Dimuat ku bujanggamanik dina Agustus 7, 2008
Dina Karéta Api Peuting
(Usép Romli HM)
Lilir di hiji tempat
Teu katara lebah-lebahna di mana
Poék peuting diranggeum pepedut
Karéta terus nyebrut
Téréh cunduk ka nu dijugjug?
Atawa kebat
Ka ahérat?
In the Night Train
Awake in my seat
No sign of movement. Where are we
Black night wrapped in mist
Train speeds on
To the destination?
Or straight on
To the Beyond?
_ Baca tuluyan ieu tulisan »
Dimuat dina Sakeclak Sajak | 2 Pairan »
Dimuat ku bujanggamanik dina Juni 19, 2008

Longkéwang
naratas jalan sorangeun
sorangan
Mapay tanjakan
muru pudunan
teu jeung anjeun
kénca katuhu rajeg tangkal karémpan
Sumoréang
naratas jalan sorangeun
sorangan
Di lamping nu lungkawing
taya pisan dahan pamuntangan
nu sarimbag jeung leungeun anjeun
nu teu eureun ngalirkeun kahéman
Di léngkob nu gurawés
taya sakeclak ciibun
komo talaga nu wening mah
da puguh lain di dinya tempatna
tapi na soca anjeun, jungjunan…
Tina Prasasti nu Ngancik na Ati
Dimuat dina Sakeclak Sajak | Tag: Add new tag | 17 Pairan »
Dimuat ku bujanggamanik dina Maret 24, 2008
Karya Godi Suwarna
Kuring mindeng ngamprokkeun para rumaja jeung warna-warni cahaya
sangkan peteng teu kasawang sanajan ngadingding waja. Musik kuring
ngabebela ngahuru sukma saban fans sangkan hirup ngagegedur
saméméh diregot maot. Mangjuta-juta rumaja tingting aranteng
nyangking Budha stick pangjajap sakur impian maruru nirwana fana.
Kuring mindeng ngaharéwos kana batin parapulitisi nagri sangkan silih
rewég jantung jeung sasama abdi nagri nu ragot parebut korsi. Kapan
kuring nu geus lawas ngahéjokeun mata cukong lebah ngileng
kongkalikong sangkan walatra babagi ka parapatinggi bumi. Kuring,
kuring kungsi ngancik na geleger Hitler nu ngarujad-rujad Yahudi sarta
ngeundeuk-ngeundeuk jagat. Basa dunya ngabangingik sabada Martin
Luther King, kuring ngangkat gelas champagne marengan ihwan Ku
Klux Klan. Kuring lahir lawas saméméh Jesus Christ melak asih dina
saban sanubari. Lucifer kakasih kuring. Gampang naker lamun anjeun
hayang patepung jeung kuring. Iraha?
(1992)
Dimuat dina Sakeclak Sajak | Leave a Comment »
Dimuat ku bujanggamanik dina Maret 24, 2008
Karya Godi Suwarna
Dipentrang dimentrang-mentring, di sahara nadah salikur srangéngé, dina dada teu kasampak cikaracak. “Raga! Raga geuning bet teu walakaya najan can ditilar sukma!” Tina tapak jarum morphin tinggarajag getih sagibleg-sagibleg jadi saab ngempur beureum mulas langit. “Bulan kuring! Na di mana bulan kuring?” Panonpoé nu salikur gumuruh jeroning tarang. Panon keri da puguh cimata garing tina beungeut nu rarengatsauratna, sauratna. Bet karasa beurang téh bangun rék langgeng dageuning ieu jarum jam ngarandeg jero genggerong. “Purnama kuring di mana?”
(1992)
Dimuat dina Sakeclak Sajak | Leave a Comment »
Dimuat ku bujanggamanik dina Nopémber 30, 2007
Karya Godi Suwarna
Brul. Nu murudul tina sela-sela batu tina sela-sela waktu bari
ngempur raga dilulur harepan. “tong salempang! Pakasaban
ngancik satangkarak nagri!” carék curuk bari tuluy ngabagi-
bagikeun ka anakna ka incuna. Brul. Murudul nu ka ku-
lonkeun nu ka wétan nu ka kalér nu ka kidul tingbaliur seja
ngajual jentulan susuganan aya nu rék nawar daging jeung
tulangna aya nu rék meuli getih jeung uratna tapi geuning
kalah tarepung jeung peteng. Bada ngaprak madhabpapat
manglaksa raga ngajoprak nyaraksian samagaha tengah
beurang mentrang-mentring.”Pangwangunan! Pangorbanan
saméméh sarenang-senang!” haok nu rabeng, ngarapung tuluy
sahéng ngapling langit bari ngabagikeun béntang ka sanakna
ka kadangna. Manglaksa nu samar cabak rék nyorowok bari
meureup tapi sora jeung tanaga teu nyampak dina ketakna.
Agustus 94
(Tina Saratus Sajak Sunda, karya Abdullah Mustappa, spk.)
Dimuat dina Sakeclak Sajak | 1 Pairan »
Dimuat ku bujanggamanik dina Nopémber 30, 2007
Karya Apip Mustopa
kamerdikaan téh jang
jukut ngémploh sisi jalan
nu salawasna ditarincakan
ku nu resep mabal leumpang
kamerdikaan téh jang
jukut ngémploh di sampalan
nu dihakanan angonan aburan
tur unggal poé diaritan
tapi salawasna terus parucukan
kamerdikaan téh jang
waruga aku-aki rangkebong
dada ngagambang panon carelong
lantaran teu kendat mikiran hutang
(Tina Sajak Sunda Indonesia Emas, Karya Abdullah Mustappa, spk.)
Dimuat dina Sakeclak Sajak | Leave a Comment »
Dimuat ku bujanggamanik dina Nopémber 29, 2007

