Jalan satapak nu biasa disorang geus bèak. Ka dituna mah teu ilahar kasaba ku manusa. Wungkul leuweung anu remet. Kawas jadi sasmita tina lalampahan anjeunna. Anjeunna geus ngantunkeun alam karamèan, tempat pabuaran nu lumrah. Indit nyorang kapanasaran. Anu matak kaayaan anu sakitu gurawèsna tèh teu matak gedag kana manahna. Jongjon baè anjeunna angkat, paribasa nètè akar ngeumbing jangkar, sèsèlèkè dina cadas nu laleueur.
Sora lutung mani harus patèmbalan matak kelar. Keur jongjon, mindeng asa kagebah, aya anu ngagarapak, horèng cangèhgar nu kagamahan. Hiber ngayapak teu jauh. Leungit deui dina rerembetan.
Tungtungna mah cunduk ka nu dituju, kana pucuk batu agung. Tempat anu pangluhurna, awas ka mana mendi. Lebah dinya ngan bangsa tangkal lampeni jeung harèndong. Dina cadas narangkod lulukutan. Lebah anu nangtawing aya anu nyègog. Éta tèh lawang guha, meujeuhna keur nyamuni saurangeun.
Hareupeun lawang guha, dina batu anu dèmprak, anjeunna ngadeg. Mayun nyela bumi, neuteup titingalian nu gumblung-gamblang. Kapan itu sagarahèrang pakuwon ibu ramana. Ti dinya mah ngan leuweung jeung tegalan baè. Selang-selang tinggurilap, talaga katinggang cahaya srangèngè ti kulon.
Kitu anu katingali ku socana. Tapi anu kaimpleng ku manahna mah jajatèn ramana. Radèn Aria Wangsagoparana anu ditundung ku èyangna, nyaèta Sunan Ciburang, dumèh anjeunna salin agama, ingkah tina ageman karuhunna. Dicipta-cipta ku manahna kumaha lalampahan ramana, nyorang patempatan anu sakitu banggana. Mun kurang pangger iman mah kumaha bisana. Dipapantes meureun ramana tèh nempuh gunung anu itu, ngagulampèng mipir gawir nu lungkawing, mapay sempalan nu ngupluk-ngaplak, nya anjog ka Nangkabeurit, tempat patapaanana. Moal henteu ngan lantaran geus rèngsè bebetah dina manahna baè ramana iasa ngababakan tèh, tepi ka sagarahèrang jadi tempat resik pikabetaheun. Baca tuluyan ieu tulisan »





















