Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Dalem Boncél

Posted by bujanggamanik dina Désémber 5, 2007

(Bagian ka-2)

dalem1.jpgIsukna.

Beurang naker Si Boncél karék indit manggul sundung, rék ngarit ka reuma. Ku lantaran beuteung kosong tacan kararaban kadaharan, manéhna ngarasa nahnay nanjak ka pasir téh. Barang datang ka mumunggang, gék diuk handapeun tangkal waru, reureuh heula. Pikirna ngerik taya hinggana, ras inget kana kamalaratan kolotna, katambah ari boga dunungan ku teu aya pisan tinimbangan.

Tuluy Si Boncél ngagéléhé kana canir, sirahna diganjel ku leungeunna, ngararasakeun beuteung rocop. Mimitina mah panonna mencrong baé ka langit, nénjo méga nu tingarudat bodas. Tapi teu karaseun deui, reup baé manéhna saré. Teuing sabaraha jam lilana, inget-inget sotéh pédah reuwas katinggangan cihujan patingkareclak kana tarangna.

Koréjat manéhna hudang, kop arit kop sundung rék ngarit, bari gasak-gisik culang-cileung bakating ku reuwas, tapi teu bisa kumaha, da ari breg téh hujan saperti meunang nyicikeun ti langit téh saenyana.

Manéhna ngiuhan deui handapeun waru téa. Tapi ku sabab hujan sakitu ngagebrétna, pakéanana rancucut, manéhna mucicid tiriseun.

Rét nénjo panonpoé geus rék surup, harita geus reup-reupan. Ras inget kana jukut keur parab kuda, tacan meunang sakeupeul-keupeul acan, ari awak ngadégdég kabulusan. Bararaal bawaning ku tiris, boraah bisa ngulangkeun arit.

Katambah-tambah hujan taya pisan raatna. Si Boncél kacida sieuneun ku dununganana, upama balik téh tangtu disiksa. Dina ingetanana moal salah deui tangtu bakal digebugan ku popongkol saperti baréto, mun kanyahoan ku dunungan léngoh téh.

Ku sabab sieun dipergasa ku dununganana, ku Si Boncél henteu dipikir deui, harita kénéh gilig pikirna rék minggat saparan-paran.

Geus harieum beungeut téh nekér kénéh baé manéhna nanjak dina jalan satapak. Sakapeung mabal totorobosan kana sela-sela dapuran kaso. Ingetanana kop maung kop badak, henteu ngingetkeun kacapé, henteu ngingetkeun kasieun, suku kacugakan ku cucuk-cucuk ogé henteu dirasa, tina hayang geura jauh. Inggis aya nu nyusul, atuh leumpangna ogé sering cungas-cingeus, rarasaanana mah asa jol – asa jol baé dununganana.

Ku lantaran harita kabeneran poék bulan, taya harepan bisa laju lumakuna, tina teu nyaho ka mana piloseun, kawantu asruk-asrukan di nu bala. Tungtungna reg Si Boncél ngarandeg, ngarahuh ambekanana bawaning ku ripuh, peurih beuteung teu puguh rasakeuneunana.

Kabeneran baranyay kingkilaban, brek katénjo teu jauh ti dinya aya saung ranggon sisi reuma. Ripuh-ripuh ogé maksakeun manéh muru ranggon téa rék ngadon saré.

Ku lantran ranggon réyod, atuh teu kaur reup saré, katambah-tambah awakna nyareri jeung suku raméd ku cucuk, Si Boncél téh cindukul baé. Ari geus baranang béntang mah, bari ngurutan suku téh nginget-nginget pilampaheun.

Curucud cipanonna, inget ka indung bapana, piceurikeun mani asa ngagarenduk karasana, bawaning ku nalangsa. Ras kana takdir, mana balangsak kabina-bina teuing.

Rebun-rebun kénéh geus indit deui, turut-turut leuweung maju ngétan. Dina ingetanana ka mana baé pibraseunana mah, asal ulah kalarung balik deui ka urut tadi.

Barang keur ngabaheuhay handapeun kihiang dina léngkob, kadéngé anjing manting ngéngkéngan ti kajauhan, haok paninggarana hawar-hawar. Koréjat Si Boncél cengkat bawaning ku bungah, neges-neges ka mana tujuna udagan éta anjing. Beuki lila beuki deukeut sora anjing téh. Rupana geus kana mumunggang pasir. Si Boncél taki-taki, nyekel gegendir tina tangkal kopi. Tétéla mencek téh lumpatna ka lebah manéhna, da puguh liliwatanana. Hok Si Boncél milu ngahaokan, pokna, “Huhhh, huhhh, huhhh! Wah, wah, wah-wah-wah, huhhh!”

Nénjo aya nu megat, mencek téh malik ka tukang gok jeung anjing-anjing nu ngarudag, mogok wé…nyamberan anjing-anjing. Anjingna parelit, marantingna deui bari ngalalingker kana tunggul, atuh ana disamber téh jleng nyingcet.

Ninggal seukeutna sihung mencek anu kawas loncér, moal salah sakali nyamber ogé mun keuna kana beuheung atawa kana kekemplong Si Géboy, tangtu sapatna. Tangkal tepus mah rabeng kawas dicacar ku parang seukeut baé.

Kabeneran dina mencek keur meujeuhna ngopépang, jol paninggaran nu ngaping anjing-anjing daratang, ngurumuy ti nu bala.

Barang mencek nénjo jelema, cul anjing-anjing, biur nyamber jelema. Tapi bubuhan paninggaran, rikat pisan nyingcetkeunana, bari habek puhu ceuli mencek téh diteunggeul ku gegendir. Bru baé rubuh, diburu ku anjing ditekuk. Geus kitu mah mencek nu keur ngaléhléh téh lékék baé dipeuncit ku paninggaran. Ayeuna anjing nu ngégél ngancing kana punduk mencek téh dikuprak-kuprak sina lésot. Mencekna dijungjungkeun, da disontrolan baé ku anjing.

Mencek téh henteu direcah harita. Sanggeus ditalian sukuna dua-dua, nu hareup jeung nu hareup, nu tukang jeung nu tukang, tuluy dicorok ku dahan kai, rék digotong guluntunganana.

Barang keur récok kénéh calacarita paburu téh, kurumuy Si Boncél nyampeurkeun.

“Euleuh, gedéna, nya Mang! Paingan anjing-anjing teu waranieun narajang!”

“Enya, Jang. Tuh mani lebur kitu urut mogokna ogé.”

“Ku kuring dipegatan mah, mana balik deui ogé ieu mencek téh. Tadina mah rék mabal ka ditu ka lebak,” ceuk Si Boncél.

“Enya, osok sagala kabeneran puguh ogé, ari hadé indit-inditan téh, kawantu numbuk di naga numpi. Ari Ujang anu ti mana, mana hideng mangmegatkeun udagan Emang?”

“Tebih rorompok mah ti Kandangwesi.”

”Ambu-ambu, na mana lampar teuing? Ari ayeuna nu matak aya di leuweung luwang-liwung keur naon?”

“Puguh kapaider kuring téh. Tos lima poé asruk-asrukan. Atuh teu kararaban sangu pisan dina jero lima poé téh, ngan ngadahar bongborosan wungkul.”
Karunya teuing, atuh ayeuna ogé hayang dahar, nya? Pék geura dahar kadinyah! Tah, da gedé timbelna mah, jeung sambel bubuk deuih geura. Uyah mungkus, tuh dina bungkusan jimpo. Kop ka dinyah, entong asa-asa!

Celebek Si Boncél dahar, diriung ku paburu sabaturna, cacamuilan mani ngalimed, poho dikaéra.

“Ari geus dahar mah, milu baé jeung Emang ka Pamijahn, ulah apruk-aprukan di leuweung, kuriak diseupah badak Cipatujah engké!” ceuk paburu nu pangkolotna.

Ahirna Si Boncél nya milu ka Pamijahan. (Hanca)

(Tina Dalem Boncel, karya Ki Umbara)

 

 

2 Balesan to “Dalem Boncél”

  1. Fzouiten2003 said

    Ih meni resep maosna iyeu dongeng teh asa balik deui ka budak, tapi teu acan maca dalem boncel mah…asana mah…….he he he…….lajengkeun neng……diantos terasan nana

  2. Pribumi said

    Naon atuh nu teu tiasa,kanggo salira mah? Kapan ieu blog ngawujud oge special for you.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: