Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Raja-raja Sunda

Daftar raja-raja di Jawa Barat jeung mangsa pamaréntahanana numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta

A. Raja-raja Salakanagara

  1. Déwawarman I (130 – 168 )
  2. Déwawarman II (168 – 195)
  3. Déwawarman III (195 – 238 )
  4. Déwawarman IV (minantu A.3, 238 – 252)
  5. Déwawarman V (minantu A.4, 252 – 276)
  6. Spatikarnawa Warmandéwi (istri A.5, 276 – 289)
  7. Déwawarman VI (289 – 308 )
  8. Déwawarman VII (308 – 340)
  9. Déwawarman VIII (minantu A.7, 340 – 362)

B. Raja-raja Tarumanagara

  1. Jayasingawarman Rajadiraja Guru (minantu A.8, 358 – 382)
  2. Rajaresi Darmayawarman (382 – 395)
  3. Purnawarman (395 – 434)
  4. Wisnuwarman (434 – 455)
  5. Indrawarman (455 – 515)
  6. Candrawarman (515 – 535)
  7. Suryawarman (535 – 561
  8. Kertawarman (561 – 628 )
  9. Sudawarman (adik B.8, 628 – 639)
  10. Déwamurtyatma Hariwangsawarman (639 – 640)
  11. Nagajayawarman (minantu B.10. 640 – 666)
  12. Linggawarman (666 – 669)

C. Raja-raja Kendan

  1. Resiguru Manikmaya (minantu B.7, 536 – 568 )
  2. Suraliman Sakti (568 – 597)
  3. Kandiawan Déwaraja (597 – 612)

D. Raja-raja Galuh

  1. Wrétikandayun (612 – 702)
  2. Mandiminyak (702 – 709)
  3. Bratasénawa (709 – 716)
  4. Purbasora (pernah suan D.2, 716 – 723)
  5. Sanjaya (putera D.3, 723 – 732)
  6. Tampéran Darmawijaya (732 – 739)
  7. Manarah (Surotama, buyut D.4, 739 – 783)
  8. Manisri (minantu D.7, 783 – 799)
  9. Tariwulan (799 – 806)
  10. Wéléngan (806 – 813)
  11. Linggabumi (813 – 852)

É. Raja-raja Sunda

1. Tarusbawa (minantu B.12, 669 – 723)

2. Harisdarma (incu minantu E.1 = D5, 723 – 732)

3. Tamperan Barmawijaya ( = D.6) (732- 739)

4. Rakéyan Banga (739 – 766)

5. Rakéyan Medang Prabu Hulukujang (766 – 783)

6. Prabu Gilingwesi (minantu E.5, 783 – 795)

7. Pucukbumi Darméswara (minantu E.6, 795 – 819)

8. Rakéyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 – 891)

9. Prabu Darmaraksa (adibeuteung E.8 )

10. Windusakti Prabu Déwageng (895 – 913)

11. Rakéyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 – 916)

12. Rakéyan Jayagiri (minantu E.11, 916 – 942)

13. Atmayadarma Hariwangsa (942 – 954)

14. Limbur Kancana (putra E.11, 954 – 964)

15. Munding Ganawirya (964 – 973)

16. Rakéyan Wulung Gadung (973 – 989)

17. Brajawisésa (989 – 1012)

18. Déwa Sanghiyang (1012 – 1019)

19. Sanghiyang Ageng (1019 – 1030)

20. Sri Jauabupati ( Détya Maharaja) (1030 – 1042)

21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja) (1042 – 1065)

22. Langlangbumi ( Sang Mokténg Kerta) (1065 – 1155)

23. Rakéyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (11 55 – 1157)

24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja) (1157 – 1175)

25. Darmasiksa Prabu Sanghiyang Wisnu (1175 – 1297)

26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman) ( 1297 – 1303)

27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung) (1303 – 1311)

F. Raja-raja Kawali

  1. Linggadéwata (Sang Mokténg Kikis) (1311 – 1333)
  2. Linggawisésa (minantu F.1, 1333 – 1340)
  3. Ragamulya (Aki Kolot) (1340 – 1350)
  4. Linggabuana (Sang Mokténg Bubat) (1350 – 1357)
  5. Bunisora Suradipati (adi F.4) (1357 – 1371)
  6. Niskala Wastukancana (Sang Mokténg Nusalarang) (1371 – 1475)
  7. Ningratkancana (Déwa Niskala) (1475 – 1482)

G. Raja-raja Pakuan Pajajaran

  1. Susuktunggal (putra F.6, 1382 – 1482)
  2. Sri Baduga Maharaja (1482 -1521)
  3. Surawisésa (Ratu Sangiang) (1521 – 1535)
  4. Ratu Déwatabuana (1535 – 1543)
  5. Ratu Sakti (1543 – 1551)
  6. Nilakéndra (Tohaan di Majaya) (1551 – 1567)
  7. Ragamulya Suryakancana (1567 – 1579)

Tina Polemik Naskah Pangéran Wangsakerta

14 Balesan pikeun “Raja-raja Sunda”

  1. Aang Zaeni pok

    teh aya anu teu kasebat Raja garut…

    bilih teu terang nyaeta Aang Zaeni kumaratungga

  2. pribumi pok

    Kutan, jaman kiwari masih keneh aya raja Sunda? Ti karajaan mana tah Kangjeng AZ. Kumaratungga teh?

  3. sonosunda pok

    Ass, Wr, Wb
    Ngiringan Teh Pon, tos lami yeuh teu nyarios sunda nu leres, maklum tebih ti tataran sundana.

    wassalam,

    sonosunda

  4. Pribumi pok

    Waalaikumsalam. Bagea saderek Sonosunda. Sim kuring bingah ditepangkeun sareng saderek. Ayeuna nuju aya di mana kitu saderek teh?

  5. hiruphurip pok

    Ceu, punten bade ngarewing, manawi kawidian bade kopi pasteu seratan ti blog Euceu, sumber pasti di serat. hatur nuhun.

  6. Mangga teh teuing bade ngopi mah. Nuhun parantos kersa rurumpaheun ka blog sim kuring

  7. cecep pok

    sampurasun, teteh abdi orang pasirlimus hoyong dipangdongengkeun sangsakala gunung cikuray, haturnuhun

  8. Pribumi pok

    Rampes…
    Abdi bingah tiasa tepang sareng urang Pasirlimus. Perkawis sasakala Gunung Cikuray rupina abdi kedah milarian heula dongengna, margi dugi ka danget ieu, teu acan kantos mendak. Tapi Insya Allah bade dipapay dipilari, mudah-mudahan mendak. Hatur nuhun.

  9. achmed alfarabby pok

    Teh bade ngiring tumaros, dupi anu jenengan Achmed Alfarabby tech raja sunda anu kasabaraha, geuning teu ka sebat. Moal kitu Te2h hilap teu ka serat keun……????

  10. Pribumi pok

    Jenengan eta mah nembe lahir, janten teu acan dinobatkeun janten raja, paling oge upami keukeuh maksa palay janten raja ayeuna, nya gelarna Raja Jimbul :)

  11. aiqi pok

    naha teu aya raja sumedang larang???

  12. Ujang pok

    Teh ari Prabu Linggabuana gening teu kasebat nya?

    _________________________________________________________________________________________________

    @Ujang, parantos kasebat, cobi aos ieu di handap:

    F. Raja-raja Kawali

    1. Linggadéwata (Sang Mokténg Kikis) (1311 – 1333)
    2. Linggawisésa (minantu F.1, 1333 – 1340)
    3. Ragamulya (Aki Kolot) (1340 – 1350)
    4. Linggabuana (Sang Mokténg Bubat) (1350 – 1357)
    5. Bunisora Suradipati (adi F.4) (1357 – 1371)
    6. Niskala Wastukancana (Sang Mokténg Nusalarang) (1371 – 1475)
    7. Ningratkancana (Déwa Niskala) (1475 – 1482)

  13. Ian Coolin pok

    Nami Raja2 Sumedanglarang teu acan aya?

    ___________________________________________________________________________________________________

    Ian, teu acan. Abdina teu acan aya waktos kanggo kokoreh kana pabetekan. Hatur nuhun komentarna.

  14. Andi pok

    Asalamu’alaikum
    nepangkeun teh abdi pengemar berat,hoyong ngiring ngarojong.teh tiasa nyuhunkeun alamat e-mail na [hoyong belajar bs sunda lemes],haturnuhun

    _______________________________________________________________________________________________

    Waalaikumsalam,
    Hatur nuhun kana kasumpinganana, ulah beurat2 teuing ah da abdi mah sanes seleb. Alamat email abdi: popon_saadah@yahoo.com. Diantos kintunan emailna.

Tinggalkeun Balesan

XHTML: Anjeun bisa ngagunakeun ieu tag: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <pre> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>