Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Sagala Ogé Barobah

Posted by bujanggamanik dina Januari 28, 2008

membajak_sawah.jpgKu Yus Rusyana

Robahna kahirupan téh teu salawasna karasa ku nu keur ngalaman mah. Dina sapoé-sapoéna biasa baé, asa angger. Dalah awak sorangan ogé asa angger. Nyaho-nyaho geus kolot baé. Rupa jeung adegan jadi robah. Kitu meureun, dalah dikumaha. Bisa-bisa kajongjonan, da rarasaan mah karék sakeudeung kumelendang téh.

Ayana robahan dina hiji perkara mawa ka nu séjénna, milu robah. Rambat kamaléna kana kahirupan anu leuwih lega. Arék nyokot conto tina kahirupan tatanén.

Kuring hirup di lembur ti mangsa lahir tepi ka tamat sakola rakyat, SD mun ayeuna mah. Tamat SD téh taun 1952. Nuluykeun sakola pindah ka kota kabupatén tuluy ka sakola provinsi. Tah, jaman di SD nepi ka tamat SLTA (1958) masih nyaksian jalma anu magawé sawah maké wuluku jeung garu, ditarik ku munding sarakit, tegesna ku munding sapasang.

Kuring mah nyaho kana wuluku jeung garu katut bagian-bagianna téh tina kanyataan baé, lain tina pangajaran di sakola. Nyaho kana naon anu disebut sawed, upamana, jadi ngarti kana wanci pecat sawed, nya éta wanci munding téa dilésotkeun tina sawed, magawé enggeusan, kira tabuh salapan isuk-isuk. Ngagawékeun munding téh puguh waktuna tara dibetak nepi ka panas poé. Kagiatan nyawah maké wuluku atawa garu ngagelarkeun kawih, da kapan anu keur magawé téh osok ngahaleuang. Kitu deui aya kekecapan anu angger paragi maréntah munding.

Ayeuna geus aya traktor, boh anu digerakkeun ku mesin, boh anu disurung ku jelema. Atuh prak-prakan ngolah sawah ogé jadi barobah. Tara aya haleuangna tukang traktor mah. Paling-paling nyetél lagu tina radio transistor anu ditunda dina galeng. Anu milu robah téh perkara ingon-ingon deuih, nya éta ngukut munding katut ngurusna, kayaning ngangon, ngamandian, ngarit, maraban, ngandangkeun, jadi leungit. Kekecapan jeung istilah anu patali jeung éta ogé laun-laun kapopohokeun, tuluyna mah leungit, da kapan tara kapaké.

Prak-prakan dibuat ogé robah. Baréto mah ngala paré téh ku étém. Ranggeuyan paré dipunggelan hiji-hiji. Biasana awéwé anu dibuat téh, tapis pisan ngagunakeun étémna. Meureun ceuk jaman ayeuna mah leukleuk temen, anu matak dibuatna ogé kiwari mah maké arit. Baréto mah paré téh tara diarit. Nu diarit mah bangsaning jujukutan, saperti jukut keur parab munding atawa domba.

Paré beunang dibuat téh baréto mah dieundankeun, dipoé ogé eundanan baé, dijébrag. Engkéna tetep baé dibeungkeutan, disebutna dipangkék, nya éta paré nu geus garing meunang moé téa ditalian sapuna saeundan-saeundan. Ti dinya dua eundan dibeungkeut dihijikeun, jadi sageugeus. Tah, peta kitu téh ayeuna mah henteu kalampahan deui., da kapan paré beunang ngarit téh tuluy digebot sina murag tina sapuna. Anu dipoé téh bangsalna, ayeuna mah nyebutna ogé ku kecap basa Indonesia, gabah, cenah. Jadi, kagiatan mangkék jeung ngageugeus ogé leungit. Kitu deui upacara ngakut paré, komo maké réngkong sagala rupa mah, geus arang langka pisan, mun teu disebut geus euweuh ogé.

Nutu deuih anu geus leungit téh, diganti ku ngahuler. Parabot nutu kayaning lisung, halu, nyiru, jubleg, geus ampir leungit. Lisung kaleungitan guna, henteu dipaké. Seni tutunggulan ogé leungit. Kuring mah keur budak masih ngadéngé dikieuna, di lembur osok aya tutunggulan, di tempat anu arék kariaan, upamana rék ngawinkeun, meureun itung-itung ngabéwarakeun. Ayeuna mah paling-paling di panggung, dina seni pintonan osok aya para mojang anu ngagondang. Lisung kari ruruntukna, dikumpulkeun tuluy dijual. Di sisi jalan ti Cianjur ka Bogor-keun, geuning, aya lisung dijagragkeun, jualeun meureun.

Éta sakadar conto baé ayana robahan dina kahirupan sapopoé anu kaalaman ku kuring salila kurang leuwih satengah abad. Teu karasan dina prosésna mah, nyaho-nyaho ayeuna wuluku, garu, étém, lisung, jeung sapapadana geus henteu dipaké deui. Ku barudak anu henteu ngalaman prosésna mah meureun henteu dipikanyaho, da kapan anu nyampak ayeuna mah traktor jeung huler baé. Teu nyarahoeun yén baréto mah parabot tatanén téh lain éta, kitu deui tata carana lain cara ayeuna.

Lain dina widang tatanén wungkul kajadian barobah téh, kum baé dina sagala rupa hal dina kahirupan. Masarakat jeung budaya urang téh barobah.***

 

Bandung, 12 Juni 2001

 

Tina Manglé No. 1816

4 Balesan to “Sagala Ogé Barobah”

  1. fz said

    sanes commen kanggo artikel. Mung bade naros kunaon kamari off bari teu ngawartosan, kalah ka ngereles….

  2. kunyil said

    aduhhh… aduuhhh..duuhhh..duhhh duhhhhh

  3. uwa said

    kunyil kunaon aduh2an di didiyeu naha tijalikeuh kitu??…. karunya teuing…..

  4. pribumi said

    Eta meureun Wa, murilit patuangan, ari bade dikaluarkeun…sigana hese…heheheh…

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: