Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun Katégori ‘Kakaren lebaran’

Oleh-oleh

Kakarén Lebaran

Dimuat ku bujanggamanik dina Oktober 10, 2008

Ku Hidayat Soesanto

(Hiji)

Lebaran réngsé. Bubar, lubar teu sakara-kara. Urut seunggah, sésa suka, leungit kasilih ku wanci. Tamat katinggang ku mangsa. Baju alus tinggal urutna. Dahareun ngeunah kari waasna. Pileuleuyan lancingan weuteuh. Wilujeng kantun opor hayam. Lebaran hareup tepung deui. Sugan masih kénéh aya umur.

Enya, sugan pareng aya umur. Sabab loba temen contona. Lebaran kamari geugeuleuyeungan tumpak motor, lebaran ayeuna anak mantu jeung incu nyekar ka kuburanana. Umur gagaduhan, nyawa sasampayan apan. Paralun ngaboga-boga. Gumantung ka Nu Kagungan.

Keun ari jalma modél Ki Nurhamid atawa Ma Ooh. Paribasa geus sagala weureu seubeuh. Umur manjing tunggang gunung, sasat kari nganti-nganti dawuh. Tulunganan dipanjangan karunya ka saréréa. Ka dirina, ka kulawargana. Leumpang baé dipapayang. Dahar ngan henteu baé dihuapan. Waktuna dipundut umur, euweuh nu ngarasa diheulang. Cukup ngedalkeun innalillahi…. Ti Alloh mulang ka Alloh. Disambung milu ngadu’akeun, malar di alam barjahna pinareng jeung kamulyaan.

Narajang cara Si Uun, tukang béngkél sapédah juru lapang. Saréatna meujeuhna jagjag belejag, awak séhat teu sakara-kara. Umurna waé tacan jejeg tilu puluh. Jelema ahli gawé pisan. Iwal nyeri beuteung lantaran murak sambel kalepasan, atawa muriang gara-gara kahujanan jeung kurang héés, iraha teuing kadéngé manéhna gering.

Lebaran kamari saperti biasa ngagegedugan kénéh maén rebutan. Naha atuh mulud kapareumnakeun, asalna sasambat lieur, lantaran teu cageur diubaran obat warung, tuluy dibawa ka Puskesmas. Nepi Puskesmas ukur baé dirampa mantri, paralun teu katulungan.

Lahirna panyakit darah tinggi teu kanyahoan. Batinna titis tulis ti ajali, Jodo pati rusiah Nu Murbeng alam. Alhasil lebaran ayeuna teh, boh anak boh pamajikanana, boro-boro manggih kabungah sailaharna. Ngadéngé dulag, ras ka nu geus euweuh. Mireng sora takbir, nya kitu kénéh. Mulang sunat kadua anak banjir cimata. Jul-jol nu ngadon silaturahmi, kalah beuki juuh.

Jempling deui, tiiseun deui, lembur balik deui sabihari. Teu ramé kawas dua tilu minggu ka tukang. Pangpangna poéan sabudeureun lebaran. Ti mimiti lilikuran puasa, nepi ka tanggal welasan sawal. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Kakaren lebaran | 5 Pairan »