bodo!”. Cocok pisan keur gambaran jelema-jelama eta tea teh.

    Nuhun pisan Teh… diantos deui carita pondok nu sanesna🙂

  2. pribumi said

    Alhamdulillah Yi, abdi sakulawargi aya dina kawilujengan. Hatur nuhun, geuning Ayi sering amengan ka blog Bujanggamanik. Sok bade pesen carpon naon deui, di abdi seueur, dina teu ayana di abdi ge bade ngahaja we ah dipangmilarikeun, demi Ayi, demi Ki Sunda.

  3. Roban said

    Teh abdi bade tumaros,di urang sunda aya istilah “EUWEUH DINA BUKU RUSDINA”.Naha sagala konsep kahirupan adat sunda teh “TERMUAT” sadayana dina buku “RUSDI JEUNG MISNEM”,anu cenah eta buku teh di pelajari ku budak sakola jaman baheula.Sareng cenah eta buku masih aya di nagri Belanda,nu matak sarjana sastra sunda kuliahna di Belanda.Naha leres eta teh?

  4. pribumi said

    ceuk pamendak sim kuring, eta kalimah teh ukur heureuy wungkul, pedah kapungkur buku nu populer teh ngan eta-etana di sakola teh cenah. Da dina buku2 resmi sapertos kamus sareng paribasa mah teu aya kalimah kitu. Nu puguh mah konsep kahirupan jeung adat Sunda teh ayana di diri jeung paradigma mikir urang sundana sorangan (adat anu teu tertulis)tea. Ari sarjana sastra sunda kuliah di Walanda mah asa mangseunggahkeun nya, acan mikiran ongkos kaditu, acan mikiran biaya kuliah, acan biaya penginapan, acan biaya neda sadidinten. Ari geus lulus teh jadi sarjana sesah milari damel deuih da SK-na beurat teuing (ratusan kilo), nepi pamarentah teh teu kuateun ngangkatna🙂

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: