Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Ki Dipa Dibégal

Posted by bujanggamanik dina Désémber 25, 2007

leuweung.jpgJaman baheula aya saudagar beunghar, boga bujang ngaranna Ki Dipa. Ki Dipa téh jelema teuneung taya kasieun. Hiji mangsa isuk-isuk Ki Sudagar nyarita ka Ki Dipa, pokna, “Manéh ogé nyaho imah Ki Armasik di dayeuh, nu biasa ngayuh barang ka urang téa, lin?”

“Terang,” jawab Ki Dipa.

“Poé ieu manéhna geus jangji, rék naur hutangna saratus ringgit. Tapi ku sabab déwék gering kénéh, wayahna manéh baé ka ditu, mawa surat ti déwék.”

“Mangga, ari Juragan percanten mah ka kuring.”

“Balik ti ditu engké ulah burit teuing, bisi poékeun di jalan. Ati-ati mawa duit, bisi kumaonam. Tah, ieu suratna.

“Nyuhunkeun pidu’ana baé. Mugi-mugi ulah aya halangan-harungan di jalan,” témbal Ki Dipa bari nampanan surat.

“Heueuh, jung sing salamet!”

Sanggeus saged, bari teu poho nyoréndang koja eusi timbel, jeung nyorén bedog, clak Ki Dipa tumpak kuda. Kuda digedig…berengbeng lumpat.

Kira-kira jam satu Ki Dipa geus nepi ka nu dijugjug. Ngan hanjakal Ki Armasik teu nyampak.

Cék pamajikan Ki Armasik ka Ki Dipa, “Tadi basa rék indit, aya talatah ka kami. Cenah mun aya Ki Sudagar atawa titahanana, dagoan baé da moal lila. Kumaha rék didagoan?”

”Rupina badé baé,” walon Ki Dipa.

“Heug atuh, itung-itung reureuh ongkoh. Tacan dahar meureun nya?””

“Parantos tadi di jalan, murak timbel.”

“Bisi tacan mah, jung ménta baé ka Si Inem!”

“Leres parantos. Upami diwidian mah, badé ngiring maraban kuda di istal.”

“Jung baé, da loba jukut mah. Enya karunya, capéeun!”

Jam tilu Ki Armasik karék datang.

Jam satengah opat Ki Dipa balik, bari mawa rajut duit eusi saratus ringgit.

Clak Ki Dipa tumpak kuda, berengbeng kuda lumpat bari teu eureun-eureun digedigan, da sieun poékeun di jalan.

Beuki jauh jalan téh beuki sepi, malah tungtungna mah teu ningal deui aya jelema ngulampreng di jalan. Bus jalan téh abus ka leuweung. Di jalan rendang monyét tarurun tina luhur kai panonobanana, tayohna megat nu ngaraliwat nu sok ngalawur sangray suuk atawa kulubna. Tapi narénjo kuda nu lumpat mengpengan mah, monyét-monyét téh nyingray nyarisi.

Ti kajauhan Ki Dipa nénjo aya awi malang di jajalaneun, kawas nu ngahaja ngahalangan nu lalar liwat. Kudana dipengkek sina ngendoran lumpatna, malah geus deukeut mah sina eureun. Jut Ki Dipa turun tina kudana, rék nyingkahkeun awi nu ngahalangan téa.

Sabot kitu jlang-jleng jelema dicarérong, laluncatan ti kénca saurang ti katuhu saurang. Nu saurang nyekel kadali kuda Ki Dipa, nu saurang deui nodong ku bedil, bari pok ngomong songong, “Angkat tangan! Mending paéh, mending hirup? Mun hayang hirup, ka dieukeun éta duit kabéh!” Tayohna nyahoeun Ki Dipa mawa duit loba.

Sajongjongan mah Ki Dipa teu bisa ngomong, ngan leungeunna baé duanana diangkat ka luhur, ranggah.

Sanggeus kumpul pangacianana, kakara manéhna nyarita leuleuy, “Hadé, ieu duit anu lobana saratus ringgit, ku kaula rék dipasrahkeun kabéh ka andika duaan, asal kaula dihirupan. Tapi…

“Tapi naon, hah?”ceuk bégal nu nodong téh.

“Tapi kieu,” ceuk Ki Dipa. “Lantaran ieu duit anu dunungan, supaya dunungan percayaeun yén kaula geus aya nu ngabégal, nya kudu aya tanda-tandana.”

“Gampang, pikeun tandana mah, suku manéh baé ku aing rék dibedil!”

“Atuh nyeri meureun, sing hawatos baé ka kaula.”

”Ari geus kudu kumaha?”

”Ieu baé baju kaula sampaykeun tuh dina dahan kai, tuluy bedilan ku andika sing nepi ka karancang,” ceuk Ki Dipa, bari ngalaan bajuna.

“Mun ningal baju kaula karancang ku pélor mah, tangtu dunungan téh percayaeun.”

“Hadé, jung sampaykeun ku sorangan!”

Sanggeus disampaykeun, tuluy baju téh ku Ki Bégal dibedilan, nepi ka pélorna béak.

Barang Ki Dipa nyahoeun yén pélorna geus béak, ngan sérépét baé manéhna mesat bedog. Bari ngabar bedog, manéhna cocorowokan nangtang. “Sok, ayeuna mah ka dieu duanana, urang gelut!”

Bégal nu nyekelan kadali kuda, sot kadali…berebet lumpat mungguh tipaparétot. Nu nodong ku bedil nurutan baturna….ngacir.

Bari seuri sorangan Ki Dipa nyokot bajuna anu geus karancang téa, rap dipaké. Tuluy nyampeurkeun kudana, clak tumpak. Kuda digedig, berengbeng lumpat.

(Tina Dongéng-dongéng Nini, Karya Ki Umbara)



Saurang nu Mairan to “Ki Dipa Dibégal”

  1. Beu…h, sae pisan ki, jeumbar ku pangartos, pinuh ku hikmah caritana, seueur pisan peutikeun nana.
    Rahayu ki…
    _/\_

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: