Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun Katégori ‘Essay’

Opini Pribadi

Sisindiran

Dimuat ku bujanggamanik dina April 10, 2009

angkotKu Taufik Faturochman

 

Sisindiran I

Kaayaan dina angkutan kota, kadang-kadang sok mancing pipasèaeun. Aya panumpang mayarna kurang, supir tèh sok langsung hahaok. Kitu deui lamun supir ngebut sakarep ingsun, panumpang loba nu ngambek. Tina kaayaan kitu ahirna sok ngahudang napsu pigeluteun. Sanajan kaayaan dina angkutan kota kitu, tapi lamun pamnumpang jeung supir nyaritana makè sisindiran mah moal kungsi ngondang pipasèaeun. Upamana baè aya supir ngebut, panumpang teu kudu ngambek, cukup ku sisindiran.

Melak suplir makè huut,

dibawa ka Cicalèngka,

Ari nyupir ulah ngebut,

kumaha lamun cilaka?

Lantaran  panumpang nyaritana makè sisindiran, atuh supir tèh moal kasigeung. Malah langsung ngajawab ku sisindiran deui.

Kacapanon dina jukut,

geus ruksak rèk diomèan.

Ku naon abdi bet ngebut,

apan keur ngudag setoran.

Tuh nya pan aman? Nyarita ku sisindiran mah ngalantarankeun kaayaan dina jero angkot jajauheun kana pigeluteun.

Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | 2 Pairan »

Jodo jeung Sambel

Dimuat ku bujanggamanik dina Nopémber 15, 2008

imagesKu Nazzaruddin Azhar

Sok remen ngadéngé, baréto keur budak, cenah néangan pipamajikaneun téh kudu nu ngeunah nyambelna.
Ingetan uing mah mun ngadéngé kecap éta téh sok ras wé kana coét, mutu, jeung sambeleun sapuratina. Di pilemburan mah, heueuh, sambel téh éstuning piguran nu teu meunang absén pikeun marengan pamaén utama, nyaéta kéjo haneut jeung peda beureum atawa kéré jaér jeung sabangsana ti éta. Tangtuna gé kudu jeung lalabna. Tapi biasana mun uing, keur budak, milu nganteuran boh ka kebon boh ka sawah, tara dibawa ti imah lalabna mah. Tapi sok ngadadak ngala di tempat gawé. Teuing kumaha da, sainget asa rupa-rupa pisan nu kungsi dijieun lalab téh. Mun keur ngoyos kebon atawa ngoréd, nu remen kapanggih téh reundeu, jongé jeung sabangsaning “jujukutan” nu paroho deui ngaranna, nu jadi ku karepna kalayan teu matak weureu. Teuing kumaha da rupa-rupa pisan nu biasa dilalab di kebon téh. Pucuk daun nangka atawa cau réjang atah nu kakara eusian, can kolot pisan, sok rajeun jadi coél sambel. Ka alpuket-alpuket asak sok dijieun lalab. Édas. Éta mun keur ngagawéan kebon. Mun keur ngarambét atawa ngagemuk paré mah, biasana saladah atawa antanan nu sok jaradi na galengan sawah. Ari daun sampeu jeung daun gedang mah dibekel ti imah da kudu diseupan heula. Malah pan di buruan imah gé najan saeutik lahanna, mun nu boga imah rapékan sok nyieun wadah tina aseupan butut, ditihangan ku awi, dipelakan leunca, térong atawa lalab lianna. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | 6 Pairan »

