Dimuat ku bujanggamanik dina Juli 2, 2008
Ku Enas Mabarti
1. Nyukcruk Kabupatén Garut
Garut Kota dayeuh inti
Ngétan ka Karangpawitan
Wanaraja nganti-nganti
Nguliwed ka Karangtengah
Ngahening di Sukawening
2. Rék menekung di Cibatu
Kersamanah léah ati
Malangbong ngajak paturay
Ti Limbangan Selaawi
Milepas ka Kadungora
Di Lélés leleson deui
3. Norobos brak ka Cibiuk
Leuwigoong Banyuresmi
Tarogong jung ka Samarang
Nanjak netek Pasirwangi
Di Bayongbong ngaso heula
Ka Cilawu Sukaresmi
4. Ka Cisurupan Ngadius
Hawana karasa tiis
Ngawahan keur ka Cikajang
Ka Cihurip Banjarwangi
Ka Peundeuy ti Singajaya
Ka Cibalong mani rumpil
5. Di Pameungpeuk neuteup laut
Iplik-aplak tungtung langit
tingjelegur sora ombak
Meupeus di sisi basisir
Cikelét bangun ngelétan
Ku Cisompét geus dianti
6. Pamulihan ngagelenyu
Ngahiap ngajakan mulih
Pakenjeng atra gupayna
Bungbulang semu ngageuri
Samaruk moal disaba
Pédah labas ka Caringin
7. Ciséwu bangun nu ngungun
Kudumeh di tungtung nagri
Risi rémpan teu katéang
Talégong bangun sukingki
Samar rék sabar tawekal
Dugi ka iraha nganti
Tina Manglé No. 2165
Dimuat dina Guguritan | 11 Pairan »
Dimuat ku bujanggamanik dina Januari 23, 2008
Ku Apung SW
Kinanti
Si Bungsu sumedeng lucu
resep seuri remen ceurik
capétang réa paménta
ménta dongéng jeung hariring
tamat dongéng saré tibra
isukan ngarenghik deui
Sakapeung sok rajeun bingung
mun geus ménta dongéng deui
bingung nyaritakeunana
Nini Antéh teu kaharti
raja geus lain usumna
putri geus lain wancina Baca tuluyan ieu tulisan »
Dimuat dina Guguritan | 1 Pairan »
Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 27, 2007
(Asmarandana)
Hayang balik ka bihari
mulang ka alam ka tukang
sangkan haté lipur palér
teu ngoléang sumoréang
miéling nu geus ilang
gandrung ku nu geus kalarung
tibelat mangsa kaliwat
Pikir kalaletir teuing
asa kabur pangacian
batin mangpaung kumejot
kasuat lampah baheula
keur mangsa kieu pisan
di pasir sariak layung
pasini nganti jawaban
Bubulak tegaleun eurih
ngawawaas panineungan
lalakon lawas katémbong
gambar heubeul narémbongan
asa cikénéh pisan
di dieu patepung lawung
pasini nganti jawaban
Sadagori lir ngageuri
Pungpurutan lir midangdam
parong haréndong umambon
meureun asa ka leungitan
geus lila teu di langlang
na kunaon mana pundung
ngantunkeun tanpa raratan
Peurih ku asih nu leungit
parna ku tresna nu musna
lamunan samar kadongdon
kabéh geus ngarajauhan
harepan laleungitan
karaton impian lebur
kumambang kari kalangkang
(Tina Salumar Sastra, Karya WahyuWibisana, spk.)
Dimuat dina Guguritan | Leave a Comment »