Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Guha Kahfi, Kareueus Jordania

Posted by bujanggamanik dina Pébruari 3, 2008

kahfi.jpgKu H. Usep Romli HM

Panonoban Ashabul Kahfi nu dikisahkeun dina Al Qur’an, S. Kahfi ayat 10-26, mangrupa guha, aya di dua tempat, nya éta di wewengkon désa Rokim, Amman, Jordania, jeung di Kota Tarsus, Turki. Duka mana nu bener, da duanana gé pada ngaku yén éta tempat téh nya éta tempat nyumputna para pamuda Ashabul Kahfi, laju kalawan kakawasaan Alloh swt, kabéhanana disarékeun salila 360 taun.

Tapi guha nu aya di Désa Rokim, Amman, dianggap pangmerenahna. Ieu guha nu kapanggih taun 1967 ku hiji tim arkéologi Universitas Jordania nu diseponsoran ku UNESCO, dianggap deukeut kana ciri-ciri guha Ashabul Kahfi, nya éta teu jauh ti perkotaan. Umur katut rupa fosil jeung batu sarta mineral séjénna nu kapanggih di dinya, teu pati géséh jeung fosil-fosil, babatuan katut mineral nu aya situs-situs kuno sabudeureun Kota Amman, saperti Situs Jerash, Petra, Kerak, jsb, nu baheulana dijadikeun wilayah kakawasaan Byzantium (Romawi Wétan). Kahirupan tujuh pamuda Ashabul Kahfi dikira-kira sajaman jeung Kaisar Dakyanus, raja Byzantium abad ka-1 Maséhi, nu ngagem kapercayaan Paganis (kafir). Raja Dakyanus katut rahayat Byzantium harita nolak kana ajaran tauhid nu disebarkeun ku Nabi Isa alaihissalam.

Ari tujuh pamuda téa, anut kana ajaran tauhid Nabi Isa. Malah nyoba-nyoba nyebarkeun ka indung bapa, dulur, baraya jeung tatanggana. Ngan ditarolak. Malah dilaporkeun ka raja. Antukna éta para pamuda meunang ancaman. Lamun tetep nyekel ajaran tauhid Nabi Isa as, baris dihukum beurat kacida. Tapi lamun balik deui kana ajaran nu berlaku di karajaan Bizantium, nya éta nyembah déwa-déwa jeung berhala, baris dibéré kalungguhan luhur.

Tujuh pamuda nu pengkuh iman Islamna téh, pageuh nyekel prinsip”Dainunah lil Lahi wahdah” (pasrah sumerah sumembah wungkul mung ka Alloh nu hiji), teu ngagugu. Ngan lamun ngalawan teu mungkin. Nya maranéhna badami pikeun néangan cara nyingkahan katelengesan raja katut anték-antékna. Jalan panghadéna taya lian iwal ti nyingkur ka tempat suni. Miara kasalametan diri bari husu ibadah ka Alloh.

Dina hiji wanci nu mustari, maranéhna indit ninggalkeun puseur dayeuh di Byzantium nu katelah Alia Capitolia (kota éndah nu ayeuna jadi Kota Amman). Indit demit ngajugjug patempatan nu sakira moal kapanggih ku nu néangan. Sanggeus lumampah sawatara waktu, anjog ka hiji guha nu nyingkur teu anggang ti kota, tapi henteu kagiridig ku jalma. Malah moal aya nu nangénan, yén di dinya aya guha.

Bus waé asup sabada maca du’a neda rohmat katut hidayah ti Alloh swt: “Robbana atina min ladunka rohmatan wa hayyilana min amrina rosada.” (Q.s Al Kahfi: 10)

Barang bérés bebenah, kabéhanana ujug-ujug kaserang tunduh liwat ti tunduh. Reup baé maranéhna sararé tibra pisan.

Nepi ka harudangna deui, taya saurang gé nu bisa ngira-ngira, sabaraha lilana maranéhna saré. Aya nu ngarasa sapoé jeput, aya ogé anu ngarasa sapoé sapeuting. Barang ngarasa lapar, salah saurang di antarana dijurungan ka pasar pikeun meuli dahareun. Kalawan dikadé-kadé kudu ati-ati, bisi aya intel ngincer. Ahirna éta pamuda salamet nepi ka pasar, jeung salamet barang beuli kadaharan. Ngan barang créng mayar, nu boga warung kerung bari nilik-nulik duit ahéng, duit heubeul nu geus teu payu. Atuh ribut pada ngilikan. Tuluy aya nu apaleun, yén duit éta mah mangrupa duit karajaan tilu ratus taun ka tukang.

Lantaran di pasar héboh, éta pamuda téh di bawa ka hareupeun raja, ditalék ti mana asal, jeung naon sababna balanja ku duit kuno nu geus teu laku.

Mimitina mah éta pamuda téh bungkem. Ngan sabada apal, yén raja nu disanghareupan téh ngagem agama tauhid (Islam) sakumaha ajaran Nabi Isa as., kakarék wani terus terang. Derekdek dicaritakeun kumaha lalakon basa maranéhna nyaringkah ka guha, sangkan teu keuna ku hukuman raja dolim tukang nyembah déwa berhala. Tuluy dug kabéh kasaréan. Hudang-hudang perbawa lapar. Basa salah saurang ti antara maranéhna indit ka pasar, bet kitu kajadianana.

“Tapi apan éta mah geus lumangsung tilu ratus taun ka tukang,” ceuk Raja.

“Alloh Maha Uninga. Kaweruh kuring mah ngan sakitu. Kitu deui kaweruh batur-batur kuring genepan nu keur nungguan di guha, moal jauh ti kieu,” walon pamuda “Ashabul Kahfi”.

