Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Jang Ukon

Posted by bujanggamanik dina Désémber 24, 2007

Ku Komarudin Sastradipoera

nakhoda_2.jpgJang Ukon téh hiji jalma anu asup kana ulekan prosés sajarah. Tapi lantaran ngan ukur jadi obyék, Jang Ukon ngan bisa hirup wungkul. Hartina, ceuk Profésor Paulo téa mah, manéhna téh teu boga éksisténsi dina sajarah. Sakumaha tiap jalma nu ngilu nuturkeun sajarah, manéhna “jadi jalma sabar tawekal tapi pinuh waspada sarta lébér wawanén. Kasabaranana témbong dina paromanna nu hideung kapoé, beresih lantaran mindeng diusap ku cai wudu. Kawaspadaanana nonggérak dina panonna, atra dina kumisna nu jiga tanduk munding dongkol, gaya kaayeunakeun di pakotaan.
Saha atuh jang Ukon téh? Sabenerna mah wawuh jeung manéhna téh ngan satengah jam (gé kurang). Tapi dina tilu puluh menit nu kacida heureutna téh, Jang Ukon nu suranyéh téh sanggup ngagambarkeun dirina, ébréh témbong kabéh.
Geus sapoé sapeuting kuring milu kana kapal laut anclang-anclangan dina jaladri. Malah isuk-isuk mah sagara nu sakitu “ngalempréh” mépéndé téh ngadak-ngadak motah ampul-ampulan. Saha nu teu reuwas. Kajurung ku kareuwas ieu kuring hayang manggihan kaptén kapal. Saenyana mah teu saurang ogé meunang asup ka jero kabin kapal nu pinuh ku alat-alat jeung parabot nu ceuk kuring mah kacida ruwetna. Nu kasampak téh lain kaptén tapi Juru Mudi kapal: Jang Ukon. Kuring ngawangkong jeung inyana bari ngadéngékeun képlokna laut, ngagelebugna angin rongkah.
Sakumaha matros-matros umumna, Jang Ukon boga sipat balaka, ngomong tara maké aling-aling, satarabasna. Jang Ukon lahir di Sumedang, Sunda tulén. Boga anak sababaraha urang. Digawé geus dua puluh lima taun di laut, meunang tilu kali tilelep lantaran kalebuh deukeut Taiwan, Jepang, jeung Queebeck, Kanada. Waktu di deukeut Jepang mah, kitu ceuk pangakuanana, laut ngadak-ngadak beulah ngewag (magarkeun téh jiga Laut Merah, waktu Nabi Musa badé meuntas). Atuh gebru wéh kapal téh karem kasedot laut. Teu témbong deui nepi ka ayeuna gé.
Nyaritana kitu téh éstu jiga teu aya kasieun karempan, pijajauheun kana bangbaungeun. Jiga urang tijalikeuh di galengan sawah wé. Jamak waé atuh, cenah. Kawani nu luar biasa, ceuk kuring. Lain wani paéh, tapi bener-bener wani hirup, hiji kawani nu beuki surud kabawa ku modérnisasi.
Ti mana manéhna meunang wawanén kawas kitu? Padahal mah apan manéhna téh turunan bulu taneuh pituin urang Sumedang nu jauh ka situ-situ acan. Ngadéngé kecap “laut” gé jigana kakara ti biwir guruna di SD. Da sigana téh dunya gé datar wé jiga tegalan pipir imahna. Kitu sawangan pikiran manéhna nu cupet harita.
“Ari urang Sunda seueur nu didamel di laut?” Tanya kuring.
“Seueur pisan!” témbalna bari memener kamudi, diputerkeun ka kénca saeutik, sabab rék ngadupak jala pamayang nu ngarambang ayang-ayangan.
“Naon margina urang Sunda seueur nu resep jadi pelaut?” kuring nanya mindo.
Juru mudi téh ngajawab tandes, “Resep tuda di laut mah!”
Resep di laut? Sakieu sepi pikakeueungeunana? Kumaha mun aya jurig Die Lorelei, si enon dénok nu sok ngahariring di luhur gunung sisi Kali Rijn, tuluy mikat bari ngagupayan sangkan matros-matros téh nemahan pati, kapalna neumbrag karang nyohcor beulah ditu? Atawa The flying Dutchman, kapal kosong angkleung-angkleungan di tengah sagara Atlantik, sakumaha nu kaunggel dina opera tilu babak yasana Wagner, Der Fliegende Hollaender? Apan kacatur gangasna putri ayu Nyai Roro Kidul nu ngageugeuh jaladri nu sakitu upluk-aplakna? Leuwih ti kitu, apan kahirupan di laut téh pinuh ku kakerasan, loba nu bégalan nyawa? Jalma-jalmana kalasar lantaran hirup sasat dina congo pati nu datangna teu nyaho di wanci.
Ari urang Sunda, apan sakitu lemesna? Agraris, heureut deuleu, kurung batok, éléhan, épés méér, pundungan?

**

Ku lantaran manggihan hiji kanyataan nu tojaiah sarta hésé néangan pijawabeunana, hal anu ahéng ieu téh ditanyakeun ka saurang ahli dina widangna. Jawabna téh sauted, “manéhna digawé di laut lantaran kabawa ku batur-baturna nu geus ti heula hasil boga posisi nu alus!”
Sorangan tetep sképtis kana éta jawaban nu teu gembleng téh. Apan cenah primoldialisme urang sunda mah geus lééh kabawa ku jaman. Ti baheula kénéh! Tungtungna kuring néangan jawaban nu ngan saukur keur nyenangkeun manéh, yén urang Sunda téh boga mobilitas nu kuat, henteu kurung batok, mibanda kasanggupan pikeun adaptasi nu leuleus liat kana unggal situasi, henteu kabéh éléhan, lain keuyeup leuleus, sanajan sakapeung sok silih téngkas.
Ceuk saha urang Sunda teu boga tradisi laut? Ceuk kuring mah, saeutikna, Jang Ukon, Si Juru Mudi nu gagah (nu basa Sundana éncér, teu dicaruk ku basa deungeun) bisa ngajawab nu leuwih orisinal batan para ahli di mana baé. Jung Ki Sunda, bébér layar!

(Tina Salumar Sastra, disusun ku Wahyu Wibisana, spk.)

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: