Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Déhém

Posted by bujanggamanik dina Pébruari 8, 2008

gunung.jpgKu Wahyu Wibisana

Dua pasir deui leuweung awi nu kudu disorang ku manéhna. Di langit, bulan teuing di mana, sarta béntang-béntang nyarusup kana méga kulawu. Gaang geus areureun ngéangna ditéma ku sora caricangkas jeung bueuk kukueukan kawas nu méré wirahma kana léngkahna. Oborna geus béak minyak, tapi haténa-anéh-bet teu ngarasa salempang atawa hariwang.

Kawas aya gaganti obor nu leuwih ti obor. Nu bisa tetep ngareugreugkeun haténa. Ninggang kana sisindiran “Gorék-gorék manuk tuweuw, disada dina taweuran…”

Tapi ngan sakeudeung manéhna boga pikiran kitu téh, gancang disalingkerkeun dina kelir lelembutanana. Tuluy nginget-nginget pamajikanana nu harita tangtu keur ngadagoan. Geus sabroleun.

Manéhna keur meujeuhna gedé duriat ka pamajikanana téh.bisa jadi ku perbawana rék boga anak . Apan cenah, anak téh talining-duriat-sosoca rumah tangga. Ieu deui mani dagdag-dégdég pisan waktu pamajikanana nyarita yén beuteungna geus karasa téh. Gancang sadia obor da harita geus reupreupan, kencling néang paraji mani satengah lumpat.

Ari imah Nyi Paraji, jauh. Kahalangan ku tilu pasir ti imahna. Pasir nu pinuh ku leuweung awi téa.

Harita, tinggal dua pasir deui nu kudu disorang ku manéhna. Oborna geus kakalincesan. Bet jeung ngaruy deuih. Tapi haténa tetep reugreug. Jalan nu rék disorang, asa leuwih caang batan mawa obor nu ngabebela. Langit kulawu asa cangra.

Da enya, dina haténa téh karasa lir aya cahaya enyay-enyayan. Beuki lila beuki ngagedéan. Cahaya nu baréto sababaraha taun nu geus kaliwat kungsi nyaangan haténa, waktu manéhna nyorang leuweung awi éta, bareng jeung hiji jelema nu jadi mutiarana jelema waktu harita.

Bet terus ngagudag-gudag éta cahaya téh. Cahaya batin nu leuwih caang ti batan cahaya obor, da diminyakanana ku minyak batin nu pabrikna ogé nga aya dina batin. Sihoréng sakur nu clikna tina batin atawa nyayna tina rasa, aya kalana ngéléhkeun kakuatan lahiriah.

Cara harita, atawa cara baréto sababaraha taun nu geus kaliwat, pikeun manéhna. Paduduaan di tengah leuweung awi, jauh ka ditu ka dieu, peuting keur poék bulan. Da keur pada suka, teu ieuh sieun teu ieuh honcéwang. Nu puguh resep nu aya.

Kagebah ku séorna daun awi ku angina ras manéhna inget tina lamunanana. Gancang maca istigfar dina haténa.

“Bet pangbibita sétan wungkul,” cék haténa. “Apan pamajikan aing mah lain ieu, tapi itu… ieu mah nu deukeut, lain-lain daun awi…”

Tapi da bongan padeukeut. Bisa kadeuleu kaambeu. Treupna paneuteup ka nu leumpang hareupeunana, bet parat kana lelembutanana, srek…ser. Dina keur kitu da puguh manéhna lalaki-angen-angen kalalakianana mah angger cunggelik, teu kalis dilain-lain bet terus ngaenya-enya. Tuluy manéhna balaka ka sadirieunana, yén haténa nitipkeun kénéh birahi, nyangsangkeun kénéh duriat, ka urut kabogohna baréto.

Ku kituna, da bongan duriat pegat kapaksa, dina haténa mah angger teu suka. Jeung ku kituna deui munasabah mun harita waktu keur paduduaan di tengah leuweung awi nu jauh ka mana mendi haténa ngaituh-ituh, ngahucuh-hucuh, nitah némbongkeun kalalakianana ka nu leumpang hareupeunana.

Keun ku urut kabogoh, kumaha da ieu mah nya urut kabogoh nya keur rarandaan. Sesebutan randa ieu meureun nu nimbulkeun tambah bédana rarasaan téh. Mun dina kadaharan téa mah tayohna kawas neuleu bacreuk, pikabitaeun. Sualna harita, kumaha supaya éta bacreuk bisa pindah kana piring alasna. Da ari geus dina piring alas mah…ah!

Ari nu leumpang hareupeunana, teuing ku jejem kana léngkahna. Carékna leumpang téh leumpang baé. Teu luak-lieuk atawa ngajak ngobrol. Nyaritana gé saperluna pisan, mun ditanya. Leumpangna gagancangan bangun nu hayang waluh tepi.

Nénjo kaayaan kieu, lalaki mana nu kabeneran boga kahayang nu teu garasa beuki geregeten? Da boga rasa teu dibaturan lalajo. Lalajo lalakon nu engeus-enggeus. Manéhna wungkul boa nu ingeteun téh. Inget sapihak, inget nogéncang. Ari nu dipikainget sanajan aya di hareupeun bet bangun teu inget-inget.

Ku lantaran kitu, tuluy manéhna usaha sakedah-polah supaya layanna ngalayanan, rancatan biharina sing jadi matang, tungtungna sing sarua kabeungbeuratan sarta sing sarua beuratna. Kakara ngemplong haténa.

Sakeudeung manéhna inget ka pamajikanana. Cicika katémbong enyay-enyayan dina daun cariang, tapi teu lila bet hider deui. Les leungit cahayana dina poékna leuweung awi. Manéhna inget deui ka nu leumpang hareupeunana. Cék haténa, tangtu moal ngarasa aéb kikituan harita téh, boh pikeun manéhna boh pikeun urut kabogohna. Lantaran apan niatna ogé ngala paraji, lain niat mawa urut kabogoh. Hanas éta nu jadi paraji buktina urut kabogohna baheula, éta mah sual kabeneran. Ari kabeneran mah apan lain dihaja. Jadi mun téa mah asup kana kajahatan sarta kudu dihukum, meureun hukumanana ogé moal beurat teuing, malah kadangkala dibébaskeun. Dianggap teu salah. Da kajahatan nu teu kahaja téa.

Enya meureun. Saha nu rék nyalahkeun manéhna?”

Atuh éta cenah, naha manéhna make boga pikiran nu kitu patut? Jawabna: Éta ogé alatan tina kabeneran. Bongan nu jadi paraji bet urut kabogohna, cacak mun nu séjén mah—komo mun nini-nini—piraku rék kitu. Bongan Nyi Paraji ngahudangkeun panineungan ka nu enggeus-enggeus, nyuat rus-ras ka mangsa nu geus kasorang. Heug baé kitu. Jeung deui gerentes haté mah teu katénjo ku nu lian, jadi moal bisa dipaké bukti. Ieu deui kakara boga niat, acan jeung prakna…

Jalan nu disorang di leuweung awi téh jalan satapak. Pungkal-péngkol sasalingkeran dina sela-sela dapuran awi. Manéhna lempang di tukangeun urut kabogohna. Jongjon pisan nyacapkeun téténjoanana, tina buuk nu dikukudung ku cindung nepi ka keuneung jeung bitis nu jojorélatan téh. Da yakin deuih, sanajan harita obor geus pareum, angger jojorélatan. Sanajan ngan ukur asa, ngan ukur rarasaan jeung téténjoan panonna.

Sora léngkahna nu kikiciprikan di nu ceubrik jeung korosakna daun awi nu katincak nimbulkeun suasana haté nu anéh. Aya sari-sari dina alam impian. Ngimpi ngudag-ngudag putri di tengah leuweung-ganggong. Hanjakal mun kaburu lilir, méméh beunang. Geus beunang mah teu panasaran, sanajan ngan dina impian.

“Lain ngimpi,” cék haténa. “Ieu mah tétéla aya buktina, tah di hareup, kari néwak kari ngajak…”

Lamun niatna ditungtungan ku kawani meureun kitu sotéh. Da nya éta atuh nu leumpang hareupeunana bangun linghas. Nu deukeut téh boa anggang. Boa moal bisa diajak saniat.

Sajeroning kitu manéhna inget kana lalakonna nu geus kaliwat. Waktu manéhna keur bobogohan kénéh jeung nu leumpang hareupeunana. Di leuweung awi éta maranéhna kungsi sarasa, da saniat téa. Baréto.

Ari harita, éta lalakon téh ngan ukur jadi panineungan, tah manéhna téh hayang mulangkeun panineungan, hayang mulangkeun baréto ka harita, hayang baréto téh sing jadi harita, hayang baréto téh sing jadi ulah aya harita, tapi sing aya hiji mangsa nu teu kawengku ku baréto atawa ku harita nu bisa nimbulkeun niat geusan sarasa cara baréto sarta éta mangsa téh datangna ulah isuk ulah pagéto, tapi hayang ayeuna. Harita waktu manéhna keur ngiringkeun kabogohna téa.

