Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Nu Harayang Dihargaan

Posted by bujanggamanik dina Januari 15, 2008

images.jpgKu Darpan Ariawinangun

Lila Kardi ngajengjen, nungguan kasempetan anu hadé. Najan kudu pasesedek jeung batur, kapaksa nagen. Karasa, hawa di dinya rada nyongkab. Tapi Kardi maphum, lantaran lalaki-lalaki nu ngariung sabudeureun kalang, sumedeng disundutan birahina. Ngentab-ngentab dina dadana, di saawak-awakna.

Tapi tukang kendang, tukang kecrék, jeung tukang goong mah kawas teu kabawakeun. Beungeutna angger carakueum, taya parobahan. Kitu deui sindén—awéwé geus tengah tuwuh—udat-udat péot kulit beungeutna, némbongkeun kawas nu tunduh; kawas bosen ningali adegan hareupeunana.

Sabudeureun kalang, hareupeun lélang, rada paroék. Ukur kacaangan ku patromak nu digantungkeun na tihang awi di tengah kalang, jeung ku lampu-lampu cempor tukang kacang, és, jeung tukang kuclak.

Tatabeuhan geus teu pati motah cara mimiti. Ayeuna mah dirincikkeun, diantarékeun. Kawasna mah tadi téh natalu. Atuh awéwé-awéwé nu karandel ku wedak, geus loba nu larbus kaluar asup kalang. Ditoél ku lalaki, indit, sarta teu lila bus deui ka kalang, bari buuk, wedak, jeung lipen katara kusut jeung daradas. Sok, nyimpen duit kana kotak nu geus dibagi-bagi dinomeran, nu ditungguan ku lalaki tengah tuwuh, sarta dina beuheungna nyampay anduk leutik.

Geus nyimpen duit dina kotak, luyu jeung nomer-nomerna mah, awéwé-awéwé téh nyalisiran deui, dilipen deui, ngarampayak deui, sarta nungguan aya nu noél deui.

Awéwé nu rarampayakan téh, kaitung ngarora kénéh. Malah aya nu budak kénéh pisan, kira umur lima belas taunan. Nu kaitung kolot mah meureun ngan nu itu wungkul, nu dikaos konéng jeung dianderok hideung, sarta nu buukna keriting. Mun diiker-iker, pantes mun geus boga anak opat téh.

“Ikah, Kang Andung hayang deui cenah. Tapi geus teu boga keur bayareun, ngan kari sarung jeung calana!” ceuk salasaurang nu lalajo, disambung ku nu saleuseurian. Nu disebut Ikah, ukur ngadilak bari tuluy ngarampayak.

Kardi wuwuh ngentab dadana, ningal Ikah laris pada noélan ku lalaki, sarta tuluy dibawa nyalingker ka nu poék. Najan enya ku manéhna teu katénjo keur kumaha Ikah jeung lalaki nu mawana, tapi écés kagambar dina wangwanganana.

Mémang, sakuduna manéhna euweuh hak deui keur milu ngurus kalakuan Ikah. Tapi dina hal ieu, dihenteu-henteu ogé, kapan saméméhna boga tatali batin. Jeung nu leuwih penting ti éta, aya urusan nu aya patalina jeung kahormatan, nu kudu diréngsékeun jeung Ikah, popotonganana.

Hiji mangsa, Ikah geus norojol deui ti nu poék. Sakumaha biasa, ledak deui diwedak gigireun tukang kendang. Dilipen jeung nyisiran, jung nangtung, réngkénék ngarampayak deui. Milu ngurilingan kalang jeung batur-baturna, kawas barudak nu keur ulin oray-orayan. Némbongkeun beungeut, nawarkeun kasempetan ka lalaki nu keur ngagimbung ngalalajoan. Keur kitu pisan, Kardi bus ka kalang, tuluy noél Ikah.

Ikah ngalieuk. Katingal pisan parobahan riuk beungeutna, tina imut leutik rey-reyan jadi colohok barung ceuceub. Rék engab pisan pok, kaburu peupeuteuyananana dikenyang ku Kardi kaluar ti kalang.

Teu bisa majar kumaha. Ari kudu ngadon cékcok di kalang mah piraku, meureun pada ngalalajoanan ku nu lian.

Sanggeus anjog ka nu rada singkur jeung poék, “Nanaonan sia téh?” Aing mah embung ngalayanan sia. Leupaskeun! Teu sudi aing mah. Kajeun teuing milih nu bohak batan jeung sia mah!” Ikah kukulutus bari teterejelan.

“Ngajedog, aing rék ngomong!” Témbal Kardi teugeug.

“Urusan naon deui? Kumawani teuing sia mamaksa aing. Manasina aing jadi pamajikan sia kénéh.”

“Jempé!’

“Percumah, ngabébéak waktu usaha aing baé! Halik leupaskeun, aing keur néangan duit keur setor ka Si Abang.”

“Mun perlu ku aing dibayar,” Kardi embung éléh.

“Sabaraha sia rék mayar aing?” Ikah ketus, “Na teu seubeuh sia nyiksa aing ti keur reureujeungan kénéh?”

Keur silih tempas kitu, lar aya nu ngaliwat, “Ulah loba teuing ngomong euy, bisi lipen kaburu basi” cenah, ditungtungan ku nu saleuseurian. Kardi jeung Ikah silih rérét. Nu ngaliwat téh tangtu nyarita ka maranéhna.

“Ulah di dieu, tuturkeun aing! Ceuk Kardi bari ngenyang deui leungeun Ikah. Ikah teterejelan, tapi leungeun Kardi beuki pageuh ngeukeuweuk leungeunna. Teu lila duanana anjog ka basisir nu rada anggang ti imah-imah pamayang. Di dinya, di sisi muara, ukur aya sababaraha parahu nu peuting éta teu diiangkeun ka laut, jeung tunggul-tunggul kalapa nu tumpur ku ombak. Sora ombak teu pati séah, da laut maju ka pasang, dibarung ku sora kélébét bandéra parahu, nu ramé tingbérébét katebak ku angin darat.

Ti dinya mah sora tatabeuhan téh méh teu kadéngé. Ikah didiukkeun dina biwir parahu, satengah disuntrungkeun. Kardi rénghap ranjug. “Rék dikumahakeun aing téh, Kardi?” ceuk Ikah.

“Déngékeun ku sia. Salelembur, jelema kabéh ngaromongkeun sia,” ceuk Kardi napsu.

“Naha maké milu teuing urusan? Aing, aing. Batur, batur. Euweuh gantar kakaitan. Kitu deui jeung sia. Urusan aing mah kumaha aing, keun baé diomongkeun ku batur ogé. Sia mah kalah milu riweuh kana urusan batur!” Ikah nambalang mani capétang.

“Éra aing téh Ikah, éra ku bapa aing!” Kardi kekerot, “Omongan jelema salembur téh, kabéh bahé ka kulawarga aing!”

“Mun aing jadi pamajikan sia kénéh mah pantes rék éra ogé!”

“Dasar dombrét!”

Ikah jebi, pokna, “Pan sia ogé nyaho, aing téh dombrét. Aing lain pamajikan sia, Kardi. Lantaran kitu, ceuk aing ogé sia teu kudu milu kana urusan aing. Naon-naon anu dilakonan ku aing, éta hak aing!”

“Bapa aing kabalérang, Ikah. Rék dikamanakeun beungeut bapa aing!” Kardi embung éléh.

‘Ooh, dititah Bapa nyah! Témbal Ikah bari angger jebi. “Ku naon cenah Haji Somad? Éra boga urut minantu jadi dombrét? Matak naon béjakeun ku sia, yén Si Ikah téh geus lain minantuna. Mun masih minantuna kénéh mah pantes rék éra ogé. Kapan aing mah Si Ikah, randa urut pamajikan Si Kardi anak Haji Somad. Randa, sing inget. Teu boga salaki teu boga mitoha. Aing bébas sakahayang!” Ikah beuki nyongsrong.

“Dasar jelema teu gableg kaéra!” Kardi kukulutus.

Ikah embung éléh, pok némbalan deui, “Pék baé rék nyebut naon ogé!”

“Cing atuh rék ngadombrét mah ulah di lembur ieu. Di lembur sia kéh di ditu! Ngéra-ngéra baé kulawarga aing,” ceuk Kardi bari tutunjuk.

Ikah molotot, jung nangtung, pokna bari males tutunjuk, “Teu euih-euih sia mah Kardi, ngahina aing téh. Na sia teu rumasa mawa aing kabur ti lembur? Kumaha harita wirangna kolot aing nyaho anak parawanna dibawa kabur ku lalaki? Boa wirangna kulawarga aing harita, leuwih parna batan wirangna kulawarga sia ayeuna. Nepi ka ayeuna kapan aing teu bisa balik deui ka kolot. Ku indung bapa dimusuhan. Kari-kari sia ayeuna nitah aing ngadombrét di lembur sorangan. Rék dikamanakeun deui beungeut kolot-kolot aing, beungeut kulawarga aing?”

Kardi ukur jamotrot.

“Duh nasiiib!” ceuk Ikah. Napsuna ngahégak siga nu capé. Gék deui dina biwir parahu, satengah gabeubeutkeun manéh. Teu sawatara lila pok deui rada leuleuy semu dareuda. “Kudu kumaha aing téh atuh, Kardi?” Ku kolot sorangan diusir, ku salaki dinyenyeri. Ku mitoha dijejeléh. Ayeuna aing geus diserahkeun ku sia, masih hayoh disieuh-sieuh. Teu meunang aing hirup, nangtukeun kahayang sorangan?”

Kardi angger teu némbalan. Sajongjongan mah duanana jarempé. Sora tatabeuhan ukur kadéngé hawar-hawar. Leplepan kabawa angin. Sedeng sora kélébét bandéra jeung ombak leutik nu tingsiriwik di basisir, beuki atra kadéngéna ku maranéhna.

Kardi malik nukangan Ikah, nulak cangkéng nyanghareupan laut. Sedeng Ikah ngadon nyuuh dina biwir parahu. Pokna deui, sorana beurat dareuda, “Salila ieu aing ukur meunang pangakuan anu hina. Parawan aing dirampas ku sia. Asih indung bapa aing dipegatkeun ku sia. Salila jadi pamajikan sia, teu euih-euih aing dicacampah. Dituding teu bisa ngurus salaki, teu bisa ngigelan kahayang mitoha, teu bisa ngurus rumah tangga, teu bisa imah-imah. Rumasa aing bodo, taya kabecus, tapi ari tuluy-tuluyan dicacampah mah aing ogé boga rasa, lain bangké. Salila ieu kabéh nuding aing nu boga salah. Mun ayeuna Haji Somad nitah aing ulah ngadombrét, lantaran ieu pagawéan téh matak ngaruksak kahormatanana, nuding pagawéan aing téh salah, naha manéhna ogé henteu salah boga anak tukang ngagadabah anak batur? Naha sia ogé henteu salah deuih…”

“Jempé! Loba bacot!” Kardi némpas ku sentak.

“Aing kudu jempé nyah?” témbal Ikah, sorana angger beurat dareuda. “Sedeng sia bisa bébas sakaceplakna nyacampah aing. Hmh, lalaki. Ingetkeun ku sia, Si Ikah ayeuna mah moal rék ngadéngé omongan batur! Aing geus teu sudi dijejeléh. Hirup aing seubeuh teuing dihina ku batur. Aing ogé boga harga kénéh, najan harga aing ukur saharga runtah di jarian…”

“Mémang pantes!” témbal Kardi.

Ikah males némpas. Ambekanana rénghap ranjug. Ger pacéntal-céntal deui, silih témpas papada embung éléh. Silihsentak, silihtunjuk. Barung jeung sora ombak, jeung sora kélébét bandéra. Nepi ka hiji waktu kadéngé aya sora nu gegeroan.

“Kah… Ikah…?” Di sisi tunggul kalapa, kiduleun Ikah jeung Kardi, remeng-remeng katingali aya nu ngabedega hideung. Katémbong luak-lieuk.

“Halik Si Abang nénéangan. Euweuh hartina aing ngadu bacot jeung sia! Ceuk Ikah, bari rék ngejat indit ti dinya. Tapi teu kebat, lantaran peupeuteuyanana dikenyang ku Kardi.

Ikah, ning ngendi sira?” ceuk nu ngabedega.

“Di dieu, Bang!” témbal Ikah.

Karo sapa sira ning kono?”

“Jeung kuring. Tenang, dibayar!” Kardi nu némbalan téh, miheulaan Ikah nu rék pok pisan.

ooo, ya wis, ora apa-apa? Adoh-adoh temen sih?”

Ikah rék némbalan, tapi Kardi miheulaan deui, “Ulah melang, engké gé balik deui!”

Gelis balik maning ya. Aja gawé melang inyong!”

Geus kitu mah, anu néangan Ikah téh balik deui. Ku Kardi katingal ngiles kahalangan ku tunggul-tunggul kalapa nu ngabelegbeg. Ikah bati jamotrot, “Rék sabaraha sia mayar aing?” pokna.

“Saharga dombrét! Témbal Kardi semu ngunghak. Aya nu nenggel kana angen Ikah, tapi tuluy pok, “Ayeuna sia nyaho, yén aing bisa kénéh dihargaan. Teu cara Si Ikah pamajikan sia baheula, nu ukur dibayar panyacampah, dihina-hina. “ Ikah neleg ciduh, pokna deui, “Ulah nyangka aing teu nyaho modal sia Kardi. Mawa aing kabur téh horéng ukur keur kaulinan. Nu euweuh hargaan, mun geus seubeuh diulinkeun tuluy dibalangkeun. Aing karék sadar mun salila ieu aing ukur diulinkeun. Ngawin aing téh lain keur pamajikan sia mah. Tapi keur bujang piaraan, sina iceus sina nurut sakahayang sia. Témpo aing boga kahayang sorangan ku sia dicarékan.”

Sakedapan jempé.

Pok Ikah nuluykeun caritana, “Sakuduna mah aing nu kudu nuding ka cucungur sia, yén aing jadi kieu téh lantaran sia, Kardi!”

“Aing teu nitah sia jadi dombrét,” Kardi geuwat némpas.

“Naon bédana jadi pamajikan sia jeung jadi dombrét?” témbal Ikah, kecrot nyiduh. “Mending jadi dombrét, najan dihina-hina ku batur tapi aing masih dihargaan kénéh najan sarébu dua rébu pérak. Jadi pamajikan sia? Hmh, aing ukur jadi kuda tumpakan.”

“Dasar awéwé burung!”

“Pék baé rék nyebut naon ogé ceuk aing gé, lantaran aing nyaho, sia leuwih burung batan aing. Saburung-burungna diri aing ayeuna, aing nyaho kénéh harga diri aing. Sedeng sia, tong boroning ngahargaan batur, ka diri sorangan ogé geus teu bisa ngarampa. Mana Si Kardi anak Haji Somad, nu kuduna ngawarisan adat bapa? Sia mah bisa nyebutkeun rék dikamanakeun kahormatan kulawarga sia ka aing, sedeng sia sorangan teu bisa ngajaga kahormatan kulawarga. Ulah nyangka aing teu nyaho sia sok madon, sok maén, ngadu.

“Nitah wé ka batur sina ngajaga kahormatan, sedeng sia sorangan teu becus. Pédah sia mah bisa susulumputan, sedeng aing némbrak? Cuh, naon bédana, Kardi? Aing mah kikieuan téh usaha, mun teu kieu aing moal bisa dahar. Ari sia?”

Kardi ngaburileng, ngan teu kebat némbalan, kaburu Ikah pok deui, “Aing hayang hirup kénéh, Kardi, najan hirup tina dosa. Ulah dikait-kaitkeun usaha aing jeung kahormatan kulawarga sia. Aing geus seubeuh teuing nandangan peurih. Ayeuna antepkeun aing hirup nangtukeun jalan sorangan. Keur aing, kahormatan kulawarga sia asa euweuh bédana mun aing teu ngadombrét ogé, lantaran aing apal kana kalakuan sia!”

Hah, mangsa bodo kana bacot sia, Ikah. Pokona aing teu hayang dicarékan ku Bapa. Beungeut bapa aing teu kamérongan ku sia?” Kardi teu éléh géléng, “Dihenteu-henteu ogé, aing milu éra. Jeung matak ngeunah kitu, lamun aing nempo sia keur diciuman ku lalaki?”

 

“Heuheuy deuh!” Ikah kalah seuri ngunghak, “Yeuh, Kardi, béjakeun ka Haji Somad, méméh nitah aing indit, bébérés heula kalakuan anakna kituh. Nurustunjung jelema téh. “Tikotok nu jauh sina dilebuan, na irung sorangan diantepkeun!”

“Ceuk aing gé, mun rék ngadombrét ulah di dieu!”

Kardi beuki sengit, nyarita tipépédéngkréng.

“Non bédana jeung sia, ma’siat di mana-mana!”

Ikah embung éléh, males bari tutunjuk.

Der silih témpas deui. Papada hayang meunang sorangan. Beuki lila beuki ragot, beuki ngagugudug napsuna. Ombak nu tingsiriwik di basisir, jeung nu tingkarupyak neumbag awak parahu di muara, sarta angin nu ngélébétkeun bandéra, geus teu bisa asup kana dédéngéanana. Hawa peuting di basisir, karasa rada bayeungyang. Komo keur nu pacéntal-céntal mah.

Jeprot Ikah ditampiling satakerna. Ikah ngagoak, ngadayagdag, bru nalungkup kana biwir parahu. Jarigjeug nangtung, jeprot males nampiling beungeut Kardi, bari pok, “Wawanianan siah nampiling aing!”

Kardi beuki napsu. Jeprot-jeprot nampilingan Ikah. Dijenggut ditalapung, ku sataker tanaga. Unggal tas diteunggeul, Ikah sabisa-bisa males ngalawan.