Sorabi Tutung Biritna

Dimuat ku bujanggamanik dina Nopémber 15, 2008

surabiKu Hawé Setiawan

Unggal manggih sorabi sok ras ka Ma Iti. Sacisalak mah sigana hamo bireuk deui. Isuk kénéh téh geus diuk dina jojodog, nyanghareupan panyorabian, sisi jalan liliwatan. Kepah-kepoh niup songsong, gur seuneu ngaduruk suluh, peledug haseupna ngelun. Mani sok keukeureuceuman kawantu panonna teu weléh kahaseupan.
Kuring sok cingogo di dinya nungguan sorabi bari siduru. Kalan-kalan kasampak geus réa batur, kolot budak, lalaki awéwé. Bari nungguan téh mani sok resep ngabandungan kolot ngawangkong. Ngan sok rada keuheul upama aya nu mesen sorabi tepi ka sapuluh siki, da puguh citakanana ngan dua. Beuteung geus hayangeun dieusian, kari-kari kudu nungguan lila pisan. Na teu ngaraskeun teuing jelema téh nya?
Sawaréh mah nyarebutna téh lain sorabi, tapi surabi. Tipung kénéh-tipung kénéh. Tipung meunang nyaian tur nyipatian, dipurulukan uyah katut kalapa beunang nyiksikan. Cur adonan téh kana citakan tina taneuh porang, baruleud sagedé pisin. Kalan-kalan sok dioncoman, ngariung di tengah-tengah. Rup citakanana ditutupan, tayohna sangkan adonan teu kahaseupan. Ari panyorabianana, kitu baé tina taneuh porang deuih, winangun hawu leutik camperenik.
Sanggeus asak, sorabi téh dijajar-jajar dina lambaran daun cau. Sok ditumpukkeun, dua-dua. Biritna garing, tengah-tengahna bodas tur munuu. Harita mah sok resep nyewol nu munuuna bari ditiupan, col kana sambel, am dihuapkeun. Aya ku ngeunah bari jeung seuhah. Mun teu kitu sok dikincaan ngarah amis. Teu wudu matak seubeuh dua siki gé, itung-itung mumuluk baé. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | 5 Pairan »

Kalangenan Ngala Sasatoan

Dimuat ku bujanggamanik dina Nopémber 8, 2008

Ku Dang

papatong-1
Da taun 70-an mah tacan réa kaulinan barudak cara ayeuna. Kangaraning momobilan tina plastik gé teu sirikna pada ngaeuleuh-euleuh, matak hélok jeung pada nganggap minangka hal nu modél pisan. Éstuning jajauheun pisan kana kaulinan nu maké rémote control cara ayeuna, atawa maén playstation.
Kaharti, upama barudak jaman harita sok ngarasa sugema ku kaulinan momobilan nu ngahaja meunang nyieun tina kai. Atawa ngadu pangal jeung ngadu kaléci. Sed ti dinya ulin peperangan jeung pepedangan. Atawa gatrik jeung boy-boyan di buruan. Dina mangsana bulan purnama mah maké jeung kungsi ulin huhuian atawa galah sagala rupa. Resep baé. Bisa jadi duméh taya kaulinan séjén deui baé, atawa mémang harita nya kaulinan éta pisan nu populér di mamana téh.
Di pilemburan, di wewengkon Wanayasa Purwakarta, lian ti ulin nu cara tadi téh, maké jeung aya kaulinan ngala sasatoan sagala rupa. Lain, lain nguseup atawa ngurek ieu mah, tapi ngala papatong, légé, langir, jeung béwok. Duka kumaha, ku ulin ngala sasatoan kitu téh, barudak bangun nu kaeunteupan ku rasa suka anu pohara atawa rasa sugema anu nataku.

Ngala Papatong
papatong Nu disebut papatong téh aya opat rupa. Nu kahiji papatong biasa (nu mindeng kapanggih cara ayeuna, aya nu héjo belang, aya nu beureum, aya nu konéng atawa gading, aya ogé nu pulas paul), ukuranana méh sarua jeung cingir jelema déwasa. Ngapungna paling luhur aya kana tujuh méterna.
Nu kadua aya nu disebut papatong galabag, éta mah papatong gedé. Ukuranana sagedé jempol jelema déwasa. Wangun jeung rupana mah sarua baé cara papatong biasa. Pulasna ukur pulas paul baé. Ngapungna bisa leuwih luhur batan papatong biasa, atawa kira lima belas méteran. Éta baé, upama keur ngala cengkéh, sok katangén baé aya papatong galabag keur manting, sosoloyongan ka ditu-ka dieu.
Nu katilu papatong leutik. Wangun jeung rupana sarua deuih cara papatong biasa jeung papatong galabag. Ngan ukuranana baé leuwih leutik ti papatong biasa, méh sagedé panitih. Pulasna rupa-rupa, cara papatong biasa, aya anu pulas paul, beureum, konéng, gading, jeung héjo semu belang.
Ari nu kaopat, sok disebut papatong jarum baé. Duméh awakna rancunit sagedé jarum. Gedé lebah dadana jeung huluna baé. Nu disebut gedé méh saukuran jeung siki béas. Ngapungna tara luhur-luhur. Kétang rék luhur kumaha, da papatong jarum mah ilah bisa kapanggih ngapung dina beungeut cai. Sosoloyongan cara éngkang-éngkang. Bédana jeung éngkang-éngkang, papatong jarum mah henteu sosoloyongan dina cai.
Tah, ari nu sok diaala keur kaulinan mah nyaéta papatong biasa. Ngalana maké nyéré nu lebah congona ditaheunan geutah nangka nu aya dina congo nyéré téh sina antel kana buntut papatong. Bari nénéangan papatong téh sok bari dihariringan:

Tukincur tukung
papatong galabag
mere cau sapotong
mun embung dicokot deui

Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | 5 Pairan »

Si Kabayan

Dimuat ku bujanggamanik dina Méi 28, 2008

ku Ajip Rosidi

Saha urang Sunda anu henteu terang ka Si Kabayan? Salian ti jadi tokoh dongéng anu baheula mah sok ditepikeun ku nini jeung aki ka incu, ayeuna mah ditulis jadi buku sarta dijieun filem sagala. Dina majalah basa Sunda sok aya lulucon anu tokoh utamana si Kabayan. Di Banten béjana aya makam anu disebut makam Si Kabayan. Wallahu’alam naha enya anu dikubur di dinya téh anu sok jadi tokoh dongéng téa, atawa si Kabayan nu séjén deui.

Si Kabayan tokoh dongéng mah fiksi, ngan aya dina hayalan anu nyaritakeun atawa nu nuliskeunana, jadi mustahil aya bungkeuleukanana nepi ka kudu dikubur sagala. Tapi henteu mustahil kétang sabada dikubur, kakara caritana sumebar bari jeung ditambahkan atawa diréka-réka ku ahli carita. Enya henteuna kitu tanwandé kudu dipaluruh heula sacara ilmiah.

Si Kabayan téh dipikaresep pisan ku urang Sunda. Buktina nu nyieun carita nu tokohna Si Kabayan teu béak-béak. Bari jeung lamun dititénan pasipatan tokoh si Kabayan téh henteu salilana konsistén. Maksud téh dina saban carita sipat si Kabayan téh henteu salilana sarua. Sakapeung digambarkeun pangedulan, teu nyaho di cedo, wani kurang ajar ngaheureuykeun mitoha. Sakapeung digambarkeun jadi tukang tipu anu resep ngabobodo batur kaasup mitohana sorangan. Cindekna unggal pangarang anu nyiptakeun carita si Kabayan bisa ngagambarkeun pasipatan tokohna luyu jeung kahayangna. Ku sabab kitu henteu kudu héran lamun Utuy T. Sontani (1920-1979) dina taun 1957 nyebutkeun yén si Kabayan téh manusa anu geus teu nanaon ku nanaon. Maksudna manusa anu geus henteu kapurba deui ku rupa-rupa rasa anu biasa mangaruhan jelema. Hartina ceuk Utuy mah si Kabayan téh manusa anu geus ngungkulan kamanusaanana. Alias manusa pinunjul. Tapi dina dramana anu ditulis ku Utuy dina basa Indonésia nu judulna Si Kabayan (1959), digambarkeun si Kabayan téh jadi dukun nu dianggap wacis jeung sakti, tapi saenyana mah ngaheureuykeun jalma-jalma anu daratang marénta tulung ka inyana. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | 2 Pairan »

Guha Kahfi, Kareueus Jordania

Dimuat ku bujanggamanik dina Pébruari 3, 2008

kahfi.jpgKu H. Usep Romli HM

Panonoban Ashabul Kahfi nu dikisahkeun dina Al Qur’an, S. Kahfi ayat 10-26, mangrupa guha, aya di dua tempat, nya éta di wewengkon désa Rokim, Amman, Jordania, jeung di Kota Tarsus, Turki. Duka mana nu bener, da duanana gé pada ngaku yén éta tempat téh nya éta tempat nyumputna para pamuda Ashabul Kahfi, laju kalawan kakawasaan Alloh swt, kabéhanana disarékeun salila 360 taun.

Tapi guha nu aya di Désa Rokim, Amman, dianggap pangmerenahna. Ieu guha nu kapanggih taun 1967 ku hiji tim arkéologi Universitas Jordania nu diseponsoran ku UNESCO, dianggap deukeut kana ciri-ciri guha Ashabul Kahfi, nya éta teu jauh ti perkotaan. Umur katut rupa fosil jeung batu sarta mineral séjénna nu kapanggih di dinya, teu pati géséh jeung fosil-fosil, babatuan katut mineral nu aya situs-situs kuno sabudeureun Kota Amman, saperti Situs Jerash, Petra, Kerak, jsb, nu baheulana dijadikeun wilayah kakawasaan Byzantium (Romawi Wétan). Kahirupan tujuh pamuda Ashabul Kahfi dikira-kira sajaman jeung Kaisar Dakyanus, raja Byzantium abad ka-1 Maséhi, nu ngagem kapercayaan Paganis (kafir). Raja Dakyanus katut rahayat Byzantium harita nolak kana ajaran tauhid nu disebarkeun ku Nabi Isa alaihissalam.