Bet ngan ukur déhém nu kaluar téh sakitu dina haténa mah pinuh ku ucap nu hayang gancang diucapkeun. Kawas nu teu bisa kaucapkeun, da ucapkeuneunana lain ucapkeuneunana. Ku kituna pantes mun bituna ngan ukur jadi déhém. Teu kurang teu leuwih.

Tapi boa da déhém gé lain sadéhém-déhémna. Déhém nu jadi acina sarébu ucap, nu ngan bisa kaharti ku nu surti. Meureun lamun kitu tinggal kumaha nu ngadéngéna baé. Kumaha nu nampanan.

Da baréto ogé kétang, saniat geusan sarsa téh lain dimimitian ku loba ucap. Tapi ku nu kitu baé, ku déhém. Déhém ti nu saurang ditémbalan ku déhém ti nu saurang deui. Paguneman déhém. Tungtungna aya hasilna. Hasil nu matak ni’mat ka duanana.

Geus sababaraha kali manéhna ngadéhém cara baréto.

Di handapeun dapuran awi nu boga riwayat, manéhna ngadéhém deui. Meureun pihartieunana mah kieu:

“Naha Nyai teu émut waktu urang silih témbongkeun kaasih di dieu baréto?”

Tapi nu leumpang hareupeunana tonggoy baé. Taya jawabna jeung taya isarah nu dipikahayang ku manéhna. Nyamos!

“Teungteuingeun….”cék haténa.

Di lebah jalan satapak nu méngkolna mites pisan, baréto nu leumpang hareupeunana kungsi kacugak ku saréngséng awi. Ku manéhna ditulungan, dongko tuluy ngusapan dampal sukuna. Karasa kénéh nepi ka harita ogé karadak rorombéheun urut kabogohna. Nya éta atuh karadak-karadak gé ari suku kabogoh mah, béda baé. Sok aya baé omongkeuneunana, teu euweuheun piomongeun.

Tah di lebah dinya manéhna harita ngadéhém deui. Meureun hartina mah kieu:

“Akang mah inget kénéh waktu Nyai kacugak ku saréngséng awi téa, geuning…”

Mun diucapkeun mah éta omongan, dina kecap “geuning” tangtu bakal dibedaskeun pisan tanda yén éta pangalaman duaan, nu geus pada nyaho.

Obor nu dicekel ku manéhna harita geus pareum. Di leuweung awi poék.

“Awas jalan?” manéhna nanya.

“Awas,” témbal nu leumpang hareupeunana. Ngan sakecap ngajawabna téh, mani teu diémbohan pisan.

Da ari kahayangna mah nu leumpang hareupeunana, ngajawab kieu:

“Teu awas, tungtun atuh…!” Leuh, mun manéhna meunang jawaban kitu, tada teuing giakna. Gancang manéhna ka hareup meureun. Tuluy nungtun urut kabogohna. Cék pikiranana, da lamun geus paantel kulit mah, sok gancang jadi paantel haté, brasna. Tapi ku lantaran jajawabanana kitu, atuh bep deui baé sungutna balem…

Sapasir deui leuweung awi nu kudu disorang ku manéhna. Cukang kawung nu baréto kungsi katincak babarengan ku maranéhna, angger kawung kénéh. Ngan meureun lain kawung nu baréto, da nu baréto mah boa geus bobo.

Lebah dinya manéhna harita ngadéhém deui. Ingeteun waktu urut kabogohna baréto hayang dituyun, sieuneun labuh. Mangkaning taya gantar panyekelan, tapi jigana baréto mah leungeun manéhna leuwih dipercaya tibatan gantar.

Kumaha ari harita? Nu leumpang hareupeunana percaya kénéh ka na gantar tibatan ka manéhna. Geus sabalikna pisan.

“Teungteuingeun…,” cék haténa.

Maranéhna terus leumpang abus ka leuweung awi nu poék. Tanjakan dina mumunggang pasir keur dipaju. Tapi sajeroning laleumpang, duanana baralem. Lir dua wayang nu dialeutkeun ku dalang bari teu disoraan. Hujan ngaririncik, langit kawas nu rék ngarungkup, hideung kawas dipulas ku leutak, asa di kamar gelap.

Ngan kiciprikna, léngkah dua jelema nu kadéngé. Kawas nu silih témbalan, tapi éta lain sora nu boga harti.