 

Di kalang, di hareupeun lélang, kendang dombrét tuluy baé dirincikkeun, mirig sindén nu kawas beuki tunduh. Nu ngariung angger ngagarimbung. Haliwu, saleuseurian, susuitan, sakapeung cocorowokan.

Si Abang, salila nyanghareupan kotak duit, teu weléh luak-lieuk. Geus liwat satengah jam, Ikah can lol baé, gerentesna. Karék ogé rék nitah tukang kecrék sina nyusulan, Ikah ngaronghéap jumarigjeung. Beungeutna geuneuk barengep. Buuk jeung papakéanana karusut.

Saréréa carolohok. Ikah teu miduli, pluk ngalungkeun duit sapuluh rébuan kana kotak.

Ikah kenangapa sira?” Si Abang hariweusweus.

Teu didéngé ku Ikah. Lédak diwedak, léak dilipen. Jung nangtung deui jumarigjeug, tuluy ngarampayak. Padahal kendang jeung tatabeuhan séjénna geus lila jempé, sanggeus ningali warugana nu ruksak.

Tapi Ikah tuluy baé ngarampayak, dilalajoanan ku Si Abang, ku batur-baturna, jeung ku nu ngagarimbung bari colohok. Nepi ka Ikah ngagubrag kapaéhan,***

 

(Tina Nu Harayang Dihargaan, karya Darpan Aria winangun)

6 Balesan to “Nu Harayang Dihargaan”

  1. fz said

    ah duka teuing kumaha masihan commen na kana carita iyeu, naha iyeu teh adat urang sunda buhun?. meni tepi ka kitu?..judulna : “nu harayang di hargaan”, tapi buktina kalah ka puguh euweuh hargana mun kalakuan kitu mah. da arambeuk nyaluyuan napsu setan. Tah soal dombret eta teh sami sareng prostitute?…punten ah…mung naroskeun hungkul.tong di seungseurikeun nya mun abdi ngajukeun pertanyaan teh,,,,apan cenah bertanyalah kepada yang tahu,,,,,naon ari dombret teh atuh?

  2. pribumi said

    Hatur nuhun Fz kersa ngaapresiasi ieu karya sastra. Memang ku abdi teu weleh diantos-antos komentar salira mah.
    Umumna karya sastra teh motret atanapi ngarekam lumangsungna kahirupan realita. Rupina jaman baheula, boa ayeuna oge aya keneh, urang Sunda teh gaduh kasenian anu disebat dombret. Naon ari dombret? nya kasenian anu sapertos digambarkeun dina eta carpon, aya nayaga, aya nu ngarampayakna, aya pamingpin kasenianana. Upami ditilik tina segi moral, memang ieu kasenian teh jauh mela-melu tina islami, tapi da kitu kanyataanana.
    Naon sababna carpon, “Nu Harayang Dihargaan” ku abdi diposting kana ieu blog? Margi ieu carpon teh aya punjulna, eusina aya nu peryogi dilenyepan ku urang sadayana. Pamanggih abdi, ieu carpon teh nyindir ka sing saha bae anu ngarasa bener sorangan, sok gancang nyalahkeun batur, padahal pan dirina oge can tangtu bener! Ieu carpon motret sacara nyata kahirupan urang Sunda di wewengkon basisir, anu cenah memang pribadi-pribadina kareras, tareugeug, kitu deui palebah basa Sundana. Sigana mah kapangaruhan ku pagaweanana sapopoe ngambah sagara nu sakapeung bengis ngulinkeun jeung ngabuntang-banting parahu pamayang sakahayangna.
    Jadi ieu carpon oge sipatna dokumentatif, teras mibanda kaunggulan-kaunggulan sejenna anu upami dipedar di dieu bakal panjang. Cag dugi ka dieu heula….

  3. Roban said

    Nembean abdi mah maca carpon saperti ieu,seru!!!Sepertina ieu teh carita nyata,jauh tina rekayasa.Caritana saujratna,saha wea nu macana bakal langsung ngarti,lamun kaayanna saperti kitu nya bakal kitu. Sae tah,sae pisan.

  4. pribumi said

    Hatur nuhun Roban kana komentarna. Mugi sering amengan ka Taman Bujanggamanik🙂

  5. galij said

    teu nyangki bakal kitu ‘ending’na. ari manawi teh bade ‘akur’ kardi sareng ikah teh. pangarang tapis pisan ngagambarkeun kahirupan urang basisir pantura. manawi kagungan carpon syarif amin? hatur nuhun

  6. soetisna said

    punjul, realita!!

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: