Tonggoheun imah, kahalangan ku dua suhunan aya saung lisung. Henteu ari gedé mah, da tempatna ogé sasuhunan jeung kandang domba. Gigireunana imah Nini Ésih, nu boga saung lisung. Isuk-isuk atawa pasosoré, saung lisung téh sok ramé baé. Sora awéwé patingcikikik pabaur jeung sora halu diadu jeung lisung.
Kuring kakara kelas 2 SD, basa sok maturan Ema di saung lisung téh. Ema ngélék boboko nu geus dieusian bangsal atawa paré geugeusan, kuring ditiung ku nyiru. Terus nagog deukeut tatapakan, bari ngamandoran nu keur ngulangkeun halu. Mun bangsal geus lembut, bagéan kuring anu ngerukna tina jubleg. Sok kana nyiru. Ku Ema terus ditapikeun, sérahna dipilihan, ditutu deui. Mun aya hayam nu macokan béas, bagéan kuring nu ngabuburakna téh.
”Kadé hayam aing tong dibuburak!” Nini Ésih nyelengkeung ti dapur.
Ari nu ngadon nutu di dinya, lolobana mah parawan, titahan kolotna. Maké kabaya, disamping jangkung, ditiung ku karémbong. Nya kitu, sok kadéngé ngobrolkeun beubeureuh, bari patingirihil jeung pada baturna. Ari bahan wangkongan nu geus rimbitan, kaasup Ema kuring euweuh deui iwal ti salaki; pangedulanana, kadaékna, nepi ka wangkongan nu cawokah. Tapi henteu ngobrol wungkul kétang. Séjén waktu mah sok aya ogé nu paséa. Silih awuran ku béas, ngan henteu wé nepi ka silih teunggeul ku halu mah. Barudak awéwé anu mindeng paséa téh. Teu pira, ukur parebut jubleg. Mun geus kadéngé nu hog-hag kitu, Nini Ésih sok kaluar ti imah, tokroh-tokroh kundang iteuk.
”Na ari sia kalahka paraséa. Jubleg nu aing, lisung nu aing!” pokna, biwirna ngabulaéh pinuh ku luah. Geus kitu mah kakara empéh. Baca tuluyan ieu tulisan »