Sanggeus babadamian, diputuskeun yén caritaanana téh rék dibuktikeun ku saréréa ku cara langsung arindit ka guha. Bring atuh Raja sapiri umpi ngajugjug guha ngiringkeun pamuda nu mawa balanjaan téa. Barang geus nepi, nu araya di luareun guha teu waka diidinan asup ku éta pamuda, manéhna heula sorangan. Barang éta pamuda gok jeung batur-baturnana, tuluy dicaritakeun kajadian anu cikenén tumiba ka dirina. Teu sawatara jongjongan sabada cacarita, kersaning Gusti Nu Mahasuci maranéhna maraot, mulang ka kalanggengan. Nu narungguan di luar, sanggeus nyaho “Ashabul Kahfi” maraot, tuluy badami sangkan hiji waktu di sabudeureun guha baris diramékeun ku pilemburan jeung di deukeutna diadegan masjid.

Sanggeus kapanggih ku tim arkéologi taun 1967 téa, situs “Guha Kahfi” diberesihan. Wewengkon guhana dirénovasi sangkan katémbong kaaslianana. Tulang-taléng nu kapanggih di dinya, diwadahan kana peti kaca. Lawang tempat cahaya panonpoé asup ka jero guha, nu ngalantarankeun jasad “Ashabul Kahfi” weuteuh salila saré 300 taun, ditata dialus-alus. Ti taun 1968, guha “Ashabul Kahfi” di désa Roqim téh mimiti pada ngadeugdeug, jararah ka dinya pikeun ngalap hikmah pieunteungeun hirup.

Nurutkeun katerangan, kisah “Ashabul Kahfi” kantos dipedar ku Kangjeng Nabi Muhammad saw., nedunan paménta urang Yahudi nu hayang nguji, naha bener Muhammad téh meunang wahyu ti Alloh. Nya urang Yahudi téh ngasongkeun pertanyaan ngeunaan jalma-jalam nu saré ratusan taun téa. Keur nohonan éta paménta, Kangjeng Nabi saw. Ngucapkeun “Insya Alloh (mugi Alloh marengkeun), diteraskeun ku ngadu’a “An yahdini Robbi li aqroba min hadza rosada (Q.s. al Kahfi:24).

Kisah Ashabul Kahfi kawilang hébat, tur ukur aya dina kitab suci Qur’an. Dina kitab-kitab agama séjén, boh Yahudi boh Nsarani mah teu aya. Tapi pangaruhna nerekab ka sakuliah dunya. Réa carita rayat (foklor) nu ngandung imajinasi jeung téma samodél Ashabul Kahfi, kawas “Urashima Taro di Jepang. Atawa “Riff Van Winkel” di Eropa, nu diréka deui jeung dipolpulérkeun ku pangarang kamashur, Washington Irving.

Pikeun umat Islam, kisah “Ashabul Kahfi” mangrupa sumber daya motivasi keur nguatan tauhid jeung sumanget kaislaman. Figur pamuda “Ashabul Kahfi” sawadina méré ilham ka para pamuda Muslim kiwari, pikeun nyekel pageuh aqidah tauhid enggoning nanjeurkeun syiar Dienulloh, syiar Islam.

Surat Al-Kahfi sok diwadamkeun dibaca. Minimal saban malem Jumaah. Aya swatara hadis nu nyebutkeun, yén nu dawam maca surat al-Kahfi bakal ditangtayungan tina panggoda Dajjal.

Surat al-Kahfi mémang leubeut ku kisah-kisah picontoeun. Salian ti kisah “Ashabul Kahfi”, dina éta surat aya deui kisah dua urang jalma anu ngabogaan kebon, nu ideologina pabéntar. Nu saurang materialistis jeung athéis, ari nu saurang deui mah iman ka Alloh (S. al-Kahfi ayat 32-34), ogé kisah Nabi Musa jeung Nabi Khidir (ayat 60-82), sarta kisah Dzulqarnain (ayat 83-101).***

 

Tina Manglé, No.2089

4 Balesan to “Guha Kahfi, Kareueus Jordania”

  1. fz said

    Alhamdulillah, asa leuwih jelas geuning maca hartina surat Al-kahfi dina bs sunda mah meni jentre pangartian nana…da ari maca terjemahan nana dina Al quran mah da atuda bahasa quran mah bahsa luhur, teu pati jentre, Nuhun bu Popon, tos ngalebetan hikayah al-kahfi din bs sunda….duka da abdi mah resep maca artikel dina bs sunda teh, Aya kahanjakalan sim kuring maca artikel di blog pa Ajip. kalah ka di terjemahkeun kana bs Indonesia, mun…di antepkeun wae dina bs sunda leuwih resep nu maca ceuk sim kuring mah…

  2. pribumi said

    Atuda Fz, Pa Ajip mah go internasional. Website-na oge kedah nu kahartoseun ku balarea, sanes ngan ku urang Sunda wungkul.

  3. jirji barjah said

    Sae tah pedaran Bapa H.Usep Romli HM teh. Sing seueur nyerat nu kitu. Abdi ge osok ngadawamkeun maca S.Kahfi. Tapi ari kisah jentrena mah nembe terang ayeuna. Jazakallohu khoiron katsiro.

  4. jangki perwata said

    Naha ari Guha Kahfi nu di Tarsus teu dibahas ku Pa H.Usep Romli HM teh nya ? Padahal kuring kungsi maca pedaran lalampahan anjeunna ka Turki, dina majalah “Mangle” sareng “Pikiran Rakyat”. Teu acan wae kitu. Mugi-mugi atuh kasiwer ku anjeunna lalakon Ashabul Kahfi di Tarsus. Ageung mangpaatna kangge ngambah pangaweruh nu berhubungan sareng Al Quran

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: