Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun Katégori ‘Uncategorized’

Haturan Para Tamu Blog Bujanggamanik

Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 22, 2008

Dimuat dina Uncategorized | 14 Pairan »

Wanci Pasini

Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 8, 2008

Ku Usép Romli HM

Teu kagambarkeun rurupaan jeung adeg pangadeg sémah nu datangna tumorojog tanpa larapan téh. Ngan ku sarérétan gé, nénjo sorot panonna, teu meunang henteu kuring kudu nyebutkeun: pikagimireun! Mémang kitu pisan, luyu jeung karepna pangna nepungan.

“Naha atuh bet teu ngiberan heula ti anggalna?” pok téh maksakeun nanya.

“Wah, tong disaruakeun jeung urusan dines kantoran atuh!” témbalna semu ngécé. “Jeung deui, ceuk saha teu ngiberan heula…!

“Sing ngarti baé lebah dinyana mah! Pan goréng-goréng ogé di dieu téh jelema aya kasebutna!”

“Na teu cukup ku galingging jeung panas tiris téh?” Teu dibongohan sabot leumpang gé untung, jalu!”

Padu tinggal padu omong, taya hartina deui pikeun wanci ieu mah. Wanci pasini nu geus dipastikeun. Tur salah kuring sorangan deuih, teu engeuh kitu kieu. Panyana harééng saeutik waé mah isuk pagéto gé cageur deui. Horéng ieu téh totondé.

“Teu meunang témpo deui, nyah?” kuring nu nyoba-nyoba nawar.

“Teu bisa! Kami mah lain tukang dagang, lain tukang nganjuk, lain tukang aras-urus nu waktuna bisa diulur-ulur!

“Na enya?” bari kerung kuring nginget-nginget ngaran sémah. Asa wawuh, tapi teu wanoh. Asa inget tapi poho pisan. Keur budak mah baheula sigana kungsi apal.

”Sok! Geus tepi kana dihin pinasti, kudrat iradat ti ajali. Dina menit ieu anjeun kudu pasrah pikeun dibawa mulang ka kalanggengan!”

Lek…dada ngahanju. Karasa nyentug ngadurudud. Nyeri alah batan ti nyeri. Hayang calawak, bororaah, teu bisa engab-engab acan. Kuring ukur bisa ngutruk teu puguh. Teu sopan! Teu tarapti! Telenges! Kejem! Taya rasrasan!

”Uuuuuh… Huh… Huh… panas halabhab!” Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Pidangan Carita Pondok, Uncategorized | 2 Pairan »

Ngagurinjal ti Jero Bedug & Nunggu Peresénan

Dimuat ku bujanggamanik dina Séptémber 4, 2008

Ngagurinjal ti Jero Bedug

Ku Asep Ruhimat

Ngadulag téh sasat geus jadi kalangenan di lembur mah, tampolana sok dilombakeun pahadé-hadé. Anu matak urang lembur mah, jaman kuring keur budak, geus pada apal deui saha nu pangalusna ngadulag. Atuh mun ngadéngé dulag di masigit, cukup ku wirahmana ogé geus bisa nyebutkeun saha-sahana anu keur ngadulag.

Aya aturan waktuna deuih ngadulag gé, teu bisa iraha waé. Harita mah meunangna barudak ngadulag téh wanci soré bada asar jeung saréngséna tarawéh. Kajaba lebaran, sapoé jeput gé meunang. Asal dina waktuna salat kudu eureun. Éta téh aturan ti Mama Ajengan, bubuhan imah kuring mah deukeut ka pasantrén, malah ajengan gé aki ti gigir kuring kénéh.

Tah, upama tengah poé barudak ngadarulag, Ajengan sok pohara werana. Da apan ti lohor ka asar mah waktuna Ajengan kulem, kaasup barudak santrina ngajaloprak wé di kobong.

Hiji mangsa tengah poé éréng-éréngan kuring diaajak ngadulag ku babaturan. Pajar téh moal bendu Ajengan gé ari nu ngadulagna aya kuringan mah, piraku ka incu maké jeung bendu. Nya der wé ngadulag, teu ngawirahma bubuhan bari jeung parebut panakol bedug. Atuh teu sawatara lila, jol téh Ajengan bari ngagidir hohoak, teu kanyahoan jolna. Orokaya kuring jeung babaturan paburisat, pabaliut asup kana ulekan di jero masigit, mangkaning jandélana nyarelot deuih. Ari nu mikirna gancang mah nya bur-ber wé ngabalecir, teu lumpat ka jero masigit. Ninggang babaturan bakating ku kapoékan mikir, ujug-ujug blus asup ka jero bedug, terus ngahéphép.

Éta mah Ajengan, kerewek kana panakol laju ditakolkeun sahabekna kana bedug, tangtuna gé maké tanaga ambek. Atuh babaturan nu keur ngahéphép téh di jero bedug ngagurinjal ragrag, kacipta reuwasna badis ngareungeu bom jigana. Nénjo kitu Ajengan teu kebat benduna, da katémbong sari-sari gumujeng.

_____________________________________________________________________________________________

Nunggu Peresénan

Abong budak, ari kadatangan sémah téh sok rajeun atoh, komo mun sémahna dulur beunta. Lain karasa ku kuring baé, sihoréng babaturan nya kitu deui. Harianeun mun teu ngarep-ngarep. Enya, pangpangna mah ngarep-ngarep peresénan buruh tamat puasa.

“Kumaha saumna teu kantos batal?” Sémah nanya ka kuring, tapi nu ngajawabna mah sok Ema.

“Alhamdulillah, piraku wé nya, da tos ageung,” témbal Ema bari ngarérét ka kuring. Padahal umur kuring harita kakara tujuh maju ka dalapan taun.

Teuing kumaha, da ari rék mulang téh sémah sok ngusiwel méré duit.

“Yeuh peresénan ti uwa, kanggo ngagaleuh sirop,” pokna.

Leuh, atohna kabina-bina. Sok nyaah duit paméré téh, tara ieuh dijajankeun, tapi sok dikumpul-kumpul jang bekel lebaran. Jécéh puguh lebaran pésak merekis, sok diénéng-énéng ka babaturan gé.

Tina Sambel Jaér, Karya Drs. Asep Ruhimat

Dimuat dina Uncategorized | 3 Pairan »

Manuk Ababil

Dimuat ku bujanggamanik dina April 21, 2008

Ka’bah téh ngaran wangunan pasagi nu aya di Mekah. Diadegkeunana ku Kangjeng Nabi Ibrahim AS dibantuan ku putrana, Kangjeng Nabi Isma’il AS, sabada nampi paréntah ti Allah SWT.

Basa mimiti diadegkeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim, ukuran Ka’bah téh jangkungna 7 deupa, rubak pasagina 22 deupa, ari jerona kana taneuh 30 deupa. Sadeupa téh kira-kira saméter satengah. Harita mah Ka’bah téh tacan maké hateup.

Keur basa diadegkeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim AS mah di jero Ka’bah téh teu dieusian nanaon. Lantaran, sakumaha paréntah Allah SWT ka anjeunna, tujuan diadegkeunana ogé taya lian pikeun ibadah ka Mantenna.

Sanajan adat kapercayaan urang Arab terus robah, tapi ari kana Ka’bah mah maranéhna téh angger nganggap suci. Nya di dinya maranéhna ngayakeun upacara kaagamaan téh.

Saluyu jeung robahna kapercayaan anu dianut ku maranéhna, beuki dieu kaayaan Ka’bah gé terus dirarobah. Malah tungtungna mah di jerona gé dieusian ku rupa-rupa arca berhala. Da mungguh ceuk maranéhna harita mah nyembah téh kudu ka berhala téa. Rupa-rupa berhala anu disimpen di jero Ka’bah téh dingaranan nurutkeun kapercayaanana masing-masing. Kalungguhanana gé rupa-rupa deuih. Aya nu dianggap pangkawasana, aya deui anu kakawasaanana téh teu sabaraha. Di antara berhala anu diparuja pisan ku maranéhna téh aya nu ngaranna Hubai, Lata, ‘Uzza, jeung Manat. Hubai mangrupa arca panggedéna nu aya di jero Ka’bah, dijieunna tina batu akik gedéna satangtung jelema, sarta niron-niron lalaki. Ari nu tilu deui rupana téh saperti awéwé. ‘Uzza asalna tangkal anu dianggap suci, sedeng Manat dijieunna tina batu bodas.

Dina waktu anu geus ditangtukeun, berhala-berhala anu aya di jero Ka’bah téh sok diberesihan. Tangtu wé kudu maké upacara, henteu bisa darapon kitu baé. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Uncategorized | 5 Pairan »

Hello world!

Dimuat ku bujanggamanik dina Pébruari 28, 2007

Welcome to WordPress.com. This is your first post. Edit or delete it and start blogging!

Dimuat dina Uncategorized | 1 Pairan »