Karya Taufik Faturrohman
Na piring
tilu lobster
meunang masak
goréng mentéga
Na jero dada
ratusan lobster
acan dipasak
nganaha-naha
Di ieu nagara
jutaan lobster
siap ngamangsa
diri kula
jeung andika
1995
(Tina Saratus Sajak Sunda, Karya Abdullah Mustappa, spk.)
Dimuat dina Sakeclak Sajak | 2 Pairan »
Dimuat ku bujanggamanik dina Nopémber 29, 2007

Karya Godi Suwana
Tingkelentrung sora lodong teu kabilang nu ngepung
nguriling bungking. Gumuruh soraning lodong
ngagoronggong tina jantung nu gorowong dilaung-laung
genggerong:” Sudah bebas negeri kita Indonesia merdeka!”
Mangpirang lodong ngalayang warna-warni hurung-hérang
jeung, teu ngakar na dapuran nanging anteng tingkowowong:
“Padamu negri kami mengabdi!”. Lodong pada lodong lohong
jeung lodong pacowong-cowong jeung songong pabohong-
bohong teu salempang kongkalikong teu hariwang najan
méhong sahong-hongeun: “Garuda pancasila akulah pendu
kungmu!” Rampak lodong dipirig lodong jeung lodong sedengkeun
dapuran awi tinggal tunggul tinghariul ngarep-ngarep iwung
nu teu renung-renung teu hayang ngalodong kosong.
agustus 94
(Tina Saratus Sajak Sunda, Karya Abdullah Mustappa, spk.)
Dimuat dina Sakeclak Sajak | Leave a Comment »
Dimuat ku bujanggamanik dina Nopémber 28, 2007
Karya Godi Suwarna
Nincak gas satakerkebek mobil sport ngagerung mangprung rék
ngudag jorélat waktu da startna kapandeurian. Ah, tangtu kasusud
tapakna, cék haté anjeun harita. Jalan lempeng, jalan nanjak,
pungkal-péngkol kénca katuhueun jungkrang. Sakiceup demi
sakiceup tihang bulan tihang taun diliwatan. Ti saban-saban
simpangan mobil deungeun milu nyemprung di sirkuit pada-pada teu
hayang kapandeurian. “I can’t get no satisfaction!” sora kasét
gumuruh nyasaak langit, ngendag-ngendag dungus mangsa.
Gumuruh manglaksa mobil haseup knalpot ngeput jagat. Anjeun kudu
Nabrak deungeun tinimbang ditabrak batur. Nu nyakakak, nu jumerit
Mecut niat hayang gancang nyiap waktu nu can témbong kelemengna:
“Boa sapéngkolan deui!” omong anjeun sabot setir guwar-giwar: “Boa
di itu péngkolan!” cék nu séjén bari hantem silih sénggol. Dina hiji
mangsa; anjog anjeun jeung nu séjén méh bareng ka garis finish;
persis di jero kuburan tuluy nampa piala tetengger batu!
(Tina “Saratus Sajak Sunda”, Karya Abdullah Mustappa, spk.)
Dimuat dina Sakeclak Sajak | Leave a Comment »
Dimuat ku bujanggamanik dina Nopémber 28, 2007
Karya Iyas Hériyana
Basa waruga anjeun nawaran impian
galindeng asmarandana,
kesang-kasatiaan cipruk ‘na dada peuting.
teu bisa majar kumaha:
bulan baloboran getih, katiruk pucuk kakayon
Siga Adam sanggeus ngasaan buah kuldi,
panundung ngoncrang sapadang dada.
Raga kasupata jadi arca,
tanpa swara, tanpa kalénder milang léngkah
tanpa pakéan rangkepan
tanpa ondangan kariaan.
Cimahi, 85-86
(tina “saratus Sajak Sunda”, karya Abdullah Mustappa, spk.)
Dimuat dina Sakeclak Sajak | Leave a Comment »