Sajeroning kitu manéhna beuki inget, yén nu leumpang hareupeunana téh randa nu baréto kungsi jadi kabogohna. Beuki deukeut ka imahna, manéhna beuki ngaweweléh kana haténa: naha nepi ka teu bisa meruhkeun haté urut kabogohna. Tapi tungtungna ku kitu téh manéhna boga kasimpulan yén nu leumpang hareupeunana éstuning pengkuh, teu bisa diheureuyan, teu bisa diajak sasar.

Dina jero haténa, ari galeuh-galeuhna mah manéhna muji kana kapengkuhan haté nu leumpang hareupeunana. Tapi kahyang nu didorong ku rasa panasaran jeung rasa kesel ngadagoan pamajikanana mangbulan-bulan nimbulkeun paniatan nu terus ngélékéték haténa.

Naha geus ditepikeun kahayangna téh ka nu leumpang hareupeunana? Nu matak, apan ngan ukur déhém.

“Kecing aing,” cék haténa, “Pok atuh geura caritakeun!”

Manéhna mikir, tapi terus bari leumpang. Imahna beuki deukeut.

“Gancang ayeuna, meungpeung can nepi ka lembur!” cék haténa.

Manéhna kalah ka ngadéhém deui. Biwirna rapet teu bisa engab. Tikorona asa garing, gondok lakina elok-elokan, sakeclak taya ciduh teureuyeun.

Da enya deuih meureun, rarasaanana, waktu nu dipaké nyorang leuweung awi nu tilu pasir téh ngan ukur tilu kiceupeun. Dua kiceup katiluna bréh anu dijugjug. Asa sakeudeung pisan.

Harita di imahna, remeng-remeng cahaya cempor di luhureun erang-erang, geus katémbong. Aya dua pamentang deui mah jauhna téh. Dina haténa manéhna ngarasa, yén kembang paniatan nu tadi dikedalkeun ku rupa-rupa déhém téh, boa samar kajadian. Kembang paniatanana téh boa moal jadi buah. Atawa dina jadina buah ogé buah nu béda, lain buah nu dicita-cita ku kembang-paniatanana tapi buah anu mangrupa déhém jeung dédéhéman.

Keur kitu, nu leumpang hareupeunana téh bet ujug-ujug ngalieuk ka manéhna bari ngarandeg. Dina belegbeg awakna katémbongeun, yén nu ngalieuk téh melong ka manéhna. Kawas aya nu rék dicaritakeun nu penting pisan. Ku lantaran kitu manéhna pohara ngadagoanana. Sugan sora nu dikedalkeun téh aya sari-sari nu luyu jeung kembang paniatanana téa.

Tapi didagoan téh, teu pok baé. Nu ngalieuk téh ngan ukur ngadéhém. Atuh manéhna gé ngan ngajawab ku déhém deui***

<!–[if !supportEmptyParas]–> <!–[endif]–>

Tina Sawidak Carita Pondok

3 Balesan to “Déhém”

  1. Hatur nuhun pisan teh, meni langsung kontan ku Teteh dikintun “Dehem” sareng “Kawung Ratu”. Kumaha upami “Majar Kuring Gelo” na ge dipintonkeun oge di dieu Teh. Sami ti buku “Sawidak Carita Pondok”.

    Ieu carita-carita pondok teh kanggo abdi mah nunjukeun yen urang Sunda teh palalinter. Katingal pisan jeniusna Pak Wahyu Wibisana dina masihan karakter ka tokoh-tokohna dina Dehem. Oge kumaha jerona gambaran urang Sunda baheula nu dipintonkeun ku Ki Umbara dina Kawung Ratu. Tah dina “Majar Kuring Gelo” kaunggel oge kumaha pinterna urang Sunda ngagambarkeun perang campuh dina hate jelema. Sok ah Teh, monolog “Majar Kuring Gelo” teh geura dipintonkeun. Supados nonoman Sunda seueur nu janten langkung apal kana dongeng-dongeng eta.

  2. Eh punten lepat, bade ngalereskeun kalepatan dina komentar. Kawung Ratu teh sanes ku Ki Umbara, tapi ti Wahyu Wibisana. Hatur nuhun Teh.

  3. pribumi said

    Mangga, pesenan salira ku sim kuring diestukeun pisan. Tapi sapertos biasa….mugi kersa ngantosna, margi kedah diketik ulang, teu tiasa copy paste. Sareng sim kuring teh nuju ngeureuyeuh nyusun glosari deuih supados nu maos ieu blog weruh kana basa sunda sareng inggrisna. Hatur nuhun kana komentarna.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: