Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Dalem Boncél

Posted by bujanggamanik dina Januari 23, 2008

dalem1.jpgKu Ki Umbara

(Bagian ka-8)

 

Ayeuna Dalem Boncél sering huleng jentul nyalira. Kajadian ngahina jeung ngusir ibu ramana teu leungit-leungit tina émutanana. Jerit ibuna waktu ditéjéh ku anjeunna, ngahieng baé dina cepilna. Ibuna anu mikaasih, anu datang ti jauhna kulantaran sono ka anjeunna,… ku anjeunna lain diceungceurikan jeung dirangkul, malah dihina jeung diusir. Dalem Boncél humandeuar, “Cilaka diri, doraka. Ku naon diri éra ngaku ibu ka anjeunna? Ibu nu nyusuan diri. Ku naon?”

Hawar-hawar sora tikukur di jauhna dipasir tonggoheun Kabupatén, ngelak baé, “Tikukur, guk, guk! Tikukur, guk, guk!” Tapi kakupingna ku Dalem Boncél harita mah, “Kaduhung, aduh, aduh! Kaduhung, aduh, aduh!…

Ras Dalem Boncél jaman keur budakna di Kandangwesi. Unggal peuting méméh saré, ibuna sok ngadongéng heula. Dongéng raja-raja, atawa dongéng sasatoan nu bisa ngomong cara manusa.

Anjeunna kakara bisa saré, mun dongéng ibuna geus tamat. Malah sakapeung mah anjeunna sok saré dina lahunan ibuna, saméméh dongéng tamat.

Dina hiji peuting, ibuna nyaritakeun dongéng, “Nini jeung Kuya”. Ceuk ibuna:

“Jaman baheula, aya hiji nini-nini. Eta nini-nini téh miskin pisan, dahar soré henteu isuk. Manéhna hirup sorangan, salaki jeung baraya-barayana geus teu aya kabéh. Sedengkeun anak teu boga pisan. Cicingna di poporogok sisi susukan. Gawéna sapopoé ngala haremis di susukan téa, jualeun ka pasar atawa ka tatangga-tatanggana, ladangna keur meuli sangu. Mun manéhna gering nepi ka teu bisa ngala haremis, poé éta nya ngongkrong, henteu dahar.

“Karunya, nya Ma!” ceuk Jang Boncél.

“Dina hiji poé,” ceuk ibuna, neruskeun dongéngna, “Waktu keur ngala haremis saperti biasa, nini-nini téh meunang anak kuya sagedé jéngkol. Si Nini téh pohara kagéteunana. Sabab éta anak kuya téh bisa…nyarita sapeti jelema. Omongna, “Ni, kuring ulah dipaéhan, nya. Engké mun kuring geus gedé, kuring rék mulang tarima kana kasaéan Nini.”

“Hadé, Nak. Manéh ku Nini moal dipaéhan!”

Si Nini nyaaheun pisan ka anak kuya téh, dipiara, dihadé-hadé diwadahan dina jajambaran. Cai jeung parabna unggal poé diganti.

Beuki lila kuya téh beuki gedé…

Barang geus sagedé batok, kuya téh ngomong ka Si Nini nu harita rék ka pasar ngajual haremis. “Nini, engké mun haremis geus payu, kuring pangmeulikeun bibit waluh. Kuring hayang melak.”

“Hadé, Nak!” Jawab Si Nini. Datang ti pasar Si Nini mikeun siki waluh sabungkus ka kuya téa. Kuya pohara atoheunana. Isukna, éta siki waluh téh ku Si Nini—titah kuya—diawurkeun di tegalan. Kabeneran waktu harita téh musim ngijih. Tina sabungkus siki waluh téh, ngan sasiki nu jadi mah. Jadina pohara montokna. Beuki lila beuki gedé, tuluy kembangan, tuluy buahna. Buahna ogé ngan sasiki… geus saré, Jang?” ceuk Ma Boncél nanya ka anakna.

“Tacan, teruskeun, Ma!” Jawab Si Boncél.

“Waluh nu sasiki téh beuki lila beuki gedé. Beuki gedé beuki kolot. Warnana tina héjo geus robah jadi konéng kasoklat-soklatan.

Dina hiji peuting, waktu Si Nini eukeur ngeunah-ngeunah nyeupah, ujug-ujug manéhna ngadéngé kuya nyarita sorangan Pokna, “ Nun Moyang, abdi hoyong mulang tarima ka Si Nini nu tos miara jeung miasih ka abdi. Mugi moyang maparin pituduh!”

Isuk-isuk pisan kuya téh geus ngahudangkeun Si Nini. Tuluy diajakan ka tegalan ngala waluh nu sasiki téa. “Ala waluh téh, Nin. Tuluy bantingkeun sing tarik!” ceuk kuya sadatangna ka kebon.

“Ku naon kudu dibantingkeun, Nak?” ceuk Si Nini héraneun.

“Kitu pituduh moyang, Nin.”

Waluh téh ku Si Nini diala, tuluy dibantingkeun satakerna…ajaib waluh téh jadi…gedong agréng, lengkep jeung eusina. Salian ti éta di jerona aya peti-peti nu eusina emas jeung pérak

Si Nini colohok héraneun.

Ceuk kuya, “Nin, éta gedong jeung eusina, kabéh milik Nini. Ti poé ieu Nini teu kudu ngala haremis deui. Nini meunang senang-senang terus!”

 

Nepi ka maotna Si Nini henteu kakurangan sandang pangan, …geura reup, Jang! Dongéngna geus tamat!” ceuk Ma Boncél ka anakna …

Bari murubut cipanon Dalem Boncél ngagerendeng, ‘manéhna ukur kuya, sato ngarayap, tapi haténa pohara mulyana. Ari aing manusa jeung bupati deuih…lain baé henteu mulang tarima, tapi malah ngahina jeung ngusir indung bapa anu mikaasih aing ti leuleutik. Ya Alloh mugi abdi dipaparin kasempetan kanggo ngalebur dosa…” (Hanca).

(Tina Dalem Boncél, karya Ki Umbara)

Saurang nu Mairan to “Dalem Boncél”

  1. fz said

    mudah2an dalem boncel insyap jeung tobat sateuacana meunang bebendon ti Gusti, da doraka ti indung bapak mah sok langsung wawalesna ti Gusti….ameh iyeu carita jadi picontoeun barudak jaman ayeuna….

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: