Rohang Kalam jeung Daluang

Nyiar Luang ti Papada Urang

Arsip pikeun Katégori ‘Dongeng’

Karya Sastra Buhun

Ganjaran ka nu Hadé Haté

Posted by bujanggamanik dina Januari 12, 2009

ekekAya ékék nu hirup di hiji leuweung. Matuhna dina parungpung kai anu kacida gedéna. Unggal poé éta ékék téh sok nyiar hakaneun, pangpangna siki jagong, di leuweung sabudeureunana. Lamun manggih kebon jagong, manéhna gumbira pisan, nya bisa ngadahar saseubeuhna, nya bisa mawa siki jagong kana sayangna. Dibélaan pulang anting ti sayang ka kebon. Maksudna taya lian rék nyéngcéléngan siki jagong keur sasadiaan dina usum paceklik.
Bakat ku leukeun, lila-lila parungpung téh pinuh ku siki jagong. Nénjo siki jagong sakitu réana, ékék téh gedé haté. Teu hariwang najan nyanghareupan usum paceklik ogé, da boga sasadiaan dahareun.
Nya nepi ka mangsana paceklik. Harita téh usum katiga entak-entakan. Hawa pohara panasna, tatangkalan réa nu kalémpohan, jukut gararing di mana-mana.
Dina kaayaan kitu, ékék téh pohara apikna kana dahareun. Jagong simpenan téh diawét-awét sangkan mahi nepi ka usum ceuyah deui.
Dina hiji poé, jol aya jelema, ngadon ngiuhan handapeun tangkal nu dipaké pamatuhan ku ékék téa. Lungsé pisan bangunna éta jelema téh, da leumpangna ogé semu rarampéolan. “Duh, mani capé-capé teuing. Jaba ieu beuteung geus sababaraha poé teu kaasupan dahareun,” ceuk éta jelema ngomong sorangan. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongeng | 12 Pairan »

Dongéng Santri Bodo

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 29, 2008

imagesAya santri pohara beletna. Nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrén, can ngalaman hatam Alqur’an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Alqur’an, jampé solat ogé ukur baé bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pangpinterna. Kabéjakeun kaanggo ku Ajengan sagala.
Loba babaturanana nu geus baroga pasantrén sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Ari manéhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa éra sorangan. Éra ku sasama santri, éra ku Ajengan.
Tina geus teu kuat nahan kaéra, hiji poé manéhna nepungan Ajengan di bumina. Maksudna rék terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita, “Ajengan abdi seja amitan, badé mulang ka lembur,” cenah.
“Mulang téh mulang kumaha, apan lain waktuna peré?” témbal Ajengan.
“Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrén. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrén, teu aya pisan kamajengan.”
Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah terus ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, cenah. Aya nu gancang bisa nagkep pangajaranana, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakara manéhna ngarti.
“Ulah, manéh ulah mulang, mending balik deui ka pondok. Hég diajar leuwih rajin!” saurna deui.
Tapi manéhna keukeuh ménta diidinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantrén, mending sagawé-gawé di lembur. Diajar néangan pangupa jiwa.
Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon-naon.
“Rék iraha manéh mulang, apan ayeuna mah geus burit?”
“Badé énjing saatosna solat subuh,” cenah, teu poho ménta didungakeun. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongeng | 10 Pairan »

Satria

Posted by bujanggamanik dina Méi 18, 2008

Aya maung, keur ngalungsar baé handapeun kiara, geus teu bisa walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih.

Beurang peuting gawéna nga humaregung, kahujanan kapanasan téh teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna kaduga pindah, geus teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna ngan empés-empés waé, sahoseun téh éstu lain bobohongan.

Tadina mah sato-sato nu séjén téh mani gigis sarieuneun, euweuh nu wani deukeut-deukeut acan ngadéngé gaur maung téh. Tapi barang geus kanyarahoan mah, yén éta maung keur sakarat, rob waé padangaronom, padanarempo, malah padanalokéran sagala.

“Euleuh kutan kitu cucungik nu sok nekuk batur aing téh! Cik pék aing udag deuleu!” Omong peucang ditompokeun kana ceuli maung, bari keletrak tarang maung ditéké.

“Hayoh siah, ari wani mah urang jogol jeung aing, montong maké pepeleyéan!” ceuk munding, bari jekuk waé digadil ku tandukna.

Rupa-rupa tingkahna sasatoan téh, pada-pada hayang mulangkeun kanyeri, hayang némbongkeun kaceuceub ka musuhna nu geus teu daya teu upaya. Ngan sakadang kuda anu ngahuleng baé téh. Teu lémék téu nyarék. Gawéna ngan gogodeg baé ti kaanggangan.

“Na Sakadang Kuda ngan dikir waé, mun jeplak waé ka dinya, sépak tah lebah iga burungna! Na teu inget baréto anak sampéan dikerekeb ku ieu mangkluk?” ceuk peucang.

Kuda maléngos bari cumalimba, “Kadongdora wani ogé ka nu geus taya dayana. Muga aing mah jeung saturunan aing ulah dipaparin tékad hayang nganiaya ka nu lian. Sumawonna ka nu taya tangan pangawasa geusan ngalawan mah!”

Tina Pangajaran Sastra Sunda, Karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah.

Dimuat dina Dongeng | 2 Pairan »

Peucang Keuna ku Leugeut

Posted by bujanggamanik dina April 20, 2008

Kacaritakeun aya hiji patani, cicingna di hiji leuweung. Ayeuna manéhna téh keur melak palawija, kayaning bonténg, térong, jeung sajabana. Pepelakanana aralus tur marulus, kawantu hadé oména. Ngan hanjakal geus sababaraha poé pepelakanana téh raruksak, pangpangna mah pelak bonténgna. Patani ogé nyahoeun yén anu ngaruksak jeung ngaranjah kebonna téh nya éta peucang, sabab kunsi kanyahoan ku manéhna.

Patani téh néangan akal sangkan kebonna henteu diranjah baé ku peucang. Terus baé atuh manéhna téh nyieun bebegig. Lebah aawakanana ditapelan ku leugeut teureup. Éta bebegig téh ditunda di tengah-tengah kebon.

Pasosoré, saperti biasa, peucang téh datang deui ka kebon patani téa. Maksudna rék ngala bonténg. Barang srog ka kebon, manéhna teu buru-buru asup, lantaran aya nu ngajanteng di tengah-tengah kebon. Peucang téh nyalingker kana pager. Nyerangkeun nu ngajanteng bari ditelek-telek.Éh, geuning teu obah-obah? Ku peucang digeroan, nu di tengah kebon angger ngajanteng. Jelema lain éta téh? Geuning maké baju? Maké dudukuy deuih. Tapi teu obah-obah?

Lalauna peucang téh kalur tina panyumputanana. Terus ngeteyep ngadeukeutan nu ngajanteng téa. Barang geus deukeut tur awas ka nu ngajanteng téa, barakatak téh peucang seuri.

Pokna, “Na sia téh nyingsieunan ka aing! Sugan téh manusa, boro aing nyumput, nanaonan manéh ngajanteng di dieu? Dicabok siah ku aing!” Ngomong kituna téh bari gaplok baé bebegig téh dicabok ku suku hareupna nu katuhu. Ari gaplok, ari pel baé sukuna napel kana bebegig téa, kawantu bebegig téh maké leugeut teureup.

“Éh siah, maké jeung néwak sagala! Hayang dicabok deui ku aing?” Gaplok deui bebegig dicabok ku suku hareupna anu kénca. Pel deui napel kana bebegig.

“Itu geura, nanaonan ari sia! Ieu kalah néwak kana suku. Hayang ditajong ku aing? Nyaan ieu téh, nyaan, hayang ditajong? Lesotkeun atuh, da tadi mah kuring téh banyol. Sot, lésotkeun! Bisi ditajong! Éh , nyaan meureun manéh mah hayang ditajong!” peucang ngawahan, gaplok deui bebegig téh ditajong sataker tanaga. Ari jebrod, ari pel baé napel kana leugeut teureup rapet pisan. Peucang gogorowokan jeung tulung-tulungan.

Teu lila torojol patani.

“Beunang ayeuna mah nu sok malingan bonténg téh,” ceuk patani. Kerewek peucang téh ditéwak, terus diringkus. Rigidig baé dipanggul. Peucang téh dibawa ka imah patani, rék dipeuncit.

Tina Pangajaran Sastra Sunda, Karya Budi Rahayu Tamsyah

Dimuat dina Dongeng | 6 Pairan »

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Maling Cabé

Posted by bujanggamanik dina Maret 28, 2008

kera.jpgIsuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.

“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.

“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Keur naon Sakadang Kuya?”

“Ah keur kieu wé, keur moyan.”

“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”kuya.jpg

“Di mana?”

“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”

“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”

“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”

“Nyaan moal gandéng?”

“Moal, nyaan moal gandéng.”

“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”

Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.

Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.

cabe.jpg“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.

“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”

Sakadang Monyét henteu ngawaro.

“Seuhah lata-lata!”

“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”

Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.

“Seuhah lata-lata!” Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongeng | 30 Pairan »

Budak Pahatu Lalis

Posted by bujanggamanik dina Désémber 27, 2007

sketsa41.jpgJaman baheula aya dua budak—adi lanceuk—geus teu indung teu bapa, teu sanak teu kadang. Éstu éta barudak téh pahatu lalis. Lanceukna lalaki kira-kira umur tujuh taun, adina awéwé kira-kira umur lima taun.

Titinggal kolotna ngan imah réyod wungkul.

Pagawéan éta barudak sapopoéna ngarala suluh ka leuweung, mulungan pangpung atawa lanceukna naék kana tatangkalan, mites-miteskeun rangrang nu gararing. Éta suluh téh dijual ka tatangga-tatanggana atawa ka pasar. Ladangna keur waragad hirup maranéhna.

Hiji mangsa ngarala suluhna di tegalan eurih. Di dinya réa tatangkalan. Eurihna sadedeg-sadedeg. Ku maranéhna katénjo aya tangkal loa nu buahna raruhruy pikabitaeun. Nu lalaki naék kana tangkal loa, ngalaan buahna nu arasak, diasup-asupkeun kana koja bawana. Adina ngadagoan di handap, nyanghunjar lambar dina tumpukan eurih hirup.

Teu lila budak awéwé téh ngawih kieu:

 

Kang tulungan, Kang tulungan,

aya nu gagarayaman,

kana suku jeung ngégélan!

Ceuk lanceukna ti luhur bari jongjon ngalaan buah loa:

 

Usap baé Nyai, meureun sierum!

 

Teu lila budak awéwé téh ngawih deui:

 

Kang tulungan, Kang tulungan,

aya nu gagarayaman,

kana suku jeung ngégélan!

Cék lanceukna ti luhur tangkal loa, naékna beuki luhur:

 

Usap baé Nyai, meureun sireum!

 

Teu lila kadéngé deui budak awéwé téh ngawih deui:

 

Kang tulungan, Kang tulungan

aya nu gagarayaman,

kana suku jeung ngégélan!

Cek lanceukna ti luhur tangkal loa:

 

“Usap baé Nyai, meureun sireum!”

Budak awéwé ngawih deui, tapi soranan beuki laun, malah les pisan:

 

Kang tulungan, Kang tulungan,

aya nu gagarayaman, kana…

Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongeng | 2 Pairan »

Ki Dipa Dibégal

Posted by bujanggamanik dina Désémber 25, 2007

leuweung.jpgJaman baheula aya saudagar beunghar, boga bujang ngaranna Ki Dipa. Ki Dipa téh jelema teuneung taya kasieun. Hiji mangsa isuk-isuk Ki Sudagar nyarita ka Ki Dipa, pokna, “Manéh ogé nyaho imah Ki Armasik di dayeuh, nu biasa ngayuh barang ka urang téa, lin?”

“Terang,” jawab Ki Dipa.

“Poé ieu manéhna geus jangji, rék naur hutangna saratus ringgit. Tapi ku sabab déwék gering kénéh, wayahna manéh baé ka ditu, mawa surat ti déwék.”

“Mangga, ari Juragan percanten mah ka kuring.”

“Balik ti ditu engké ulah burit teuing, bisi poékeun di jalan. Ati-ati mawa duit, bisi kumaonam. Tah, ieu suratna.

“Nyuhunkeun pidu’ana baé. Mugi-mugi ulah aya halangan-harungan di jalan,” témbal Ki Dipa bari nampanan surat.

“Heueuh, jung sing salamet!” Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongeng | 1 Pairan »

Wawales ka nu Telenges

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 29, 2007

maung1.jpgDi hiji leuweung, aya bagong anakan. Éta bagong téh keur huleng jentul waé bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poé éta manéhna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nya éta masrahkeun anakna.

Hiji waktu manéhna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya baé ka kuring, Sakadang Maung! Kuring téh geus kolot, dagingna ogé tangtu nya liat nya kelang. Kieu baé, engké lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rék dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.”

Ngadéngé caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung téh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manéhna rék datang deui, nagih jangji. Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongeng | 7 Pairan »

Jelema Sabenerna

Posted by bujanggamanik dina Nopémber 26, 2007

geledegan.jpgAya hiji jelema teuing ku malarat. Cek babasan téa mah nyatu soré henteu isuk. Kahirupanana tina ngala kai. Ku walurat-waluratna, parabot usahana ogé ngan baliung baé sahiji. Dina hiji poé manéhna nuar kai di jero leuweung, sisi talaga nu jero pisan, caina ngajumbleng pikakeueungeun. Dasar tariking cilaka, barang baliungna diheumbatkeun kana tangkal kai téa, polonyon baé locot tina perahna, kecemplung ragrag kana talaga. Manéhna rampohpoy bawaning ku handeueul. Brek diuk bari ngahuleng semu bingung, mencrong kana lebah muragna baliung téa. Rék diteuleuman, lain teuleum-teuleumaneun, kawantu talaga sakitu jerona. Curudcud cipanonna bijil, ku tina teu kuat nahan kasedih. Sabot keur kitu, teu kanyahoan jebul baé aya aki-aki nyampeurkeun. Janggotna bodas ngeplak kawas kapas, pipina kemong, sarta kulitna beresih. Aki-aki téh pok nanya, “Ku naon manéh bet ceurik, kawas anu susah-susah teuing?” Barabat ku tukang ngala kai dicaritakeun satarabasna yén manéhna keur sedih lantaran baliungna murag kana talaga, mangkaning teu boga deui parabot séjénna. Ceuk aki-aki, “Sing sabar tawekal baé atuh, ulah aral ku sakitu. Pamali! Keun ku aki dipangneuleumankeun!” Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina Dongeng | 3 Pairan »

 
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.