Ari tujuh pamuda téa, anut kana ajaran tauhid Nabi Isa. Malah nyoba-nyoba nyebarkeun ka indung bapa, dulur, baraya jeung tatanggana. Ngan ditarolak. Malah dilaporkeun ka raja. Antukna éta para pamuda meunang ancaman. Lamun tetep nyekel ajaran tauhid Nabi Isa as, baris dihukum beurat kacida. Tapi lamun balik deui kana ajaran nu berlaku di karajaan Bizantium, nya éta nyembah déwa-déwa jeung berhala, baris dibéré kalungguhan luhur. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | 4 Pairan »

Sagala Ogé Barobah

Dimuat ku bujanggamanik dina Januari 28, 2008

membajak_sawah.jpgKu Yus Rusyana

Robahna kahirupan téh teu salawasna karasa ku nu keur ngalaman mah. Dina sapoé-sapoéna biasa baé, asa angger. Dalah awak sorangan ogé asa angger. Nyaho-nyaho geus kolot baé. Rupa jeung adegan jadi robah. Kitu meureun, dalah dikumaha. Bisa-bisa kajongjonan, da rarasaan mah karék sakeudeung kumelendang téh.

Ayana robahan dina hiji perkara mawa ka nu séjénna, milu robah. Rambat kamaléna kana kahirupan anu leuwih lega. Arék nyokot conto tina kahirupan tatanén.

Kuring hirup di lembur ti mangsa lahir tepi ka tamat sakola rakyat, SD mun ayeuna mah. Tamat SD téh taun 1952. Nuluykeun sakola pindah ka kota kabupatén tuluy ka sakola provinsi. Tah, jaman di SD nepi ka tamat SLTA (1958) masih nyaksian jalma anu magawé sawah maké wuluku jeung garu, ditarik ku munding sarakit, tegesna ku munding sapasang.

Kuring mah nyaho kana wuluku jeung garu katut bagian-bagianna téh tina kanyataan baé, lain tina pangajaran di sakola. Nyaho kana naon anu disebut sawed, upamana, jadi ngarti kana wanci pecat sawed, nya éta wanci munding téa dilésotkeun tina sawed, magawé enggeusan, kira tabuh salapan isuk-isuk. Ngagawékeun munding téh puguh waktuna tara dibetak nepi ka panas poé. Kagiatan nyawah maké wuluku atawa garu ngagelarkeun kawih, da kapan anu keur magawé téh osok ngahaleuang. Kitu deui aya kekecapan anu angger paragi maréntah munding.

Ayeuna geus aya traktor, boh anu digerakkeun ku mesin, boh anu disurung ku jelema. Atuh prak-prakan ngolah sawah ogé jadi barobah. Tara aya haleuangna tukang traktor mah. Paling-paling nyetél lagu tina radio transistor anu ditunda dina galeng. Anu milu robah téh perkara ingon-ingon deuih, nya éta ngukut munding katut ngurusna, kayaning ngangon, ngamandian, ngarit, maraban, ngandangkeun, jadi leungit. Kekecapan jeung istilah anu patali jeung éta ogé laun-laun kapopohokeun, tuluyna mah leungit, da kapan tara kapaké.

Prak-prakan dibuat ogé robah. Baréto mah ngala paré téh ku étém. Ranggeuyan paré dipunggelan hiji-hiji. Biasana awéwé anu dibuat téh, tapis pisan ngagunakeun étémna. Meureun ceuk jaman ayeuna mah leukleuk temen, anu matak dibuatna ogé kiwari mah maké arit. Baréto mah paré téh tara diarit. Nu diarit mah bangsaning jujukutan, saperti jukut keur parab munding atawa domba.

Paré beunang dibuat téh baréto mah dieundankeun, dipoé ogé eundanan baé, dijébrag. Engkéna tetep baé dibeungkeutan, disebutna dipangkék, nya éta paré nu geus garing meunang moé téa ditalian sapuna saeundan-saeundan. Ti dinya dua eundan dibeungkeut dihijikeun, jadi sageugeus. Tah, peta kitu téh ayeuna mah henteu kalampahan deui., da kapan paré beunang ngarit téh tuluy digebot sina murag tina sapuna. Anu dipoé téh bangsalna, ayeuna mah nyebutna ogé ku kecap basa Indonesia, gabah, cenah. Jadi, kagiatan mangkék jeung ngageugeus ogé leungit. Kitu deui upacara ngakut paré, komo maké réngkong sagala rupa mah, geus arang langka pisan, mun teu disebut geus euweuh ogé.

Nutu deuih anu geus leungit téh, diganti ku ngahuler. Parabot nutu kayaning lisung, halu, nyiru, jubleg, geus ampir leungit. Lisung kaleungitan guna, henteu dipaké. Seni tutunggulan ogé leungit. Kuring mah keur budak masih ngadéngé dikieuna, di lembur osok aya tutunggulan, di tempat anu arék kariaan, upamana rék ngawinkeun, meureun itung-itung ngabéwarakeun. Ayeuna mah paling-paling di panggung, dina seni pintonan osok aya para mojang anu ngagondang. Lisung kari ruruntukna, dikumpulkeun tuluy dijual. Di sisi jalan ti Cianjur ka Bogor-keun, geuning, aya lisung dijagragkeun, jualeun meureun.

Éta sakadar conto baé ayana robahan dina kahirupan sapopoé anu kaalaman ku kuring salila kurang leuwih satengah abad. Teu karasan dina prosésna mah, nyaho-nyaho ayeuna wuluku, garu, étém, lisung, jeung sapapadana geus henteu dipaké deui. Ku barudak anu henteu ngalaman prosésna mah meureun henteu dipikanyaho, da kapan anu nyampak ayeuna mah traktor jeung huler baé. Teu nyarahoeun yén baréto mah parabot tatanén téh lain éta, kitu deui tata carana lain cara ayeuna.

Lain dina widang tatanén wungkul kajadian barobah téh, kum baé dina sagala rupa hal dina kahirupan. Masarakat jeung budaya urang téh barobah.***

 

Bandung, 12 Juni 2001

 

Tina Manglé No. 1816

Dimuat dina Essay | 4 Pairan »

Enclave

Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 25, 2007

Ku Komarudin Sastradipoera

rumah1.jpgImah kolot kuring di pilemburan teu kaasup butut, sabab dijieunna tina batu, duduk jandéla. Di hareup rajeg tangkal jeruk. Deukeut sumur, pagupon pinuh ku japati. Kur-wok-wok, kur-wok-wok. Kitu dédéngéan kuring keur budak. Di tukang, kandang hayam, ngupuk. Nu jajangkar di dinya, nu kumupu di dinya kénéh, sumawonna nu nyileungleum. Campuh. Malah kandangna gé tara-tara acan ditutupkeun pantona. Sina ngemplong wé. Padahal hayam jaman harita mah hargana mahal, sabab kaasup langka ogé. Teu saminggu sakali kararaban dada mentona. Umumna mah, goréng hayam téh kaluarna ari lebaran, kariaan atawa usum tétélo.

Rata-rata imah di lembur kuring mah tara ieuh dipager. Imah tatangga beulah girang, kitu. Imah tatangga beulah hilir, kitu. Padahal duanaan gé kaasup beunghar pikeun ukuran jaman harita mah. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | Leave a Comment »

Jang Ukon

Dimuat ku bujanggamanik dina Désémber 24, 2007

Ku Komarudin Sastradipoera

nakhoda_2.jpgJang Ukon téh hiji jalma anu asup kana ulekan prosés sajarah. Tapi lantaran ngan ukur jadi obyék, Jang Ukon ngan bisa hirup wungkul. Hartina, ceuk Profésor Paulo téa mah, manéhna téh teu boga éksisténsi dina sajarah. Sakumaha tiap jalma nu ngilu nuturkeun sajarah, manéhna “jadi jalma sabar tawekal tapi pinuh waspada sarta lébér wawanén. Kasabaranana témbong dina paromanna nu hideung kapoé, beresih lantaran mindeng diusap ku cai wudu. Kawaspadaanana nonggérak dina panonna, atra dina kumisna nu jiga tanduk munding dongkol, gaya kaayeunakeun di pakotaan.
Saha atuh jang Ukon téh? Sabenerna mah wawuh jeung manéhna téh ngan satengah jam (gé kurang). Tapi dina tilu puluh menit nu kacida heureutna téh, Jang Ukon nu suranyéh téh sanggup ngagambarkeun dirina, ébréh témbong kabéh. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Essay | Leave a Comment »